Nu Ditulis ku Yahya 8:12-59

  • Bapa nganyatakeun ngeunaan Isa (12-30)

    • Isa, ”caangna dunya” (12)

  • Anak-anak Ibrahim (31-41)

    • ”Hal nu bener éta bakal ngabébaskeun aranjeun” (32)

  • Anak-anak Iblis (42-47)

  • Isa jeung Ibrahim (48-59)

8   12  Tuluy Isa ngomong deui ka maranéhna, ”Abdi téh caangna dunya.+ Saha waé nu nuturkeun abdi moal leumpang di nu poék, tapi bakal boga caang+ kahirupan.” 13  Jadi urang Farisi ngaromong kieu, ”Manéh nyaritakeun diri sorangan. Omongan manéh teu bisa dipercaya.” 14  Isa ngajawab, ”Sanajan abdi nyaritakeun diri sorangan, omongan abdi téh bener, da abdi mah nyaho abdi téh asalna ti mana jeung rék ka mana.+ Ari aranjeun mah teu nyaho abdi téh asalna ti mana jeung rék ka mana. 15  Aranjeun ngahakiman nurutkeun pamikiran manusa,+ ari abdi mah teu ngahakiman sasaha. 16  Mun ngahakiman gé, abdi mah adil, sabab abdi teu sorangan, tapi disarengan ku Bapa nu ngutus abdi.+ 17  Dina Torét aranjeun gé ditulis, ’Katerangan ti dua jalma téh bener.’+ 18  Abdi nerangkeun diri abdi. Nu kadua, nu nerangkeun diri abdi téh nyaéta Bapa nu ngutus abdi.”+ 19  Tuluy maranéhna nanya, ”Di mana Bapa manéh?” Isa ngajawab, ”Aranjeun teu kenal ka abdi jeung ka Bapa abdi.+ Lamun kenal ka abdi, aranjeun gé kenal ka Bapa abdi.”+ 20  Isa ngomongna téh di tempat kotak-kotak sumbangan+ basa keur ngajar di bait. Tapi euweuh nu néwak anjeunna, sabab harita téh can waktuna.+ 21  Jadi Isa ngomong deui, ”Abdi rék indit, engké bakal ditéangan ku aranjeun, tapi aranjeun bakal maot lantaran dosa sorangan.+ Aranjeun moal bisa datang ka tempat nu dijugjug ku abdi.”+ 22  Urang Yahudi pada ngaromong kieu, ”Ku naon manéhna ngomong yén urang teu bisa datang ka tempat nu dijugjug ku manéhna? Rék maéhan manéh, kitu?” 23  Isa neruskeun, ”Aranjeun mah asalna ti handap, ari abdi mah ti luhur.+ Aranjeun asalna ti ieu dunya, ari abdi mah lain ti ieu dunya. 24  Éta sababna abdi ngomong ka aranjeun: Aranjeun bakal maot lantaran dosa sorangan. Lamun aranjeun teu percaya yén abdi téh pribadi nu bakal datang téa, aranjeun bakal maot lantaran dosa sorangan.” 25  Jadi maranéhna nanya kieu, ”Saha kitu manéh téh?” Isa ngajawab, ”Jang naon deui abdi ngomong ka aranjeun? 26  Loba nu kudu diomongkeun ngeunaan aranjeun sarta loba nu kudu dihakiman ku abdi. Sabenerna, naon nu diomongkeun ku abdi téh hal-hal nu didéngé ti Anjeunna nu ngutus abdi ka dunya. Anjeunna mah pasti bener.”+ 27  Nu dimaksud ku Isa téh Bapana, tapi maranéhna teu ngalartieun. 28  Isa tuluy ngomong, ”Sanggeus aranjeun ngagantung Anak manusa,+ aranjeun bakal nyaho yén abdi téh pribadi nu dicaritakeun ku abdi.+ Aranjeun gé bakal nyaho yén nu dilampahkeun ku abdi téh lain kahayang sorangan.+ Naon nu diajarkeun ku Bapa, éta nu diucapkeun ku abdi. 29  Abdi disarengan ku Anjeunna nu ngutus abdi. Abdi moal ditinggalkeun ku Anjeunna, sabab sagala nu dilampahkeun ku abdi téh nyenangkeun Anjeunna.”+ 30  Waktu Isa ngomongkeun éta kabéh, loba jalma jadi boga iman ka anjeunna. 31  Terus Isa ngomong kieu ka urang Yahudi nu percaya ka anjeunna, ”Lamun aranjeun tetep nyekel pangajaran abdi, aranjeun bener-bener murid abdi. 32  Aranjeun gé bakal nyaho hal nu bener,+ sarta hal nu bener éta bakal ngabébaskeun aranjeun.”+ 33  Nu séjénna némbalan, ”Abdi sadaya pan turunan Ibrahim jeung teu pernah diperbudak ku sasaha. Ku naon anjeun ngomong yén abdi sadaya bakal dibébaskeun?” 34  Isa ngajawab, ”Sing percaya kana benerna omongan abdi. Unggal jalma nu ngalampahkeun dosa téh diperbudak ku dosa.