Daptar Istilah Alkitab
A B C D É E F G H I J K L M N O P R S T U W Y Z
A
-
Ab.
Ngaran bulan ka-5 dina kalénder agama Yahudi atawa bulan ka-11 dina kalénder umum Yahudi. Ngaran ieu bulan téh dipaké sanggeus pangbuangan ti Babilon. Ieu dimimitian ti tengah bulan Juli nepi ka tengah bulan Agustus. Dina Alkitab, ngaran ieu bulan teu pernah disebutkeun, biasana ngan disebut ”bulan ka-5”. (Bil 33:38; Ézr 7:9)—Tingali Lamp. B15.
-
Abadon.
Tina kecap basa Ibrani avaddohn nu hartina ”kabinasaan” sarta bisa ogé ngamaksudkeun ”tempat kabinasaan”. Dina téks asli Ibrani, ieu kecap téh muncul lima kali. Opat di antarana dipaké sacara kiasan, nu ngamaksudkeun kuburan atawa maot. (Jab 88:11, cth.; Ayb 26:6, cth.; 28:22; Sil 15:11, cth.) Kecap ”Abadon” dina ayat-ayat éta ngamaksudkeun prosés dina awak hiji jalma sanggeus manéhna maot, nu tungtungna binasa. Dina Wahyu 9:11, ”Abadon” téh ngaran ”malaikat nu ngajaga lombang nu kacida jerona”.
-
Abib.
Ngaran asli keur bulan kahiji dina kalénder agama Yahudi atawa bulan katujuh dina kalénder umum Yahudi. Hartina téh nyaéta ”Sisikian Héjo”, ieu dimimitian ti tengah bulan Maret nepi ka tengah bulan April. Sanggeus urang Yahudi mulang ti Babilon, ieu bulan disebut Nisan. (Pam 16:1)—Tingali Lamp. B15.
-
Adar.
-
Ahir jaman.
Istilah ieu jeung istilah nu sarupa, misalna ”ahir mangsa éta”, biasana ngamaksudkeun hiji mangsa atawa kajadian-kajadian nu diramalkeun dina Alkitab nu bakal laksana saacan datangna pangadilan Allah. (Yéh 38:16; Dan 10:14; Kis 2:17) Lilana ieu mangsa téh bisa sababaraha taun atawa leuwih, gumantung ramalanana. Nu paling sering disebutkeun dina Alkitab téh nyaéta ”ahir jaman” keur jaman urang kiwari, nu bakal kajadian salila kahadiran Isa nu teu katingali.—2Tim 3:1; Yak 5:3; 2Pét 3:3.
-
Ahli béntang.
-
Akhaya.
-
Alamot.
Istilah musik nu hartina ”Para Mojang; Awéwé-Awéwé Ngora”. Bisa jadi maksudna sora luhur para awéwé ngora, atawa sora sopran. Katingalina ieu istilah nuduhkeun yén hiji lagu kudu ditabeuh atawa dikawihkeun ku sora nu luhur.—1Bab 15:20, cth; Jab 46:Sup.
-
Alat paranti mareuman seuneu.
Alat nu dipaké di tabernakel jeung di bait, dijieun tina emas atawa tambaga. Alatna téh siga gunting, paranti motong sumbu.—2Raj 25:14.
-
Alfa jeung Oméga.
-
Allah nu sajati.
Tarjamahan tina istilah Ibrani Ha-Elohim jeung Ha-El. Dina loba ayat, istilah Ibrani ieu dipaké pikeun ngabédakeun Yéhuwa, hiji-hijina Allah nu sajati, ti allah-allah palsu. Dina ayat-ayat éta, dipaké istilah ”Allah nu sajati”, lantaran éta istilah téh bisa nepikeun makna tina istilah Ibranina.—Kaj 5:22, 24; 46:3; Pam 4:39.
-
Al-Masih.
-
Amin.
”Mugia laksana”, atawa ”pasti”. Asalna tina kecap Ibrani nyaéta aman, nu hartina ”satia; bisa dipercaya”. ”Amin” diucapkeun téh tanda satuju kana ucapan, doa, atawa sumpah. Dina buku Wahyu, ”Amin” téh jadi gelaran keur Isa.—Pam 27:26; 1Bab 16:36; Why 3:14.
-
Anak cikal.
Biasana ngamaksudkeun anak lalaki nu mimiti ti bapana, lain anak kahiji nu dijurukeun ku indungna. Dina jaman Alkitab, anak cikal nu lalaki dibéré kadudukan jeung kahormatan di kulawargana. Lamun bapana maot, manéhna nu jadi kapala rumah tangga. Ieu kecap gé bisa ngamaksudkeun anak cikal sasatoan nu jalu.—Bud 11:5; 13:12; Kaj 25:33; Kol 1:15.
-
Anak manusa.
Dina Injil, ieu istilah disebutkeun kira-kira 80 kali. Ieu téh sesebutan keur Isa Al-Masih, sarta némbongkeun yén anjeunna bener-bener dilahirkeun jadi manusa, lain mahluk roh nu ngajirim. Ieu sesebutan gé nunjukkeun yén ramalan nu dicatet dina Daniél 7:13, 14 bakal laksana dina diri Isa. Dina Kitab-Kitab Ibrani, Yéhézkiél jeung Daniél disebut anak manusa. Ieu nunjukkeun yén maranéhna téh manusa nu bisa maot, béda jeung Allah nu jadi Sumber ti warta nu kudu ditepikeun ku maranéhna.—Yéh 3:17; Dan 8:17; Mat 19:28; 20:28.
-
Anggota partéy Hérodés.
Maranéhna téh anggota partéy nu ngadukung tujuan pulitik kulawarga Hérodés waktu maranéhna ngawasa di bawah pamaréntahan Romawi. Katingalina, sababaraha urang Saduki téh jadi anggotana. Anggota ieu partéy sakongkol jeung urang Parisi pikeun ngalawan Isa.—Mar 3:6.
-
Antikristus.
Istilah Yunanina boga dua harti. Nu kahiji nyaéta anti atawa ngalawan Al-Masih, nu kadua nyaéta Al-Masih palsu atawa nu ngaku-ngaku jadi Al-Masih. Kabéh jalma, kelompok, atawa organisasi nu ngaku-ngaku wakil Al-Masih atawa ngaku-ngaku dirina téh Mésias sarta nu ngalawan Al-Masih jeung murid-muridna bisa disebut antikristus atawa musuh Al-Masih.—1Yah 2:22, cth.
-
Aram, basa.
Salah sahiji basa nu dipaké ku turunan Sém. Ieu basa téh ampir mirip jeung basa Ibrani, abjadna gé sarua. Mimitina, ieu basa dipaké ku urang Aram, tapi ka dieunakeun jadi basa nu dipaké ku bangsa-bangsa dina perdagangan sarta dipaké pikeun komunikasi dina pamaréntahan Asiria jeung Babilonia. Basa Aram gé jadi basa resmi dina pamaréntahan Pérsia. (Ézr 4:7) Sabagian buku Ézra, Yérémia, jeung Daniél ditulis dina basa Aram.—Ézr 4:8–6:18; 7:12-26; Yér 10:11; Dan 2:4b–7:28.
-
Aram, urang.
Turunan Aram, anak Sém, nu matuh di daérah Pagunungan Lébanon nepi ka Mésopotamia, sarta ti Pagunungan Taurus di beulah kalér nepi ka Damaskus tuluy ka daérah-daérah di beulah kidul. Dina basa Ibrani, éta daérah téh disebut Aram, tapi ka dieunakeun disebut Siria, pendudukna gé disebut urang Siria.—Kaj 25:20; Pam 26:5; Hos 12:12.
-
Aréopagus.
Pasir nu luhur di Athéna, di beulah kalér-kulon Akropolis. Ieu ngaran gé dipaké jadi ngaran mahkamah (pangadilan) nu aya di dinya. Paulus dibawa ka dinya ku jalma-jalma ti golongan Épikuros jeung Stoa pikeun ngajelaskeun kapercayaan manéhna.—Kis 17:19.
-
Armagédon.
Asalna tina kecap Ibrani Har Meghiddohn nu hartina ”Gunung Mégido”. Ieu kecap digunakeun pikeun ngamaksudkeun ”perang dina poé agung Allah Nu Mahakawasa”, nyaéta waktu ”raja-raja di sakuliah bumi” ngahiji merangan Yéhuwa. (Why 16:14, 16; 19:11-21)—Tingali KASANGSARAAN NU KACIDA HÉBATNA.
-
Aselgeia.—
-
Asia.
Dina Kitab-Kitab Yunani Kristen, Asia téh salah sahiji propinsi Romawi, nu ibu kotana téh Éfésus. Daérahna kaasup bagian kulon Turkiyé jaman kiwari sarta sababaraha pulo, saperti Samos jeung Patmos. (Kis 20:16; Why 1:4)—Tingali Lamp. B13.
-
Asih satia.
-
Astorét.
Déwina urang Kanaan, nyaéta déwi perang jeung kasuburan. Pamajikanana Déwa Baal.—1Sam 7:3.
-
Azazél.
B
-
Baal.
Déwa urang Kanaan nu dianggap ngamilik langit sarta nu méré hujan jeung kasuburan. ”Baal” gé dipaké jadi gelaran keur déwa-déwa nu kadudukanana leuwih rendah di éta daérah. Dina basa Ibrani, ieu kecap téh hartina ”Nu Ngamilik; Dunungan”.—1Raj 18:21; Rm 11:4.
-
Bait.
Wangunan nu jadi pusat ibadah urang Israél di Yérusalém, gaganti tabernakel nu pundah-pindah. Bait nu kahiji diwangun ku Sulaéman, tapi diancurkeun ku urang Babilonia. Bait nu kadua diwangun ku Zérubabél sanggeus urang Israél marulang ti pangbuangan di Babilonia. Ka dieunakeun, éta bait diwangun deui ku Hérodés Agung. Sakapeung, bait sok disebut ”bumina Yéhuwa”. (Ézr 1:3; 6:14, 15; 1Bab 29:1; 2Bab 2:4; Mat 24:1)—Tingali Lamp. B8 jeung B11.
-
Bandring.
Tali tina kulit atawa tali nu ditinun tina urat sato, jukut jangkung, atawa bulu sato. Di tengahna aya bagian nu lébar paranti neundeun batu atawa naon waé pikeun dialungkeun. Salah sahiji tungtung bandring téh ditalikeun kana leungeun atawa pigeulang, tungtung nu hiji deui dicepeng, diayunkeun, tuluy dileupaskeun. Bangsa-bangsa di jaman baheula boga pasukan nu maké bandring.—Hak 20:16; 1Sam 17:50.
-
Baptisan; Ngabaptis.
-
Bat.
Takeran bahan cair nu ukuranana kira-kira 22 L. Ieu téh diitung nurutkeun sesemplékan gagarabah nu aya tulisan bat, nu kapanggih ku para ahli. Kalolobaan takeran bahan garing jeung bahan cair séjénna nu disebutkeun dina Alkitab ditangtukeun dumasar kana patokan bat. (1Raj 7:38, cth.; Yéh 45:14)—Tingali Lamp. B14.
-
Batu juru.
Batu nu dipasang di juru wangunan, tempat napelna dua témbok. Ieu batu téh penting pikeun nyambungkeun jeung ngahijikeun témbok. Batu pondasi nu aya di juru téh batu nu pangpentingna. Batu nu biasana dipilih keur gedong-gedong atawa témbok-témbok kota téh batu nu teuas pisan. Ieu istilah gé boga harti kiasan. Misalna, waktu nyiptakeun bumi, batu juru téh dipasangkeun. Isa gé disebut ”batu pondasi nu aya di juru” keur sidang jamaah Kristen, nu disaruakeun jeung imah rohani.—Éf 2:20; Ayb 38:6.
-
Batu panggilingan.
Batu nu bentukna bunder nu diteundeun di luhureun batu nu sarupa, paragi ngagiling sisikian pikeun dijadikeun tipung. Dina batu bagian handap, di tengah-tengahna téh aya paseuk nu dipasang supaya batu nu di luhur bisa muter. Dina jaman Alkitab, para wanita di imah-imah maké panggilingan nu leuwih leutik nu bisa diputer ku leungeun. Batu panggilingan téh unggal poé dipaké keur nyieun roti ku kulawarga-kulawarga. Éta sababna Hukum Musa ngalarang batu panggilingan ieu atawa batu bagian luhurna dicokot pikeun dijadikeun jaminan. Aya ogé batu panggilingan nu leuwih gedé nu diputerna ku sato.—Pam 24:6, cth.
-
Béélzébul.
-
Béntang isuk.—
Tingali BÉNTANG PAJAR.
-
Béntang pajar.
Hartina mirip jeung ”béntang isuk”. Ieu téh béntang nu pangahirna muncul di wétan saacan panonpoé medal, tanda datangna poé nu anyar.—Why 22:16; 2Pét 1:19.
-
Bener.
-
Berhala.
Patung atawa lambang tina hal-hal nu nyata atawa hayalan, nu disembah ku jalma-jalma. Nu dimaksud nyembah ka berhala téh lamun hiji jalma muja, cinta, jeung ngugung-ngugung berhala.—Jab 115:4; Kis 17:16; 1Kor 10:14.
-
Bersih.
Dina Alkitab, ieu teu ngamaksudkeun kabersihan awak wungkul. Ieu gé ngamaksudkeun ngajaga atawa mulihkeun ngarah kaayaan jadi taya cacadna, teu kotor, jeung bébas tina hal-hal nu bisa ngotoran atawa ngaruksak moral jeung karohanian. Dina Torét, ieu bisa ngamaksudkeun hiji jalma atawa hiji barang nu jadi bersih nurutkeun tata cara ibadah.—Ima 10:10; Jab 51:7; Mat 8:2; 1Kor 6:11.
-
Botol marmer.
Botol leutik paranti minyak seungit nu dijieun tina batu marmer. Éta batu asalna ti deukeut Alabastron di Mesir. Biasana mah beuheung botolna téh leutik jeung bisa ditutup ngarah minyak seungit nu mahal teu bahé.—Mar 14:3.
-
Bul.
-
Bulan anyar.
Poé nu kahiji tiap-tiap bulan dina kalénder Yahudi. Dina poé éta jalma-jalma ngumpul, dahar babarengan, jeung ngabaktikeun kurban nu istiméwa. Ka dieunakeun, poé éta téh dijadikeun perayaan nasional nu penting, jalma-jalma gé teu digawé dina poé éta.—Bil 10:10; 2Bab 8:13; Kol 2:16.
-
Buruan.
Daérah di luareun tabernakel nu dikurilingan ku kaén pamisah, ka dieunakeun daérah di luareun bangunan utama bait nu dikurilingan ku témbok. Mézbah keur ngaduruk kurban aya di buruan tabernakel sarta aya di buruan bait beulah jero. (Tingali Lamp. B5, B8, B11.) Alkitab gé nyebutkeun ngeunaan buruan imah jeung buruan istana.—Bud 8:13; 27:9; 1Raj 7:12; Ést 4:11; Mat 26:3.
C
-
Cacapit sumbu.
Cacapit nu dijieun tina emas paranti mareuman seuneu dina lampu nu dipaké di tabernakel jeung bait.—Bud 37:23.
-
Cingcin cap.
D
-
Dagon.
Déwa nu disembah ku urang Filistin. Asal-usul kecapna teu bisa dipastikeun, tapi ceuk sababaraha ahli mah ieu kecap téh aya hubunganana jeung kecap Ibrani dagh (lauk).—Hak 16:23; 1Sam 5:4.
-
Dalima.
Buah nu bentukna kawas apel sarta aya mamakutaan. Di jerona téh loba siki nu warnana beureum atawa semu beureum. Dina sakuriling kelin bagian handap rompi imam agung aya hiasan dadalimaan, kitu ogé di luhureun pilar Yakhin jeung Boaz nu aya di hareupeun bait.—Bud 28:34; Bil 13:23; 1Raj 7:18.
-
Darik.
-
Dékapolis.
Kota-kota di Yunani nu tadina aya sapuluh kota (tina kecap Yunani deka, nu hartina ”sapuluh”, jeung polis, nu hartina ”kota”). Ku lantaran kalolobaan kota-kotana aya di beulah wétan Situ Galiléa jeung Walungan Yordan, éta daérah gé disebut Dékapolis. Éta kota-kota jadi pusat perdagangan jeung kabudayaan Yunani (Hélenistik). Isa pernah ngaliwatan éta daérah, tapi teu disebutkeun yén Isa nganjang ka salah sahiji kota-kotana. (Mat 4:25; Mar 5:20)—Tingali Lamp. A7 jeung B10.
-
Deupa.
-
Dihirupkeunana deui nu maot.
