KITAB SUCI TERJEMAHAN DUNIA BARU

Naon Ramalan Alkitab ngeunaan Jaman Urang?

Sunda
Naon Ramalan Alkitab ngeunaan Jaman Urang?
https://cms-imgp.jw-cdn.org/img/p/1001061100/univ/wpub/1001061100_univ_sqr_xl.jpg
nwt kaca 16-17

PANANYA 7

Naon Ramalan Alkitab ngeunaan Jaman Urang?

”Bangsa-bangsa bakal silih perangan, karajaan-karajaan ogé silih perangan . . . Tapi, ieu kabéh téh kakara awal tina kasusah.”

Matius 24:7, 8

”Loba nabi palsu muncul jeung loba nu kasasabkeun. Lantaran kajahatan beuki loba, jadi loba nu leungit kanyaah.”

Matius 24:11, 12

”Lamun maranéh ngadéngé dur-derna perang jeung béja-béja ngeunaan perang, ulah sieun sabab ieu kabéh kudu kajadian, tapi ieu téh lain ahirna.”

Markus 13:7

”Bakal aya lini gedé, sarta di mana-mana bakal aya kalaparan jeung wabah panyakit. Jalma-jalma bakal ningali kajadian-kajadian nu pikasieuneun jeung tanda-tanda nu luar biasa di langit.”

Lukas 21:11

”Dina ahir jaman, kaayaan téh bakal susah jeung bahaya, sabab jalma-jalma ngan nyaah ka diri sorangan, mata duitan, gedé omong, sombong, sok ngahina, teu nurut ka kolot, tara nganuhunkeun, teu satia, teu nyaahan, teu daék akur jeung batur, resep mitnah, teu bisa nahan diri, bengis, teu resep kana kahadéan, resep ngahianat, heuras beuheung, gedé hulu, leuwih resep senang-senang tibatan nyaah ka Allah, jeung di hareupeun batur mah siga jalma soléh padahal hirupna teu kitu.”

2 Timotius 3:1-5