+ 35  Pan jalma nu diperbudak mah moal salilana matuh di imah dununganana, da nu terus matuh di dinya mah anakna. 36  Jadi mun aranjeun dibébaskeun ku Putra, aranjeun téh bener-bener bébas. 37  Abdi nyaho yén aranjeun téh turunan Ibrahim. Tapi aranjeun rék maéhan abdi lantaran teu daék narima omongan abdi. 38  Abdi nyaritakeun hal-hal nu ditingali basa keur bareng jeung Bapa abdi,+ ari aranjeun mah ngalampahkeun hal-hal nu didéngé ti bapa aranjeun.” 39  Dijawab ku maranéhna, ”Bapa urang mah Ibrahim.” Ceuk Isa, ”Lamun aranjeun anak-anak Ibrahim,+ aranjeun bakal nyonto naon nu dilampahkeun ku Ibrahim. 40  Tapi ayeuna, aranjeun kalah ka rék maéhan abdi, padahal abdi méré nyaho hal nu bener nu didéngé ti Allah.+ Ibrahim mah teu kawas aranjeun. 41  Kalakuan aranjeun mah sarua jeung kalakuan bapa aranjeun.” Ceuk maranéhna, ”Urang mah lain anak haram.* Bapa urang téh ngan hiji, nyaéta Allah.” 42  Isa ngomong ka maranéhna, ”Lamun enya Bapa aranjeun téh Allah, aranjeun bakal nyaah ka abdi,+ sabab abdi aya di dieu téh diutus ku Allah. Abdi datang téh lain ku kahayang sorangan, tapi ku kahayang Anjeunna nu ngutus abdi.+ 43  Ku naon aranjeun teu ngarti kana omongan abdi? Sabab aranjeun teu daék narima omongan abdi. 44  Bapa aranjeun mah Iblis, jadi nu ditarurut ku aranjeun téh kahayang bapa aranjeun.+ Ti mimiti gé, manéhna téh tukang maéhan,+ nyimpang ti nu bener, sabab manéhna teu resep ka nu bener. Lamun manéhna ngabohong, éta mah mémang geus watekna, lantaran manéhna téh tukang bohong sarta bapana sagala bohong.+ 45  Sabalikna, abdi mah ngomongkeun naon nu bener, tapi aranjeun teu percaya. 46  Cik saha nu bisa ngabuktikeun abdi boga dosa? Lamun omongan abdi bener, ku naon aranjeun bet teu percaya? 47  Jalma nu asalna ti Allah ngadéngékeun ucapan Allah.+ Matakna, aranjeun mah teu daék ngadéngékeun, da asalna lain ti Allah.”+ 48  Urang Yahudi ngajawab, ”Nya pantes urang nyebut manéh téh urang Samaria+ jeung jalma nu kasurupan.”+ 49  Ceuk Isa, ”Abdi teu kasurupan. Abdi mah hormat ka Bapa, tapi aranjeun teu hormat ka abdi. 50  Abdi teu néangan kamulyaan,+ da nu hayang abdi dimulyakeun mah Allah, nya Anjeunna nu jadi hakim téh. 51  Sing percaya kana benerna omongan abdi. Saha waé nu nurut kana omongan abdi moal pernah maot.”+ 52  Ceuk urang Yahudi, ”Tah, bener pan manéh téh kasurupan? Ibrahim jeung nabi-nabi téh geus maraot, tapi ceuk manéh, saha waé nu nurut kana omongan manéh moal pernah maot. 53  Manéh téh leuwih hébat kitu tibatan Ibrahim bapa urang nu geus maot? Nabi-nabi gé geus maraot. Mémangna manéh téh saha?” 54  Isa ngajawab, ”Lamun abdi ngamulyakeun diri sorangan, éta euweuh hartina. Nu ngamulyakeun abdi mah Bapa abdi,+ nu diaku Allah ku aranjeun. 55  Tapi aranjeun teu kenal ka Anjeunna,+ ari abdi mah kenal.+ Lamun abdi ngomong teu kenal ka Anjeunna, abdi téh tukang bohong siga aranjeun. Tapi, abdi mémang kenal jeung nurut kana kekecapana-Na. 56  Ibrahim bapa aranjeun geus ngadago-dago poéna abdi datang. Anjeunna ngabayangkeun* poé éta bari jeung atoh pisan.”+ 57  Urang Yahudi ngomong ka anjeunna, ”Umur manéh téh 50 taun gé acan, maenya pernah ningali Ibrahim?” 58  Isa ngomong, ”Sing percaya kana benerna omongan abdi. Saacan Ibrahim lahir, abdi geus aya.”+ 59  Ngadéngé kitu, maranéhna mulungan batu rék malédogan Isa, tapi Isa nyumput tuluy kaluar ti bait.

Catetan Tambihan

^ As. ”anak hasil lampah cabul”. Tingali ”Lampah cabul” dina Daptar Istilah.
^ Atawa ”ningali”.