KITAB SUCI TERJEMAHAN DUNIA BARU

Nami Allah dina Kitab-Kitab Yunani Kristen

Sunda
Nami Allah dina Kitab-Kitab Yunani Kristen
https://cms-imgp.jw-cdn.org/img/p/1001061100/univ/wpub/1001061100_univ_sqr_xl.jpg
nwt kaca 2056-2063

A5

Nami Allah dina Kitab-Kitab Yunani Kristen

Para ahli ngakukeun yén nami Allah, nu ditulis maké Tétragramaton (יהוה), muncul ampir 7.000 kali dina téks asli Kitab-Kitab Ibrani. Tapi, loba nu nganggap éta nami mah teu muncul dina téks asli Kitab-Kitab Yunani Kristen. Éta sababna ayeuna nami Allah teu muncul dina kalolobaan Kitab Yunani nu disebut Perjangjian Anyar. Malah, waktu narjamahkeun kutipan tina Kitab-Kitab Ibrani nu aya Tétragramaton, loba panarjamah ngaganti nami Allah ku ”Pangéran” atawa ”Gusti”.

Tapi, Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar mah teu siga kitu. Dina ieu tarjamahan, nami Yéhuwa muncul 237 kali dina Kitab-Kitab Yunani Kristen. Waktu nyieun putusan ieu, para panarjamah mikirkeun dua hal penting ieu: (1) Naskah-naskah Yunani nu aya ayeuna téh lain nu asli. Ti rébuan salinan naskah ayeuna, lolobana dijieun dua abad sanggeus naskah nu asli ditulis. (2) Harita, para tukang nyalin naskah-naskah téh ngaganti Tétragramaton ku Kyrios, nyaéta kecap Yunani pikeun ”Pangéran”. Aya ogé nu nyieun salinan tina naskah nu geus ngaganti nami Allah.

Panitia Panarjamahan Alkitab Dunya Anyar nyimpulkeun yén aya bukti-bukti kuat nu némbongkeun Tétragramaton téh aya dina naskah-naskah asli Yunani. Ieu bukti-buktina:

  • Tétragramaton aya dina salinan Kitab-Kitab Ibrani nu dipaké dina jaman Isa jeung para rasulna. Baheula aya nu teu satuju kana hal ieu. Tapi sanggeus salinan Kitab-Kitab Ibrani tina abad kahiji kapanggih di deukeut Qumran, jalma-jalma teu bisa mungkir deui.

  • Dina jaman Isa jeung para rasulna, Tétragramaton muncul dina Kitab-Kitab Ibrani nu ditarjamahkeun ka basa Yunani. Salila mangabad-abad, para ahli nganggap yén Tétragramaton téh teu aya dina Septuaginta, nyaéta Kitab-Kitab Ibrani nu ditarjamahkeun ka basa Yunani. Tapi dina pertengahan abad ka-20, para ahli naliti potongan naskah kuno Septuaginta Yunani nu geus heubeul pisan nu dipaké dina jaman Isa. Dina potongan naskah éta, aya nami Allah nu ditulis dina aksara Ibrani. Jadi dina jaman Isa, nami Allah téh mémang aya dina Kitab Suci basa Yunani. Tapi dina abad kaopat M, nami Allah teu muncul dina kitab Kajadian nepi ka Maléakhi dina naskah utama Septuaginta Yunani, nyaéta Kodéks Vatikanus jeung Kodéks Sinaitikus (padahal dina naskah-naskah saacanna mah aya). Jadi, teu anéh lamun dina naskah-naskah ti jaman éta, nami Allah teu muncul dina bagian Alkitab nu disebut Perjangjian Anyar, atawa Kitab-Kitab Yunani.

    Isa sorangan ngomong kieu, ”Abdi datang mawa nami Bapa abdi.” Isa nyebutkeun yén nu dilampahkeun ku anjeunna téh maké ’nami Bapana’

  • Dina Kitab-Kitab Yunani Kristen gé dicaritakeun yén Isa téh sering ngagunakeun nami Allah sarta méré nyaho éta nami ka batur. (Yahya 17:6, 11, 12, 26) Isa sorangan ngomong kieu, ”Abdi datang mawa nami Bapa abdi.” Isa nyebutkeun yén nu dilampahkeun ku anjeunna téh maké ’nami Bapana’.—Yahya 5:43; 10:25.

  • Nami Allah téh aya dina Kitab-Kitab Ibrani, jadi moal mungkin nami Yéhuwa ujug-ujug leungit dina Kitab-Kitab Yunani Kristen nu ditulis pandeuri, padahal duanana téh sarua diilhamkeun ku Allah. Kira-kira dina pertengahan abad kahiji M, Yakobus muridna Isa ngomong kieu ka para kokolot di Yérusalém, ”Siméon geus ngajéntrékeun kumaha Allah mimitina merhatikeun bangsa-bangsa supaya bisa milih sababaraha ti antara maranéhna pikeun jadi umat nu nyandang nami-Na.” (Kisah 15:14) Moal mungkin Yakobus ngomong kitu lamun euweuh nu apal kana nami Allah atawa euweuh nu ngagunakeunana.

  • Singgetan tina nami Allah muncul dina Kitab-Kitab Yunani Kristen. Nami Allah muncul dina kecap ”Haléluyah” nu dicatet dina Wahyu 19:1, 3, 4, 6. Éta téh asalna tina kecap Ibrani nu hartina ”Puji Yah”. ”Yah” téh singgetan tina nami Yéhuwa. Aya loba ngaran dina Kitab-Kitab Yunani Kristen nu asalna tina nami Allah. Malah, aya katerangan nu ngajelaskeun yén nami Isa hartina ”Yéhuwa téh Kasalametan”.

