KITAB SUCI TERJEMAHAN DUNIA BARU

Kumaha Supaya Urang Teu Hariwang Teuing?

Sunda
Kumaha Supaya Urang Teu Hariwang Teuing?
https://cms-imgp.jw-cdn.org/img/p/1001061100/univ/wpub/1001061100_univ_sqr_xl.jpg
nwt kaca 28-29

PANANYA 16

Kumaha Supaya Urang Teu Hariwang Teuing?

”Pasrahkeun beban anjeun ka Yéhuwa, Anjeunna bakal ngadukung anjeun. Anjeunna moal ngantep jalma bener tigubrag.”

Jabur 55:22

”Rencana nu dijieun ku nu getol tangtu nguntungkeun, tapi nu gurunggusuh mah pasti malarat.”

Siloka 21:5

”Ulah sieun, aya Kuring. Ulah hariwang, da Kuring téh Allah manéh. Manéh ku Kuring rék dibénténgan, bakal ditulungan. Manéh pasti bakal dicekel pageuh ku panangan katuhu Kuring nu adil.”

Yésaya 41:10

”Mémangna mun maranéh hariwang, umur maranéh bisa manjangan saeutik, kitu?”

Matius 6:27

”Jadi, ulah hariwang poé isukan rék kumaha. Pikirkeun mah poé ieu wéh, isukan mah isukan deui, da unggal poéna gé aya hariwangna.”

Matius 6:34

”Mastikeun hal-hal nu leuwih penting.”

Filipi 1:10

”Tong hariwang ku nanaon. Tapi dina sagala hal, pék pénta pitulung ti Allah ku cara ngadoa jeung sasambat bari ngucap sukur. Ku kituna katengtreman ti Allah, nu teu kahontal ku akal manusa, bakal ngajaga haté jeung pikiran aranjeun ku jalan Isa Al-Masih.”

Filipi 4:6, 7