Nu Ditulis ku Yahya 6:1-71

  • Isa méré dahar 5.000 lalaki (1-15)

  • Isa leumpang dina cai (16-21)

  • Isa, ”roti kahirupan” (22-59)

  • Loba nu kasinggung ku omongan Isa (60-71)

6  Sanggeus kitu, Isa meuntasan Situ Galiléa, nu disebut ogé Tibérias.+ 2  Jalma réa terus nuturkeun anjeunna,+ lantaran maranéhna ningali mujijat-mujijat anjeunna basa nyageurkeun nu garering.+ 3  Jadi, Isa jeung murid-muridna naék ka gunung tuluy diuk di dinya. 4  Harita téh geus téréh Perayaan Paskah+ urang Yahudi. 5  Ningali jalma réa sakitu ngabrulna, Isa ngomong ka Filipus, ”Di mana urang bisa meuli roti keur méré dahar maranéhna?”+ 6  Sabenerna, Isa nanya kitu téh rék nguji Filipus, da Isa geus nyaho naon nu rék dilampahkeun. 7  Filipus ngajawab, ”Sanajan duit 200 dinar* dibeulikeun roti tuluy unggal jalma dibéré saeutik séwang, angger wéh moal mahi.” 8  Salah saurang muridna, nyaéta Andréas adina Simon Pétrus, ngomong kieu, 9  ”Ieu aya budak lalaki boga roti barli lima jeung lauk leutik dua. Tapi mahi jang naon?”+ 10  Ceuk Isa, ”Sok titah jalma-jalma dariuk.” Éta tempat téh loba jukutna, jadi maranéhna dariuk. Harita téh aya kira-kira 5.000 lalaki.+ 11  Isa nyokot éta roti, ngucap sukur, tuluy ngabagikeun rotina ka jalma-jalma nu dariuk, nya kitu ogé jeung lauk leutikna. Maranéhna dalahar nepi ka seubeuh. 12  Sanggeus jalma-jalma sareubeuh dahar, Isa ngomong ka murid-muridna, ”Kumpulkeun sésana ngarah euweuh nu kapiceun.” 13  Jadi, sésa ti lima roti nu didalahar ku jalma-jalma téh dikumpulkeun, meunang 12 karanjang pinuh. 14  Basa jalma-jalma ningali ieu mujijat, maranéhna ngomong, ”Ieu jalma téh bener-bener Nabi nu dijangjikeun bakal datang ka dunya.”+ 15  Isa nyaho anjeunna rék dipaksa jadi raja ku maranéhna, jadi Isa indit+ sorangan ka gunung.+ 16  Barang reup peuting, murid-murid Isa tarurun ka situ.+ 17  Maranéhna naék parahu tuluy meuntasan situ rék ka Kapernaum. Barang geus poék, Isa can datang-datang kénéh waé.+ 18  Harita ku lantaran aya angin gedé, situ jadi motah.+ 19  Tapi sanggeus balayar kira-kira lima atawa genep kilométer,* maranéhna ningali Isa leumpang dina cai nyampeurkeun parahu. Maranéhna jadi sarieuneun. 20  Ceuk Isa ka maranéhna, ”Ulah sieun! Ieu urang!”+ 21  Geus kitu mah maranéhna atoh, seug narima Isa kana parahu. Teu lila, parahuna nepi ka tempat nu dijugjug ku maranéhna.+ 22  Isukna, jalma réa nu araya kénéh di peuntaseun situ ningali euweuh parahu di dinya. Tadina mah aya hiji parahu leutik di dinya, tapi dipaké balayar ku murid-muridna, ari Isa mah teu milu. 23  Harita, parahu-parahu ti Tibérias nepi ka hiji tempat, teu jauh ti tempat maranéhna dibéré roti téa ku Juragan sanggeus anjeunna ngucap sukur. 24  Basa jalma réa tadi nyaho yén Isa jeung murid-muridna geus euweuh di dinya, maranéhna naraék kana éta parahu-parahu balayar ka Kapernaum rék néangan Isa. 25  Waktu panggih jeung Isa di peuntaseun situ, maranéhna nanya, ”Rabi,*+ iraha nepi ka dieuna?” 