A1
Prinsip Narjamahkeun Alkitab
Alkitab téh mimitina ditulis dina basa Ibrani, Aram, jeung Yunani kuno. Tapi ayeuna, Alkitab téh aya dina leuwih ti 3.000 basa, boh nu geus lengkep boh nu kakara sawaréh. Kalolobaan jalma nu maca Alkitab teu ngarti kana basa aslina, jadi maranéhna kudu maca Alkitab nu geus ditarjamahkeun. Naon waé prinsip nu dipaké waktu narjamahkeun Alkitab? Kumaha Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar nuturkeun prinsip-prinsip éta?
Aya nu nyimpulkeun supaya makna tarjamahan Alkitab bisa sarua jeung aslina, cara narjamahkeunana téh kudu kecap per kecap. Tapi sabenerna teu bisa kitu. Perhatikeun sababaraha alesan ieu:
-
Euweuh basa nu tata basana, kekecapanana, sarta cara nyusun kalimahna sarua percis jeung basa séjénna. Propésor basa Ibrani, S. R. Driver, nulis yén ”salian ti boga tata basa jeung asal-usul nu béda, unggal basa téh . . . cara nepikeun pamikiranana dina kalimah gé béda”. Lamun basana béda, pola pikirna gé béda. Propésor Driver neruskeun omonganana, ”Éta sababna, susunan kalimah unggal basa téh teu sarua.”
-
Basa-basa jaman kiwari téh teu boga kekecapan sarta tata basa nu sarua percis jeung basa Ibrani, Aram, jeung Yunani nu dipaké dina Alkitab. Jadi, lamun narjamahkeunana kecap per kecap, tarjamahanana bakal hésé dipikaharti atawa malahan bisa salah harti.
-
Harti hiji kecap atawa istilah téh bisa béda-béda, gumantung kana kontéksna.
Sanajan sababaraha ayat bisa ditarjamahkeun sacara harfiah, panarjamah kudu ati-ati pisan.
Ieu conto tarjamahan kecap per kecap nu bisa salah harti:
-
Kecap ”saré” dina Alkitab bisa boga harti saré enyaan, tapi bisa ogé ngamaksudkeun maot. (Matius 28:13; Yahya 11:11) Lamun nu dimaksud ku éta kecap téh maot, panarjamah Alkitab bisa langsung narjamahkeun jadi ”maot”, supaya nu maca teu bingung.—1 Korintus 7:39; 1 Tésalonika 4:13; 2 Pétrus 3:4.
-
Dina Éfésus 4:14, Rasul Paulus ngagunakeun hiji istilah kuno. Lamun ditarjamahkeun sacara harfiah, éta istilah téh jadi ”jalma nu ngulinkeun dadu”. Éta téh ngamaksudkeun jalma nu nipu batur ku cara ngulinkeun dadu. Tapi, lamun ditarjamahkeun sacara harfiah ka basa-basa séjén mah loba nu teu ngartieun. Jadi supaya leuwih jelas, éta istilah ditarjamahkeun jadi ”jalma nu sok nipu”.
-
Dina Roma 12:11, aya istilah Yunani nu dipaké. Lamun éta istilah ditarjamahkeun sacara harfiah, éta istilah téh jadi ”sumanget nu ngagolak”. Dina basa Sunda, éta istilah teu bisa nepikeun maksud basa aslina, ku kituna ditarjamahkeunana jadi ”sarumanget ku bantuan kawasa suci”.
-
Tarjamahan kecap per kecapna: ”anu ngarasa jiwana miskin”
Hartina: ”nu ngarasa perlu dibingbing ku Allah”
Waktu nepikeun Hutbah di Gunung, Isa ngagunakeun hiji istilah. Tarjamahan kecap per kecapna téh nyaéta, ”Bagja jelema anu ngarasa jiwana miskin.” (Matius 5:3, KITAB SUCI © LAI 1991) Tapi, lamun ditarjamahkeun ka basa-basa séjén sacara harfiah, hartina jadi teu jelas. Malahan, istilah ”anu ngarasa jiwana miskin” disangkana ngamaksudkeun jelema nu boga gangguan méntal, teu sumanget, jeung gampang nyerah. Tapi, sabenerna Isa hayang ngajarkeun yén jalma-jalma bisa bagja lamun maranéhna sadar perluna dibingbing ku Allah, lain ngan saukur minuhan pangabutuh sapopoé wungkul. (Lukas 6:20) Jadi, supaya bisa nepikeun harti tina basa aslina, tarjamahan nu leuwih cocog téh nyaéta ”nu ngarasa perlu dibingbing ku Allah” atawa ’anu ngaharep kana pitulung sarta pituduh Allah’.—Matius 5:3; Alkitab Bahasa Sunda Edisi Formal 1997 [SF].
-
Kecap Ibrani qinah seringna ngamaksudkeun parasaan négatif, nyaéta timburu atawa sirik. (Siloka 6:34; Yésaya 11:13) Tapi sabenerna dina basa Ibrani, éta kecap ogé bisa ngamaksudkeun parasaan positif. Misalna, éta kecap bisa ngamaksudkeun ”sumanget”, nyaéta sumanget Yéhuwa pikeun ngabéla umat-Na. Éta gé bisa ngamaksudkeun paménta Yéhuwa pikeun ’nyembah ngan ka Anjeunna wungkul’. (Budalan 34:14; 2 Raja 19:31; Yéhézkiél 5:13; Zakharia 8:2) Éta kecap gé bisa ngamaksudkeun ”sumanget” nu ditémbongkeun ku hamba-hamba Allah ka Anjeunna sarta kana ibadah sajati, atawa tékad maranéhna nu moal ngantep ”waktu aya nu teu satia” ka Anjeunna.—Jabur 69:9; 119:139; Bilangan 25:11.
