KITAB SUCI TERJEMAHAN DUNIA BARU

Kumaha Carana Urang Bisa Bagja?

Sunda
Kumaha Carana Urang Bisa Bagja?
https://cms-imgp.jw-cdn.org/img/p/1001061100/univ/wpub/1001061100_univ_sqr_xl.jpg
nwt kaca 26-27

PANANYA 15

Kumaha Carana Urang Bisa Bagja?

”Kajeun kénéh dahar sayur sapiring bareng jeung jalma nu dipikanyaah tibatan dahar daging sapi nu panghadéna tapi bari aya kangéwa.”

Siloka 15:17

”Kuring téh Yéhuwa Allah maranéh, nu ngajar maranéh demi mangpaat maranéh, nu nungtun maranéh kana jalan nu kudu dijugjug.”

Yésaya 48:17

”Bagja jalma-jalma nu ngarasa perlu dibingbing ku Allah, sabab Pamaréntahan sorga téh eukeur maranéhna.”

Matius 5:3

”Maranéh kudu nyaah ka sasama siga ka diri sorangan.”

Matius 22:39

”Naon nu dipiharep ku maranéh ti batur, lampahkeun éta ogé ka batur.”

Lukas 6:31

”Nu bagja mah jalma nu ngadéngékeun firman Allah, tuluy dijalankeun!”

Lukas 11:28

”Sanajan jalma boga loba harta banda, hirupna téh teu gumantung kana hartana.”

Lukas 12:15

”Jadi, lamun boga kadaharan jeung pakéan, urang mah bakal puas.”

1 Timotius 6:8

”Leuwih bagja méré tibatan nampa.”

Kisah 20:35