Kecap Yunanina téh anastasis, nu hartina ”dihudangkeun; ditangtungkeun”. Alkitab nyebutkeun aya salapan jalma nu dihirupkeun deui. Salah sahiji contona téh Isa nu dihirupkeun deui ku Allah Yéhuwa, ari nu séjén mah dihirupkeun deui ku Élia, Élisa, Isa, Pétrus, jeung Paulus. Sanajan kitu, mujijat ieu bisa laksana téh ku lantaran kawasa Allah. ”Boh jalma bener boh jalma teu bener” perlu dihirupkeun deui di bumi supaya tujuan Allah laksana. (Kis 24:15) Alkitab gé nyebutkeun bakal aya jalma-jalma nu dihirupkeun deui ka sorga. Maranéhna téh disebut nu ”dihirupkeun ti heula” atawa nu ”mimiti dihirupkeun deui”, kaasup dulur-dulur Isa nu dilantik ku kawasa suci.—Flp 3:11; Why 20:5, 6; Yah 5:28, 29; 11:25.
-
Dinar.
Koin pérak Romawi nu beuratna kira-kira 3,85 g. Aya gambar Kaisar dina salah sahiji sisina. Sadinar téh buruh sapoé digawé. Jumlah ”pajeg” nu dipénta ku urang Romawi ti urang Yahudi gé sadinar. (Mat 22:17; Luk 20:24)—Tingali Lamp. B14.
-
Drakhma.
-
Dupa.
Campuran geutah seungit jeung balsem nu diduruk lalaunan, supaya seungitna kaluar. Aya opat bahan husus dina dupa nu dipaké di tabernakel jeung bait. Ieu diduruk unggal isuk jeung peuting dina mézbah dupa nu aya di Rohangan Suci. Dina Poé Pangampura Dosa, ieu diduruk di jero Rohangan Mahasuci. Ieu ngalambangkeun doa hamba-hamba Allah nu satia nu ditarima ku Allah. Urang Kristen mah teu kudu ngaduruk dupa kawas kieu.—Bud 30:34, 35; Ima 16:13; Why 5:8.
É
-
Édom.
Ngaran séjén nu dibikeun ka Ésau anak Ishak. Turunan Ésau (Édom) ngawasaan daérah Séir, nyaéta daérah pagunungan di antara Laut Paéh jeung Teluk Aqaba. Ka dieunakeun, éta daérah disebut Édom. (Kaj 25:30; 36:8)—Tingali Lamp. B3 jeung B4.
-
Éfa.
-
Éfod.
-
Éfraim.
Ngaran anak Yusup nu kadua. Ka dieunakeun éta jadi ngaran salah sahiji kaom Israél. Sanggeus Israél kabagi, Éfraim jadi kaom nu boga pangaruh paling gedé, nu ngawakilan karajaan sapuluh kaom.—Kaj 41:52; Yér 7:15.
-
Éfrat.
Walungan nu pangpanjangna jeung pangpentingna di Asia beulah kidul-kulon, sarta salah sahiji ti dua walungan utama di Mésopotamia. Ieu walungan mimiti disebutkeun dina Kajadian 2:14, nyaéta salah sahiji ti opat walungan nu aya di Taman Éden. Ieu téh wates daérah urang Israél beulah kalér. (Kaj 15:18; Why 16:12)—Tingali Lamp. B2.
-
Élul.
-
Épikuros.
Jalma-jalma nu nuturkeun pangajaran ahli pilsapat Yunani, nyaéta Épikuros, nu hirup taun 341-270 SM. Maranéhna percaya tujuan hirup unggal jalma téh nyaéta senang-senang.—Kis 17:18.
-
Étanim.
-
Étiopia.
Bangsa dina jaman baheula nu aya di Mesir beulah kidul. Daérahna téh kaasup bagian paling kidul Mesir kiwari jeung satengah bagian kalér Sudan kiwari. Dina Kitab Ibrani, Étiopia téh sok disebut ”Kus”.—Ést 1:1, cth.
E
-
Emur.
Geutah seungit tina rupa-rupa jukut nu cucukan atawa tina tangkal leutik jinis Commiphora. Emur téh salah sahiji bahan minyak suci nu digunakeun pikeun ngalantik. Emur dipaké supaya papakéan atawa kasur jadi seungit. Emur sok ditambahkeun kana minyak keur mijet atawa keur ngarawat kulit. Emur gé sok dipaké keur nyiapkeun mayit nu rék dikubur.—Bud 30:23; Sil 7:17; Yah 19:39.
F
-
Farisi.
Sékte agama Yahudi nu kasohor dina abad kahiji M. Anggotana téh lain turunan imam, tapi maranéhna bener-bener ngajalankeun Torét nepi ka rincian nu pangleutikna, sarta nganggap tradisi nu teu dicatet gé sarua pentingna jeung Torét. (Mat 23:23) Maranéhna nolak pangaruh budaya Yunani. Sabagé jalma-jalma nu ahli kana Torét jeung tradisi, maranéhna boga wewenang nu gedé ka jalma-jalma. (Mat 23:2-6) Sababaraha ti maranéhna téh anggota Sanhédrin. Pangajaran maranéhna sok teu sajalan jeung Isa, misalna ngeunaan ngajalankeun Sabat sarta tradisi, kitu ogé ngeunaan gaul jeung jalma dosa sarta tukang narik pajeg. Aya sababaraha anggotana nu jadi urang Kristen, contona Saul ti Tarsus.—Mat 9:11; 12:14; Mar 7:5; Luk 6:2; Kis 26:5.
-
Filistia; Filistin.
Nagri nu aya di basisir Israél beulah kidul, ka dieunakeun disebut Filistia. Urang Kréta nu matuh di dinya disebut urang Filistin. Sanajan urang Filistin ditalukkeun ku Daud, maranéhna tetep boga pamaréntahan sorangan sarta terus jadi musuh Israél. (Bud 13:17; 1Sam 17:4; Am 9:7)—Tingali Lamp. B4.
-
Firaun.
G
-
Géhéna.
Ngaran Yunani pikeun Lebak Hinom nu aya di beulah kidul jeung kidul-kulon Yérusalém kuno. (Yér 7:31, cth.) Dina ramalan, ieu lebak téh jadi tempatna mayit-mayit tinggolépak. (Yér 7:32, cth.; 19:6) Euweuh bukti yén sasatoan atawa manusa dialungkeun ka Géhéna pikeun diduruk hirup-hirup atawa disiksa. Jadi, ieu lebak teu ngalambangkeun hiji tempat nu dipaké pikeun nyiksa jiwa manusa ku seuneu salilana. Sabalikna, Isa jeung murid-muridna ngagunakeun ieu istilah téh pikeun ngalambangkeun hukuman abadi, nyaéta ”maot nu kadua”, maksudna dibinasakeun atawa dimusnakeun salilana.—Why 20:14; Mat 5:22; 10:28.
-
Géra.
-
Giléad.
Ieu téh daérah nu subur di Walungan Yordan beulah wétan nu aya ti kalér nepi ka kidul Lebak Yabok. Tapi sakapeung ieu gé ngamaksudkeun daérah Israél beulah wétan, tempat matuhna kaom Rubén, Gad, jeung satengah ti kaom Manasyé. (Bil 32:1; Yos 12:2; 2Raj 10:33)—Tingali Lamp. B4.
-
Gitit.
Istilah musik, tapi teu bisa dipastikeun hartina naon. Katingalina tina kecap Ibrani gath, nu hartina tempat pameresan anggur. Jadi, aya nu mikir yén ieu téh irama lagu-lagu nu dinyanyikeun waktu meres anggur.—Jab 81:Sup.
-
Gulungan.
Lambaran panjang tina perkamén (kulit sato) atawa papirus, nu ditulisan dina hiji sisina jeung biasana digulung kana tongkat pondok. Dina jaman Alkitab ditulis téh buku can aya, jadi ayat-ayat ditulis jeung disalin dina gulungan.—Yér 36:4, 18, 23; Luk 4:17-20; 2Tim 4:13.
H
-
Hadés.
Kecap Yunani nu hartina sarua jeung kecap Ibrani ”Syéol”. Ieu ditarjamahkeun jadi ”Kuburan” (hurup mimitina gedé), nu ngamaksudkeun tempatna nu maraot.—Tingali KUBURAN.
-
Hakim-hakim.
Jalma-jalma nu dilantik ku Yéhuwa pikeun nyalametkeun umat-Na saacan Israél boga raja.—Hak 2:16.
-
Hama jamur.
Kabéh jinis panyakit dina pepelakan nu disababkeun ku jamur. Katingalina hama jamur nu disebutkeun dina Alkitab téh jamur karat hitam (Puccinia graminis).—1Raj 8:37.
-
Hasil nu mimiti.
Buah-buah nu mimiti dipanén salila usum panén atawa hasil nu mimiti tina naon waé. Yéhuwa ngawajibkeun bangsa Israél pikeun nyanggakeun hasil nu mimiti ka Anjeunna, bisa mangrupa manusa, sato, atawa pepelakan. Sabagé hiji bangsa, urang Israél nyanggakeun hasil nu mimiti ka Allah dina Perayaan Roti nu Teu Diragian jeung Perayaan Péntakosta. Istilah ieu gé ngibaratkeun Al-Masih jeung murid-muridna nu dilantik pikeun hirup di sorga.—1Kor 15:23; Bil 15:21; Sil 3:9, cth.; Why 14:4.
-
Hasta.
-
Hérmés.
Déwa Yunani, anakna Déwa Zéus. Di Listra, Paulus disangka Déwa Hérmés, lantaran ieu déwa téh dianggap utusan déwa-déwa séjén, sarta déwa nu pinter ngomong.—Kis 14:12.
-
Hérodés.
Ngaran kulawarga raja-raja nu dilantik ku pamaréntah Romawi pikeun ngawasaan urang Yahudi. Hérodés Agung téh kasohor lantaran ngawangun deui bait di Yérusalém. Manéhna gé maréntahkeun pikeun maéhan barudak leutik supaya bisa maéhan Isa. (Mat 2:16; Luk 1:5) Anak-anakna Hérodés Agung, nyaéta Hérodés Arkhélaus jeung Hérodés Antipas, dilantik pikeun ngawasaan daérah-daérah nu dikawasaan ku bapana. (Mat 2:22) Antipas téh gubernur nu sering disebut ”raja”. Manéhna maréntah waktu Al-Masih ngalalayanan salila tilu satengah taun, sarta terus ngawasa nepi ka mangsa nu dicatet dina Kisah pasal 12. (Mar 6:14-17; Luk 3:1, 19, 20; 13:31, 32; 23:6-15; Kis 4:27; 13:1) Tuluy, incuna Hérodés Agung, nyaéta Hérodés Agripa I, dipaéhan ku malaikat Allah sanggeus ngawasa sakeudeung. (Kis 12:1-6, 18-23) Anak manéhna, nyaéta Hérodés Agripa II, ngawasa waktu urang Yahudi barontak ka Roma.—Kis 23:35; 25:13, 22-27; 26:1, 2, 19-32.
-
Higayon.
Istilah pikeun ngatur cara maén musik. Dina Jabur 9:16, ieu istilah téh katingalina ngamaksudkeun selingan harpa nu nadana téh rendah jeung laun, atawa eureun sakeudeung pikeun ngalenyepan.
-
Hin.
-
Hisop.
Pepelakan nu cabangna jeung daunna alus, sok dipaké keur ngéprét-ngéprétkeun getih atawa cai dina rupa-rupa upacara nyucikeun. Bisa jadi ieu téh pepelakan Origanum maru atawa Origanum syriacum. ”Hisop” nu disebut dina Yahya 19:29 bisa jadi jinis pepelakan nu jangkung. Ku kituna, gagangna bisa dipaké keur ngasongkeun sepon nu geus dianclomkeun kana cianggur haseum ka bahamna Isa.—Bud 12:22; Jab 51:7, cth.
-
Homér.
-
Hordéng.
Kaén tinun nu éndah sarta disulam ku gambar-gambar kérub. Ieu kaén misahkeun Rohangan Suci jeung Rohangan Mahasuci, boh di tabernakel boh di bait. (Bud 26:31; 2Bab 3:14; Mat 27:51; Ibr 9:3)—Tingali Lamp. B5.
-
Horéb; Gunung Horéb.
-
Hukum Musa; Torét.
-
Huut badag.
I
-
Iblis.
-
Ibrani.
Mimitina, istilah ”urang Ibrani” dipaké waktu nyebutkeun Abram (Ibrahim) pikeun ngabédakeun manéhna jeung urang Amori di sakurilingeunana. Ka dieunakeun, ieu ngamaksudkeun turunan Ibrahim liwat incuna, Yakub. Ieu gé ngamaksudkeun basa nu dipaké ku maranéhna. Waktu jaman Isa, basa Ibrani boga loba ungkapan nu asalna tina basa Aram. Basa Ibrani gé dipaké ku Al-Masih jeung murid-muridna.—Kaj 14:13; Bud 5:3; Kis 26:14.
-
Ikrar.
-
Ilirikum.
-
Imam.
Jalma nu boga tugas ngawakilan Allah, ngalalayanan umat, jeung ngajar ngeunaan Allah sarta hukum-hukum-Na. Imam ogé ngawakilan umat ka hareupeun Allah. Manéhna nyanggakeun kurban, jadi perantara, jeung nepikeun paménta umat ka Allah. Saacan aya Hukum Musa, nu jadi imam di kulawarga téh kapala kulawargana. Sanggeus aya Hukum Musa, nu jadi imam téh nyaéta lalaki-lalaki ti kulawarga Harun ti kaom Léwi. Maranéhna bakal dibantuan ku lalaki séjén ti kaom Léwi. Dina perjangjian anyar, Israél rohani jadi hiji bangsa imam, sarta Isa Al-Masih jadi Imam Agungna.—Bud 28:41; Ibr 9:24; Why 5:10.
-
Imam agung.
Dina Hukum Musa, manéhna téh kapala para imam nu ngawakilan jalma-jalma ka hareupeun Allah sarta nu ngawaskeun imam-imam séjénna. Sok disebut ogé ”imam kapala”. (2Bab 26:20; Ézr 7:5) Ngan manéhna nu meunang asup ka Rohangan Mahasuci, nyaéta rohangan pangjerona di tabernakel, ka dieunakeun di bait. Manéhna asup ka dinya ngan sataun sakali dina Poé Pangampura Dosa. Isa Al-Masih gé disebut ”imam agung”.—Ima 16:2, 17; 21:10; Mat 26:3; Ibr 4:14.
-
Imam kapala.
Ieu téh istilah séjén pikeun ”imam agung” dina Kitab-Kitab Ibrani. Dina Kitab-Kitab Yunani Kristen, istilah ”imam kapala” ngamaksudkeun jalma-jalma penting ti kalangan para imam, bisa jadi kaasup mantan imam agung jeung para kapala ti 24 kelompok imam.—2Bab 26:20; Ézr 7:5; Mat 2:4; Mar 8:31.
-
Israél.
Ngaran nu dibikeun ka Yakub ku Allah, ka dieunakeun ngamaksudkeun kabéh turunan Yakub. Turunan ti 12 anak Yakub biasana disebut turunan Israél, urang Israél, atawa bangsa Israél. Israél gé dipaké keur ngaran karajaan sapuluh kaom di kalér nu misah jeung karajaan di kidul. Ka dieunakeun, ieu téh ngamaksudkeun urang Kristen nu dilantik ku kawasa suci, nyaéta ”Israél milik Allah”.—Gal 6:16; Kaj 32:28; 2Sam 7:23; Rm 9:6.
J
-
Jabur.
Lagu pupujian keur Allah. Jabur diiring ku alat musik sarta dikawihkeun waktu keur ibadah, kaasup ibadah ka Allah Yéhuwa di bait di Yérusalém.—Luk 20:42; Kis 13:33; Yak 5:13.
-
Jalan Juragan.
Murid-murid Isa Al-Masih disebut panganut ”Jalan Juragan”, lantaran maranéhna nyonto Isa sarta jalan hirup maranéhna téh saluyu jeung iman ka Isa Al-Masih.—Kis 19:9.
-
Jalma bébas; Jalma nu dibébaskeun.
Dina pamaréntahan Romawi, ”jalma bébas” téh jalma nu bébas ti barang lahir sarta boga kabéh hak warga nagara. Sabalikna, ”jalma nu dibébaskeun” mah jalma nu geus bébas tina perbudakan. Jalma nu dibébaskeun sacara resmi bisa jadi warga nagara Romawi, tapi teu boga hak jadi pajabat pamaréntah. Jalma nu dibébaskeun sacara teu resmi bakal bébas tina perbudakan, tapi teu narima kabéh hak warga nagara.—1Kor 7:22.
-
Jalma suci.
