KITAB SUCI TERJEMAHAN DUNIA BARU

Kumaha Cara Ngatur Duit jeung Harta Banda?

Sunda
Kumaha Cara Ngatur Duit jeung Harta Banda?
https://cms-imgp.jw-cdn.org/img/p/1001061100/univ/wpub/1001061100_univ_sqr_xl.jpg
nwt kaca 25

PANANYA 14

Kumaha Cara Ngatur Duit jeung Harta Banda?

”Jalma anu karesepna senang-senang bakal malarat, nu kabeukina cianggur jeung minyak téh moal beunghar-beunghar.”

Siloka 21:17

”Nu nginjeum duit jadi palayanna nu nginjeumkeun.”

Siloka 22:7

”Lamun ti antara maranéh aya nu rék ngawangun munara, tangtu bakal diuk jeung ngitung-ngitung heula biayana, mahi teu nepi ka bérés. Lamun henteu, manéhna ngan bisa nyieun pondasina wungkul, moal nepi ka anggeus. Engké nu narempo téh bakal moyokan, kieu cenah, ’Ieu jalma ngawangun téh ngan bisa ngamimitian, teu bisa nganggeuskeun.’”

Lukas 14:28-30

”Sanggeus jalma-jalma sareubeuh dahar, Isa ngomong ka murid-muridna, ’Kumpulkeun sésana ngarah euweuh nu kapiceun.’”

Yahya 6:12