Nu Ditulis ku Yahya 1:1-51
1 Ti mimiti, geus aya pribadi nu disebut Firman.+ Firman téh babarengan jeung Allah,+ sarta Firman téh saperti Allah.*+
2 Anjeunna geus babarengan jeung Allah ti mimiti.
3 Allah ngajadikeun sagala rupa ku jalan anjeunna.+ Mun lain ku jalan anjeunna mah hiji gé moal aya.
4 Kahirupan téh jadi aya ku jalan anjeunna, sarta kahirupan anjeunna jadi caang keur manusa.+
5 Éta caang gumebyar di nu poék,+ ari poék teu bisa mareuman éta caang.
6 Aya jalma nu diutus ku Allah, ngaranna téh Yahya.+
7 Manéhna jadi saksi keur éta caang,+ ku kituna sagala jalma bisa percaya ku lantaran ucapanana.
8 Manéhna téh lain éta caang,+ tapi diutus keur nerangkeun ngeunaan éta caang.
9 Caang sajati nu nyaangan sagala jalma téh téréh datang ka ieu dunya.+
10 Anjeunna pernah aya di dunya.+ Ieu dunya téh aya ku jalan anjeunna,+ tapi dunya teu kenal ka anjeunna.
11 Anjeunna datang ka nagri asalna, tapi teu ditarima ku bangsana.
12 Ari kabéh nu narima anjeunna mah dibéré hak jadi anak-anak Allah,+ lantaran maranéhna boga iman ka anjeunna.*+
13 Maranéhna lahir téh lain ku lantaran getih jeung daging atawa ku lantaran kahayang manusa, tapi ku lantaran kahayang Allah.+
14 Firman téh jadi manusa+ sarta matuh di antara urang. Urang geus nempo kamulyaanana, nyaéta kamulyaan kawas nu ditarima ku putra hiji-hijina+ ti bapana. Anjeunna pinuh ku welas asih Allah nu taya bandingna* sarta terus ngajarkeun bebeneran.
15 (Yahya méré katerangan kieu ngeunaan anjeunna, ”Tah, ieu jalma nu ceuk urang kieu téa, ’Jalma nu datangna sanggeus urang téh geus miheulaan urang, sabab anjeunna geus aya saacan urang.’”)+
16 Anjeunna pinuh ku welas asih nu taya bandingna, jadi urang teterusan narima éta welas asih ti anjeunna.
17 Torét dibikeun téh ku jalan Musa,+ ari welas asih nu taya bandingna+ jeung bebeneran mah datangna ku jalan Isa Al-Masih.+
18 Euweuh nu pernah ningali Allah,+ tapi nu bisa nerangkeun ngeunaan Anjeunna+ mah ngan putra hiji-hijina+ nu saperti Allah, nu aya di gigireun* Bapa.+
19 Urang Yahudi ngutus para imam jeung urang Léwi ti Yérusalém pikeun nanya kieu ka Yahya, ”Anjeun téh saha?”+
20 Ku Yahya langsung dijawab, ”Abdi mah lain Al-Masih.”
21 Jadi maranéhna nanya, ”Mun kitu, saha atuh? Élia?”*+ Dijawab, ”Lain.” ”Anjeun téh Nabi nu diarep-arep téa?”+ Dijawab deui, ”Lain.”
22 Ceuk maranéhna, ”Jadi, anjeun téh saha atuh? Cik béré nyaho, supaya urang bisa ngajelaskeun ka jalma-jalma nu ngutus urang. Sok jelaskeun anjeun téh saha.”
23 Yahya ngajawab, ”Abdi téh jalma nu ngagero kieu di tanah gurun, ’Jieun jalan nu lempeng keur Yéhuwa,’*+ sakumaha nu disebutkeun ku Nabi Yésaya.”+
24 Éta jalma-jalma téh diutus ku urang Farisi,
25 ku kituna maranéhna nanya, ”Lamun anjeun lain Al-Masih, lain Élia, lain Nabi nu diarep-arep téa, ku naon atuh bet ngabaptis jalma-jalma?”