Jalma-jalma nu bersih ahlakna sarta rohanina. Ieu istilah gé bisa ngamaksudkeun jalma-jalma nu dipisahkeun pikeun ngalalayanan Allah. Dina Kitab-Kitab Yunani Kristen, ”jalma-jalma suci” sering ngamaksudkeun jalma-jalma nu dipilih ku Allah pikeun boga hubungan husus jeung Anjeunna.—Kis 9:13; Rm 1:7.
-
Jamaah; Sidang jamaah.
Hiji kumpulan jalma nu ngumpul babarengan lantaran boga tujuan atawa kagiatan nu sarua. Dina Kitab-Kitab Ibrani, ieu biasana ngamaksudkeun bangsa Israél. Dina Kitab-Kitab Yunani Kristen, ieu ngamaksudkeun hiji atawa sababaraha sidang jamaah Kristen, tapi seringna mah ngamaksudkeun kabéh sidang jamaah Kristen.—Pam 16:8; 1Raj 8:5, 22; Kis 9:31; Rm 16:5.
-
Jaminan.
Barang milik nu ngahutang nu dibikeun ka nu nginjeumkeun. Éta barang téh jadi jaminan yén hutangna bakal dibayar. Dina Hukum Musa, aya aturan-aturan ngeunaan jaminan, tujuanana téh pikeun ngajaga nu miskin jeung nu teu walakaya.—Bud 22:26; Yéh 18:7.
-
Jamuan Wengi Isa Al-Masih.
Acara pikeun miéling maotna Isa. Dina acara ieu, biasana aya roti nu teu diragian sarta cianggur nu ngalambangkeun awak jeung getih Al-Masih. Kitab Suci nyebutkeun yén urang Kristen kudu terus ngayakeun acara ieu. Éta sababna acara ieu gé disebut ”Pangéling-ngéling”.—1Kor 11:20, 23-26.
-
Jarahan.
-
Jeungkal.
Sajeungkal téh sarua jeung 22,2 cm. Diitungna nurutkeun patokan hasta, 1 hasta téh 44,5 cm. (Bud 28:16; 1Sam 17:4, cth)—Tingali Lamp. B14.
-
Jinah.
Hubungan séks nu dihaja antara lalaki atawa awéwé nu geus kawin jeung jalma nu lain batur hirupna.—Bud 20:14; Mat 5:27; 19:9.
-
Jiwa.
Ieu téh tarjamahan umum tina kecap Ibrani nefes jeung kecap Yunani psykhe. Sanggeus dipariksa kumaha digunakeunana dina Alkitab, ieu kecap ngamaksudkeun (1) jalma, (2) sato, atawa (3) kahirupan jalma atawa sato. (Kaj 1:20; 2:7; Bil 31:28; 1Pét 3:20; tingali catetan-catetan handapna) Kecap ”jiwa” nu digunakeun ku loba agama béda hartina jeung nu digunakeun dina Alkitab. Kecap nefes jeung psykhe dina Alkitab, mun ngamaksudkeun manusa atawa sato, hartina éta téh aya wujudna, bisa dicabak, bisa ditingali, jeung bisa maot. Dina ieu tarjamahan, kecap nefes jeung psykhe lolobana mah ditarjamahkeun gumantung kana makna ayatna, aya nu ditarjamahkeun jadi ”kahirupan”, ”nyawa”, ”jalma”, atawa jadi kecap gaganti ngaran jalma (contona, ”jiwa kuring” ditarjamahkeun jadi ”kuring”). Waktu kecap ”jiwa” digunakeun dina ayat atawa catetan handap, maknana téh sarua jeung salah sahiji ti nu geus dijelaskeun saacanna. Ngalampahkeun hiji hal ku sagemblengna jiwa téh hartina ngalampahkeunana ku sagemblengna diri, ku sapinuhna haté, atawa ku sakabéh kahirupan éta jalma. (Pam 6:5, cth.; Mat 22:37, cth.) Dina sababaraha ayat, kecap aslina bisa ngamaksudkeun kahayang atawa napsu nu dipiboga ku mahluk hirup. Éta gé bisa ngamaksudkeun jalma nu maot atawa mayit.—Bil 6:6; Sil 23:2; Yés 56:11; Hag 2:13.
-
Juragan; Gusti.
Dua kecap ieu ditarjamahkeun tina kecap Yunani Kyrios, nu hartina dunungan, nu ngamilik, atawa kapala. Ieu gelaran bisa ngamaksudkeun Isa Al-Masih atawa Allah, gumantung kana kontéksna. Lamun nu dimaksud téh Isa, éta ditarjamahkeun jadi ”Juragan”. Lamun nu dimaksud téh Yéhuwa, éta ditarjamahkeun jadi ”Gusti”. Tapi lamun teu pasti saha nu dimaksud, biasana nu katingali paling cocog nu diteundeun dina téks utama, nu hiji deui diteundeun dina catetan handap.—Yah 13:13; Ibr 1:10.
-
Jurutingal.
Jalma nu dibéré kasanggupan ku Allah pikeun ngarti kana kahoyong Allah. Panon manéhna téh disina muka ngarah bisa ningali atawa paham kana hal-hal nu teu dipikaharti ku manusa biasa. Kecap Ibranina téh asalna tina kecap nu hartina ”ningali”, maksudna téh ningali atawa paham kana hiji hal. Waktu aya masalah, jalma-jalma biasana ménta naséhat bijaksana ka jurutingal.—1Sam 9:9.
-
Jurutulis; Ahli Torét.
Tukang nyalin Kitab-Kitab Ibrani. Waktu Isa aya di bumi, ieu sesebutan keur golongan jalma nu bener-bener nalungtik kana Torét. Maranéhna ngalawan ka Isa.—Ézr 7:6, cth.; Mar 12:38, 39; 14:1.
K
-
Kab.
-
Kaén goni.
Kaén kasar nu dijadikeun karung, kantong, atawa nu sarupa kitu paranti ngawadahan sisikian. Biasana kaén ieu ditinun tina bulu embé nu warnana kolot sarta sok dijadikeun baju waktu aya nu sungkawa.—Kaj 37:34; Luk 10:13.
-
Kahadiran.
Tina kecap Yunani parousia. Dina sababaraha kontéks Kitab-Kitab Yunani Kristen, ieu kecap ngamaksudkeun kahadiran Isa Al-Masih sabagé raja, nyaéta ti saprak anjeunna ditahtakeun di sorga jadi raja dina Pamaréntahan Allah nepi ka saterusna dina panungtungan jaman. Dina kahadiranana, Al-Masih lain saukur datang tuluy gancang indit deui. Sabalikna, kahadiranana téh lumangsung dina hiji mangsa.—Mat 24:3.
-
Kai tanggungan.
Kai panjang nu ditanggung dina taktak jalma, dina unggal tungtungna sok digantungan beban, atawa rangka kai nu dipasang dina beuheung dua sato nu sok mawa beban (biasana sapi) pikeun narik alat tani atawa karéta. Lantaran budak beulian osok manggul kai tanggungan pikeun mawa beban nu beurat, kai ieu sok ngagambarkeun kaayaan jalma nu diperbudak atawa nu kudu tunduk ka jalma séjén, sarta ngagambarkeun kaayaan jalma nu ditindes jeung sangsara. Nyingkirkeun atawa motongkeun kai tanggungan maksudna téh ngabébaskeun hiji jalma nu tadina dicangcang, ditindes, jeung dimangpaatkeun.—Ima 26:13; Mat 11:29, 30.
-
Kaisar.
Gelaran pangawasa Romawi, asalna téh tina ngaran salah sahiji kulawarga urang Romawi nyaéta Gaius Julius Caesar. Ieu gelaran dipaké pikeun Agustus, Tibérius, jeung Klaudius nu ngaranna disebutkeun dina Alkitab. Ieu gelaran gé dipaké pikeun Néro sanajan ngaranna teu disebutkeun dina Alkitab. Dina Kitab-Kitab Yunani Kristen, ”Kaisar” gé ngamaksudkeun pamaréntah daérah, atawa Nagara.—Mar 12:17; Kis 25:12.
-
Kanaan.
-
Kantong kulit.
Kantong paranti nyimpen cianggur, nu dijieun tina sageblég kulit sato, saperti embé atawa domba. Cianggur disimpenna dina kantong kulit nu anyar lantaran lamun éta ngahasilkeun alkohol, gas karbon dioksidana bakal neken kantong kulit. Kantong nu anyar mah bisa meral, ari nu heubeul mah heuras, jadi lamun aya nu neken téh bakal bucat.—Yos 9:4; Mat 9:17.
-
Kapal-kapal Tarsyis.
Mimitina mah ngamaksudkeun kapal-kapal nu indit ka Tarsyis kuno (ayeuna disebut Spanyol). Ka dieunakeun, ieu istilah ngamaksudkeun kapal-kapal gedé nu bisa balayar jarak jauh. Sulaéman jeung Yéhosyafat maké kapal-kapal nu siga kitu pikeun kaperluan dagang.—1Raj 9:26; 10:22; 22:48.
-
Kapala pamaréntahan.
-
Karéta.
Biasana, ieu téh ngamaksudkeun tutumpakan roda dua nu ditarik ku kuda nu biasana dipaké perang sarta iinditan.—Bud 14:23; Hak 4:13; Kis 8:28.
-
Kasangsaraan nu kacida hébatna.
Kecap Yunani pikeun ”kasangsaraan” boga harti kaayaan nalangsa lantaran kasusah. Isa nyebutkeun bakal aya ”kasangsaraan nu kacida hébatna” nu can pernah kajadian. Ieu bakal kajadian di Yérusalém sarta hususna bakal kajadian dina mangsa ka hareup waktu Isa ’datang ku kamulyaan’. (Mat 24:21, 29-31) Paulus ngajelaskeun yén lantaran Allah adil, Anjeunna bakal nibankeun kasangsaraan ka ”jalma-jalma nu teu kenal ka Allah sarta nu teu daék narima warta hadé” ngeunaan Isa Al-Masih. Wahyu pasal 19 nyebutkeun yén Isa bakal mingpin pasukan sorga pikeun ngalawan ”sato galak, raja-raja di bumi, jeung pasukanna”. (2Tés 1:6-8; Why 19:11-21) ”Sakumpulan jalma nu kacida lobana” bakal salamet tina éta kasangsaraan. (Why 7:9, 14)—Tingali ARMAGÉDON.
-
Kasia.
-
Kawasa suci.
Biasana sok disebut ”roh suci”, ”roh Allah”, atawa ”roh PANGERAN”. Ieu istilah teu ngamaksudkeun hiji pribadi atawa mahluk nu kadudukanana sarua jeung Allah. Tapi, ieu istilah téh ngamaksudkeun kawasa nu teu katingali nu digunakeun ku Allah pikeun ngalaksanakeun tujuana-Na sarta nyiptakeun sagala hal. (Kaj 1:2, cth.; Jab 104:30) Kawasa suci gé bisa méré kasanggupan ka manusa (Bud 31:3; Yés 11:2), mantuan maranéhna supaya boga sipat-sipat nu hadé (1Sam 10:6; Gal 5:22, 23), sarta ngagerakkeun maranéhna pikeun nepikeun firman Allah. (Yés 61:1; 2Tim 3:16; 2Pét 1:21) Kawasa suci gé bisa dibagi-bagi ka manusa. (Kis 2:4, 17) Ieu kawasa téh suci lantaran asalna ti Yéhuwa, nu mahasuci jeung maha adil, sarta lantaran digunakeun ku Allah pikeun ngalaksanakeun hal-hal nu suci.
-
Kémah tepangan.
-
Kérub.
Malaikat nu kadudukanana luhur jeung boga tugas husus. Kérub béda jeung sérafim.—Kaj 3:24; Bud 25:20; Yés 37:16; Ibr 9:5.
-
Khaldéa; Urang Khaldéa.
Mimitina mah ngamaksudkeun nagri jeung jalma-jalma di daérah délta Walungan Tigris jeung Éfrat. Ka dieunakeun, ngamaksudkeun kabéh daérah Babilonia jeung rahayatna. Ari urang Khaldéa ngamaksudkeun kumpulan jalma-jalma pinter nu nalungtik élmu ngeunaan alam, sajarah, basa, jeung béntang. Maranéhna gé ngaramal maké élmu gaib jeung élmu béntang.—Ézr 5:12; Dan 4:7; Kis 7:4.
-
Khémos.
Déwa utama urang Moab.—1Raj 11:33.
-
Khisléw.
-
Kitab Suci.
Tulisan suci nu eusina téh kekecapan Allah. Ieu istilah ngan muncul dina Kitab-Kitab Yunani Kristen.—Luk 24:27; 2Tim 3:16.
-
Kokolot.
Dina Kitab Suci, ieu ngamaksudkeun jalma nu boga wewenang jeung tanggung jawab di masarakat atawa bangsa. Dina buku Wahyu, ieu kecap dipaké pikeun ngamaksudkeun mahluk-mahluk nu aya di sorga. Kecap Yunani presbyteros ditarjamahkeun jadi ”kokolot” lamun ngamaksudkeun jalma-jalma nu mingpin sidang jamaah.—Bud 4:29; Sil 31:23; 1Tim 5:17; Why 4:4.
-
Kor.
-
Koral.
Jinis batu nu teuas nu ayana di laut, asalna téh tina tulang-taléng sasatoan laut nu laleutik. Warnana rupa-rupa, aya beureum, bodas, jeung hideung. Aya loba pisan koral di Laut Beureum. Dina jaman Alkitab, koral beureum téh jinis batu koral nu mahal pisan, sarta sok dijieun jadi manik-manik atawa perhiasan séjénna.—Sil 8:11.
-
Korsi pangadilan.
Tina kecap Yunani bema nu biasana ngamaksudkeun panggung di luar rohangan nu aya tanggana, atawa bisa ogé ngamaksudkeun korsi nu diteundeun di dinya, tempat para pajabat diuk pikeun ngomong ka jalma réa jeung ngumumkeun putusanana. Istilah ”korsi pangadilan Allah” jeung ”korsi pangadilan Al-Masih” ngalambangkeun cara Yéhuwa pikeun ngahakiman manusa.—Rm 14:10; 2Kor 5:10; Yah 19:13.
-
Kota Daud.
Tadina mah ieu téh kota Yébus, tapi sanggeus Daud nalukkeun sarta ngawangun istanana di dinya, éta kota dingaranan Kota Daud. Éta gé disebut Zion. Éta téh kota pangkolotna di Yérusalém, ayana di beulah kidul-wétan.—2Sam 5:7; 1Bab 11:4, 5.
-
Kota panyalindungan.
Kota-kota urang Léwi nu dijadikeun panyalindungan keur jalma nu teu kahaja maéhan batur ti jalma nu rék ngabales. Di Nagri nu Dijangjikeun, aya genep kota panyalindungan nu dipilih ku Musa, ka dieunakeun ku Yosua, sakumaha nu diparéntahkeun ku Yéhuwa. Barang nepi ka kota panyalindungan, éta jalma kudu nyaritakeun masalahna ka para kokolot di gerbang kota. Para kokolot bakal bageur jeung narima manéhna. Ngarah aturan ieu teu dimangpaatkeun ku nu ngahaja maéhan, nu néang panyalindungan kudu diadilan di kota tempat manéhna maéhan sarta ngabuktikeun manéhna teu salah. Mun kabukti teu salah, manéhna bakal dipulangkeun ka kota panyalindungan. Manéhna kudu cicing di dinya jeung teu meunang kaluar ti wates éta kota saumur hirupna atawa nepi ka imam agung maot.—Bil 35:6, 11-15, 22-29; Yos 20:2-8.
-
Kristen.
Ngaran nu dibéré ku Allah keur murid-muridna Isa Al-Masih.—Kis 11:26; 26:28.
-
Kuburan.
Lamun hurup mimitina leutik, éta ngamaksudkeun kuburan hiji jalma. Lamun hurup mimitina gedé, éta ngamaksudkeun tempatna nu maraot, tina basa Ibrani ”Syéol” jeung Yunani ”Hadés”. Dina Alkitab, ieu téh ngalambangkeun hiji tempat atawa kaayaan jalma nu maot nu teu sadar jeung teu bisa nanaon.—Kaj 47:30; Pan 9:10; Kis 2:31.
-
Kurban.
Sagala nu dibaktikeun ka Allah pikeun ngahaturkeun nuhun, ngaku salah, sarta mulihkeun deui hubungan jeung Anjeunna. Ti saprak Habél, manusa méré rupa-rupa kurban sukaréla kaasup sasatoan. Tapi sanggeus aya Torét, méré kurban téh diwajibkeun. Sanggeus Isa ngorbankeun hirupna sabagé kurban nu sampurna, kurban sasatoan geus teu dibutuhkeun deui. Sanajan kitu, urang Kristen terus méré kurban-kurban rohani ka Allah.—Kaj 4:4; Ibr 13:15, 16; 1Yah 4:10.
