KITAB SUCI TERJEMAHAN DUNIA BARU

Nami Allah dina Kitab-Kitab Ibrani

Sunda
Nami Allah dina Kitab-Kitab Ibrani
https://cms-imgp.jw-cdn.org/img/p/1001061100/univ/wpub/1001061100_univ_sqr_xl.jpg
nwt kaca 2051-2055

A4

Nami Allah dina Kitab-Kitab Ibrani

Nami Allah dina aksara Ibrani kuno nu digunakeun saacan urang Israél diboyong ka Babilon

Nami Allah dina aksara Ibrani nu digunakeun sanggeus urang Israél dibébaskeun ti Babilon

Nami Allah téh ditulis maké opat aksara paéh Ibrani יהוה, nu muncul ampir 7.000 kali dina Kitab-Kitab Ibrani. Opat aksara Ibrani ieu disebut Tétragramaton, dina ieu tarjamahan ditarjamahkeun jadi ”Yéhuwa”. Éta téh nami nu paling sering muncul dina Alkitab. Nu nulis Alkitab téh maké rupa-rupa gelaran jeung istilah keur Allah, saperti ”Nu Mahakawasa”, ”Nu Maha Agung”, jeung ”Gusti”, tapi ngan Tétragramaton nu dipaké pikeun nunjukkeun nami Allah.

Allah Yéhuwa ngabingbing jalma-jalma nu nulis Alkitab pikeun nyatet nami-Na. Misalna, Anjeunna ngabingbing Nabi Yoél pikeun nulis kieu, ”Sing saha nu sasambat ka nami Yéhuwa bakal disalametkeun.” (Yoél 2:32) Anjeunna gé ngabingbing nu nulis kitab Jabur pikeun nulis kieu, ”Mugia jalma-jalma tarerang yén mung Gusti nu namina Yéhuwa, Nu Maha Agung di sakuliah bumi.” (Jabur 83:18) Malahan, dina kitab Jabur wungkul, nami Allah muncul kira-kira 700 kali. Kitab Jabur téh eusina puisi nu dikawihkeun jeung diucapkeun ku umat Allah. Tapi, ku naon nami Allah teu muncul dina loba tarjamahan Alkitab? Ku naon ieu tarjamahan ngagunakeun ”Yéhuwa” pikeun nami Allah? Naon harti nami Yéhuwa?

Potongan téks kitab Jabur dina Gulungan Laut Paéh nu dijieun dina abad kahiji M. Ditulisna ku aksara Ibrani nu biasa dipaké sanggeus urang Israél dibébaskeun ti Babilon, tapi Tétragramaton nu muncul sababaraha kali di dieu ditulisna ku aksara Ibrani kuno

Ku naon nami Allah teu muncul dina loba tarjamahan Alkitab? Rupa-rupa alesanna. Aya nu ngarasa yén Allah Nu Mahakawasa teu perlu boga nami husus. Nu séjénna embung ngagunakeun nami Allah lantaran kapangaruhan ku tradisi Yahudi, sieun dianggap ngahina. Nu séjénna deui teu yakin kumaha percisna ngucapkeun nami Allah, jadi maranéhna ngarasa leuwih merenah mun maké gelaran saperti ”Gusti” atawa ”Allah”. Tapi teu asup akal lantaran hal-hal ieu:

  • Jalma-jalma nu ngarasa yén Allah Nu Mahakawasa teu perlu boga nami husus téh teu mikirkeun bukti-bukti nu aya. Nami Allah aya dina salinan Firman Allah, kaasup dina salinan nu dijieun saacan jaman Nabi Isa. Saperti nu disebutkeun saacanna, Allah nu ngabingbing supaya nami-Na ditulis dina Firman-Na kira-kira 7.000 kali. Jadi, kabukti yén Allah téh hayang urang nyaho sarta ngagunakeun nami-Na.

