KITAB SUCI TERJEMAHAN DUNIA BARU

Naon Ramalan Alkitab ngeunaan Mésias?

Sunda
Naon Ramalan Alkitab ngeunaan Mésias?
https://cms-imgp.jw-cdn.org/img/p/1001061100/univ/wpub/1001061100_univ_sqr_xl.jpg
nwt kaca 14-15

PANANYA 6

Naon Ramalan Alkitab ngeunaan Mésias?

RAMALAN

”Hé Bétléhém Éfrata, . . . ti manéh, bakal aya hiji jalma nu jadi pangawasa di Israél nu ngawakilan Kuring.”

Mikha 5:2

KAJADIAN

”Isa lahir di Bétléhém di Yudéa dina jaman Hérodés jadi raja. Geus kitu, para ahli béntang ti Wétan datang ka Yérusalém.”

Matius 2:1

RAMALAN

”Baju abdi dibagi-bagikeun di antara maranéhna sorangan, pakéan abdi gé diundi.”

Jabur 22:18

KAJADIAN

”Para prajurit nu makukeun Isa kana tihang téh nyokot baju luar Isa, tuluy dibagi opat . . . Maranéhna gé nyokot baju bagian jerona, tapi éta mah euweuh kaputanana sabab ditinun ti luhur nepi ka handap. Jadi, ceuk maranéhna ka pada baturna, ’Ulah disoéhkeun ieu mah, urang undi wéh ku saha engké beunangna.’”

Yahya 19:23, 24

RAMALAN

”Anjeunna ngajaga tulang-tulang manéhna, hiji gé euweuh nu dipotongkeun.”

Jabur 34:20

KAJADIAN

”Barang maranéhna ngadeukeutan Isa, ari pék téh Isa mah geus maot, jadi sukuna teu dipotongkeun.”

Yahya 19:33

RAMALAN

”Manéhna ditubles ku lantaran palanggaran abdi sadaya.”

Yésaya 53:5

KAJADIAN

”Aya hiji prajurit nu nubleskeun tumbak kana bagian rusukna, brey bijil getih jeung cai.”

Yahya 19:34

RAMALAN

”Ku maranéhna dibayar 30 duit pérak.”

Zakharia 11:12, 13

KAJADIAN

”Geus kitu, salah saurang ti 12 rasul, nu ngaranna Yudas Iskariot, indit manggihan imam-imam kapala jeung ngomong, ’Lamun urang bisa nyerahkeun manéhna, urang rék dibéré naon?’ Maranéhna jangji rék méré 30 duit pérak.”

Matius 26:14, 15; 27:5