-
Kurban beuleuman.
Kurban sato nu kabéh babagianana dibeuleum dina mézbah pikeun dibaktikeun ka Allah. Euweuh bagian sato nu dicokot ku nu méréna. Satona meunang sapi jalu, domba jalu, embé jalu, tikukur, atawa japati ngora.—Bud 29:18; Ima 6:9.
-
Kurban inuman.
-
Kurban kadaharan.
-
Kurban karukunan.
Kurban nu dibaktikeun ka Yéhuwa supaya bisa rukun jeung Anjeunna. Éta kurban bakal didahar ku nu ngurban, kulawargana, imam nu ngabaktikeun éta kurban, jeung para imam nu keur tugas. Seungit tina gajih kurban nu dibeuleum bakal ditarima ku Yéhuwa sarta nyukakeun Anjeunna. Getih, nu ngalambangkeun kahirupan, bakal dibaktikeun ogé ka Anjeunna. Para imam jeung jalma-jalma nu ngabaktikeun kurban téh siga keur dahar bareng jeung Yéhuwa, tanda maranéhna rukun jeung Yéhuwa.—Ima 7:29, 32; Pam 27:7.
-
Kurban kasalahan.
Kurban nu dibaktikeun pikeun dosana sorangan. Ieu kurban téh rada béda ti kurban dosa séjénna. Ieu kurban dibaktikeun ngarah jalma nu dosa bisa meunangkeun deui hak-hakna sakumaha nu aya dina perjangjian, nu geus leungit lantaran manéhna ngalampahkeun dosa. Salian ti éta, manéhna gé bakal dibébaskeun tina hukuman.—Ima 7:37; 19:22; Yés 53:10.
-
Kurban keur nedunan ikrar.
Kurban sukaréla nu dibaktikeun lantaran geus nyieun ikrar.—Ima 23:38; 1Sam 1:21.
-
Kurban nu diayun-ayunkeun.
Waktu ngabaktikeun ieu kurban, katingalina imam neundeun leungeunna handapeun leungeun jalma nu rék méré pangbakti nu nyepeng éta kurban, tuluy diayun-ayunkeun ka hareup ka tukang, atawa imam sorangan nu ngayun-ngayunkeun éta kurban. Éta dilampahkeun téh pikeun némbongkeun yén éta kurban dibaktikeun ka Yéhuwa.—Ima 7:30.
-
Kurban pamuji sukur.
Kurban karukunan nu dibaktikeun pikeun muji sukur ka Allah lantaran asih satia-Na sarta pasadiaan ti Anjeunna. Daging sato nu dikurbankeun, roti nu diragian jeung nu teu diragian kudu didahar. Dagingna kudu didahar poé éta kénéh.—2Bab 29:31.
-
Kurban pangampura dosa.
-
Kusta.
Panyakit kulit nu bahaya. Kusta nu disebutkeun dina Kitab Suci béda jeung kusta dina jaman ayeuna, lantaran baheula mah kusta téh teu ngan saukur keuna ka manusa tapi ogé ka pakéan jeung imah.—Ima 14:54, 55; Luk 5:12.
-
Kutuk.
Ngucapkeun hal-hal goréng nu bakal kajadian ka jalma atawa ka nu séjénna. Éta béda jeung omongan kasar hiji jalma nu keur ambek. Kutuk téh biasana ucapan atawa ramalan ngeunaan hal-hal goréng nu bakal kajadian. Lamun kutukan diucapkeun ku Allah atawa ku jalma nu dibéré kawasa, éta téh ramalan nu pasti kajadian.—Kaj 12:3; Bil 22:12; Gal 3:10.
L
-
Lagu sedih.
Musik atawa lagu nu némbongkeun kasedih nu kacida, misalna waktu sungkawa lantaran ditinggalkeun maot ku babaturan atawa ku nu dipikanyaah.—2Sam 1:17; Jab 7:Sup.
-
Lagu waktu keur nanjak ka kota.
Superskripsi Jabur 120-134. Sanajan aya pandangan nu béda-béda ngeunaan harti ieu istilah, loba nu percaya yén 15 jabur ieu téh dikawihkeun bari suka bungah ku urang Israél nu nyembah ka Allah waktu maranéhna ”nanjak” ka Yérusalém, nu aya di daérah pagunungan Yéhuda, pikeun ngarayakeun tilu perayaan taunan nu penting.
-
Lalampahan nu kurang ajar; Teu éra nyieun kagoréngan.
Tina kecap Yunani aselgeia. Nu kaasup aselgeia téh nyaéta tindakan nu bener-bener ngalanggar hukum Allah sarta sikep jalma nu euweuh kaéra waktu nyieun kagoréngan. Sikep nu siga kitu téh kurang ajar, ngarendahkeun, malahan ngahina wewenang, hukum, jeung patokan nu aya. Ieu istilah téh lain pikeun kasalahan leutik.—Gal 5:19; 2Pét 2:7.
-
Lampah cabul.
Tina kecap Yunani porneia. Ieu istilah biasana digunakeun dina Kitab Suci pikeun ngamaksudkeun tindakan-tindakan séksual nu dilarang ku Allah. Ieu kaasup jinah, palacuran, hubungan séks antara jalma-jalma nu can kawin, homoséksualitas, sarta hubungan séks jeung sato. Dina buku Wahyu, ”Babilon Gedé” digambarkeun ngalakukeun palacuran agama jeung para pangawasa dunya demi meunangkeun kakawasaan jeung kakayaan. (Why 14:8; 17:2; 18:3; Mat 5:32; Kis 15:29; Gal 5:19)—Tingali PALACUR.
-
Lantik; Ngalantik.
Dina basa Ibrani, ieu kecap téh hartina ”ngoléskeun cairan”. Minyak dioléskeun ka hiji jalma atawa hiji barang pikeun ngalambangkeun yén éta dibaktikeun keur tujuan husus. Dina Kitab-Kitab Yunani Kristen, ieu kecap gé digunakeun waktu kawasa suci dibikeun ka jalma-jalma nu dipilih pikeun hirup di sorga.—Bud 28:41; 1Sam 16:13; 2Kor 1:21.
-
Légiun.
Pasukan militér Roma nu jumlahna kira-kira 4.000 nepi ka 6.000 prajurit. Dina Alkitab, kecap ”Légiun” katingalina ngamaksudkeun jumlah nu loba pisan nepi ka teu bisa diitung.—Mat 26:53; Mar 5:9; Luk 8:30.
-
Lépton.
-
Léwi; Urang Léwi.
Ngaran anak lalaki Yakub nu katilu ti Léa, ka dieunakeun jadi ngaran salah sahiji kaom. Ngaran tilu budakna Léwi jadi ngaran tilu kelompok utama urang Léwi. Seringna mah istilah ”urang Léwi” ngamaksudkeun sakabéh kaom Léwi, tapi biasana teu kaasup kulawarga imam Harun. Kaom Léwi teu dibéré tanah warisan di Nagri nu Dijangjikeun, tapi maranéhna dibéré 48 kota di daérah kaom-kaom séjén.—Pam 10:8; 1Bab 6:1; Ibr 7:11.
-
Léwiatan.
Jinis sato nu hirup di cai. Dina Ayub 3:8 jeung 41:1, katingalina nu dimaksud téh buhaya atawa sato cai nu gedé jeung kuat. Dina Jabur 104:26, katingalina ngamaksudkeun jinis paus. Ari dina ayat-ayat séjén, Léwiatan téh digunakeun keur lambang wungkul, jadi teu bisa dipastikeun sato naon nu dimaksud.—Jab 74:14; Yés 27:1.
-
Log.
-
Lombang nu kacida jerona.
-
Lorong Sulaéman.
Ieu téh jalan nu aya hateupna di beulah wétan buruan luar bait dina jaman Isa. Loba jalma percaya ieu téh sésa-sésa bait Sulaéman. Isa pernah leumpang di dinya dina ”usum tiris”, sarta urang Kristen nu mimiti osok kumpul di dinya pikeun ibadah. (Yah 10:22, 23; Kis 5:12)—Tingali Lamp. B11.
M
-
Mahalat.
-
Makédonia.
Daérah Yunani beulah kalér nu jadi kasohor basa diparéntah ku Aléksander Agung. Éta daérah teu dikawasaan ku sasaha nepi ka ditalukkeun ku urang Romawi. Basa Rasul Paulus mimiti datang ka Éropa, Makédonia geus jadi propinsi Romawi. Paulus ngadatangan Makédonia tilu kali. (Kis 16:9)—Tingali Lamp. B13.
-
Malaikat.
Tina kecap Ibrani malakh jeung kecap Yunani aggelos. Dua kecap éta hartina téh ”utusan”, tapi ditarjamahkeun jadi ”malaikat” lamun ngamaksudkeun mahluk roh nu jadi utusan. (Kaj 16:7; 32:3; Yak 2:25; Why 22:8) Malaikat téh mahluk roh nu kuat nu diciptakeun ku Allah lila saacan manusa diciptakeun. Malaikat teu dibéré kasanggupan pikeun boga turunan, tapi diciptakeun hiji-hiji. Jumlah maranéhna téh leuwih ti saratus juta. (Dan 7:10) Kitab Suci nunjukkeun unggal malaikat téh boga ngaran jeung kapribadian masing-masing. Maranéhna rendah haté jeung embung disembah. Kalolobaan malaikat embung méré nyaho ngaranna. (Kaj 32:29; Luk 1:26; Why 22:8, 9) Kadudukan jeung tugas malaikat téh béda-béda, saperti ngalalayanan di hareupeun tahta Yéhuwa, nepikeun warta-Na, ngabantu hamba-hamba Yéhuwa nu aya di bumi, ngalaksanakeun hukuman ti Allah, sarta ngabantu dina kagiatan nguarkeun warta hadé. (2Raj 19:35; Jab 34:7; Luk 1:30, 31; Why 5:11; 14:6) Dina mangsa ka hareup, maranéhna bakal ngadukung Isa dina perang Armagédon.—Why 19:14, 15.
-
Malkam.
-
Mamakutaan pilar.
-
Manna.
Kadaharan utama urang Israél nu disadiakeun ku Yéhuwa waktu maranéhna ngumbara salila 40 taun di tanah gurun. Yéhuwa nyieun mujijat ngarah manna téh aya di luhureun tanah, di handapeun lapisan ciibun. Manna muncul unggal isuk kajaba poé Sabat. Barang mimiti katempo ku urang Israél, maranéhna pada tatanya, ”Naon éta téh?”, dina basa Ibrani nyaéta ”man hu?” (Bud 16:13-15, 35) Dina ayat-aya séjén, manna disebut ”sisikian ti langit” (Jab 78:24), ”roti ti sorga” (Jab 105:40), sarta ”roti ti mahluk-mahluk perkasa” (Jab 78:25, cth.). Isa ogé pernah diibaratkeun siga manna.—Yah 6:49, 50.
-
Maskil.
Istilah Ibrani nu teu bisa dipastikeun naon hartina. Muncul di superskripsi dina 13 jabur. Bisa jadi hartina téh ”puisi pikeun ngalenyepan”. Ieu istilah téh mirip jeung kecap nu hartina ”bijaksana dina ngalalayanan”, jadi aya nu nganggap ieu téh aya hubunganana jeung éta kecap.—2Bab 30:22; Jab 32:Sup.
-
Média; Urang Média.
Urang Média téh turunan Madai anakna Yafét. Maranéhna matuh di pagunungan nu aya di padataran luhur Iran nu ka dieunakeun jadi nagri Média. Urang Média ngagabung jeung Babilon pikeun ngéléhkeun Asiria. Harita, Pérsia téh propinsi nu dikawasaan ku Média, tapi Korés barontak. Terus, Média jeung Pérsia ngahiji jadi Karajaan Média-Pérsia tuluy ngéléhkeun Karajaan Babilonia Anyar dina taun 539 SM. Dina Péntakosta 33 M di Yérusalém, aya sababaraha urang Média nu hadir. (Dan 5:28, 31; Kis 2:9)—Tingali Lamp. B9.
-
Mérodakh.
Déwa utama di kota Babilon. Sanggeus Babilon dijadikeun ibu kota Babilonia ku Hammurabi, nyaéta raja sarta nu nyieun hukum di Babilon, Mérodakh (atawa Marduk) jadi déwa nu leuwih agung. Tungtungna, déwa-déwa séjén kaéléhkeun. Mérodakh jadi déwa utama di antara déwa-déwi urang Babilon. Ka dieunakeun, ngaran Mérodakh (atawa Marduk) diganti ku gelaran ”Bélu” (”Nu Ngamilik”), sarta leuwih sering disebut Bél.—Yér 50:2.
-
Mésias.
-
Mézbah.
Tempat paranti ngabaktikeun kurban atawa dupa. Dijieun tina batu, taneuh, atawa kai nu dilapis ku logam. Di rohangan hareup tabernakel jeung bait, aya ’mézbah emas’ leutik paranti ngabaktikeun dupa. Éta mézbah téh dijieunna tina kai nu dilapis ku emas. Ari di buruan, aya ’mézbah tambaga’ nu leuwih gedé paranti ngabaktikeun kurban beuleuman. (Bud 27:1; 39:38, 39; Kaj 8:20; 1Raj 6:20; 2Bab 4:1; Luk 1:11)—Tingali Lamp. B5 jeung B8.
-
Menyan.
Geutah garing tina sababaraha tangkal jeung jujukutan jinis Boswellia. Mun diduruk, kaambeuna seungit. Menyan téh salah sahiji campuran dupa suci nu dipaké di tabernakel jeung di bait. Menyan dibaktikeun bareng jeung kurban kadaharan, sarta diteundeunna dina unggal tumpukan roti nu dibaktikeun nu aya di Rohangan Suci.—Bud 30:34-36; Ima 2:1; 24:7; Mat 2:11.
-
Miktam.
-
Mil.
Ukuran jarak nu ngan sakali wungkul muncul dina téks asli Kitab-Kitab Yunani Kristen, nyaéta dina Matius 5:41, catetan handap. Bisa jadi nu dimaksud téh mil Romawi nu ukuranana 1.479,5 m.—Tingali Lamp. B14.
-
Milkom.
Déwa nu disembah ku urang Ammon, katingalina sarua jeung Déwa Molékh. (1Raj 11:5, 7) Dina ahir pamaréntahan Sulaéman, manéhna ngawangun tempat-tempat pamujaan keur nyembah ieu déwa.—Tingali MOLÉKH.
-
Mina.
Bisa ngamaksudkeun ukuran beurat atawa mata uang. Dina buku Yéhézkiél mah mina téh disebut mané. Nurutkeun bukti-bukti nu geus kapanggih, 1 mina téh sarua jeung 50 syékél, sarta 1 syékél téh sarua jeung 11,4 g. Jadi, 1 mina dina Kitab-Kitab Ibrani téh sarua jeung 570 g. Kawas hasta nu boga dua ukuran, bisa jadi mina gé boga dua ukuran, nu hiji deui téh nyaéta mina karajaan. Dina Kitab-Kitab Yunani Kristen, 1 mina téh sarua nilaina jeung 100 drakhma, beuratna 340 g, sarta 60 mina téh sarua jeung 1 talénta. (Ézr 2:69, cth.; Luk 19:13)—Tingali Lamp. B14.
-
Molékh.
Déwana urang Amon, bisa jadi sarua jeung Malkam, Milkom, sarta Molokh. Katingalina Molékh téh gelaran, lain ngaran déwa. Nurutkeun Hukum Musa, saha waé nu ngurbankeun anakna ka Molékh kudu dipaéhan.—Ima 20:2; Yér 32:35; Kis 7:43.
-
Molokh.—
Tingali MOLÉKH.
-
Mujijat; Tindakan nu hébat.
-
Mulungan sésa panén.
Mulungan sésa-sésa hasil panén nu ditinggalkeun ku tukang panén, boh dihaja boh teu kahaja. Dina Hukum Musa, jalma-jalma teu meunang ngala hasil panén nu aya di sisi-sisi lahan nepi ka béak atawa ngala sakabéh buah zaitun jeung anggur. Mulungan sésa panén téh aturan ti Yéhuwa keur nu miskin, nu sangsara, urang asing, budak yatim, jeung randa.—Rut 2:7.
-
Murtad.
Istilah Yunanina (apostasia) asalna tina kecap pagawéan nu hartina ”nangtung ngajauhan”. Kecap apostasia boga makna ”ninggalkeun, ngabaékeun, atawa barontak”. Dina Kitab-Kitab Yunani Kristen, kecap ”murtad” biasana dipaké pikeun jalma-jalma nu nyimpang tina ibadah nu sajati.—Sil 11:9; Kis 21:21; 2Tés 2:3.
