PANANYA 17
Naon Naséhat Alkitab pikeun Kulawarga?
SALAKI/BAPA
”Kitu ogé, salaki kudu nyaah ka pamajikanana sakumaha ka badan sorangan. Jalma nu nyaah ka pamajikanana téh nyaah ka diri sorangan, da euweuh jalma nu ngéwa ka badanna sorangan. Sabalikna, manéhna tangtu méré dahar jeung mikanyaah badanna . . . Aranjeun masing-masing kudu nyaah ka pamajikan siga ka diri sorangan.”
”Bapa-bapa, ulah ngalantarankeun barudak jadi keuheul. Sabalikna, urus maranéhna ku didikan jeung naséhat ti Yéhuwa.”
PAMAJIKAN
”Pamajikan kudu bener-bener hormat ka salakina.”
”Pamajikan-pamajikan, sing tunduk ka salaki, sakumaha pantesna murid Juragan.”
BARUDAK
”Barudak, sing nurut ka kolot, sakumaha nu dipikahayang ku Juragan, sabab éta téh hal nu bener. ’Manéh kudu hormat ka indung bapa’ téh paréntah nu kahiji nu mawa ieu berkah: ’Supaya manéh sejahtera jeung panjang umur di bumi.’”
”Barudak, sing nurut ka kolot dina sagala hal, sabab éta téh dipikaresep ku Juragan.”

