Panganteur
Alkitab téh eusina kekecapan Allah keur urang sadaya. Jadi, supaya kenal ka Nu Ngarang Alkitab, urang kudu diajar eusina. (Yahya 17:3; 2 Timotius 3:16) Dina Alkitab, Yéhuwa nerangkeun tujuana-Na ngeunaan manusa sarta ieu bumi.—Kajadian 3:15; Wahyu 21:3, 4.
Teu aya buku séjén salian ti Alkitab nu pangaruhna gedé kana kahirupan manusa. Tina Alkitab, urang bisa nyonto sipat-sipat Yéhuwa saperti kanyaah, welas asih, jeung karunyaan. Tina Alkitab, jalma-jalma jadi nyaho kana harepan ti Allah. Ku kituna, maranéhna bisa tetep tabah sanajan nyanghareupan kasusah nu kacida. Tina Alkitab gé urang jadi nyaho hal naon waé nu aya di ieu dunya nu teu sajalan jeung kahoyong Allah nu sampurna.—Jabur 119:105; Ibrani 4:12; 1 Yahya 2:15-17.
Mimitina Alkitab téh ditulis dina basa Ibrani, Aram, jeung Yunani. Ayeuna, Alkitab geus ditarjamahkeun kana leuwih ti 3.000 basa, boh lengkep boh sabagian. Sapanjang sajarah, ieu téh buku nu panglobana ditarjamahkeun jeung disebarkeun. Sabenerna éta téh sajalan jeung ramalan Alkitab ieu, ”Warta hadé ngeunaan Pamaréntahan Allah [warta utama dina Alkitab] bakal diuarkeun ka sakuliah dunya supaya kadéngé ku kabéh bangsa, geus kitu kakara ahir éta datang.”—Matius 24:14.
Warta tina Alkitab téh penting pisan. Jadi, tujuan urang narjamahkeun teu ngan saukur ngahasilkeun tarjamahan nu bisa nepikeun makna téks aslina, tapi ogé tarjamahan nu jelas jeung genah dibaca. Dina Lampiran, aya bagian ”Prinsip Narjamahkeun Alkitab”, ”Nu Aya dina Ieu Tarjamahan”, jeung ”Carana Alkitab Bisa Aya Nepi ka Ayeuna”, nu ngajelaskeun prinsip-prinsip nu dipaké waktu narjamahkeun sarta naon waé nu aya dina ieu tarjamahan.
Jalma-jalma nu nyaah ka Allah Yéhuwa sarta nyembah ka Anjeunna pasti hayang boga tarjamahan Firman Allah nu akurat jeung gampang kaharti. (1 Timotius 2:4) Éta sababna aya édisi ieu dina basa Sunda. Ieu téh sajalan jeung tékad abdi sadaya pikeun narjamahkeun Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar ka loba basa. Jadi, abdi sadaya ngadoakeun mugia Kitab Suci ieu téh méré mangpaat nu gedé ka aranjeun nu maca, nu sumanget ’néangan Allah nu pasti kapanggih’.—Kisah 17:27.
Panitia Panarjamahan Kitab Suci Dunya Anyar
Agustus 2013