-
Mut-labén.
Istilah nu aya dina superskripsi Jabur 9, nu hartina ”ngeunaan budak lalaki nu maot”. Tapi, aya nu nganggap ieu istilah téh ngamaksudkeun ngaran atawa kekecapan panganteur ti lagu nu kasohor nu iramana dipaké pikeun ngawihkeun ieu jabur.
N
-
Nabi.
-
Najis.
-
Narwastu.
Minyak seungit mahal nu warnana semu beureum. Asalna tina pepelakan nu ngaranna narwastu (Nardostachys jatamansi). Lantaran mahal, narwastu sok dicampur ku minyak nu leuwih murah atawa malahan dipalsukeun. Tapi, Markus jeung Yahya nyebutkeun yén nu dikucurkeun ka Isa téh ”narwastu murni”.—Mar 14:3; Yah 12:3.
-
Nazir; Jalma Nazir.
Asalna tina kecap Ibrani nu hartina ”Jalma nu Dihususkeun; Jalma nu Dibaktikeun; Jalma nu Dipisahkeun”. Hiji jalma jadi Nazir téh ku lantaran dua hal ieu: Ngarélakeun dirina pikeun jadi Nazir, atawa dipilih ku Allah. Boh lalaki boh awéwé nu hayang jadi Nazir pikeun sababaraha waktu bisa nyieun ikrar husus ka Yéhuwa. Aya tilu hal nu teu meunang dilampahkeun ku jalma Nazir: Nginum alkohol atawa ngadahar naon waé tina tangkal anggur, nyukur buukna, jeung antel kana mayit. Jalma nu dipilih ku Allah pikeun jadi Nazir bakal terus jadi jalma Nazir salila hirupna. Salian ti éta,ngan Yéhuwa nu bakal netepkeun aturan keur manéhna.—Bil 6:2-7; Hak 13:5.
-
Néfilim.
Jalma-jalma nu kejem, turunan para malaikat nu barobah jadi manusa tuluy kawin jeung awéwé-awéwé saacan Caah Gedé.—Kaj 6:4, cth.
-
Néhilot.
Istilah nu muncul dina superskripsi Jabur 5, ieu teu bisa dipastikeun naon hartina. Aya nu nganggap ieu téh alat musik nu ditiup lantaran mirip jeung kecap Ibrani nu aya hubunganana jeung khalil (suling). Tapi, bisa waé ieu istilah téh ngamaksudkeun nada.
-
Nétinim.
Para palayan bait nu lain urang Israél. Ieu téh istilah Ibrani nu ngamaksudkeun ”Jalma-Jalma nu Dibikeun”, maksudna maranéhna téh dibikeun pikeun ngalalayanan di bait. Katingalina, loba urang Nétinim téh turunan urang Gibéon, nu ”ku Yosua dijadikeun tukang ngala suluh jeung tukang ngala cai keur jamaah sarta keur mézbah Yéhuwa”.—Yos 9:23, 27; 1Bab 9:2; Ézr 8:17.
-
Ngirik; Pangirikan.
Prosés misah-misahkeun sisikian tina gagang jeung cangkangna; tempat jalma-jalma ngirik. Ngirik téh digawékeunana maké leungeun bari nyekel tongkat. Lamun loba, digawékeunana téh maké alat husus, saperti papan atawa panggilingan nu ditarik ku sato. Sisikian nu diamparkeun di tempat ngirik téh digiles ku alat-alat éta. Tempat ngirik téh aya di tempat nu datar jeung bentukna lingkaran, sarta éta biasana aya di daérah luhur nu loba anginna.—Ima 26:5; Yés 41:15; Mat 3:12; 1Kor 9:9.
-
Nisan.
-
Numpangkeun leungeun.
Numpangkeun leungeun ka hiji jalma téh maksudna ngalantik éta jalma pikeun tugas husus, ngaberkahan, nyageurkeun, atawa méré kawasa suci. Sakapeung, hiji jalma gé numpangkeun leungeunna kana sirah sato saacan éta sato dikurbankeun.—Bud 29:15; Bil 27:18; Kis 19:6; 1Tim 5:22.
O
-
Omér.
Takeran bahan garing nu ukuranana téh 2,2 L atawa 1/10 éfa. (Bud 16:16, 18)—Tingali Lamp. B14.
-
Oniks.
Batu mulya nu warna lapisanana téh rupa-rupa, aya hideung, coklat, beureum, abu-abu, atawa héjo, nu diselang-seling ku lapisan warna bodas. Ieu batu dipasang dina baju imam agung.—Bud 28:9, 12; 1Bab 29:2; Ayb 28:16.
P
-
Pagunungan Lébanon.
Salah sahiji ti dua jajaran pagunungan di Wilayah Lébanon. Pagunungan Lébanon aya di beulah kulon, ari Pagunungan Anti-Lébanon aya di beulah wétan. Di tengah-tengah dua pagunungan ieu téh aya lebak panjang nu subur. Pagunungan Lébanon aya di gigireun basisir Laut Tengah. Luhur puncak gunung-gunungna téh rata-rata 1.800 nepi ka 2.100 m. Dina jaman baheula, aya loba tangkal aras nu alus pisan di Lébanon, nu dipikaresep ku bangsa-bangsa. (Pam 1:7; Jab 29:6; 92:12)—Tingali Lamp. B7.
-
Pajabat kota.
Dina pamaréntahan Babilon, pajabat kota téh pajabat daérah nu ngarti kana hukum sarta boga wewenang sabagé hakim, sanajan teu mutlak. Di daérah-daérah jajahan Romawi, pajabat kota digawé keur pamaréntah. Tugasna téh nyaéta ngajaga katartiban, ngatur kauangan, ngaadilan nu ngalanggar hukum, sarta mutuskeun jeung ngalaksanakeun hukuman.—Dan 3:2; Kis 16:20.
-
Pakarang perang.
Pakarang nu dipaké ku prajurit, saperti hélem, baju perang, beubeur, sapatu, jeung taméng.—1Sam 31:9; Éf 6:13-17.
-
Palacur.
Jalma nu ngalakukeun hubungan séksual jeung jalma nu lain batur hirupna, tujuanana ngarah meunang duit. (Kecap Yunani nu ditarjamahkeun jadi ”palacur”, nyaéta porne, asalna tina kecap nu hartina ”ngajual”.) Istilah ieu biasana keur awéwé, sanajan lalaki nu ngalacur gé disebutkeun dina Alkitab. Dina Hukum Musa, palacuran téh dikutuk. Duit hasil ngalacur teu meunang disumbangkeun ka tempat suci Yéhuwa. Sabalikna, urang kapir mah ngajadikeun palacur kuil sumber panghasilan. (Pam 23:17, 18; 1Raj 14:24) Dina Alkitab, ieu istilah gé ngibaratkeun jalma, bangsa, atawa organisasi nu ngakuna nyembah Allah, tapi nyembah berhala ogé. Misalna dina buku Wahyu, kumpulan agama-agama nu disebut ”Babilon Gedé” digambarkeun siga palacur, lantaran nyobat jeung para pangawasa dunya pikeun meunangkeun kakawasaan jeung harta.—Why 17:1-5; 18:3; 1Bab 5:25.
-
Palayan sidang.
Tina kecap Yunani diakonos nu sering ditarjamahkeun jadi ”hamba” atawa ”palayan”. ”Palayan sidang” téh jalma nu ngabantu badan kokolot di sidang jamaah. Manéhna kudu nyumponan sarat-sarat dina Alkitab ngarah bisa narima tugas palayanan ieu.—1Tim 3:8-10, 12.
-
Palayanan suci.
-
Pamaréntahan Allah.
Ieu istilah hususna ngamaksudkeun kakawasaan Allah nu pangluhurna, nu diwakilan ku pamaréntahan Putra-Na, Isa Al-Masih.—Mat 12:28; Luk 4:43; 1Kor 15:50.
-
Pamingpin malaikat.
-
Pamingpin musik.
Istilah Ibrani nu digunakeun dina Jabur. Katingalina ngamaksudkeun hiji jalma nu nyusun lagu, ngatur jurukawih, ngalatih jurukawih urang Léwi, sarta mingpin acara musik. Dina tarjamahan séjén, ieu ditarjamahkeun jadi ”pamingpin biduan”.—Jab 4:Sup; 5:Sup.
-
Pamingpin Utama.
-
Pangabdian ka Allah.
-
Pangampura dosa.
Dina Kitab-Kitab Ibrani, kurban-kurban pangampura dosa téh dibaktikeun supaya jalma-jalma bisa ngadeukeutkeun diri ka Allah sarta ibadah ka Anjeunna. Dina hukum Musa, hususna dina Poé Pangampura Dosa nu diayakeun sataun sakali, kurban-kurban téh dibaktikeun. Tujuanana ngarah hiji jalma sarta sakabéh bangsa bisa rukun deui jeung Yéhuwa, sanajan maranéhna téh jalma dosa. Éta kurban ngagambarkeun kurban Isa. Ku kurban Isa nu dibaktikeun sakali wungkul, dosa manusa bisa bener-bener dihampura keur salilana. Ku kituna, manusa bisa rukun deui jeung Yéhuwa.—Ima 5:10; 23:28; Kol 1:20; Ibr 9:12.
-
Pangawal Istana.
Kelompok prajurit Romawi nu ditugaskeun jadi pangawal pribadina kaisar Romawi. Para pangawal ieu boga pangaruh nu gedé dina urusan pulitik. Maranéhna bisa ngadukung atawa ngagulingkeun kaisar.—Flp 1:13.
-
Pangawas.
Lalaki nu tanggung jawab utamana téh ngawaskeun jeung ngangon sidang jamaah. Ieu asalna tina kecap Yunani episkopos, nu makna utamana téh ngawaskeun pikeun ngalindungan. Di sidang jamaah Kristen, ”pangawas” gé bisa disebut ”kokolot” (presbyteros). Istilah ”kokolot” nunjukkeun yén jalma nu dilantik téh boga sipat-sipat nu hadé. Ari istilah ”pangawas” nandeskeun tugas-tugas manéhna.—Kis 20:28; 1Tim 3:2-7; 1Pét 5:2.
-
Pangawasa daérah.
-
Pangbuangan.
Asalna tina kecap Ibrani nu hartina ”ninggalkeun”, maksudna nyaéta diboyong atawa diusir ti lemah caina, biasana ku jalma-jalma nu nalukkeun. Urang Israél pernah diboyong dua kali. Nu mimiti, waktu karajaan sapuluh kaom di beulah kalér diboyong ku urang Asiria. Nu kadua, waktu karajaan dua kaom di beulah kidul diboyong ku urang Babilonia. Ka dieunakeun, jalma-jalma nu diboyong éta dipulangkeun ka nagri asalna ku Korés, pangawasa Pérsia.—2Raj 17:6; 24:16; Ézr 6:21.
-
Panungtungan jaman.
Ieu téh mangsa saacan dunya nu dikawasaan ku Sétan dibinasakeun. Mangsa ieu bakal kajadian dina waktu nu sarua jeung mangsa kahadiran Al-Masih. Isa bakal maréntahkeun para malaikat pikeun ”misah-misahkeun jalma jahat ti jalma bener” jeung ngamusnakeun jalma-jalma jahat éta. (Mat 13:40-42, 49) Murid-murid Isa hayang nyaho iraha ’panungtungan jaman’ bakal kajadian. (Mat 24:3) Saacan balik ka sorga, Isa jangji ka murid-muridna yén anjeunna bakal terus nyarengan nepi ka mangsa éta.—Mat 28:20.
-
Papirus.
Pepelakan nu hirup dina cai, nu sok dijieun jadi barang-barang kawas karanjang, wadah, jeung parahu. Papirus gé osok dijadikeun bahan kawas kertas paranti nulis. Salian ti éta, loba gulungan téh bahanna tina papirus.—Bud 2:3.
-
Pasir.
Tina kecap Ibrani ”Milo”. Asalna tina kecap nu hartina ”gundukan”. Séptuaginta narjamahkeunana jadi ”bénténg”. Katingalina, ngamaksudkeun pasir atawa wangunan nu aya di Kota Daud, tapi teu apal persisna naon.—2Sam 5:9; 1Raj 11:27.
-
Paskah.
Perayaan taunan dina tanggal 14 Abib (ka dieunakeun disebut Nisan) pikeun miéling bébasna urang Israél ti Mesir. Dina ieu perayaan, jalma-jalma meuncit anak domba (atawa embé), tuluy dibeuleum. Geus kitu, éta didahar bareng jeung sayur pait sarta roti nu teu diragian.—Bud 12:27; Yah 6:4; 1Kor 5:7.
-
Pasung.
-
Péntakosta.
Perayaan kadua nu dirayakeun ti antara tilu perayaan penting. Kabéh lalaki urang Yahudi wajib indit ka Yérusalém pikeun ngarayakeunana. Péntakosta téh hartina ”(Poé) Kalima Puluh”. Ieu istilah dipaké dina Kitab-Kitab Yunani Kristen pikeun ngamaksudkeun Perayaan Panén atawa Perayaan Minggu-Minggu nu aya dina Kitab-Kitab Ibrani. Ieu dirayakeun dina poé nu ka-50 ti saprak 16 Nisan.—Bud 23:16; 34:22; Kis 2:1.
-
Pérsia; Urang Pérsia.
Nagri jeung jalma-jalma nu biasana disebutkeun bareng jeung Média, atawa nu aya hubunganana jeung Média. Dina awal sajarahna, urang Pérsia matuhna téh ngan di beulah kidul-kulon padataran luhur Iran. Waktu diparéntah ku Korés Agung (nurutkeun sababaraha ahli sajarah, bapana téh urang Pérsia, ari indungna urang Média), urang Pérsia ngawasaan urang Média, padahal duanana téh hiji karajaan. Dina taun 539 SM, Korés nalukkeun Karajaan Babilonia. Geus kitu, manéhna ngidinan urang Yahudi nu ditawan pikeun balik ka nagri asalna. Wilayah Karajaan Pérsia legana téh ti Walungan Indus di beulah wétan nepi ka Laut Aégéa di beulah kulon. Urang Yahudi dikawasaan ku Pérsia nepi ka Aléksander Agung ngéléhkeun Pérsia taun 331 SM. Waktu narima titingalian, Daniél ningali Karajaan Pérsia. Éta karajaan ogé disebutkeun dina buku Ézra, Néhémia, jeung Éster. (Ézr 1:1; Dan 5:28; 8:20)—Tingali Lamp. B9.
-
Pecut.
Dina Kitab-Kitab Yunani Kristen, pecut téh dipaké pikeun ngahukum jalma. Sababaraha jinis pecut dipasangan bola-bola beusi. Aya ogé nu dijieun tina tali kulit nu dipasangan tulang-tulang méncos nu diselang-seling ku beusi.—Mat 20:19; Yah 19:1; Kis 22:25.
-
Pelat emas suci.
-
Pepelakan pait.
Rupa-rupa tatangkalan nu rasana pait pisan jeung bauna nyegak. Dina Alkitab, pepelakan pait sok digunakeun sacara kiasan pikeun ngajelaskeun balukar goréng tina lampah cabul, pangbudakan, kateuadilan, jeung kamurtadan. Dina Wahyu 8:11, ”pepelakan pait” téh ngamaksudkeun jat nu rasana pait jeung aya racunna, osok disebut ogé absinthe.—Pam 29:18; Sil 5:4; Yér 9:15; Am 5:7.
-
Perantara.
-
Perayaan Panén; Perayaan Minggu-Minggu.—
Tingali PÉNTAKOSTA.
-
Perayaan Pangresmian Bait.
Perayaan taunan pikeun miéling kajadian disucikeunana deui bait sanggeus Antiokhus Épifanés nganajisan bait. Dimimitian dina 25 Khisléw, sarta dirayakeun salila 8 poé.—Yah 10:22.
-
Perayaan Roti nu Teu Diragian.
Perayaan nu mimiti dirayakeun ti antara tilu perayaan penting nu dirayakeun ku urang Israél unggal taunna. Dimimitian dina 15 Nisan, sapoé sanggeus Paskah, sarta dirayakeun salila tujuh poé. Jalma-jalma ngan meunang ngadahar roti nu teu diragian wungkul pikeun miéling budalna urang Israél ti Mesir.—Bud 23:15; Mar 14:1.
-
Perayaan Saung Daun.
Sok disebut ogé Perayaan Tabernakel atawa Perayaan Ngumpulkeun Hasil Panén, diayakeun dina 15-21 Étanim. Keur urang Israél, ieu téh tanda réngséna usum panén dina ahir taun. Dina ieu perayaan, urang Israél saruka bungah sarta ngarucap sukur lantaran Yéhuwa ngaberkahan panén maranéhna. Salila perayaan, maranéhna cicing di saung-saung daun pikeun miéling waktu urang Israél budal ti Mesir. Ieu téh salah sahiji ti tilu perayaan nu ngawajibkeun lalaki-lalaki indit ka Yérusalém pikeun ngarayakeunana.—Ima 23:34; Ézr 3:4.
