Keur Urang Ibrani 13:1-25
13 Aranjeun kudu terus silih pikanyaah kawas ka kulawarga sorangan.+
2 Ulah poho aranjeun kudu béréhan,*+ sabab aya nu ngalampahkeun éta ka sémahna, sihoréng sémahna téh malaikat.+
3 Sing inget ka dulur-dulur nu keur dipanjarakeun,+ saolah aranjeun keur dipanjarakeun bareng jeung maranéhna.+ Sing inget ogé ka nu keur dikaniaya, saolah aranjeun milu sangsara jeung maranéhna.*
4 Perkawinan kudu dihormat ku kabéh jalma. Salaki pamajikan kudu satia,+ sabab Allah bakal ngahakiman jalma nu lampahna cabul* sarta nu jinah.+
5 Aranjeun ulah mata duitan,+ kudu ngarasa cukup ka nu geus aya,+ sabab saur Allah, ”Manéh moal ditinggalkeun ku Kuring, moal diculkeun ku Kuring.”+
6 Jadi, urang bisa bener-bener yakin ngomong kieu, ”Yéhuwa* téh panulung abdi, abdi moal sieun. Rék bisa kumaha manusa ka abdi?”+
7 Sing inget ka jalma-jalma nu mingpin* aranjeun,+ nu geus ngajarkeun firman Allah ka aranjeun. Bari merhatikeun hasil tina laku lampah maranéhna, pék conto iman maranéhna.+
8 Isa Al-Masih teu barobah, ti baheula, ayeuna, nepi ka salilana.
9 Ulah kasasabkeun ku rupa-rupa pangajaran nu béda ti nu geus ditarima ku urang, sabab leuwih hadé lamun haté aranjeun dikuatkeun ku welas asih nu taya bandingna* tibatan ku dahareun,* da jalma-jalma nu terus mikirkeun dahareun gé teu meunang mangpaat.+
10 Urang boga mézbah. Naon nu aya dina éta mézbah teu meunang didahar ku jalma-jalma anu ngalaksanakeun palayanan suci di kémah.+
11 Awak sato kurban dibeuleum di luar pakémahan, ari getihna mah dibawa ku imam agung ka Rohangan Mahasuci pikeun jadi kurban pangampura dosa.+
12 Nya kitu ogé, Isa ngalaman sangsara di luareun kota+ pikeun nyucikeun jalma-jalma ku getihna sorangan.+
13 Jadi, hayu urang indit ka anjeunna di luar pakémahan, supaya urang gé dihina siga anjeunna,+
14 da di dieu mah urang teu boga kota nu langgeng. Nu diarep-arep ku urang mah kota nu bakal aya dina mangsa ka hareup.+
15 Ku jalan anjeunna, hayu urang terus ngabaktikeun kurban pujian ka Allah,+ nyaéta ngagunakeun biwir+ urang pikeun nguarkeun nami Anjeunna ka jalma-jalma.+
16 Salian ti éta, ulah poho nyieun kahadéan jeung babagi ka batur,+ da Allah resep kana kurban-kurban nu siga kitu.+
17 Sing taat jeung tunduk+ ka jalma-jalma nu mingpin* aranjeun,+ sabab maranéhna téh ngajaga aranjeun sarta bakal tanggung jawab ka Allah.+ Ku kituna, maranéhna ngajalankeun tugasna téh bari suka bungah, henteu bari kukulutus, da mun bari kukulutus mah aranjeun kénéh nu rugi.
18 Pék terus doakeun abdi sadaya, da abdi sadaya yakin boga haté sanubari nu bersih.* Abdi sadaya gé hayang jujur dina sagala hal.+
19 Tapi utamana, kuring ménta aranjeun ngadoakeun kuring ngarah bisa gancang datang ka aranjeun.
20 Mugia Allah katengtreman, nu ngahirupkeun deui pangangon agung urang,+ nyaéta Juragan Isa nu getihna ngukuhkeun perjangjian abadi,
21 masihan hal-hal hadé nu dibutuhkeun ku aranjeun pikeun ngalampahkeun kahoyong Anjeunna. Ku jalan Isa Al-Masih, Allah gé ngajurung urang pikeun ngalampahkeun hal-hal nu nyenangkeun Anjeunna. Mugia Allah dimulyakeun salalanggengna. Amin.
22 Dulur-dulur, kuring ménta supaya aranjeun sabar ngadéngékeun kekecapan anu nguatkeun ieu, sabab kuring geus nulis surat nu pondok keur aranjeun.
23 Kuring rék méré nyaho yén Timotius dulur urang geus dibébaskeun. Lamun manéhna gancang datang ka dieu, kuring bakal bareng jeung manéhna indit ka aranjeun.
24 Salam ti kuring keur kabéh nu mingpin* aranjeun sarta keur kabéh jalma suci.* Dulur-dulur di Italia+ nitip salam keur aranjeun.
25 Mugia aranjeun kabéh disarengan ku welas asih Allah nu taya bandingna.
Catetan Tambihan
^ Atawa ”akuan ka batur”.
^ As. ”da aranjeun masih kénéh aya dina awak jasmani”.
^ Tingali ”Lampah cabul” dina Daptar Istilah.
^ Atawa ”nu ngabingbing”.
^ Maksudna, aturan-aturan ngeunaan dahareun.
^ Tingali Daptar Istilah.
^ Atawa ”nu ngabingbing”.
^ Atawa ”jujur”.
^ Atawa ”nu ngabingbing”.
^ Tingali Daptar Istilah.

