Sunda
Naha Enya Allah nu Ngalantarankeun Manusa Sangsara?
https://cms-imgp.jw-cdn.org/img/p/1001061100/univ/wpub/1001061100_univ_sqr_xl.jpg
nwt kaca 18

PANANYA 8

Naha Enya Allah nu Ngalantarankeun Manusa Sangsara?

”Moal mungkin Allah nu sajati ngalampahkeun nu jahat, moal mungkin Nu Mahakawasa ngalampahkeun nu salah.”

Ayub 34:10

”Waktu meunang cocoba, ulah ngomong, ’Ieu cocoba ti Allah,’ sabab Allah mah moal beunang didoja ku nu jahat sarta tara méré cocoba ka saha waé.”

Yakobus 1:13

”Pasrahkeun sakabéh kahariwang aranjeun ka Anjeunna, lantaran Anjeunna merhatikeun aranjeun.”

1 Pétrus 5:7

”Yéhuwa mah tara ngaengké-engké ngalaksanakeun jangji-Na sakumaha anggapan sababaraha jalma. Sabalikna, Anjeunna téh sabar ka aranjeun sabab Anjeunna teu hayang saurang-urang acan dibinasakeun, tapi hayang kabéhanana tobat.”

2 Pétrus 3:9