-
Perjangjian.
Hal-hal nu disatujuan atawa kontrak resmi antara dua pihak pikeun ngalampahkeun atawa henteu ngalampahkeun hiji hal, boh antara Allah jeung manusa boh antara manusa jeung manusa. Sakapeung ngan hiji pihak nu boga tanggung jawab pikeun ngalaksanakeun aturan dina perjangjian, éta disebut perjangjian sapihak (unilateral), nu sarua jeung jangji. Tapi aya ogé perjangjian nu kudu dilaksanakeun ku dua pihak (bilateral). Salian ti perjangjian antara Allah jeung manusa, Alkitab gé nyebutkeun perjangjian antara manusa jeung manusa, kaom jeung kaom, bangsa jeung bangsa, atawa kelompok jeung kelompok séjénna. Perjangjian nu pangaruhna gedé pisan téh nyaéta perjangjian antara Allah jeung Ibrahim, jeung Daud, jeung bangsa Israél (perjangjian Torét), sarta jeung Israél milik Allah (perjangjian anyar).—Kaj 9:11; 15:18; 21:27; Bud 24:7; 2Bab 21:7.
-
Perkamén.
Kulit domba, embé, atawa sapi ngora nu dijadikeun bahan paranti nulis. Ieu leuwih awét tibatan papirus, sarta dijadikeun gulungan-gulungan Alkitab. Waktu Paulus nitah Timotius mawa perkamén, bisa jadi éta téh bagian tina Kitab-Kitab Ibrani. Sababaraha Gulungan Laut Paéh ditulisna dina perkamén.—2Tim 4:13.
-
Perkawinan ipar.
-
Perpuluhan.
Sapersapuluh bagian (10 persén) nu wajib dibayarkeun, tujuan utamana pikeun ibadah. (Pam 26:12; Mal 3:10; Mat 23:23) Dina Hukum Musa, sapersapuluh tina hasil panén jeung sapersapuluh tina jumlah ingon-ingon nu nambahan kudu dibikeun ka urang Léwi unggal taunna pikeun nunjang maranéhna. Urang Léwi gé méré sapersapuluh tina perpuluhan ieu ka imam-imam turunan Harun pikeun nunjang maranéhna. Aya ogé perpuluhan-perpuluhan séjénna. Urang Kristen teu wajib méré perpuluhan.
-
Persiapan.
Sesebutan keur hiji poé saacan Sabat. Dina poé éta, urang Yahudi nyiapkeun keur Sabat. Poé éta anggeusna téh waktu panonpoé surup, nyaéta waktu poé Sabat dimimitian, mun ayeuna mah éta téh poé Jumaah. Poéna urang Yahudi téh dimimitian ti panonpoé surup nepi ka panonpoé surup.—Mar 15:42; Luk 23:54.
-
Peti perjangjian.
Peti nu dijieun tina kai akasia nu dilapis ku emas. Éta diteundeun di Rohangan Mahasuci di tabernakel, ka dieunakeun di Rohangan Mahasuci di bait nu diwangun ku Sulaéman. Tutupna dijieun tina emas, di luhurna aya dua kérub nu pahareup-hareup. Eusi nu paling penting dina éta peti téh nyaéta papan-papan batu nu ditulisan Sapuluh Paréntah. (Pam 31:26; 1Raj 6:19; Ibr 9:4)—Tingali Lamp. B5 jeung B8.
-
Pilar.
Bangunna kawas tihang paranti nyangga wangunan. Sakapeung, pilar téh sok dipaké jadi tanda pangéling-ngéling kana hiji kajadian. Waktu ngawangun bait jeung istana, Sulaéman gé maké pilar-pilar pikeun nyangga éta wangunan. Urang kapir ngadegkeun pilar-pilar berhala pikeun ibadah palsuna. Urang Israél gé sok pipilueun kana kabiasaan ieu. (Hak 16:29; 1Raj 7:21; 14:23)—Tingali MAMAKUTAAN PILAR.
-
Pilar berhala.
Pilar nu biasana dijieun tina batu, katingalina ngalambangkeun alat kelamin lalaki, nu dipaké pikeun nyembah Baal atawa déwa palsu séjénna.—Bud 23:24.
-
Pim.
Ukuran beurat jeung harga nu ditetepkeun ku urang Filistin pikeun ngasah paparabotan tina logam. Di Israél, aya bukti arkéologi nu kapanggih di tempat nu digali, nyaéta sababaraha batu nu ditulisan ”Pim” maké aksara Ibrani. Rata-rata beuratna téh 7,8 g nu sarua jeung 2/3 syékel.—1Sam 13:20, 21.
-
Pirdaus.
Taman nu éndah. Taman mimiti nu siga kieu téh Taman Éden, nu dijieun ku Yéhuwa keur pasangan manusa nu mimiti. Waktu Isa ngomong ka penjahat nu aya di gigireunana dina tihang siksaan, anjeunna nunjukkeun yén bumi téh bakal jadi pirdaus. Dina 2 Korintus 12:4, kecap ieu ngamaksudkeun pirdaus dina mangsa ka hareup, ari dina Wahyu 2:7, ngamaksudkeun pirdaus di sorga.—Kid 4:13; Luk 23:43.
-
Poé Pangadilan.
Poé atawa mangsana Allah ngaadilan sababaraha kelompok, bangsa, atawa kabéh umat manusa. Bisa jadi éta téh waktuna jalma-jalma nu pantes dihukum pati dipaéhan, ari jalma-jalma séjénna dibéré kasempetan pikeun disalametkeun jeung narima hirup langgeng. ”Poé Pangadilan” nu disebutkeun ku Isa Al-Masih jeung para rasulna téh bakal kajadian dina mangsa ka hareup. Dina waktu éta, nu diadilan téh teu ngan saukur jalma-jalma nu hirup, tapi ogé jalma-jalma nu geus maot.—Mat 12:36.
-
Poé Pangampura Dosa.
Poé suci nu pangpentingna keur urang Israél, nu disebut ogé Yom Kippur (tina kecap Ibrani yohm hakkippurim, ”poé panutupan”), nu diayakeun tanggal 10 Étanim. Unggal taun, ngan dina poé ieu imam agung asup ka Rohangan Mahasuci di tabernakel, ka dieunakeun di bait. Di dinya, manéhna nyanggakeun getih kurban keur dosana, dosa urang Léwi séjénna, jeung dosa jamaah. Poé ieu téh waktuna ngumpul pikeun ibadah jeung puasa. Poé ieu gé poé sabat, waktuna eureun tina pagawéan.—Ima 23:27, 28.
-
Porneia.—
Tingali LAMPAH CABUL.
-
Prokonsul.
Gubernur nu ngapalaan hiji propinsi, nu diawaskeun ku Sénat Romawi. Manéhna boga kawasa dina pangadilan jeung militér. Sanajan diawaskeun ku Sénat, manéhna nyekel kawasa nu pangluhurna di propinsi.—Kis 13:7, cth.; 18:12, cth.
-
Puasa.
Teu dahar nanaon salila waktu nu ditangtukeun. Urang Israél puasa dina Poé Pangampura Dosa, waktu keur susah, sarta waktu butuh bingbingan Allah. Urang Yahudi netepkeun puasa opat kali sataun pikeun miéling kajadian-kajadian goréng dina sajarah bangsana. Puasa teu diwajibkeun keur urang Kristen.—Ézr 8:21; Yés 58:6; Luk 18:12.
-
Purim.
Perayaan nu dirayakeun sataun sakali dina tanggal 14 jeung 15 Adar. Perayaan ieu dirayakeun téh ngarah jalma-jalma inget kana kajadian basa urang Yahudi bébas tina siasat pikeun ngabasmi maranéhna dina jaman Ratu Éster. Kecap purim hartina ”undi”. Perayaan ieu disebut Perayaan Purim, atawa Perayaan Undi, lantaran Haman ngalung Pur (atawa undi) waktu rék nangtukeun dina poé naon manéhna bakal ngajalankeun siasatna pikeun maéhan urang Yahudi.—Ést 3:7; 9:26.
-
Putra Daud.
Seringna ieu téh ngamaksudkeun Isa. Ieu nandeskeun yén anjeunna téh Ahli Waris dina perjangjian Pamaréntahan Allah. Nurutkeun ramalan, anjeunna téh asalna ti salah sahiji turunan Daud.—Mat 12:23; 21:9.
R
-
Ragi.
Bahan nu ditambahkeun kana adonan ngarah beukah, atawa kana cairan ngarah ngahasilkeun alkohol. Ieu gé ngamaksudkeun sabagian adonan nu geus beukah tina adonan saacanna. Alkitab biasana ngagunakeun ieu istilah pikeun ngibaratkeun dosa jeung karuksakan, atawa pikeun nunjukkeun kamajuan nu teu katingali.—Bud 12:20; Mat 13:33; Gal 5:9.
-
Rahab.
-
Ramalan.
Warta ti Allah nu nyingkabkeun atawa méré nyaho naon tujuan Allah. Ramalan bisa mangrupa pangajaran ti Allah ngeunaan ahlak nu hadé, paréntah atawa hukuman ti Allah, atawa warta ngeunaan naon nu bakal kajadian.—Yéh 37:9, 10; Dan 9:24; Mat 13:14; 2Pét 1:20, 21.
-
Rasiah suci.
-
Rasul.
-
Ratu Sorga.
Gelaran pikeun déwi nu disembah ku urang Israél nu murtad dina jaman Yérémia. Aya nu nganggap nu dimaksud téh Istar (Astarté), nyaéta déwi urang Babilon. Urang Sumér nyebut déwi ieu téh Inana, nu hartina ”Ratu Sorga”. Manéhna téh dianggap sabagé pangawasa sorga sarta déwi kasuburan. Astarté gé disebut ”Praméswari Sorga” dina tulisan Mesir kuno.—Yér 44:19.
-
Roh.
Kecap Ibrani ruakh jeung kecap Yunani pneuma sering ditarjamahkeun jadi ”roh”. Ieu kecap téh boga sababaraha harti, tapi kabéhanana ngamaksudkeun sagala nu teu bisa ditingali ku manusa sarta nunjukkeun ayana kakuatan nu bisa gerak. Kecap Ibrani jeung Yunani ieu ngamaksudkeun (1) angin, (2) daya kahirupan nu dipiboga ku mahluk hirup, (3) kahayang haté hiji jalma atawa sumanget nu ngagerakkeun manéhna pikeun ngomong atawa migawé hiji hal, (4) kekecapan nu diilhamkeun nu asalna ti sumber nu teu katingali, (5) mahluk roh, jeung (6) kawasa suci Allah.—Bud 35:21; Jab 146:4; Mat 12:43; Luk 11:13.
-
Roh jahat.
Mahluk roh nu jahat nu teu katingali jeung jauh leuwih kuat tibatan manusa. Dina Kajadian 6:2, maranéhna disebut ”putra-putra Allah nu sajati”, sarta dina Yudas 6 disebut ”para malaikat”. Sabenerna, maranéhna teu diciptakeun jadi mahluk nu jahat, tapi maranéhna téh malaikat nu ngajadikeun dirina sorangan musuh Allah, ku cara teu taat ka Allah dina jaman Nuh tuluy ngagabung jeung Sétan pikeun barontak ka Yéhuwa.—Pam 32:17; Luk 8:30; Kis 16:16; Yak 2:19.
-
Rohangan Mahasuci.
Rohangan pangjerona di tabernakel jeung di bait, tempat neundeun peti perjangjian. Nurutkeun Hukum Musa, hiji-hijina jalma nu meunang asup ka Rohangan Mahasuci téh ngan imam agung. Manéhna asup ngan sataun sakali dina Poé Pangampura Dosa.—Bud 26:33; Ima 16:2, 17; 1Raj 6:16; Ibr 9:3.
-
Rohangan Suci.
Rohangan panghareupna jeung panggedéna di tabernakel atawa di bait. Ieu béda jeung rohangan pangjerona, nyaéta Rohangan Mahasuci. Di Rohangan Suci di tabernakel aya wadah lampu emas, mézbah dupa emas, méja roti nu dibaktikeun, jeung paparabotan emas. Di Rohangan Suci di bait aya mézbah emas, sapuluh wadah lampu emas, jeung sapuluh méja roti nu dibaktikeun. (Bud 26:33; Ibr 9:2)—Tingali Lamp. B5 jeung B8.
-
Roti nu dibaktikeun.
Dua belas roti nu ditumpuk jadi dua susun, masing-masing genep. Roti-roti ieu diteundeun dina méja di Rohangan Suci di tabernakel jeung di bait. Roti nu dibaktikeun ka Allah ieu diganti ku roti anyar unggal poé Sabat. Biasana roti nu diganti téh ngan didahar ku para imam. (2Bab 2:4; Mat 12:4; Bud 25:30; Ima 24:5-9; Ibr 9:2)—Tingali Lamp. B5.
S
-
Sabat.
Tina kecap Ibrani nu hartina ”reureuh; eureun”. Ieu téh poé ka-7 dina mingguna urang Yahudi (ti panonpoé surup poé Jumaah nepi ka panonpoé surup poé Saptu). Poé-poé perayaan séjénna, kaasup taun ka-7 jeung taun ka-50, disebut ogé sabat. Dina poé Sabat, teu meunang aya nu digawé, kajaba imam nu ngalalayanan di tempat suci. Dina taun Sabat, lahan teu meunang dipelakan, sasama urang Ibrani gé teu meunang dipaksa mayar hutang. Dina Hukum Musa, aturan-aturan Sabat téh asup akal, tapi ku para pamingpin agama ditambahan, matakna jalma-jalma dina jaman Isa ngarasa beurat ngajalankeunana.—Bud 20:8; Ima 25:4; Luk 13:14-16; Kol 2:16.
-
Saduki.
Sékte agama Yahudi nu kasohor, nu anggotana téh jalma-jalma beunghar jeung imam-imam nu boga wewenang gedé kana kagiatan di bait. Maranéhna nolak kapercayaan urang Farisi sarta tradisi-tradisi nu euweuh dina Torét nu dijalankeun ku urang Farisi. Maranéhna teu percaya yén nu maot bisa dihirupkeun deui jeung teu percaya ayana malaikat. Maranéhna ngamusuh ka Isa.—Mat 16:1; Kis 23:8.
-
Samaria.
Salila kira-kira 200 taun, ieu ngaran ibu kota karajaan Israél sapuluh kaom di kalér. Daérah sapuluh kaom éta gé disebut Samaria. Éta kota diwangun di luhureun gunung Samaria. Dina jaman Isa, Samaria téh daérah nu aya di antara Galiléa di beulah kalér jeung Yudéa di beulah kidul. Dina perjalanan Isa, biasana anjeunna teu ngawawar di daérah dinya, tapi sakapeung anjeunna osok ngaliwat ka dinya sarta ngobrol jeung pendudukna. Waktu Pétrus ngagunakeun konci Pamaréntahan nu kadua, urang Samaria narima kawasa suci. (1Raj 16:24; Yah 4:7; Kis 8:14)—Tingali Lamp. B10.
-
Sanhédrin.
-
Séa.
-
Ségel.
Alat paranti ngecap pikeun jadi tanda saha nu bogana, asli henteuna, atawa ngesahkeun perjangjian (biasana dina taneuh liket atawa lilin). Baheula, ségel téh dijieun tina bahan nu teuas (batu, gading, atawa kai) nu diukiran hurup atawa gambar nu tibalik. Sacara kiasan, barang nu diségel ngamaksudkeun hiji hal téh asli, aya nu bogana, atawa dirasiahkeun.—Bud 28:11; Néh 9:38; Why 5:1; 9:4.
-
Sékte.
Sakumpulan jalma nu nuturkeun hiji pangajaran atawa pamingpin, jeung boga kapercayaanana sorangan. Aya dua sékte utama agama Yahudi, nyaéta Farisi jeung Saduki. Agama Kristen gé disebut ”aliran”, ”sékte”, atawa ”aliran urang Nazarét” ku jalma-jalma nu lain Kristen, bisa jadi lantaran dianggap nyimpang tina agama Yahudi. Ka dieunakeun, di sidang jamaah Kristen gé aya sékte-sékte, misalna ”sékte Nikolaus” nu disebutkeun dina buku Wahyu.—Kis 5:17; 15:5; 24:5; 28:22; Why 2:6; 2Pét 2:1.
-
Sérafim.
-
Sétan.
-
Sela.
