B1
Warta Utama Alkitab
Allah Yéhuwa boga hak pikeun maréntah. Cara Anjeunna maréntah téh nu panghadéna. Rencana-Na keur bumi jeung manusa bakal laksana.
|
Sanggeus 4026 SM ”Oray”, atawa Sétan, cangcaya kana hak Yéhuwa pikeun maréntah sarta kana cara Anjeunna maréntah. Yéhuwa jangji bakal aya ”turunan” nu ngaremukkeun éta oray. (Kajadian 3:1-5, 15) Tapi keur sawatara waktu, Yéhuwa ngidinan manusa maréntah manusa séjénna sarta dipangaruhan ku éta oray. |
|
1943 SM Yéhuwa ngabéjaan Ibrahim yén éta ”turunan” téh asalna bakal ti turunan manéhna.—Kajadian 22:18. |
|
Sanggeus 1070 SM Yéhuwa jangji ka Raja Daud jeung Sulaéman yén éta ”turunan” téh asalna bakal ti turunan maranéhna.—2 Samuél 7:12, 16; 1 Raja 9:3-5; Yésaya 9:6, 7. |
|
29 M Yéhuwa ngungkabkeun yén Isa téh ”turunan” nu dijangjikeun éta sarta Ahli Waris tahta Daud. —Galatia 3:16; Lukas 1:31-33; 3:21, 22. |
|
33 M Oray, atawa Sétan, ngaremukkeun éta ”turunan” pikeun saheulaanan, nyaéta ku cara maéhan Isa. Tapi, Isa dihirupkeun deui ku Yéhuwa pikeun hirup di sorga. Kahirupan Isa nu sampurna sabagé tebusan ditarima ku Yéhuwa. Ku kituna, dosa bisa dihampura sarta turunan Adam bisa narima hirup langgeng.—Kajadian 3:15; Kisah 2:32-36; 1 Korintus 15:21, 22. |
|
Kira-kira 1914 M Sétan ku Isa dibalangkeun ka bumi. Keur sawatara waktu, manéhna teu bisa kumaha-kumaha.—Wahyu 12:7-9, 12. |
|
Mangsa ka hareup Sétan bakal dikurung ku Isa salila 1.000 taun. Tuluy manéhna bakal dimusnakeun ku Isa, jadi ramalan ngeunaan huluna diremukkeun téh kajadian. Rencana Yéhuwa nu mimiti keur bumi sarta manusa bakal laksana, nami-Na bakal disucikeun, jeung bakal kabukti cara Allah pikeun maréntah téh nu panghadéna.—Wahyu 20:1-3, 10; 21:3, 4. |

