Nu Ditulis ku Yahya 17:1-26
17 Sanggeus ngucapkeun éta kabéh, Isa tanggah ka langit bari ngucap kieu, ”Bapa, ayeuna téh tos waktuna. Mugia Bapa kersa ngamulyakeun putra Bapa, sangkan putra Bapa gé tiasa ngamulyakeun Bapa.+
2 Putra tos dipasihan kawasa ka sadaya manusa,+ supaya Putra tiasa masihan hirup langgeng+ ka sadaya nu tos dipasrahkeun ka Putra.+
3 Sangkan tiasa hirup langgeng,+ jalma-jalma téh kudu kenal ka* Bapa, Allah sajati+ nu ngan hiji, sareng ka utusan Bapa, Isa Al-Masih.+
4 Abdi tos ngamulyakeun Bapa di bumi+ ku cara ngaréngsékeun pagawéan nu dipasihkeun ku Bapa ka abdi.+
5 Jadi ayeuna, Bapa, kamulyaan nu kapungkur, nu dipimilik ku abdi di gigireun Bapa saacan dunya* dijadikeun, mugia katampi deui ku abdi.+
6 ”Abdi tos nganyatakeun* nami Bapa ka jalma-jalma nu dipasrahkeun ku Bapa ti ieu dunya.+ Maranéhna téh milik Bapa nu dipasrahkeun ka abdi. Maranéhna gé tos ngajalankeun firman Bapa.
7 Ayeuna, maranéhna tos terang yén sagala nu ditarima ku abdi téh asalna ti Bapa,
8 sabab sagala nu diucapkeun ku Bapa tos ditepikeun ku abdi+ sarta ditarima ku maranéhna. Maranéhna tos terang yén abdi datang sabagé wakil Bapa,+ sareng percaya yén abdi téh utusan Bapa.+
9 Abdi ngadoakeun maranéhna, sanés ngadoakeun ieu dunya. Abdi ngadoakeun jalma-jalma nu ku Bapa tos dipasrahkeun ka abdi, lantaran maranéhna téh milik Bapa.
10 Sagala milik abdi téh nya milik Bapa, sarta milik Bapa téh nya milik abdi.+ Abdi tos dimulyakeun di antara maranéhna.
11 ”Abdi bakal ninggalkeun dunya tuluy mulih ka Bapa, ari maranéhna mah aya kénéh di dunya.+ Bapa nu suci, demi nami Bapa nu tos dipasihkeun ka abdi pikeun diuarkeun, pangjagakeun maranéhna+ ngarah maranéhna jadi hiji,* sakumaha abdi jeung Bapa gé hiji.*+
12 Basa bareng jeung maranéhna, abdi nu osok ngajaga maranéhna+ demi nami Bapa nu tos dipasihkeun ka abdi pikeun diuarkeun. Abdi gé ngalindungan maranéhna supaya ulah aya nu binasa,+ kajaba nu saurang nu mémang bakal binasa,+ supaya éta ayat tiasa laksana.+
13 Ayeuna abdi badé mulih ka Bapa. Meungpeung aya kénéh di dunya, abdi nyebutkeun ieu sadaya, supaya maranéhna bener-bener ngarasakeun kabungah abdi.+
14 Abdi tos nepikeun firman Bapa ka maranéhna, tapi maranéhna dipikangéwa ku dunya, sabab maranéhna sanés milikna dunya,+ sakumaha abdi gé sanés milikna dunya.
15 ”Abdi teu nyuhunkeun supaya maranéhna dicandak ti ieu dunya, tapi nyuhunkeun Bapa ngajaga maranéhna ti si jahat.*+
16 Maranéhna sanés milikna dunya,+ sakumaha abdi gé sanés milikna dunya.+
17 Mugia maranéhna disucikeun* ku firman Bapa,+ sabab firman Bapa téh bebeneran.+
18 Maranéhna ku abdi diutus ka dunya, saperti abdi diutus ku Bapa ka dunya.+
19 Abdi nyucikeun diri demi maranéhna, supaya maranéhna gé bisa disucikeun ku bebeneran.
20 ”Abdi teu ngadoakeun maranéhna wungkul, tapi ogé jalma-jalma nu gaduh iman ka abdi saatos ngadangukeun pangajaran maranéhna,
21 sangkan sadayana tiasa jadi hiji+ sarta tiasa ngahiji jeung urang duaan, sakumaha Bapa ngahiji jeung abdi sarta abdi ngahiji jeung Bapa.+ Ieu téh supaya dunya percaya yén abdi diutus ku Bapa.
22 Abdi tos masihan kamulyaan ka maranéhna, nyaéta kamulyaan abdi nu ti Bapa téa, supaya maranéhna jadi hiji, sakumaha abdi jeung Bapa gé hiji.+
23 Abdi téh ngahiji jeung maranéhna, Bapa gé ngahiji jeung abdi, supaya maranéhna jadi bener-bener ngahiji.* Ku kituna, dunya bakal terang yén abdi téh diutus ku Bapa, sarta terang yén Bapa téh nyaah ka maranéhna sakumaha Bapa nyaah ka abdi.
24 Bapa, kahoyong abdi mah jalma-jalma nu dipasrahkeun ku Bapa ka abdi téh tiasa babarengan sareng abdi di tempat abdi,+ supaya maranéhna tiasa ningali kamulyaan nu dipasihkeun ku Bapa ka abdi lantaran Bapa nyaah ka abdi ti saacan ayana dunya.*+
25 Nun Bapa nu adil, dunya mémang teu kenal ka Bapa,+ tapi abdi mah kenal.+ Jalma-jalma nu dipasrahkeun ka abdi gé terang yén abdi téh diutus ku Bapa.
26 Nami Bapa ku abdi tos dikenalkeun ka maranéhna sarta bakal terus dikenalkeun,+ supaya maranéhna tiasa mikanyaah ka batur sakumaha Bapa mikanyaah ka abdi, sarta supaya abdi tiasa ngahiji jeung maranéhna.”+