26 Ku Yahya dijawab, ”Abdi mah ngabaptis téh ku cai. Tapi di tengah-tengah aranjeun, aya jalma nu teu dikenal ku aranjeun,
27 nyaéta jalma nu datangna sanggeus abdi. Ngaleupaskeun tali sendalna gé abdi mah teu pantes.”+
28 Ieu téh kajadianana di Bétani peuntaseun Walungan Yordan, tempat Yahya ngabaptis jalma-jalma.+
29 Isukna, Yahya nempo Isa datang. Ceuk Yahya, ”Tah, ieu Anak Domba+ Allah nu bakal mupus dosa+ dunya téh!+
30 Anjeunna nu ceuk urang kieu téa, ’Jalma nu bakal datang sanggeus urang téh geus miheulaan urang, sabab anjeunna geus aya saacan urang.’+
31 Mimitina mah urang gé teu nyaho saha anjeunna, tapi urang ngabaptis ku cai téh pikeun ngenalkeun anjeunna ka urang Israél.”+
32 Yahya gé méré katerangan kieu, ”Urang nyaksian kawasa suci, nu siga manuk japati, turun ti langit tuluy eunteup ka anjeunna.+
33 Tadina mah urang gé teu nyaho saha anjeunna téh, tapi Allah nu nitah urang ngabaptis jalma-jalma téh ngomong kieu ka urang, ’Mun manéh ningali kawasa suci turun tuluy eunteup ka hiji jalma,+ tah éta jalma nu bakal ngabaptis ku kawasa suci.’+
34 Urang geus ningali sorangan, jadi urang wani ngomong yén anjeunna téh Putra Allah.”+
35 Isukna deui, Yahya keur nangtung bareng jeung dua muridna.
36 Waktu nempo Isa ngaliwat, manéhna ngomong, ”Tah, éta Anak Domba+ Allah téh!”
37 Ngadéngé kitu, dua murid Yahya nuturkeun Isa.
38 Isa ngalieuk ka tukang jeung ningali aya nu nuturkeun. Ku Isa ditanya, ”Maranéh rék naon?” Dijawab kieu, ”Rabi (mun ditarjamahkeun, hartina ”Guru”), ari Rabi téh matuh di mana?”
39 Isa ngajawab, ”Hayu milu, engké gé nyaho sorangan.” Éta téh kajadianana kira-kira jam opat soré.* Geus kitu, maranéhna milu ka pamatuhanana tuluy cicing di dinya poé éta.
40 Salah saurang ti dua jalma nu ngadéngé omongan Yahya jeung nuturkeun Isa téh nyaéta Andréas,+ adina Simon Pétrus.
41 Manéhna langsung manggihan Simon lanceukna tuluy ngomong, ”Urang geus panggih jeung Mésias.”+ (Mun ditarjamahkeun, hartina ”Al-Masih”.)
42 Terus, Simon diajak manggihan Isa. Basa nempo manéhna, Isa ngomong, ”Simon+ anak Yahya, ti semet ayeuna manéh bakal disebut Kéfas.” (Mun ditarjamahkeun, hartina ”Pétrus”.)+
43 Isukna, Isa hayang indit ka Galiléa. Terus, anjeunna panggih jeung Filipus.+ Ceuk Isa, ”Hayu jadi murid urang.”
44 Filipus téh asalna ti Bétsaida, salembur jeung Andréas sarta Pétrus.
45 Filipus panggih jeung Natanaél+ tuluy nyarita, ”Urang geus papanggih jeung jalma nu disebutkeun dina Hukum Musa jeung Kitab Para Nabi. Anjeunna téh Isa anak Yusuf,+ urang Nazarét.”
46 Tapi Natanaél kalah ka ngomong kieu, ”Ah, piraku aya nu hadé ti Nazarét?” Dijawab ku Filipus, ”Hayu, tingali wéh ku sorangan.”
47 Waktu Isa ningali Natanaél nyampeurkeun, anjeunna ngomong, ”Tah, ieu urang Israél nu hadé mah, taya pisan kapalsuanana.”+
48 Natanaél tuluy ngomong, ”Kenal ti mana ka abdi?” Isa ngajawab, ”Méméh manéh diajak ku Filipus gé, urang geus nempo manéh handapeun tangkal ara.”
49 Ceuk Natanaél, ”Rabi, anjeun téh Putra Allah, Raja Israél.”+
50 Isa ngajawab, ”Manéh percaya kitu téh pédah bieu urang ngomong yén urang nempo manéh di handapeun tangkal ara? Aya deui hal-hal nu leuwih hébat tibatan ieu nu bakal kasaksian ku manéh!”
51 Terus Isa ngomong, ”Sing percaya kana benerna omongan urang. Manéh bakal nempo langit muka, ningali malaikat turun ka Anak manusa tuluy naék deui.”+
Catetan Tambihan
^ Maksudna, Firman téh saperti Allah, lantaran anjeunna kuat jeung bijaksana pisan. As. ”Firman téh mangrupa allah”.
^ As. ”ka ngaran anjeunna”.
^ Tingali ”Welas asih nu taya bandingna” dina Daptar Istilah.
^ Atawa ”di dada”. Maksudna, tempat istiméwa nu nunjukkeun hubungan nu akrab pisan.
^ Atawa ”Ilyas”.
^ As. ”jam nu kasapuluh [sanggeus meleték panonpoé]”.

