KITAB SUCI TERJEMAHAN DUNIA BARU

Saha Allah téh?

Sunda
Saha Allah téh?
https://cms-imgp.jw-cdn.org/img/p/1001061100/univ/wpub/1001061100_univ_sqr_xl.jpg
nwt kaca 6-7

PANANYA 1

Saha Allah téh?

”Mugia jalma-jalma tarerang yén mung Gusti nu namina Yéhuwa, Nu Maha Agung di sakuliah bumi.”

Jabur 83:18

”Kudu nyaho yén Yéhuwa téh Allah. Urang téh diciptakeun ku Anjeunna, urang milik Anjeunna.”

Jabur 100:3

”Kuring téh Yéhuwa, éta ngaran Kuring. Kuring moal mikeun kamulyaan Kuring ka sasaha. Pujian keur Kuring gé moal dibikeun ka patung-patung ukiran.”

Yésaya 42:8

”Sing saha nu sasambat ka nami Yéhuwa bakal salamet.”

Roma 10:13

”Unggal imah tangtu aya anu ngawangunna, ari sagala hal mah diwangunna ku Allah.”

Ibrani 3:4

”Coba tanggah ka langit, tuh tempo. Saha nu nyiptakeun éta kabéh? Anjeunna téh Allah nu nitah pasukan maranéhna kaluar. Kabéhanana ku Anjeunna diitung hiji-hiji sarta digeroan ku ngaranna masing-masing. Ku karana kakuatana-Na nu kacida gedéna sarta kawasa-Na nu kacida hébatna, kabéhanana aya di tempatna masing-masing.”

Yésaya 40:26