  • Para panarjamah nu mupus nami Allah lantaran nuturkeun tradisi Yahudi téh henteu mikirkeun hiji hal penting. Sanajan sababaraha urang Yahudi nu jadi tukang nyalin teu daék ngucapkeun nami Allah, éta nami teu dipupus tina salinan Alkitabna. Dina gulungan-gulungan kuno nu kapanggih di Qumran, deukeut Laut Paéh, nami Allah muncul dina loba ayat. Para panarjamah sabenerna nyirikeun yén nami Allah téh muncul dina téks aslina ku cara ngagunakeun gelaran ”GUSTI” maké hurup gedé. Maranéhna sorangan ngaku yén nami Allah muncul rébuan kali dina Alkitab, tapi ku naon sangeunahna diganti atawa dileungitkeun? Saha nu méré idin pikeun ngalampahkeun éta? Ngan maranéhna nu bisa ngajawabna.

  • Jalma-jalma embung ngucapkeun nami Allah lantaran teu yakin kumaha percisna ngucapkeunana, tapi ari nami Isa mah ku maranéhna tetep digunakeun. Padahal dina abad kahiji, cara murid-murid Isa ngucapkeun nami Isa téh béda jeung cara urang Kristen jaman ayeuna. Urang Kristen Yahudi bisa jadi ngucapkeunana Yésyua, sarta ngucapkeun ”Kristus” téh Masyiakh, atawa ”Mésias”. Ari urang Kristen nu maké basa Yunani mah ngucapkeunana Iesous Khristos, sarta urang Kristen nu maké basa Latin ngucapkeunana Iesus Christus. Tapi ku bingbingan Allah, nami Isa téh dicatet dina Alkitab, nyaéta dina basa Yunani. Ieu némbongkeun yén urang Kristen abad kahiji ngagunakeun nami Isa nu umum dipaké ku jalma réa. Ayeuna gé, Panitia Panarjamahan Alkitab Dunya Anyar ngarasa yén ngagunakeun nami ”Yéhuwa” téh asup akal, najan cara ngucapkeunana teu sarua percis siga cara ngucapkeunana dina basa Ibrani kuno.

Ku naon Tarjamahan Dunya Anyar ngagunakeun nami ”Yéhuwa”? Dina basa Sunda, opat aksara Tétragramaton (יהוה) ditulis ku aksara paéh YHWH. Saperti tulisan Ibrani kuno séjénna, Tétragramaton gé teu boga aksara hirup. Jadi waktu dipaké sapopoé, jalma-jalma nambahan aksara hirup nu cocog waktu maca.

Kira-kira 1.000 taun sanggeus Kitab-Kitab Ibrani réngsé ditulis, para ahli Yahudi nyieun aturan diakritik basa Ibrani nu ngabantu jalma-jalma nangtukeun aksara hirup naon nu dipaké waktu maca tulisan Ibrani. Tapi, harita urang Yahudi percaya kana tahayul yén maranéhna teu meunang ngucapkeun nami Allah. Jadi, nami Allah dirobah ku istilah gaganti. Ku sabab éta, waktu maranéhna nyalin Tétragramaton, katingalina maranéhna ngasupkeun aksara-aksara hirup nu aya dina istilah-istilah gaganti éta kana opat aksara paéh nami Allah. Jadi, sanajan dina naskah-naskah kuno aya aturan diakritik siga kitu, cara ngucapkeun nami Allah dina basa Ibrani aslina teu bisa dipastikeun. Aya nu ngarasa cara ngucapkeunana téh ”Yahwéh”, tapi aya ogé nu ngarasa cara ngucapkeunana téh lain kitu. Dina Gulungan Laut Paéh nu eusina sabagian kitab Imamat dina basa Yunani, nami Allah ditransliterasi jadi Iao. Para jurutulis Yunani kuno nganggap cara ngucapkeunana téh Iae, Iabe, jeung Iaoue. Tapi, urang teu bisa mastikeun mana nu bener. Urang teu nyaho kumaha umat Allah jaman baheula ngucapkeun éta nami dina basa Ibrani. (Kajadian 13:4; Budalan 3:15) Nu pasti mah Allah sering nyebutkeun nami-Na waktu nyarita ka umat-Na. Umat-Na gé sering ngucapkeun éta nami waktu ngomong ka Allah jeung ka sasama.—Budalan 6:2; 1 Raja 8:23; Jabur 99:9.

Ku naon ieu tarjamahan ngagunakeun ”Yéhuwa” pikeun nami Allah? Sabab nami ieu geus dipaké di Indonesia ti baheula.

