Nu Ditulis ku Yahya 13:1-38

  • Isa ngumbah suku murid-muridna (1-20)

  • Isa nunjukkeun yén nu ngahianat téh Yudas (21-30)

  • Paréntah anyar (31-35)

    • ”Lamun maranéh silih pikanyaah” (35)

  • Pétrus diramalkeun bakal ngaku teu wawuh (36-38)

13   Saméméh Perayaan Paskah, Isa nyaho yén geus waktuna+ anjeunna ninggalkeun ieu dunya tuluy balik deui ka Bapana.+ Isa nyaah ka murid-muridna nu aya di dunya, nyaahna téh nepi ka ahir.+ 2  Peutingna, waktu Isa jeung murid-murid keur dahar, Iblis ngasupkeun niat kana haté Yudas Iskariot anak Simon+ ngarah manéhna ngahianat ka Isa.+ 3  Isa nyaho yén Bapa geus masrahkeun sagalana ka anjeunna sarta nyaho yén anjeunna téh asalna ti Allah jeung rék balik ka Allah,+ 4  jadi waktu keur dalahar kénéh, anjeunna nangtung, muka baju luarna, sarta nyokot anduk tuluy dibeulitkeun kana cangkéngna.+ 5  Geus kitu, anjeunna nyicikeun cai kana baskom, ngumbah suku murid-muridna, terus dielap nepi ka garing ku anduk nu dibeulitkeun kana cangkéngna. 6  Barang nepi ka giliran Simon Pétrus, Pétrus ngomong, ”Juragan téh rék ngumbah suku urang?” 7  Isa ngajawab, ”Manéh teu ngarti naon nu dilampahkeun ku urang ayeuna, tapi engké gé bakal ngarti.” 8  Ceuk Pétrus, ”Ulah ngumbah suku urang, Juragan!” Ditémbalan ku Isa, ”Lamun urang teu ngumbah suku manéh,+ manéh moal bisa babarengan jeung urang.” 9  Simon Pétrus ngomong, ”Mun kitu mah ulah suku wungkul atuh, Juragan. Sakalian wéh leungeun jeung sirah urang.” 10  Ceuk Isa, ”Nu geus mandi mah saawak-awak geus bersih, jadi nu kudu dikumbah téh ngan sukuna. Maranéh gé geus bersih, tapi henteu kabéh.” 11  Anjeunna geus nyaho saha nu bakal ngahianat ka anjeunna.+ Éta sababna anjeunna ngomong, ”Henteu kabéh bersih.” 12  Sanggeus ngumbah suku murid-murid, Isa maké deui baju luarna tuluy diuk nyanghareup ka méja. Anjeunna ngomong, ”Kumaha, maranéh ngarti teu ku naon bieu urang ngalampahkeun éta? 13  Maranéh nyebut urang ’Guru’ jeung ’Juragan’, éta téh mémang bener.+ 14  Lamun urang waé, nu jadi Juragan jeung Guru, daék ngumbah suku maranéh,+ nya maranéh gé kudu* silih kumbah suku pada batur.+ 15  Bieu téh urang nyontoan. Naon nu dilampahkeun ku urang ka maranéh, nya ku maranéh gé kudu dilampahkeun.+ 16  Sing percaya kana benerna omongan urang. Palayan teu leuwih luhur ti dununganana, nu diutus gé teu leuwih luhur ti nu ngutusna. 17  Ayeuna maranéh geus nyaho kana éta kabéh, tapi lamun éta dilampahkeun, maranéh bakal bagja.+ 18  Omongan urang téh henteu ditujukeun ka kabéhan. Urang nyaho saha nu dipilih ku urang. Tapi éta téh supaya ieu ayat laksana,+ ’Nu dahar bareng jeung abdi, malik ngamusuhan abdi.’*+ 19  Ayeuna urang ngabéjaan maranéh ti saméméhna, supaya waktu éta kajadian, maranéh percaya yén urang nu dimaksud dina éta ayat.+ 20  Sing percaya kana benerna omongan urang. Saha waé nu narima jalma nu diutus ku urang, narima urang ogé,+ jeung saha waé nu narima urang, narima ogé Anjeunna nu ngutus urang.”+ 21  Sanggeus ngomong kitu, Isa ngarasa sedih pisan. Anjeunna ngomong terus terang, ”Sing percaya kana benerna omongan urang. Salah saurang ti maranéh bakal ngahianat ka urang.”+ 22  Murid-murid papelong-pelong baringungeun, teu nyaho saha anu dimaksud ku anjeunna.+ 23  Harita salah saurang murid Isa, nu dipikanyaah ku anjeunna,+ diuk di deukeutna.* 24  Simon Pétrus ngunggeuk ka éta murid tuluy ngomong, ”Saha sih nu dimaksud?” 25  Jadi éta murid ngadeukeutkeun sirahna ka Isa* tuluy nanya, ”Saha éta téh, Juragan?”+ 26  Isa ngajawab, ”Nu dibéré roti nu geus dianclomkeun ku urang, éta jalmana.”+ Sanggeus nganclomkeun roti, Isa mikeun rotina ka Yudas, anakna Simon Iskariot. 27  Sanggeus Yudas nyokot rotina, Sétan mangaruhan haténa.+ Tuluy Isa ngomong ka manéhna, ”Heug, gancang laksanakeun rencana manéh.” 28  Tapi kabéh nu diuk hareupeun méja, saurang gé euweuh nu nyaho ku naon Isa ngomong kitu ka Yudas. 29  Malah lantaran Yudas nu nyimpen kotak duit,+ aya nu nyangka yén Yudas téh dititah meuli pangabutuh keur perayaan atawa dititah méré sidekah ka nu miskin. 30  Ari Yudas, sanggeus narima roti téh langsung indit. Harita téh geus peuting.+ 31  Sanggeus Yudas indit, Isa ngomong, ”Ayeuna Anak manusa dimulyakeun,+ sarta ku lantaran Anak, Allah gé dimulyakeun. 32  Allah bakal ngamulyakeun Anak manusa,+ sarta éta bakal gancang dilaksanakeun. 33  Barudak, urang bareng jeung maranéh téh moal lila deui. Maranéh bakal néangan urang, tapi sakumaha urang ngomong ka urang Yahudi, urang gé ayeuna ngomong ka maranéh, ’Maranéh moal bisa datang ka tempat urang indit.’+ 34  Urang méré paréntah anyar ka maranéh: Maranéh kudu silih pikanyaah. Sakumaha urang mikanyaah maranéh,+ nya maranéh gé kudu silih pikanyaah.+ 35  Lamun maranéh silih pikanyaah, kabéh jalma bakal nyaho yén maranéh téh murid urang.”+ 36  Simon Pétrus ngomong ka Isa, ”Juragan rék indit ka mana?” Isa ngajawab, ”Ayeuna maranéh moal bisa milu ka tempat urang indit, tapi engké maranéh bakal milu.”+ 37  Pétrus ngomong deui, ”Juragan, ku naon urang teu bisa milu ayeuna? Urang iklas masrahkeun nyawa demi Juragan.”+ 38  Isa ngajawab, ”Nyaan manéh iklas masrahkeun nyawa demi urang? Sing percaya kana benerna omongan urang. Saacan hayam jago kongkorongok, manéh bakal tilu kali ngaku teu wawuh ka urang.”+

Catetan Tambihan

Atawa ”wajib”.
As. ”ngangkat keuneungna ka abdi”.
As. ”dadana”.
As. ”dada Isa”.