Nu Ditulis ku Yahya 21:1-25

  • Isa némbongan ka murid-muridna (1-14)

  • Pétrus ngayakinkeun yén manéhna nyaah ka Isa (15-19)

    • ”Sok béré dahar domba-domba leutik urang” (17)

  • Nu bakal kaalaman ku murid nu dipikanyaah (20-23)

  • Panutup (24, 25)

21  Geus kitu, Isa némbongan deui ka murid-muridna di Situ Tibérias. Kieu kajadianana: 2  Harita Simon Pétrus, Tomas (nu disebut si Kembar),+ Natanaél+ ti Kana di Galiléa, anak-anak Zébédéus,+ jeung dua murid séjén keur karumpul. 3  Simon Pétrus ngomong ka maranéhna, ”Urang rék ngala lauk.” Ceuk maranéhna, ”Urang gé milu atuh.” Tuluy maranéhna indit naék parahu, tapi sapeupeuting teu beubeunangan.+ 4  Sanggeus meleték panonpoé, Isa nangtung di basisir, tapi murid-muridna teu engeuheun yén éta téh Isa.+ 5  Tuluy Isa nanya ka maranéhna, ”Barudak, boga dahareun* teu?” Dijawabna, ”Henteu.” 6  Ceuk anjeunna, ”Sok alungkeun jaringna ka beulah katuhu, engké bakal beubeunangan.” Seug jaring téh dialungkeun. Waktu rék ditarik, jaring téh teu kaangkat bakating ku loba-lobana lauk nu kaala.+ 7  Terus, murid nu dipikanyaah ku Isa+ téa ngomong ka Pétrus, ”Itu Juragan!” Barang dibéjaan yén éta téh Juragan, Simon Pétrus maké baju luarna, da harita keur teu maké baju,* brus ngajleng kana cai. 8  Tapi murid-murid séjén mah nyampeurkeun maké parahu leutik bari narik jaring nu pinuh ku lauk, da maranéhna teu jauh ti darat, ngan kira-kira 90 méter.* 9  Sanggeus nepi ka darat, maranéhna ningali aya sababaraha lauk nu dibeuleum luhureun areng ruhay sarta aya roti. 10  Isa ngomong ka maranéhna, ”Lauk beubeunangan bieu téh sok bawa ka dieu sababaraha siki mah.” 11  Jadi, Simon Pétrus naék kana parahu, jeung narik ka darat jaring nu pinuh ku lauk nu baradag, kabéhanana aya 153 siki. Sanajan laukna loba, jaringna teu soéh. 12  Isa ngomong ka maranéhna, ”Hayu dalahar heula.” Euweuh murid nu wani nanya, ”Anjeun téh saha?” da geus nyarahoeun éta téh Juragan. 13  Isa nyokot roti tuluy dibikeun ka maranéhna, kitu ogé jeung laukna. 14  Ieu téh katilu kalina+ Isa némbongan ka murid-muridna sanggeus dihirupkeun deui. 15  Sanggeus dalahar, Isa nanya ka Simon Pétrus, ”Simon anak Yahya, enya manéh téh leuwih nyaah* ka urang tibatan ka ieu kabéh?” Dijawab ku Pétrus, ”Enya, Juragan. Juragan nyaho urang téh nyaah* ka Juragan.” Ceuk Isa, ”Sok béré dahar anak-anak domba urang.”+ 16  Isa nanya kadua kalina, ”Simon anak Yahya, enya manéh téh nyaah* ka urang?” Jawab Pétrus, ”Enya, Juragan. Juragan nyaho urang téh nyaah* ka Juragan.” Ceuk Isa, ”Panguruskeun domba-domba leutik urang.”+ 17  Isa nanya katilu kalina, ”Simon anak Yahya, enya manéh téh nyaah* ka urang?” Ditanya nyaah* henteuna nepi ka tilu kali, Pétrus jadi sedih pisan tuluy ngajawab kieu, ”Juragan téh nyaho kana sagalana. Juragan nyaho urang téh nyaah* ka Juragan.” Ceuk Isa, ”Sok béré dahar domba-domba leutik urang.+ 18  Sing percaya kana benerna omongan urang. Basa keur ngora kénéh mah manéh bisa maké baju sorangan jeung indit ka mana waé sakahayang manéh. Tapi engké waktu geus kolot, manéh bakal ngangkat leungeun manéh jeung dibajuan ku batur, tuluy dibawa indit ka tempat nu teu dipikahayang ku manéh.” 19  Isa ngomong kitu téh pikeun nunjukkeun carana Pétrus maot sangkan Allah dimulyakeun. Sanggeusna, Isa ngomong ka manéhna, ”Pék terus tuturkeun urang.”+ 20  Pétrus ngalieuk tuluy ningali aya murid nu nuturkeun. Manéhna téh murid nu dipikanyaah ku Isa+ téa, nu diukna deukeut Isa waktu keur dahar peuting sarta nanya kieu, ”Saha jalma nu ngahianat ka Juragan téh?” 21  Jadi waktu manéhna katingali ku Pétrus, Pétrus nanya ka Isa, ”Juragan, ari manéhna kumaha?” 22  Isa ngomong, ”Lamun urang hayang manéhna tetep hirup nepi ka urang datang, ku naon bet dipikiran ku manéh? Geus, manéh mah terus wéh tuturkeun urang.” 23  Jadi aya béja di antara murid-murid yén éta murid téh moal maot, padahal Isa henteu ngomong yén éta murid moal maot, tapi ngomong, ”Lamun urang hayang manéhna tetep hirup nepi ka urang datang, ku naon bet dipikiran ku manéh?” 24  Éta téh murid+ nu nyaritakeun jeung nulis ngeunaan ieu kabéh. Urang kabéh nyaho yén nu dicaritakeunana téh bener. 25  Sabenerna, loba kénéh nu dipigawé ku Isa. Lamun éta kabéh ditulis sajéntré-jéntréna dina gulungan, sigana mah ieu dunya moal cukup keur nyimpen éta gulungan-gulungan.+

Catetan Tambihan

Atawa ”lauk”.
Atawa ”ampir taranjang”.
As. ”kira-kira 200 hasta”. Tingali Lamp. B14.
Kecap Yunanina agapao.
Kecap Yunanina filéo.
Kecap Yunanina agapao.
Kecap Yunanina filéo.
Kecap Yunanina filéo.
Kecap Yunanina filéo.
Kecap Yunanina filéo.