A3
Carana Alkitab Bisa Aya Nepi ka Ayeuna
Allah téh Nu Ngarang Alkitab, sarta Anjeunna nu ngajaga Alkitab supaya bisa tetep aya nepi ka ayeuna. Anjeunna nu méré ilham supaya ieu kekecapan dicatet:
”Firman Allah urang mah aya keur salalanggengna.”—Yésaya 40:8.
Éta kekecapan téh kabukti bener sanajan naskah asli Kitab-Kitab Ibrani jeung Aram a sarta naskah asli Kitab-Kitab Yunani Kristen téh ayeuna geus euweuh. Jadi, naon buktina eusi Alkitab nu ayeuna téh sarua jeung tulisan aslina nu diilhamkeun ku Allah?
FIRMAN ALLAH TETEP AYA KU LANTARAN AYA TUKANG NYALIN
Urang bisa yakin yén Kitab-Kitab Ibrani nu ayeuna sarua jeung tulisan aslina, sabab baheula Allah méré paréntah supaya eusi kitab-kitab téh disalin. b Misalna, Yéhuwa nitah raja-raja Israél pikeun nyalin Torét. (Pamindo 17:18) Allah gé nitah urang Léwi pikeun ngajaga Torét sarta ngajarkeunana ka urang Israél. (Pamindo 31:26; Néhémia 8:7) Ti saprak urang Yahudi diboyong ka Babilon, aya beuki loba tukang nyalin, atawa jurutulis (Soférim). (Ézra 7:6, catetan handap) Maranéhna nyieun loba salinan tina 39 buku nu aya dina Kitab-Kitab Ibrani.
Salila mangabad-abad, éta buku-buku disalin mani taliti pisan ku tukang-tukang nyalin. Dina Abad Pertengahan (taun 500-1500 M), hiji golongan tukang nyalin urang Yahudi nu dikenal sabagé kaom Masorét neruskeun éta kagiatan. Salinan maranéhna nu pangheubeulna téh nyaéta Kodéks Leningrad, ti taun 1008/1009 M. Tapi dina pertengahan abad ka-20, kapanggih kira-kira 220 naskah Alkitab atawa potonganana di antara Gulungan-Gulungan Laut Paéh. Éta naskah-naskah téh leuwih heubeul tibatan Kodéks Leningrad, geus aya leuwih ti sarébu taun saacanna. Waktu Gulungan Laut Paéh jeung Kodéks Leningrad dibandingkeun, kabukti hiji hal penting ieu: Sanajan kekecapan dina Gulungan Laut Paéh aya nu béda tina Kodéks Leningrad, eusi pesenna mah teu barobah.
Kumaha ngeunaan 27 buku dina Kitab-Kitab Yunani Kristen? Éta buku-buku téh ditulis ku sababaraha rasulna Isa Al-Masih jeung ku murid-murid séjénna. Saperti para jurutulis urang Yahudi, urang Kristen abad kahiji gé nyalin éta buku-buku. (Kolose 4:16) Sanajan harita Kaisar Romawi Dioklétianus jeung jalma-jalma séjénna hayang ngamusnakeun sakabéh karya tulis urang Kristen, aya rébuan naskah kuno jeung potonganana nu aya kénéh nepi ka ayeuna.
Tulisan-tulisan urang Kristen gé ditarjamahkeun ka basa-basa séjén. Mimitina, Alkitab ditarjamahkeun ka basa-basa kuno, saperti Armenia, Etiopia, Georgia, Koptik, Latin, jeung Siria.
NANGTUKEUN NASKAH IBRANI JEUNG YUNANI NU DIPAKÉ PIKEUN PANARJAMAHAN
Henteu kabéh salinan naskah Alkitab kuno ngagunakeun kekecapan nu sarua. Jadi, kumaha carana nangtukeun mana kekecapan nu aya dina téks aslina?
Upamana kieu: Aya guru nu nitah 100 muridna pikeun nyalin hiji buku. Lamun éta buku leungit, urang masih kénéh bisa nyaho eusi asli tina éta buku ku cara ngabandingkeun 100 salinan éta. Saupama unggal murid nyieun kasalahan waktu nyalin éta buku, moal mungkin kasalahan kabéhanana téh sarua percis. Kitu ogé jeung Alkitab. Lamun para ahli ngabandingkeun rébuan potongan naskah jeung salinan naskah Alkitab kuno, maranéhna bisa nyaho mana bagian nu salah waktu disalin sarta bisa nangtukeun naon kekecapan nu aya dina naskah aslina.
”Teu aya tulisan kuno séjén nu salinanana téh sakitu percisna jeung aslina”
Ku naon urang bisa yakin yén eusi Alkitab nu dibaca ku urang téh luyu jeung téks aslina? Hiji ahli nu ngaranna William H. Green ngomong kieu ngeunaan Kitab-Kitab Ibrani, ”Teu aya tulisan kuno séjén nu salinanana téh sakitu percisna jeung aslina.” Ahli Alkitab séjénna, nu ngaranna F. F. Bruce, ngomong kieu ngeunaan Kitab-Kitab Yunani Kristen, atawa nu sok disebut Perjangjian Anyar, ”Bukti nu ngadukung tulisan-tulisan Perjangjian Anyar téh jauh leuwih loba tibatan bukti nu ngadukung tulisan-tulisan kuno séjénna. Sanajan kitu, ari ka tulisan-tulisan kuno éta mah jalma-jalma teu cangcaya kana asli atawa henteuna. Manéhna gé ngomong kieu, ”Lamun Perjangjian Anyar ngan saukur tulisan sékulér nu euweuh hubunganana jeung agama, jalma-jalma pasti bakal percaya yén éta téh asli.”