Istilah nu aya dina buku Jabur jeung Habakuk, nu dipaké dina musik, kawih, jeung bacaan. Katingalina, ieu istilah téh hartina eureun sakeudeung waktu ngawih, atawa waktu maén musik, atawa bisa jadi duanana. Tujuanana téh ngarah bisa ngalenyepan jeung paham kana parasaan nu geus diungkabkeun dina kawih atawa musik. Dina Septuaginta Yunani, ieu istilah téh ditarjamahkeun jadi diapsalma, nu hartina ”eureun sakeudeung waktu maén musik”.—Jab 3:4; Hab 3:3.
-
Selir.
Pamajikan kadua, biasana mah budak beulian awéwé.—Bud 21:8; 2Sam 5:13; 1Raj 11:3.
-
Si jahat.
-
Sidekah.
Bantuan pikeun nulungan jalma nu butuh. Kitab-Kitab Ibrani teu nyebutkeun langsung ngeunaan hal ieu, tapi dina Torét aya pituduh nu rinci ngeunaan tanggung jawab urang Israél pikeun ngabantu nu miskin.—Mat 6:2.
-
Sihir.
Ngagunakeun kakuatan nu asalna ti roh-roh jahat.—2Bab 33:6.
-
Siloka; Paribasa.
Ucapan nu bijaksana atawa carita singget nu aya palajaranana atawa bisa ngajelaskeun bebeneran nu jero maké saeutik kekecapan. Paribasa dina Alkitab bisa mangrupa tatarucingan atawa kekecapan nu kudu dipikirkeun hartina. Paribasa bisa ngajelaskeun bebeneran maké kekecapan nu narik ati, seringna mah ibarat. Aya paribasa nu sering dipaké pikeun ngaléléwé atawa ngahina sababaraha jalma.—Pan 12:9; 2Pét 2:22.
-
Simeut.
Salah sahiji serangga nu sok migrasi dina jumlah nu loba pisan. Nurutkeun Hukum Musa, simeut meunang didahar. Simeut nu loba pisan osok dianggap wabah lantaran ngagalaksak jeung ngadahar naon waé nu diliwatan.—Bud 10:14; Mat 3:4.
-
Siria; Urang Siria.—
Tingali ARAM, URANG; ARAM, BASA.
-
Sirtis.
-
Sistim.
Tina kecap Yunani aion, ngamaksudkeun kaayaan atawa kajadian dina hiji mangsa atawa jaman. Dina mangsa atawa jaman éta, aya ciri husus nu ngabédakeun ti mangsa atawa jaman séjén. Dina Alkitab, istilah ”sistim” ngamaksudkeun kaayaan dunya sacara umum sarta jalan hirup dunya ieu. (2Tim 4:10, cth.) Waktu perjangjian Torét dibikeun, Allah ngenalkeun sistim anyar nu disebut jamanna urang Israél atawa urang Yahudi. Waktu Isa Al-Masih jadi korban tebusan, Allah ngenalkeun deui sistim anyar séjénna, nu aya hubunganana jeung sidang jamaah ti urang Kristen nu dilantik ku kawasa suci. Ieu ngamimitian jaman nu anyar. Dina jaman éta, naon nu digambarkeun ku perjangjian Torét téh laksana. Lamun disebut ”sistim-sistim”, ieu ngamaksudkeun sagala sistim atawa kaayaan, nu geus aya atawa nu bakal aya.—Mat 24:3, cth.; Mar 4:19, cth.; Rm 12:2, cth.; 1Kor 10:11, cth.
-
Situ seuneu.
Ngalambangkeun tempat ”nu seuneuna ngagedur ku walirang”. Ieu gé ngamaksudkeun ”maot nu kadua”. Jalma nu teu daék tobat, Iblis, malahan maot sarta Kuburan (Hadés) dibalangkeun ka dinya. Mahluk roh, maot, jeung Hadés teu bisa diduruk ku seuneu. Jadi, éta situ téh ngan saukur lambang nu ngamaksudkeun kabinasaan salilana, lain siksaan abadi.—Why 19:20; 20:14, 15; 21:8.
-
Siwan.
-
Sorban.
Kaén nu dibeulitkeun kana sirah sarta dipaké jadi tutup sirah. Imam agung maké sorban tina linén lemes, sarta dina bagian hareupna aya pelat emas nu ditalian ku benang biru. Raja gé maké sorban handapeun makutana. Ayub maké ieu istilah waktu manéhna ngomong yén kaadilan téh kawas sorban.—Bud 28:36, 37; Ayb 29:14; Yéh 21:26.
-
Spiritisme.
Kapercayaan yén roh hiji jalma téh hirup kénéh sanggeus ragana maot. Manéhna gé bisa ngobrol jeung nu hirup, biasana liwat perantara (dukun) nu boga hubungan jeung roh-roh jahat. Kecap Yunani spiritisme téh nyaéta farmakia, nu hartina ”obat bius”. Ieu téh lantaran dina jaman baheula, obat bius sok dipaké waktu ménta tulung ka roh-roh jahat pikeun ngagunakeun sihir.—Gal 5:20, cth.; Why 21:8, cth.
-
Stoa.
Para ahli pilsapat Yunani. Maranéhna percaya yén lamun hayang bagja, hiji jalma hirupna kudu asup akal sarta sajalan jeung alam. Ceuk maranéhna mah jalma nu bener-bener bijaksana téh jalma nu teu kapangaruhan ku kanyeri atawa kasenangan.—Kis 17:18.
-
Suci.
Ieu téh sipat nu teu bisa dipisahkeun ti Yéhuwa. Suci téh hartina boga moral nu bersih jeung murni. (Bud 28:36; 1Sam 2:2; Sil 9:10; Yés 6:3) Lamun nu disebut suci téh manusa (Bud 19:6; 2Raj 4:9), sato (Bil 18:17), barang-barang (Bud 28:38; 30:25; Ima 27:14), tempat (Bud 3:5; Yés 27:13), waktu (Bud 16:23; Ima 25:12), jeung kagiatan (Bud 36:4), kecap aslina dina basa Ibrani boga harti dipisahkeun, dibaktikeun, atawa dihususkeun keur Allah nu suci sarta dipisahkeun pikeun ngalalayanan Yéhuwa. Dina Kitab-Kitab Yunani Kristen, kecap nu ditarjamahkeun jadi ”suci” bisa ngamaksudkeun laku lampah nu murni.—Mar 6:20; 2Kor 7:1; 1Pét 1:15, 16.
-
Sumpah.
Kekecapan nu neguhkeun yén hiji hal téh bener, atawa jangji nu enya-enya pikeun ngalampahkeun atawa teu ngalampahkeun hiji hal. Biasana mah jalma sumpah téh ka pribadi nu leuwih luhur, hususna ka Allah. Yéhuwa ngucapkeun sumpah pikeun neguhkeun perjangjiana-Na jeung Ibrahim.—Kaj 14:22; Ibr 6:16, 17.
-
Sunat.
Ngeureut kulit khitan alat kelamin lalaki. Ieu wajib dijalankeun ku Ibrahim jeung turunanana, tapi teu wajib keur urang Kristen. Dina sababaraha ayat, ieu istilah boga harti kiasan.—Kaj 17:10; 1Kor 7:19; Flp 3:3.
-
Sungkawa.
Parasaan sedih pisan lantaran aya nu maot atawa aya musibat. Dina jaman Alkitab, jalma biasana ngarasa sungkawa salila sababaraha waktu. Jalma-jalma careurik auk-aukan, maké baju husus, ngawurkeun lebu kana sirahna, nyoéhkeun papakéanana, jeung neunggeulan dada. Sakapeung, jalma-jalma nu dibayar pikeun nyeungceurikan sok diondang ka acara pamakaman.—Kaj 23:2; Ést 4:3; Why 21:4.
-
Superskripsi.
-
Syébat.
-
Syékel.
Ukuran beurat jeung mata uang nu dipaké ku urang Ibrani. Hiji syékel téh beuratna 11,4 g. Lamun disebutkeun ”nurutkeun patokan beurat di tempat suci” bisa jadi ngamaksudkeun ukuran beurat syékélna téh kudu percis atawa sarua siga ukuran beurat nu dipaké di tabernakel. Katingalina, aya ogé syékel karajaan (béda jeung syékel biasa) atawa ukuran beurat nu dipaké di istana karajaan.—Bud 30:13, cth.
-
Syéminit.
Istilah musik nu hartina ”kadalapan”, bisa jadi maksudna téh nada-nada nu leuwih rendah. Lamun ieu istilah dipaké pikeun alat musik, bisa jadi hartina alat musikna téh maké nada bas. Tapi lamun ieu istilah dipaké pikeun lagu, bisa jadi hartina iringan musikna sarta lagu nu dikawihkeunana kudu maké nada rendah.—1Bab 15:21; Jab 6:Sup; 12:Sup.
-
Syéol.
T
-
Tabernakel.
Kémah nu dipaké pikeun ibadah nu bisa dipundah-pindah, nu dipaké ku urang Israél sanggeus budal ti Mesir. Peti perjangjian diteundeun di jero éta kémah, sarta jadi lambang yén Yéhuwa téh aya di dinya. Éta kémah gé jadi tempat pikeun ngabaktikeun kurban waktu ibadah. Sakapeung, éta sok disebut ”kémah tepangan”. Éta dijieun tina rangka-rangka kai nu ditutup ku kaén linén nu geus disulam ku gambar kérub-kérub. Di jero kémah aya dua rohangan, nyaéta Rohangan Suci jeung Rohangan Mahasuci. (Yos 18:1; Bud 25:9)—Tingali Lamp. B5.
-
Talénta.
Ukuran beurat jeung nilai duit Ibrani nu panggedéna. Beuratna téh sarua jeung 34,2 kg. Ari talénta Yunani leuwih hampang, kira-kira 20,4 kg. (1Bab 22:14, cth.; Mat 18:24)—Tingali Lamp. B14.
-
Tamuz.
(1) Ngaran déwa nu diceungceurikan ku awéwé Ibrani nu murtad nu aya di Yérusalém. Aya anggapan Tamuz téh raja nu dijadikeun déwa sanggeus manéhna maot. Dina naskah urang Sumér, Tamuz disebut Dumuzi nu jadi pasanganana déwi kasuburan, nyaéta Inana (Istar sesembahan urang Babilonia). (Yéh 8:14) (2) Ngaran bulan kaopat dina kalénder agama Yahudi atawa bulan kasapuluh dina kalénder umum Yahudi. Ngaran ieu bulan téh dipaké sanggeus pangbuangan ti Babilon. Ieu dimimitian ti tengah bulan Juni nepi ka tengah bulan Juli.—Tingali Lamp. B15.
-
Tanda.
Barang, tindakan, kaayaan, atawa titingalian nu boga makna husus sarta pikeun nunjukkeun hiji hal, boh nu aya ayeuna boh nu aya dina mangsa ka hareup.—Kaj 9:12, 13; 2Raj 20:9; Mat 24:3; Why 1:1, cth.
-
Tanduk.
Ieu téh tanduk sato nu dipaké keur wadah nginum, wadah minyak, wadah tinta, jeung wadah kosmétik, sarta dipaké keur alat musik atawa alat keur méré tanda. (1Sam 16:1, 13; 1Raj 1:39; Yéh 9:2) ”Tanduk” sering dipaké keur ngalambangkeun kakuatan jeung kaunggulan.—Pam 33:17; Mi 4:13; Za 1:19.
-
Tanduk dina mézbah.
-
Tangkal kahirupan.
-
Tangkal pangarti ngeunaan nu hadé jeung nu goréng.
-
Tarompét.
Alat tiup nu dijieun tina logam, biasana dipaké keur méré tanda atawa maén musik. Dina Bilangan 10:2, Yéhuwa méré paréntah pikeun nyieun dua tarompét tina pérak nu bisa ngahasilkeun sora nu béda-béda, nyaéta sora pikeun ngumpulkeun jamaah Israél, ngabongkar kémah, sarta ngumumkeun perang. Katingalina ieu tarompét téh bentukna lempeng, béda jeung ”tarompét tanduk” nu bengkung nu dijieun tina tanduk sato. Di antara alat-alat musik di bait, aya tarompét nu bahanna teu disebutkeun tina naon. Pangumuman pangadilan ti Yéhuwa atawa kajadian-kajadian séjén nu asalna ti Allah saolah diiring ku sora tarompét.—2Bab 29:26; Ézr 3:10; 1Kor 15:52; Why 8:7–11:15.
-
Tartarus.
Dina Kitab-Kitab Yunani Kristen, ieu ngamaksudkeun kaayaan direndahkeun saperti dikurung di panjara. Malaikat-malaikat nu teu taat dina jaman Nuh saolah dibalangkeun ka dinya. Dina 2 Pétrus 2:4, kecap pagawéan tartaroo (”dibalangkeun ka Tartarus”) lain ngamaksudkeun yén ”para malaikat nu nyieun dosa” dibalangkeun ka tempat nu disebut Tartarus saperti kapercayaan urang kapir (nyaéta panjara di jero taneuh nu poék, tempat déwa-déwa nu kadudukanana leuwih rendah). Sabalikna, ieu hartina maranéhna direndahkeun ku Allah tina kadudukan maranéhna nu istiméwa di sorga, saolah maranéhna aya dina kaayaan nu poék mongkléng, teu bisa nempo tujuan Allah nu gumilang. Mangsa ka hareup maranéhna gé saolah poék, lantaran Kitab Suci nyebutkeun yén maranéhna bakal dibinasakeun bareng jeung pamingpin maranéhna, Sétan si Iblis. Jadi, Tartarus téh ngamaksudkeun kaayaan nu pangrendahna pikeun para malaikat nu barontak éta. Ieu béda jeung ”lombang nu kacida jerona” nu disebutkeun dina Wahyu 20:1-3.
-
Tébét.
-
Térafim.
Déwa atawa berhala kulawarga. Sakapeung, jalma-jalma ménta tanda ka térafim. (Yéh 21:21, cth.) Térafim téh aya nu bentuk jeung ukuranana sagedé jalma, tapi aya ogé nu leuwih leutik. (Kaj 31:34; 1Sam 19:13, 16, cth.) Hasil arkéologi nu kapanggih di Mésopotamia nunjukkeun yén saha waé nu boga patung térafim bakal narima warisan kulawarga. (Éta sababna Rakhél nyokot térafim bapana.) Tapi aturan éta teu dilarapkeun di Israél, sanajan dina jaman hakim-hakim jeung raja-raja aya nu nyembah térafim. Térafim téh kaasup ti barang-barang nu diancurkeun ku Raja Yosia nu satia.—Hak 17:5, cth.; 2Raj 23:24, cth.; Hos 3:4, cth.
-
Tebusan.
Harga nu dibayarkeun pikeun ngabébaskeun hiji jalma tina pangbudakan, hukuman, kasangsaraan, dosa, atawa kawajiban. Mayar tebusan téh can tangtu maké duit. (Yés 43:3) Tebusan dibutuhkeun dina rupa-rupa kaayaan. Misalna, sakabéh anak cikal lalaki ti manusa jeung sato téh milik Yéhuwa, jadi kudu ditebus supaya dibébaskeun tina palayanan di tempat suci. (Bil 3:45, 46; 18:15, 16) Lamun aya sapi jalu nu galak maéhan jalma lantaran teu dikandangan, nu bogana kudu mayar tebusan supaya manéhna teu dihukum pati sakumaha nu geus ditangtukeun ku hukum. (Bud 21:29, 30) Tapi, teu aya tebusan pikeun jalma nu ngahaja maéhan. (Bil 35:31) Dina Alkitab, tebusan nu pangpentingna téh tebusan nu dibayarkeun ku Al-Masih ku cara ngorbankeun nyawana. Ieu téh supaya manusa nu taat bisa bébas tina dosa jeung maot.—Jab 49:7, 8; Mat 20:28; Éf 1:7.
-
Tempat ibadah.
Asalna tina kecap Yunani synagoge, nu maksudna ”ngumpul; pakumpulan”. Dina kalolobaan ayat Alkitab, ieu ngamaksudkeun tempat urang Yahudi ngumpul pikeun maca Kitab Suci, narima pituduh, ngawawar, jeung ngadoa. Dina jaman Isa, unggal kota di Israél boga hiji tempat ibadah, tapi di kota-kota nu leuwih gedé aya sababaraha tempat ibadah.—Luk 4:16; Kis 13:14, 15.
-
Tempat pameresan anggur.
Biasana, ieu téh dua lombang gedé nu dijieun tina batu kapur, nu hiji leuwih luhur tibatan nu hiji deui, tuluy disambungkeun ku saluran leutik. Waktu anggur diperes dina lombang nu luhur, sarina nyurulung kana lombang nu handap. Ieu istilah gé bisa ngalambangkeun hukuman ti Allah.—Yés 5:2; Why 19:15.
-
Tempat pamujaan; Tempat nu luhur.
