PANANYA 2
Kumaha Carana Kenal ka Allah?
”Ieu buku Torét téh kudu terus diomongkeun ku manéh jeung dibaca beurang peuting bari dipikirkeun bener-bener, supaya manéh bisa bener-bener ngajalankeun sagala nu ditulis di dinya. Ku kituna, sagala lalampahan manéh bakal bijaksana jeung alus hasilna.”
”Maranéhna terus mangmacakeun buku Hukum Allah nu sajati. Ku maranéhna bener-bener dijelaskeun jeung diterangkeun pihartieunana. Jadi, jalma-jalma téh ngarti naon nu keur dibacakeun.”
”Bagja jalma anu leumpangna teu nuturkeun pituduh jalma jahat . . . , tapi resepna téh kana hukum Yéhuwa. Hukum-Na ku manéhna dibaca beurang peuting. . . . Sagala nu dilampahkeun ku manéhna hasilna pasti alus.”
”Filipus lumpat gigireunana jeung ngadéngé manéhna maca tulisan Nabi Yésaya. Filipus nanya, ’Bapa ngartos teu nu dibaca?’ Ceuk manéhna, ’Rék ngarti kumaha lamun teu aya nu nerangkeun?’”
”Sanajan Allah teu katingali, jalma-jalma bisa nyaho kana sipat-sipat Allah ti barang dunya diciptakeun, da éta kabéh téh jelas katémbong tina ciptaana-Na. Ciptaan téh nunjukkeun kawasa-Na nu langgeng sarta ngabuktikeun yén Anjeunna téh Allah. Jadi, maranéhna moal bisa nyebut can nyaho.”
”Pikirkeun bener-bener ieu kabéh, sarta tujukeun perhatian ka dinya, ngarah kamajuan rohani hidep katingali jelas ku kabéh jalma.”
”Hayu urang silih perhatikeun supaya urang kageuing pikeun némbongkeun kanyaah jeung kahadéan. Ulah ngalalaworakeun pasamoan urang.”
”Lamun di antara aranjeun aya nu ngarasa kurang bijaksana, pék terus pénta kabijaksanaan ka Allah. Éta bakal dibikeun ka aranjeun, da Allah mah béréhan ka kabéh jalma sarta moal nyalahkeun.”