Kitab Yésaya pasal 40 nu aya dina Gulungan Laut Paéh (dijieun taun 125 nepi ka 100 SM)
Waktu dibandingkeun jeung naskah-naskah Ibrani nu ditulis sarébu taun sanggeusna, bédana téh saeutik pisan, kalolobaan mah masalah éjahan wungkul
Kitab Yésaya pasal 40 nu aya dina Kodéks Aleppo, nyaéta naskah Ibrani nu penting nu ditulis ku kaom Masorét kira-kira dina taun 930 M
Téks Ibrani: New World Translation of the Hebrew Scriptures (Kitab-Kitab Ibrani Tarjamahan Dunya Anyar), nu dipedalkeun dina taun 1953-1960 téh ditarjamahkeun dumasar kana téks Biblia Hebraica nu disusun ku Rudolf Kittel. Tapi, ka dieunakeun aya vérsi anyar tina téks Ibrani éta, nyaéta Biblia Hebraica Stuttgartensia jeung Biblia Hebraica Quinta. Vérsi nu leuwih anyar éta geus ngasupkeun hasil panalungtikan panganyarna tina Gulungan Laut Paéh jeung naskah-naskah kuno séjénna. Téks-téks Ibrani éta ngagunakeun Kodéks Leningrad dina téks utamana, sarta aya catetan handap nu eusina téh ngabandingkeun téks utamana jeung kecap-kecap nu aya dina sumber séjén, kaasup Pentateukh Samaria, Gulungan Laut Paéh, Septuaginta Yunani, Targum Aram, Vulgata Latin, jeung Peshitta Siria. Waktu nyieun révisi New World Translation (Tarjamahan Dunya Anyar) nu ayeuna, téks Biblia Hebraica Stuttgartensia jeung Biblia Hebraica Quinta gé dipariksa.
Téks Yunani: Dina ahir abad ka-19, para ahli nu ngaranna B. F. Westcott jeung F.J.A. Hort ngabandingkeun naskah-naskah Alkitab jeung potonganana pikeun nyusun téks Yunani nu pangmiripna jeung téks aslina. Dina pertengahan abad ka-20, Panitia Panarjamahan Alkitab Dunya Anyar ngagunakeun éta téks pikeun dijadikeun sumber tarjamahanana. Maranéhna gé ngagunakeun naskah-naskah papirus kuno nu dijieun kira-kira dina abad kadua jeung katilu M. Ti saprak harita, aya leuwih loba naskah papirus nu bisa digunakeun. Salian ti éta, aya téks Yunani nu dijieun ku Nestle jeung Aland sarta ku lembaga United Bible Societies, nu nunjukkeun hasil panalungtikan nu panganyarna. Sababaraha hasil panalungtikan éta digunakeun dina tarjamahan ieu.
Dumasar kana téks-téks Yunani éta, kabukti aya sababaraha ayat dina Kitab-Kitab Yunani Kristen nu ditambahan ku tukang-tukang nyalin dina tarjamahan-tarjamahan nu leuwih heubeul, misalna dina King James Version. Éta ayat-ayat téh sabenerna lain bagian tina Kitab Suci nu diilhamkeun. Jadi dina kalolobaan tarjamahan Alkitab, éta ayat-ayat téh dihapus. Tapi ku sabab cara nyusun nomer ayat-ayat Alkitab téh geus ditangtukeun dina abad ka-16, bagian-bagian éta jadi kosong. Ayat-ayatna téh nyaéta Matius 17:21; 18:11; 23:14; Markus 7:16; 9:44, 46; 11:26; 15:28; Lukas 17:36; 23:17; Yahya 5:4; Kisah 8:37; 15:34; 24:7; 28:29; sarta Roma 16:24. Dina ieu tarjamahan, ayat-ayat nu dihapus éta dibéré catetan handap.
Kecap panutup dina Markus 16, boh nu panjang (ayat 9-20) boh nu pondok, sarta kekecapan nu aya dina Yahya 7:53–8:11 téh sabenerna euweuh dina téks aslina. Ku kituna, éta ayat-ayat dihapus dina ieu tarjamahan. c
Aya sababaraha kecap nu geus diganti ngarah bisa nepikeun makna nu ku para ahli dianggap paling mirip jeung naskah aslina. Contona, dina sababaraha naskah, Matius 7:13 téh eusina kieu, ”Heug arasup ka gerbang nu sempit, sabab gerbang nu rubak jeung jalan nu lega mah brasna kana kabinasaan.” Dina Tarjamahan Dunya Anyar édisi basa Inggris nu saacanna, euweuh kecap ”gerbang” dina ayatna. Tapi sanggeus ditaliti deui, sabenerna kecap ”gerbang” aya dina naskah aslina. Jadi, éta kecap diasupkeun kana Tarjamahan Dunya Anyar édisi basa Inggris nu ayeuna. Salian ti éta, aya sababaraha parobahan deui, tapi ngan parobahan leutik, jadi eusi tina Firman Allah mah tetep sarua.
Naskah papirus nu eusina 2 Korintus 4:13–5:4, ditulis kira-kira taun 200 M
a Saterusna mah bakal disebut Kitab-Kitab Ibrani.
b Salah sahiji alesan ku naon kudu disalin nyaéta lantaran naskah aslina téh ditulis dina bahan-bahan nu gampang ruksak.
c Katerangan leuwih lengkep ku naon éta ayat-ayat téh dianggap palsu aya dina catetan handap New World Translation of the Holy Scriptures—With References (Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar—Sarta Réferénsi) nu dipedalkeun taun 1984.

