PANANYA 5
Naon Warta Utama Alkitab?
”Ku Kuring manéh bakal disina mumusuhan jeung éta awéwé, kitu ogé turunan manéh bakal mumusuhan jeung turunan éta awéwé. Turunanana bakal ngaremukkeun hulu manéh, ari manéh bakal macok keuneung manéhna.”
”Ku jalan turunan manéh, sakabéh bangsa di bumi bakal meunang berkah, lantaran manéh geus nurut kana omongan Kuring.”
”Mugia Pamaréntahan Bapa énggal ngawasa. Kahoyong Bapa mugia laksana di bumi saperti di sorga.”
”Moal lila deui, Allah nu méré katengtreman bakal ngancurkeun Sétan dina dampal suku aranjeun.”
”Sanggeus kabéhanana disina tunduk ka anjeunna, Putra gé bakal tunduk ka Allah nu ngalantarankeun kabéhanana tunduk ka anjeunna. Geus kitu, Allah bakal jadi hiji-hijina nu ngawasa sagalana.”
”Tah, ngeunaan jangji-jangji Allah ka Ibrahim jeung turunanana . . . , nyaéta Al-Masih. Salian ti éta, lamun aranjeun milik Al-Masih, aranjeun téh bener-bener turunan Ibrahim.”
”Pamaréntahan Gusti urang jeung Al-Masih-Na ayeuna geus maréntah dunya. Anjeunna bakal maréntah jadi raja salalanggengna.”
”Jadi, naga nu gedé éta dibalangkeun ka bumi. Manéhna téh oray nu mimiti téa, nu disebut Iblis jeung Sétan, nu keur nyasabkeun sakabéh penduduk bumi. Para malaikatna gé dibalangkeun ka bumi bareng jeung manéhna.”
”Éta malaikat néwak naga téa, oray nu mimiti, nu disebut Iblis jeung Sétan, tuluy ngaranté manéhna salila 1.000 taun.”

