PANANYA 9
Ku Naon Manusa téh Hirupna Susah?
”Nu gancang tara salawasna meunang balap, nu kuat tara salawasna unggul perang, nu bijaksana tara salawasna boga dahareun, nu pinter tara salawasna beunghar, jeung nu boga kanyaho tara salawasna jaya, sabab kajadian nu teu disangka-sangka ninggang kabéhanana dina waktu nu teu disangka-sangka ogé.”
”Dosa asup ka dunya ku lantaran jelema saurang. Éta dosa mawa maot, ku kituna maot nyebar ka sakabéh manusa sabab kabéhanana geus nyieun dosa.”
”Putra Allah datang téh pikeun ngancurkeun pagawéan-pagawéan Iblis.”
”Sakuliah dunya dikawasaan ku si jahat.”