Tempat pikeun ibadah, biasana aya di puncak pasir, gunung, atawa dina hiji tempat nu diwangun ku manusa. Sakapeung tempat-tempat pamujaan téh dipaké pikeun ibadah ka Allah, tapi seringna mah dipaké pikeun ibadah ka déwa-déwa.—Bil 33:52; 1Raj 3:2; Yér 19:5.
-
Tempat suci.
Tempat nu dihususkeun keur ibadah. Seringna mah nu disebut tempat suci téh tabernakel atawa bait di Yérusalém. Ieu istilah gé bisa ngamaksudkeun tempat Allah di sorga.—Bud 25:8, 9; 2Raj 10:25; 1Bab 28:10; Why 11:19.
-
Tihang.
Ieu digunakeun ku sababaraha bangsa pikeun ngahukum pati jeung/atawa némbongkeun mayit jalma nu dihukum pikeun jadi tanda paringetan keur batur, atawa pikeun ngahina jalma nu dihukumna. Bangsa Asiria, nu kasohor kejem dina perang, maké tihang nu tungtungna seukeut jang nojos para tawanan ti beuteung nepi kana rongga dadana, tuluy éta tawanan diantep sina ngagantung dina tihangna. Ari dina hukum Yahudi mah jalma nu migawé kajahatan nu beurat, saperti ngahina Allah atawa nyembah berhala, dipaéhan heula ku cara dibalédogan ku batu atawa ku cara séjénna, tuluy mayitna digantung dina tihang atawa tatangkalan supaya jadi paringetan keur batur. (Pam 21:22, 23; 2Sam 21:6, 9) Sakapeung, bangsa Romawi ngan nalian nu dihukum dina tihang. Ku kituna, nu dihukum téh bakal maot dina sababaraha poé lantaran nyeri, haus, lapar, jeung kapanasan ku panonpoé. Dina sababaraha kajadian, saperti hukuman keur Isa, leungeun jeung suku nu dihukum téh dipakukeun kana tihang. (Luk 24:20; Yah 19:14-16; 20:25; Kis 2:23, 36)—Tingali TIHANG SIKSAAN.
-
Tihang berhala.
Kecap Ibrani (asherah) ngamaksudkeun (1) tihang berhala nu ngalambangkeun Asyéra, déwi kasuburan nu disembah ku urang Kanaan, atawa (2) patung Déwi Asyéra. Sabagian atawa sakabéh tihang dijieunna tina kai. Katingalina aya tihang berhala nu teu diukir, atawa malah aya nu mangrupa tangkal wungkul.—Pam 16:21; Hak 6:26; 1Raj 15:13.
-
Tihang siksaan.
Tina kecap Yunani stauros, nu hartina tihang nu ditangtungkeun, saperti nu dipaké pikeun maéhan Isa. Euweuh bukti yén kecap Yunani ieu téh hartina salib, sakumaha nu dipaké ku urang kapir pikeun lambang kaagamaan ratusan taun saacan aya Al-Masih. Istilah ”tihang siksaan” cocog jeung maksud kecap aslina, lantaran kecap stauros bisa ogé ngamaksudkeun siksaan, kasangsaraan, jeung hinaan nu bakal kaalaman ku murid-murid Isa. (Mat 16:24; Ibr 12:2)—Tingali TIHANG.
-
Tisri.—
-
Tobat.
-
Tongkat kakawasaan.
Tongkat nu dibawa ku pangawasa pikeun nandakeun wewenangna dina pamaréntahan.—Kaj 49:10; Ibr 1:8.
-
Tongkat pangangon.
Tongkat panjang nu tungtungna téh beusi méncos, nu dipaké ku patani pikeun ngagiring sato. Ieu tongkat ngalambangkeun naséhat ti jalma nu bijaksana nu ngageuing batur pikeun nuturkeun naséhatna nu bijaksana. Istilah ”nyépak tongkat” asalna tina sapi nu teu nurut sarta teterusan nyépak tongkat pangangon, nu matak éta sato jadi raheut.—Kis 26:14, cth.; Hak 3:31.
-
Tongkat paranti ngukur.
-
Tukang jaga.
Tugasna téh ngajaga jalma-jalma atawa harta banda ngarah tetep aman, biasana mah ngajagana peuting-peuting. Lamun aya bahaya, manéhna bakal méré tanda maké sora. Tukang jaga biasana cicingna di témbok kota jeung munara ngarah bisa merhatikeun ti kajauhan saha nu datang. Dina widang militér, tukang jaga sok disebut prajurit. Sacara kiasan para nabi gé disebut tukang jaga bangsa Israél, lantaran maranéhna ngélingan jalma-jalma ngeunaan kaancuran nu bakal datang.—2Raj 9:20; Yéh 3:17.
-
Tukang manggil arwah.
Jalma nu ngakuna bisa ngomong ka nu geus maot.—Ima 20:27; Pam 18:10-12; 2Raj 21:6.
-
Tukang nyieun gagarabah.
-
Tukang ramal.
Hiji jalma nu ngaku-ngaku bisa méré nyaho naon nu bakal kajadian dina mangsa ka hareup. Dina Alkitab, ieu istilah kaasup jalma nu maké élmu gaib, tukang manggil arwah, ahli béntang, jeung nu séjénna.—Ima 19:31; Pam 18:11; Kis 16:16.
-
Tungku; Pameuleuman.
Tempat paranti meuleum barang-barang tina logam atawa tina taneuh liket. Dina jaman Alkitab, tungku biasana dijieun tina batu bata atawa batu biasa.—Kaj 15:17; Dan 3:17; Why 9:2.
-
Turunan Harun.
Turunan ti Harun incu Léwi. Harun nu dipilih jadi imam agung nu mimiti sakumaha nu diatur dina Hukum Musa. Turunan Harun boga tugas jadi imam di tabernakel jeung bait.—1Bab 23:28.
-
Tutup dada.
Kaén nu dipasangan batu-batu permata nu dipaké ku imam agung waktu asup ka Rohangan Suci. Éta disebut ’tutup dada putusan hukum’ lantaran dina lipetanana aya Urim jeung Tumim, nu dipaké pikeun ménta putusan hukum ti Yéhuwa. (Bud 28:15-30)—Tingali Lamp. B5.
-
Tutup peti.
Ieu téh tutup peti perjangjian. Di hareupeun éta peti, imam agung ngéprétkeun getih kurban keur dosa dina Poé Pangampura Dosa. Istilah Ibranina asalna tina kecap pagawéan nu hartina ”nutupan (dosa)” atawa bisa jadi ”mupus (dosa)”. Ieu tutup dijieun tina emas, luhureunana téh aya dua kérub. Masing-masing kérub aya di tungtung tutupna. (Bud 25:17-22; 1Bab 28:11; Ibr 9:5)—Tingali Lamp. B5.
U
-
Undi.
Batu-batu leutik atawa potongan kai nu dipaké waktu rék nyieun putusan. Éta kabéh diteundeun dina lipetan pakéan atawa dina wadah tuluy dikocok. Undi nu kaluar atawa nu dicokot, éta nu dipilih. Ngundi téh biasana dibarengan ku doa.—Yos 14:2; Sil 16:33; Mat 27:35.
-
Upeti.
Bayaran nu dibikeun ku hiji nagri atawa pangawasa ka nagri atawa pangawasa séjén, éta jadi tanda yén nu méréna téh tunduk ka nu narima upeti. Upeti gé dibikeun pikeun ngajaga hubungan tetep rukun atawa pikeun ménta dilindungan. (2Raj 3:4; 18:14-16; 2Bab 17:11) Ieu istilah gé bisa ngamaksudkeun pajeg nu kudu dibayar ku hiji jalma.—Néh 5:4; Rm 13:7.
-
Urang Nazarét.
Sesebutan keur Isa lantaran asalna ti kota Nazarét. Ieu bisa jadi aya hubunganana jeung kecap Ibrani nu ditarjamahkeun jadi ”sirung” dina Yésaya 11:1. Ka dieunakeun, ieu sesebutan gé dipaké keur murid-muridna Isa.—Mat 2:23; Kis 24:5.
-
Urang Samaria.
Ieu istilah mimitina mah ngamaksudkeun urang Israél ti karajaan sapuluh kaom di kalér. Tapi sanggeus Samaria ditalukkeun ku bangsa Asiria taun 740 SM, bangsa asing nu dibawa ku bangsa Asiria ka dinya gé disebut urang Samaria. Dina jaman Isa, urang Samaria teu ngamaksudkeun suku bangsa atawa wilayah Samaria, tapi ngamaksudkeun sékte agama nu aya di wilayah Syikhém jeung Samaria jaman baheula. Kapercayaan sékte ieu teu sarua jeung kapercayaan agama Yahudi (Yudaisme).—Yah 8:48.
-
Urang Yahudi.
Sesebutan keur jalma ti kaom Yéhuda sanggeus runtuhna karajaan Israél sapuluh kaom. (2Raj 16:6) Sanggeus kaluar ti pangbuangan di Babilon, ieu sesebutan dipaké keur kabéh kaom Israél nu balik deui ka Israél. (Ézr 4:12) Ka dieunakeun, ieu dipaké keur ngabédakeun urang Israél ti bangsa séjén. (Ést 3:6) Ieu istilah gé dipaké ku Rasul Paulus pikeun ngajelaskeun yén urang Yahudi jeung nu lain Yahudi di sidang jamaah Kristen mah euweuh bédana.—Rm 2:28, 29; Gal 3:28.
-
Urim jeung Tumim.
Barang nu dipakéna téh kawas undi. Waktu aya pananya-pananya penting ti bangsa Israél sarta butuh jawaban ti Yéhuwa, imam agung maké Urim jeung Tumim supaya nyaho kana kahayang Allah. Urim jeung Tumim diasupkeun ka jero tutup dada imam agung waktu manéhna asup ka tabernakel. Katingalina, waktu Yérusalém diancurkeun ku Babilon, Urim jeung Tumim teu dipaké deui.—Bud 28:30; Néh 7:65.
W
-
Wabah panyakit.
Panyakit nu gancang pisan népana, nu bisa jadi épidémi sarta nyababkeun jalma paéh. Wabah panyakit sering aya hubunganana jeung hukuman ti Allah.—Bil 14:12; Yéh 38:22, 23; Am 4:10.
-
Wadah sumbu.
Wadah tina emas, pérak, atawa tambaga. Ieu dipaké di tabernakel jeung bait pikeun meuleum dupa, mindahkeun areng tina mézbah kurban, jeung mindahkeun sumbu nu geus kaduruk tina wadah lampu emas. Wadah ieu gé sok disebut wadah dupa.—Bud 37:23; 2Bab 26:19; Ibr 9:4.
-
Wadi.
Lebak atawa dasar walungan nu biasana mah garing, kajaba usum hujan. Ieu kecap gé bisa ngamaksudkeun walungan. Sababaraha walungan sumber caina téh cinyusu, jadi sapanjang taun aya caina. Dina sababaraha kontéks, wadi téh ngamaksudkeun ”lebak”.—Kaj 26:19, cth.; Bil 34:5; Pam 8:7, cth.; 1Raj 18:5, cth.; Ayb 6:15.
-
Warta hadé.
-
Welas asih nu taya bandingna.
Tina kecap Yunani nu makna utamana téh hiji hal nu nyenangkeun jeung pikaresepeun. Ieu kecap sering ngamaksudkeun hadiah nu dibikeun lantaran welas asih. Lamun nu disebutkeun téh welas asih nu taya bandingna ti Allah, ieu ngamaksudkeun kurnia ti Allah nu béréhan, nu teu ngarepkeun balesan. Ieu nunjukkeun yén Allah téh méréna teu asa-asa. Salian ti éta, ieu nunjukkeun kanyaah jeung kahadéana-Na nu gedé ka manusa. Kecap Yunani ieu gé osok ditarjamahkeun jadi ”kahadéan” jeung ”sumbangan sukaréla”. Ieu dibikeun lain lantaran nu narimana layak dibéré imbalan, tapi lantaran nu méréna béréhan.—2Kor 6:1; Éf 1:7.
Y
-
Yakub.
Anakna Ishak jeung Ribka. Ka dieunakeun, manéhna dingaranan Israél ku Allah, tuluy jadi karuhunna bangsa Israél (nu disebut ogé urang Israél, ka dieunakeun, disebut urang Yahudi). Manéhna boga 12 budak lalaki, tuluy barudakna jeung turunanana jadi 12 kaom bangsa Israél. Ngaran Yakub terus dipaké pikeun nyebutkeun bangsa atawa urang Israél.—Kaj 32:28; Mat 22:32.
-
Yédutun.
Istilah nu teu bisa dipastikeun naon hartina, aya dina superskripsi Jabur 39, 62, jeung 77. Ieu istilah téh katingalina ngamaksudkeun pituduh ngeunaan gaya musik atawa alat musik nu kudu dipaké pikeun ngawihkeun atawa ngiring éta jabur. Aya tukang maén musik turunan Léwi nu ngaranna Yédutun, jadi katingalina gaya musik jeung alat musik nu dipaké téh aya hubunganana jeung manéhna atawa anak-anakna.
-
Yéhuda.
Anak lalaki Yakub nu kaopat ti Léa. Saacan maot, Yakub ngabéjaan ramalan yén ti turunan Yéhuda bakal aya pangawasa nu agung jeung bakal ngawasa salilana. Basa jadi manusa, Isa téh turunan Yéhuda. Ngaran Yéhuda gé dijadikeun ngaran kaom, ka dieunakeun dijadikeun ngaran karajaan. Karajaan Yéhuda disebut karajaan beulah kidul, nu eusina téh dua kaom Israél, nyaéta Yéhuda jeung Bényamin, sarta para imam jeung urang Léwi. Wilayah karajaanana aya di beulah kidul, kaasup Yérusalém jeung bait.—Kaj 29:35; 49:10; 1Raj 4:20; Ibr 7:14.
-
Yéhuwa.
-
Yobél.
Unggal taun ka-50, diitung ti saprak urang Israél asup ka Nagri nu Dijangjikeun. Dina taun Yobél, lahan teu meunang dipelak, urang Ibrani nu jadi budak beulian kudu dibébaskeun, sarta tanah warisan nu geus dijual kudu dipulangkeun. Taun Yobél téh bisa disebut taun perayaan atawa taun kabébasan, sabab dina taun éta kaayaan urang Israél téh kawas kaayaan nu mimiti, waktu Allah ngajadikeun maranéhna sabagé hiji bangsa.—Ima 25:10.
-
Yunani.
Basa nu dipaké ku urang Yunani. Bisa ogé maksudna jalma nu dilahirkeun di Yunani atawa jalma nu kulawargana asalna ti ditu. Dina Kitab-Kitab Yunani Kristen, hartina lain éta wungkul. Ieu bisa ngamaksudkeun kabéh jalma nu lain urang Yahudi atawa jalma-jalma nu kapangaruhan ku basa jeung budaya Yunani.—Yl 3:6; Yah 12:20.
Z
-
Zéus.
Déwa nu kadudukanana pangluhurna di antara déwa-déwa nu disembah ku urang Yunani. Di Listra, Barnabas pernah disangka Zéus. Tulisan kuno nu kapanggih di deukeut Listra nyebutkeun ngeunaan ”imam-imam Zéus” jeung ”Zéus déwa panonpoé”. Kapal nu ditumpakan ku Paulus ti Pulo Malta aya lambang ”Putra-Putra Zéus”, nyaéta anak kembar nu ngaranna Kastor jeung Poluks.—Kis 14:12; 28:11.
-
Zion; Gunung Zion.
Ngaran kota urang Yébus nu dibénténgan di pasir beulah kidul-wétan Yérusalém. Sanggeus Daud nalukkeun éta kota, manéhna ngawangun istana di dinya, geus kitu éta kota disebut ”Kota Daud”. (2Sam 5:7, 9) Zion jadi gunung nu suci keur Yéhuwa waktu Daud mindahkeun Peti Perjangjian ka dinya. Ka dieunakeun, nu kaasup Zion gé nyaéta bait di daérah Gunung Moria, jeung sakapeung ngamaksudkeun sakabéh kota Yérusalém. Dina Kitab-Kitab Yunani Kristen, Zion sok digunakeun pikeun kiasan.—Jab 2:6; 1Pét 2:6; Why 14:1.
-
Ziw.
Ngaran bulan kadua dina kalénder agama Yahudi atawa bulan kadalapan dina kalénder umum Yahudi. Ieu dimimitian ti tengah bulan April nepi ka tengah bulan Méi. Éta bulan dingaranan Iyar dina Talmud (catetan ngeunaan hukum Yahudi) sarta tulisan-tulisan séjén nu dijieun sanggeus pangbuangan ti Babilon. (1Raj 6:37)—Tingali Lamp. B15.

