Sunda
Naon Jangji tina Alkitab ngeunaan Mangsa Ka Hareup?
https://cms-imgp.jw-cdn.org/img/p/1001061100/univ/wpub/1001061100_univ_sqr_xl.jpg
nwt kaca 20-21

PANANYA 10

Naon Jangji tina Alkitab ngeunaan Mangsa Ka Hareup?

”Jalma bener bakal ngamilik bumi. Maranéhna bakal hirup di dinya salilana.”

Jabur 37:29

”Bumi mah tetep aya salilana.”

Pandita 1:4

”Maot bakal disingkirkeun ku Anjeunna pikeun salilana. Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, bakal nyusutan cipanon ti sakabéh beungeut.”

Yésaya 25:8

”Dina waktu éta, nu lolong bakal bisa nempo, nu torék bakal bisa ngadéngé. Dina waktu éta, nu lumpuh bakal luncat kawas uncal, nu pireu bakal surak gumbira. Cai bakal ngocor di tanah gurun, walungan-walungan bakal ngalocor di gurun keusik.”

Yésaya 35:5, 6

”Anjeunna bakal nyusutan sakabéh cipanon maranéhna. Moal aya deui nu maot. Kitu ogé moal aya deui nu sedih, ceurik, atawa ngarasa nyeri. Hal-hal nu heubeul geus sirna.”

Wahyu 21:4

”Maranéhna bakal ngawangun imah, seug dicicingan ku maranéhna kénéh. Maranéhna bakal nyieun kebon anggur, tuluy buahna didahar ku maranéhna kénéh. Maranéhna moal ngawangun imah tapi dicicingan ku batur, moal melak tapi didahar ku batur. Umur umat Kuring bakal kawas umur tangkal. Maranéhna bakal metik kanikmatan hasil gawéna.”

Yésaya 65:21, 22