  • Tulisan-tulisan urang Yahudi jaman baheula nunjukkeun yén nami Allah téh digunakeun ku urang Kristen Yahudi dina tulisan maranéhna. Toséfta, nyaéta kumpulan hukum lisan nu réngsé ditulis kira-kira taun 300 M, nyaritakeun ngeunaan tulisan-tulisan urang Kristen nu diduruk dina poé Sabat, ”Buku-buku Injil sarta buku-buku minim [bisa jadi maksudna téh urang Kristen Yahudi] teu luput tina seuneu. Éta buku-buku téh diantep sina kaduruk bareng jeung Nami Allah nu ditulis di jerona.” Toséfta gé ngutip kekecapan Rabi Yosé, urang Galiléa nu hirup dina abad kadua M. Manéhna nyarita yén dina poé séjén (salian ti poé Sabat), ”jelema bakal nyosoéh bagian tulisan nu aya Nami Allah, tuluy disimpen, ari sésana bakal diduruk”.

  • Para ahli Alkitab ngakukeun yén katingalina nami Allah aya dina Kitab-Kitab Yunani Kristen nu ngutip ayat-ayat tina Kitab-Kitab Ibrani. Buku The Anchor Bible Dictionary, dina judul ”Tétragramaton dina Perjangjian Anyar”, nyebutkeun kieu, ”Aya bukti yén Tétragramaton nu ngamaksudkeun nami Allah, nyaéta Yahwéh, muncul dina sabagian atawa sakabéh P[erjangjian] A[nyar] nu ngutip P[erjangjian] L[awas] waktu PA mimiti ditulis.” Hiji ahli nu ngaranna George Howard ngomong kieu, ”Tétragram téh masih kénéh ditulis dina salinan-salinan Alkitab Yunani [Septuaginta], nu jadi Kitab Suci garéja jaman baheula, jadi asup akal lamun urang percaya yén para jurutulis P[erjangjian] A[nyar] ngasupkeun Tétragram waktu ngutip ayat tina Kitab Suci.”

  • Para panarjamah nu kasohor ngagunakeun nami Allah dina Kitab-Kitab Yunani Kristen. Saacan aya Tarjamahan Dunya Anyar, sababaraha ti maranéhna geus ngagunakeun nami Allah. Ieu contona: A Literal Translation of the New Testament . . . From the Text of the Vatican Manuscript, karya Herman Heinfetter (1863); The Emphatic Diaglott, karya Benjamin Wilson (1864); The Epistles of Paul in Modern English, karya George Barker Stevens (1898); St. Paul’s Epistle to the Romans, karya W.G. Rutherford (1900); The New Testament Letters, karya J.W.C. Wand, Uskup London (1946). Salian ti éta, dina tarjamahan basa Spanyol awal abad ka-20, panarjamah nu ngaranna Pablo Besson ngagunakeun ”Jehová” dina Lukas 2:15 jeung Yudas 14. Manéhna ngagunakeun leuwih ti 100 catetan handap dina loba ayat, nu nunjukkeun yén katingalina nami Allah digunakeun dina ayat-ayat éta. Jauh saacan ayana tarjamahan-tarjamahan éta, Kitab-Kitab Yunani Kristen dina basa Ibrani nu dijieun dina abad ka-16 geus ngagunakeun Tétragramaton dina loba ayatna. Dina basa Jerman, kira-kira aya 11 tarjamahan Alkitab nu ngagunakeun ”Jehovah” (atawa transliterasi tina kecap Ibrani ”Yahwéh”) dina Kitab-Kitab Yunani Kristen, sarta aya opat panarjamah nu nyebutkeun éta nami dina tanda jero kurung sanggeus kecap ”Pangéran”. Salian ti éta, aya leuwih ti 70 tarjamahan basa Jerman nu ngagunakeun nami Allah dina katerangan tambahan atawa catetan handap.

    Nami Allah dina Kisah 2:34 dina The Emphatic Diaglott, karya Benjamin Wilson (1864)

  • Aya leuwih ti tilu ratus tarjamahan Alkitab nu ngagunakeun nami Allah dina Kitab-Kitab Yunani Kristen. Loba basa di Afrika, Penduduk Asli Amerika, Asia, Eropa, jeung Kapuloan Pasifik nu laluasa ngagunakeun nami Allah. (Tingali daptar dina  kaca 2062 jeung 2063.) Para panarjamah Alkitab éta ngagunakeun nami Allah ku lantaran alesan-alesan nu geus disebutkeun saacanna. Sababaraha tarjamahan Kitab-Kitab Yunani Kristen éta anyaran ieu dipedalkeunana, contona Alkitab basa Rotuma (1999), nu ngagunakeun ”Jihova” 51 kali dina 48 ayat, tarjamahan Batak (Toba) ti Indonesia (1989), nu ngagunakeun ”Jahowa” 110 kali, sarta tarjamahan Indonesian Literal Translation (2008), nu ngagunakeun ”YAHWEH” leuwih ti 180 kali dina Perjangjian Anyar.

    Nami Allah dina Markus 12:29, 30 dina tarjamahan basa Hawaii

Jelas pisan aya bukti nu kuat pikeun mulangkeun nami Allah, nyaéta Yéhuwa, kana Kitab-Kitab Yunani Kristen. Éta ogé nu dilampahkeun ku para panarjamah Tarjamahan Dunya Anyar. Maranéhna téh ngahormat pisan nami Allah sarta teu wani pikeun mupus naon waé nu aya dina téks aslina.—Wahyu 22:18, 19.