KITAB SUCI TERJEMAHAN DUNIA BARU

Naha Enya Nu Maot Bisa Hirup Deui?

Sunda
Naha Enya Nu Maot Bisa Hirup Deui?
https://cms-imgp.jw-cdn.org/img/p/1001061100/univ/wpub/1001061100_univ_sqr_xl.jpg
nwt kaca 23

PANANYA 12

Naha Enya Nu Maot Bisa Hirup Deui?

”Ulah héran kana hal ieu, sabab engké aya mangsana kabéh nu aya di jero kuburan bakal ngadéngé sorana tuluy kalaluar.”

Yahya 5:28, 29

”Nu maot bakal dihirupkeun deui, boh jalma bener boh jalma teu bener.”

Kisah 24:15

”Kuring ningali jalma-jalma nu maraot, boh jalma penting boh jalma biasa, narangtung hareupeun tahta, tuluy gulungan-gulungan dibuka. Tapi aya gulungan séjén nu dibuka, nyaéta gulungan kahirupan. Jalma-jalma nu maraot téh diadilan nurutkeun naon nu ditulis dina gulungan-gulungan éta, satimpal jeung kalakuanana. Laut nyerahkeun jalma-jalma nu maraot nu aya di dinya. Maot jeung Kuburan gé nyerahkeun jalma-jalma nu maraot nu aya di dinya. Jalma-jalma éta bakal diadilan satimpal jeung kalakuanana masing-masing.”

Wahyu 20:12, 13