26  Isa ngajawab, ”Urang méré nyaho naon nu bener ka maranéh. Maranéh néangan urang téh lain lantaran ningali mujijat, tapi lantaran geus dahar roti nepi ka seubeuh.+ 27  Digawé téh ulah keur néangan dahareun nu gancang buruk, tapi kuduna mah keur dahareun nu awét jeung bisa mawa hirup langgeng,+ nu bakal dibikeun ku Anak manusa, sabab manéhna geus disatujuan* ku Bapa, nyaéta Allah.”+ 28  Jadi maranéhna nanya, ”Urang kabéh kudu kumaha atuh supaya bisa ngajalankeun pagawéan ti Allah?” 29  Ceuk Isa, ”Pikeun ngajalankeun pagawéan ti Allah, maranéh kudu boga iman ka nu diutus ku Anjeunna.”+ 30  Tuluy maranéhna ngomong, ”Guru rék nyieun mujijat+ naon ngarah urang kabéh ningali jeung percaya? Naon nu bakal dilampahkeun ku Guru? 31  Karuhun urang dahar manna di tanah gurun,+ sakumaha ieu tulisan dina Kitab Suci, ’Anjeunna méré roti ti sorga keur didahar.’”+ 32  Ceuk Isa ka maranéhna, ”Sing percaya kana benerna omongan urang. Musa teu méré roti nu sajati ti sorga, tapi ayeuna Bapa urang méré maranéh roti nu sajati ti sorga. 33  Roti ti Allah téh nyaéta pribadi nu turun ti sorga sarta masrahkeun kahirupanana keur dunya.” 34  Jadi maranéhna ngomong, ”Juragan, mugia urang kabéh terus dibéré éta roti.” 35  Ceuk Isa ka maranéhna, ”Urang roti kahirupan téh. Saha waé nu datang ka urang moal lapar deui, jeung saha waé nu boga iman ka urang moal haus deui.+ 36  Tapi urang geus pernah ngomong, sanajan geus ningali urang, maranéh mah teu percaya.+ 37  Kabéh jalma nu dipasrahkeun ku Bapa ka urang bakal datang ka urang, sarta saha waé nu datang ka urang moal diusir,+ 38  sabab urang turun ti sorga+ téh lain rék ngalampahkeun kahayang sorangan, tapi kahayang Anjeunna nu ngutus urang.+ 39  Anjeunna nu ngutus urang téh hayang kabéh nu dipasrahkeun ka urang ulah aya nu leungit, tapi ku urang kudu dihirupkeun deui+ dina poé panungtungan. 40  Bapa urang gé hayang saha waé nu narima Putra jeung boga iman ka manéhna meunangkeun hirup langgeng.+ Urang bakal ngahirupkeun deui+ éta jalma dina poé panungtungan.” 41  Ti dinya, urang Yahudi pada kukulutus ngaromongkeun anjeunna, sabab anjeunna ngomong, ”Urang téh roti nu turun ti sorga.”+ 42  Maranéhna ngaromongkeun kieu, ”Manéhna téh Isa anakna Yusuf téa, lain? Indung bapana gé urang wawuh, pan?+ Bisa-bisana manéhna ngomong, ’Urang turun ti sorga’.” 43  Ku kituna, Isa ngomong kieu ka maranéhna, ”Ulah kukulutus. 44  Moal aya nu bisa datang ka urang lamun teu ditarik ku Bapa nu ngutus urang.+ Engké manéhna bakal dihirupkeun deui ku urang dina poé panungtungan.+ 45  Para nabi nulis, ’Maranéhna kabéh bakal diajar ku Yéhuwa.’*+ Saha waé nu geus ngadéngékeun Bapa sarta geus diajar ti Bapa bakal datang ka urang. 46  Euweuh nu pernah ningali Bapa,+ kajaba pribadi nu asalna ti Allah. Manéhna mah geus pernah ningali Bapa.+ 47  Sing percaya kana benerna omongan urang. Saha waé nu percaya bakal meunangkeun hirup langgeng.+ 48  ”Urang téh roti kahirupan.+ 49  Karuhun maranéh ngadahar manna di tanah gurun, tapi angger wéh maranéhna maot.