-
Kecap Ibrani yadh sok ditarjamahkeun jadi ”leungeun”, tapi bisa ogé jadi ”kakuatan”, ”kawasa”, ”béréhan”, atawa kecap séjénna, gumantung kontéksna
Kecap Ibrani nu ngamaksudkeun leungeun manusa bisa boga loba harti, misalna ”kakuatan”, ”kawasa”, atawa ”béréhan”, gumantung kontéksna. (Pamindo 32:27; 2 Samuél 8:3; 1 Raja 10:13) Malahan, dina Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar basa Inggris, ieu kecap ditarjamahkeun jadi leuwih ti 40 kecap.
Ku kituna, narjamahkeun Alkitab téh teu ngan saukur narjamahkeun hiji kecap dina basa aslina ku kecap nu sarua terus. Jadi, panarjamah kudu nimbang-nimbang kecap naon nu rék dipilih supaya bisa nepikeun makna nu sarua jeung basa aslina. Salian ti éta, kalimah nu ditarjamahkeun gé kudu disusun nuturkeun tata basa supaya gampang dibaca.
Tapi, panarjamah gé teu meunang sangeunahna. Panarjamah nu bébas teuing bisa waé nepikeun pamikiranana sorangan, nu matak harti nu ditepikeun téh jadi méngpar tina aslina. Ku naon? Panarjamah bisa waé teu kahaja ngasupkeun pangartina sorangan ngeunaan harti téks aslina atawa ngaleungitkeun rincian-rincian penting nu aya dina téks aslina. Lamun narjamahkeunana bébas teuing, mémang bisa leuwih genah dibacana, tapi nu dimaksud dina basa aslina téh bisa jadi moal nepi ka nu maca.
Panarjamah gé bisa kapangaruhan ku pangajaran agama. Misalna, Matius 7:13 nyebutkeun, ”Jalan nu lega mah brasna kana kabinasaan.” Ku lantaran kapangaruhan ku pangajaran agama, sababaraha panarjamah narjamahkeunana jadi ”naraka”, padahal nu dimaksud ku basa Yunani téh ”kabinasaan”.
Panarjamah gé perlu sadar yén Alkitab téh ditulis dina basa sapopoé nu dipaké ku jalma réa, saperti patani, pangangon, jeung nalayan. (Néhémia 8:8, 12; Kisah 4:13) Jadi, tarjamahan Alkitab nu alus téh bisa kaharti ku jalma-jalma nu hayang nyaho kana bebeneran, teu sual kasang tukang maranéhna. Ku kituna, leuwih cocog maké kekecapan nu jelas, umum, sarta gampang dipikaharti, tibatan maké istilah nu jarang dipaké ku jalma biasa.
Dina kalolobaan tarjamahan nu aya ayeuna, nami Allah, nyaéta Yéhuwa, sangeunahna dipupus ku loba panarjamah Alkitab. Padahal, sabenerna éta nami téh aya dina naskah Alkitab kuno. (Tingali Lampiran A4.) Loba tarjamahan nu ngaganti éta nami ku gelaran, saperti ”Gusti Pangéran”. Malahan aya nu ngahaja nyumputkeun bukti yén Allah téh boga nami, jadi jalma-jalma teu engeuh yén Allah téh boga nami. Misalna, dina sababaraha tarjamahan, doa Isa nu dicatet dina Yahya 17:26 téh ditarjamahkeun jadi, ”Ama ku Abdi parantos dikenalkeun ka maranehna,” sarta Yahya 17:6 téh ditarjamahkeun jadi, ”Ama ku Abdi parantos diutarakeun ka jalmi-jalmi di dunya, anu ku Ama dipasihkeun ka Abdi.” Tapi, tarjamahan nu bener ngeunaan doa Isa téh nyaéta, ”Nami Bapa ku abdi tos dikenalkeun ka maranéhna,” sarta, ”Abdi tos nganyatakeun nami Bapa ka jalma-jalma nu dipasrahkeun ku Bapa ti ieu dunya.”
Dina panganteur Tarjamahan Dunya Anyar basa Inggris édisi nu pangmimitina disebutkeun, ”Kitab Suci nu ditarjamahkeun ku abdi sadaya téh lain tarjamahan bébas. Abdi sadaya sabisa-bisa narjamahkeun sacara harfiah, lamun éta masih cocog jeung istilah basa Inggris nu dipaké ayeuna sarta teu méngpar tina makna nu sabenerna.” Jadi, Panitia Panarjamahan Alkitab Dunya Anyar ngupayakeun pikeun saimbang. Maranéhna ngagunakeun kekecapan sarta istilah nu mirip jeung basa aslina, tapi teu ngagunakeun kekecapan nu teu umum atawa kekecapan nu méngpar tina harti aslina. Hasilna, éta Alkitab téh leuwih genah dibacana, sarta nu maca gé bisa bener-bener yakin yén eusi firman Allah nu aya dina ieu Alkitab téh bener.—1 Tésalonika 2:13.

