Nu Ditulis ku Yahya 9:1-41

  • Isa nyageurkeun lalaki nu lolong ti barang lahir (1-12)

  • Lalaki nu dicageurkeun ditatanya ku urang Farisi (13-34)

  • Urang Farisi sabenerna lolong (35-41)

9  Waktu keur leumpang, Isa ningali hiji lalaki nu lolong ti barang lahir. 2  Murid-muridna nanya, ”Rabi,*+ ieu jalma lolong ti barang lahir téh dosana saha, manéhna atawa kolotna?” 3  Isa ngajawab, ”Lain dosa manéhna, lain dosa kolotna ogé, tapi ieu téh supaya jalma-jalma ningali naon nu bisa dilampahkeun ku Allah.+ 4  Meungpeung beurang kénéh, urang kabéh kudu ngajalankeun tugas ti Allah nu ngutus urang,+ sabab mun geus peuting mah moal aya nu bisa baranggawé. 5  Salila urang masih kénéh aya di dunya, urang téh caangna dunya.”+ 6  Sanggeus ngomong kitu, Isa nyiduh kana taneuh, tuluy éta digaley nepi ka jadi leutak, seug dioléskeun kana panon éta lalaki.+ 7  Tuluy Isa ngomong, ”Jung sibeungeut ka kolam Siloam” (nu hartina ”Diutus”). Manéhna indit tuluy sibeungeut, ari balik deui téh geus bisa nénjo.+ 8  Tuluy tatangga jeung jalma-jalma nu sok ningali manéhna ménta-ménta téh tingtaranya, ”Manéhna téh nu sok diuk bari ménta-ménta téa, lain?” 9  Aya nu ngomong, ”Enya, bener.” Nu séjén ngomong, ”Ampir sarupa, tapi lain ah.” Ari ceuk éta lalaki, ”Enya, ieu urang.” 10  Jadi maranéhna nanya, ”Geuning ayeuna bisa nénjo, kumaha cageurna?” 11  Manéhna ngajawab, ”Jalma nu ngaranna Isa nyieun leutak, tuluy dioléskeun kana panon urang. Geus kitu anjeunna nitah kieu, ’Jung sibeungeut ka Siloam.’+ Jadi urang indit, sibeungeut, tuluy bisa nénjo.” 12  Ceuk maranéhna, ”Mana jalmana?” Manéhna ngajawab, ”Duka atuh.” 13  Lalaki nu tadina lolong téh dibawa ka urang Farisi. 14  Kabeneran, Isa nyieun leutak jeung ngabeuntakeun panon manéhna+ téh dina poé Sabat.+ 15  Jadi, urang Farisi gé tatanya ka manéhna kumaha bisa nénjo. Dijawabna, ”Panon abdi ku anjeunna diolésan leutak. Geus kitu abdi sibeungeut, tuluy bisa nénjo.” 16  Sababaraha urang Farisi ngomong, ”Éta jalma mah lain utusan Allah sabab teu ngajalankeun Sabat.”+ Tapi ceuk nu séjénna, ”Mémangna aya jalma dosa nu bisa nyieun mujijat siga kitu?”+ Ku sabab kitu, maranéhna jadi teu sapaham.+ 17  Maranéhna nanya deui ka éta lalaki lolong, ”Panon manéh pan geus dibeuntakeun, ari ceuk manéh, éta jalma téh saha?” Dijawabna, ”Anjeunna téh nabi.” 18  Tapi, urang Yahudi mah teu percayaeun yén lalaki nu bisa nénjo éta téh tadina lolong, jadi maranéhna nyalukan indung bapana. 19  Maranéhna nanya ka kolotna, ”Bener ieu téh budak maranéh, nu cenah lolong ti barang lahir? Kumaha caritana nepi ka bisa nénjo?” 20  Ceuk kolotna, ”Muhun, ieu téh pun anak, sareng leres lolong ti barang lahir. 21  Tapi, abdi teu terang kumaha manéhna bisa ningali. Abdi gé teu terang saha nu ngabeuntakeun panonna. Mangga taroskeun wéh ka manéhna, da manéhna tos gedé, tos tiasa ngajawab sorangan.” 22  Kolotna ngomong kitu téh bakating ku sieun ka urang Yahudi,+ sabab urang Yahudi geus satuju, mun aya nu nyebut Isa téh Al-Masih, éta jalma bakal dikaluarkeun ti tempat ibadah.+ 23  Éta sababna kolotna ngomong, ”Manéhna tos gedé, mangga taroskeun wéh ka manéhna.” 24  Kadua kalina, maranéhna nyalukan deui lalaki nu tadina lolong téa. Ceuk maranéhna, ”Mulyakeun Allah, jawab sing bener. Urang kabéh nyaho manéhna téh jalma dosa.” 25  Dijawab ku manéhna, ”Dosa henteuna mah abdi teu terang. Nu pasti mah abdi nu tadina lolong, ayeuna bisa ningali.” 26  Tuluy maranéhna nanya, ”Dikumahakeun manéh téh? Kumaha éta jalma ngabeuntakeun panon manéh?” 27  Ditémbalan kieu, ”Pan tadi ku abdi tos dicaritakeun, tapi aranjeun teu ngadangukeun. Ku naon bet naroskeun deui? Aranjeun badé jadi muridna ogé, kitu?” 28  Ngadéngé kitu, maranéhna moyokan, ”Manéh meureun muridna éta jalma mah, ari urang mah murid-muridna Musa. 29  Ka Musa mah, urang nyaho Allah nepikeun paréntah-Na, ari éta jalma mah teu puguh asalna ti mana.” 30  Ceuk éta lalaki, ”Abdi mah héran da, maenya teu tarerang asal anjeunna ti mana, padahal anjeunna tos ngabeuntakeun panon abdi. 31  Sadayana gé terang yén Allah moal ngadangukeun jalma dosa.+ Tapi, Allah bakal ngadangukeun saha waé nu hormat* ka Anjeunna sarta ngalampahkeun kahoyong-Na.+ 32  Ti baheula gé, can aya nu bisa ngabeuntakeun panon jalma nu lolong ti barang lahir. 33  Mun teu diutus ku Allah mah anjeunna moal bisa nanaon.”+ 34  Maranéhna ngomong, ”Dasar jalma nu pinuh ku dosa ti barang lahir! Rék mapatahan urang?” Tuluy manéhna diusir.+ 35  Isa ngadéngé yén éta lalaki geus diusir, jadi waktu panggih jeung manéhna, Isa nanya, ”Manéh boga iman teu ka Anak manusa?” 36  Dijawab kieu, ”Saha anjeunna téh, Pa? Terangkeun atuh ngarah abdi bisa boga iman ka anjeunna.” 37  Isa ngajawab, ”Manéh geus panggih, malah ayeuna keur ngomong jeung manéh.” 38  Ceuk éta lalaki, ”Abdi boga iman ka Juragan.” Bruk manéhna sujud ka Isa. 39  Tuluy Isa ngomong, ”Urang datang ka dunya téh ngarah jalma-jalma bisa dihakiman. Ku kituna nu lolong bisa ningali,+ ari nu bisa ningali jadi lolong.”+ 40  Barang éta kadéngé ku urang Farisi nu aya di dinya, maranéhna ngomong, ”Maksud manéh, urang kabéh téh lalolong?” 41  Isa ngomong, ”Lamun aranjeun lolong, aranjeun teu boga dosa. Tapi lantaran aranjeun ngaku bisa ningali, aranjeun tetep boga dosa.”+

Catetan Tambihan

^ Atawa ”Guru”.
^ As. ”sieun”.