KITAB SUCI TERJEMAHAN DUNIA BARU

Kumaha Kaayaan Nu Maot?

Sunda
Kumaha Kaayaan Nu Maot?
https://cms-imgp.jw-cdn.org/img/p/1001061100/univ/wpub/1001061100_univ_sqr_xl.jpg
nwt kaca 22

PANANYA 11

Kumaha Kaayaan Nu Maot?

”Lamun napasna eureun, manéhna balik deui jadi taneuh. Harita kénéh, les pipikiranana leungit.”

Jabur 146:4

”Nu hirup nyaho yén bakal maot, ari nu maot mah teu nyaho nanaon . . . Naon waé nu bisa dipigawé ku manéh, sok pigawé sakuat tanaga, da ari di tempat nu bakal dijugjug ku manéh mah, nyaéta Kuburan, moal aya rencana, kanyaho, atawa kabijaksanaan.”

Pandita 9:5, 10

”Isa neruskeun, ’Lazarus sobat urang kabéh téh keur saré. Urang rék ka ditu, rék ngahudangkeun manéhna.’ Sabenerna maksud Isa téh Lazarus geus maot, tapi ku murid-murid dihartikeun saré biasa. Ku kituna Isa nerangkeun, ’Geus maot Lazarus téh.’”

Yahya 11:11, 13, 14