Nami Allah dina Kajadian 15:2 nu aya dina Péntateukh tarjamahan William Tyndale taun 1530

Melchior Leidekker mimiti narjamahkeun Alkitab ka basa Melayu dina taun 1691. Éta Alkitab dipedalkeun taun 1733, sarta dirévisi sababaraha kali. Alkitab Leidekker édisi taun 1858 ngagunakeun nami ”Huwa” dina sakabéh bagian Perjangjian Lawas. Ieu tarjamahan dipaké di Indonesia nepi ka citakan pangahirna taun 1916. Dina taun 1958, Lembaga Alkitab Indonesia (LAI) medalkeun Alkitab basa Melayu nu disebut Terjemahan Lama. Ieu téh gabungan ti Perjanjian Lama Klinkert (1879) jeung Perjanjian Baru Bode (1938). Dina Terjemahan Lama ieu, nami ”Yehuwa” muncul dina Budalan 15:3, sarta nami pondok-Na, nyaéta ”Hua”, muncul dina Jabur 83:19Yésaya 12:2, Yésaya 26:4, jeung Yésaya 42:8. Ieu Alkitab digunakeun di Indonesia nepi ka taun 1974. Sanggeusna, LAI medalkeun gagantina, nyaéta Terjemahan Baru. Jadi dina tarjamahan basa Sunda ieu digunakeun nami ”Yéhuwa”, lantaran éta nami geus lila dipaké di Indonesia.

Nami Allah mimitina muncul dina Alkitab basa Inggris taun 1530, dina Péntateukh nu ditarjamahkeun ku William Tyndale. Manéhna ngagunakeun ”Iehouah”. Tapi, éjahan nami Allah dirobah jadi leuwih modéren lantaran basa Inggris téh barobah. Misalna taun 1612, Henry Ainsworth ngagunakeun ”Iehovah” dina buku Jabur nu ditarjamahkeun ku manéhna. Tuluy taun 1639, waktu éta buku dirévisi sarta dipedalkeun bareng jeung Péntateukh, cara ngucapkeun nami Allah téh dirobah jadi ”Jehovah”. Dina taun 1901, para panarjamah Alkitab American Standard Version ngagunakeun kecap ”Jehovah” unggal nami Allah muncul dina téks Ibrani.

Tétragramaton, YHWH: ”Anjeunna nu Nyababkeun Jadi””

Kecap pagawéan HWH: ”ngajadi”

Naon harti nami Yéhuwa? Dina basa Ibrani, nami Yéhuwa téh asalna tina kecap pagawéan nu hartina ”ngajadi”. Para ahli gé nganggap yén nami Yéhuwa téh asalna tina kecap pagawéan kausatif (nu nyababkeun hiji hal ngajadi). Ku kituna, Panitia Panarjamahan Alkitab Dunya Anyar ngarti yén nami Allah téh hartina ”Anjeunna nu Nyababkeun Jadi”. Pamikiran para ahli téh béda-béda, jadi urang teu bisa keukeuh, ngarasa ngan éta harti nu pangbenerna. Tapi harti éta nami téh mémang cocog pisan keur Yéhuwa, sabab Anjeunna nu Nyiptakeun sagalana sarta Nu Ngawujudkeun rencana Anjeunna. Anjeunna teu ngan saukur nyababkeun jagat raya jeung mahluk nu boga akal budi jadi aya, tapi ogé nyababkeun kahayang jeung rencana-Na terus laksana.

Jadi, harti nami Yéhuwa téh teu ngan saukur nu aya dina Budalan 3:14, nu eusina, ”Kuring Bakal Jadi Naon Waé anu Dipikahayang ku Kuring.” Éta kekecapan can sapinuhna ngajelaskeun harti nami Allah, tapi kakara salah sahiji sipat-Na. Éta némbongkeun yén Anjeunna bisa jadi naon waé pikeun ngalaksanakeun rencana-Na. Tapi lain éta wungkul, harti nami-Na gé bisa ngamaksudkeun yén Anjeunna bisa nyababkeun ciptaana-Na jadi naon waé nu diperlukeun pikeun ngalaksanakeun rencana-Na.