+ 50  Tapi, saha waé nu ngadahar roti nu turun ti sorga mah moal bakal maot. 51  Urang téh roti kahirupan nu turun ti sorga. Nu ngadahar ieu roti bakal hirup salilana. Sabenerna, roti nu rék dibikeun ku urang téh daging urang, supaya jalma-jalma di dunya meunangkeun kahirupan.”+ 52  Ngadéngé kitu, urang Yahudi paréa-réa omong jeung pada baturna, cenah, ”Piraku manéhna rék méré dagingna sina didahar ku urang?” 53  Jadi Isa ngomong ka maranéhna, ”Sing percaya kana benerna omongan urang. Lamun teu ngadahar daging Anak manusa sarta teu nginum getihna, maranéh moal bisa hirup.*+ 54  Saha waé nu dahar daging jeung nginum getih urang bakal meunangkeun hirup langgeng. Manéhna gé ku urang bakal dihirupkeun deui+ dina poé panungtungan. 55  Daging urang téh dahareun nu sajati, getih urang gé inuman nu sajati. 56  Saha waé nu ngadahar daging urang jeung nginum getih urang tetep ngahiji jeung urang, urang gé ngahiji jeung manéhna.+ 57  Urang diutus ku Bapa nu hirup, sarta urang gé hirup ku karana Bapa. Nya kitu ogé, jalma nu ngadahar daging urang bakal hirup ku karana urang.+ 58  Tah, ieu roti nu turun ti sorga téh. Ieu mah lain roti nu didahar ku karuhun maranéh, da tungtungna angger wéh maranéhna maot. Saha waé nu ngadahar ieu roti bakal hirup salilana.”+ 59  Anjeunna ngajarkeun ieu téh di tempat ibadah* di Kapernaum. 60  Basa ngadéngé éta, loba muridna ngomong kieu, ”Omonganana téh mani kitu-kitu teuing! Saha nu daék ngadéngékeun omongan kawas kitu?” 61  Barang nyaho murid-muridna kukulutus ngeunaan éta, Isa ngomong, ”Kasinggung maranéh téh? 62  Kumaha mun engké ningali Anak manusa naék ka tempat asalna?+ 63  Nu méré kahirupan téh kawasa suci,+ lain upaya manusa nu taya gunana. Nu diomongkeun ku urang téh asalna ti kawasa suci, éta méré kahirupan.+ 64  Tapi, sababaraha di antara maranéh aya nu teu percaya.” Sabab ti mimiti gé, Isa nyaho saha waé nu teu percaya jeung saha nu bakal ngahianat ka anjeunna.+ 65  Isa neruskeun, ”Éta sababna urang ngomong, moal aya nu bisa datang ka urang lamun teu diidinan ku Bapa.”+ 66  Ku sabab éta, loba murid geus embung nuturkeun anjeunna tuluy baralik deui kana urusanana masing-masing.+ 67  Terus Isa nanya ka 12 rasul, ”Maranéh teu marilu indit?” 68  Simon Pétrus ngajawab, ”Juragan, ka saha deui urang kudu indit?+ Ucapan Juragan téh méré kahirupan nu langgeng.+ 69  Urang kabéh geus percaya jeung nyaho yén Juragan téh Utusan Suci ti Allah.”+ 70  Isa ngajawab, ”Urang milih maranéh téh 12 urang, pan?+ Tapi, nu saurang mah tukang mitnah.”*+ 71  Sabenerna, nu dimaksud ku Isa téh Yudas anakna Simon Iskariot. Manéhna bakal ngahianat ka Isa sanajan manéhna téh salah saurang ti 12 rasul.+

Catetan Tambihan

^ Tingali Lamp. B14.
^ As. ”kira-kira 25 atawa 30 stadium”. Tingali Lamp. B14.
^ Atawa ”Guru”.
^ Atawa ”dicap tanda disatujuan”.
^ Tingali Lamp. A5.
^ As. ”moal boga kahirupan dina diri maranéh”.
^ Atawa bisa jadi ”tempat jalma réa karumpul”.
^ Atawa ”nu saurang mah iblis”.