Wahyu nu Ditarima ku Yahya 21:1-27

  • Langit anyar jeung bumi anyar (1-8)

    • Moal aya deui nu maot (4)

    • Sagalana geus dianyarkeun (5)

  • Gambaran Yérusalém Anyar (9-27)

21  Tuluy, kuring ningali langit anyar jeung bumi anyar.+ Langit nu baheula jeung bumi nu baheula geus euweuh,+ laut+ geus teu aya deui. 2  Kuring gé ningali Yérusalém Anyar, kota suci nu turun ti sorga, nyaéta ti Allah.+ Éta kota téh lir pangantén awéwé nu didangdanan pikeun nyambut calon salakina.+ 3  Kuring ngadéngé sora nu tarik tina tahta nu ngomong kieu, ”Kémah Allah aya di antara manusa. Anjeunna bakal cicing bareng jeung maranéhna, sarta maranéhna bakal jadi umat-Na. Allah bakal nyarengan maranéhna.+ 4  Anjeunna bakal nyusutan sakabéh cipanon maranéhna.+ Moal aya deui nu maot.+ Kitu ogé moal aya deui nu sedih, ceurik, atawa ngarasa nyeri.+ Hal-hal nu heubeul geus sirna.” 5  Allah nu diuk dina tahta+ ngomong kieu, ”Tempo, sagalana dianyarkeun ku Kuring.”+ Anjeunna gé ngomong kieu, ”Tuliskeun ieu, sabab ieu kekecapan téh bener jeung bisa dipercaya.”* 6  Tuluy, Anjeunna ngomong kieu ka kuring, ”Kabéh geus laksana! Kuring téh Alfa jeung Oméga,* nu awal jeung nu ahir.+ Saha waé nu haus, ku Kuring bakal dibéré nginum tina sumber cai kahirupan, teu kudu mayar.+ 7  Saha waé nu unggul bakal narima* hal-hal ieu. Kuring bakal jadi Allah manéhna, sarta manéhna bakal jadi anak Kuring. 8  Sabalikna, jalma nu borangan, nu teu boga iman,+ nu najis jeung pikageuleuheun, tukang maéhan,+ nu ngalampahkeun lampah cabul,*+ nu ngagunakeun élmu gaib,* nu nyembah ka berhala, jeung kabéh tukang bohong+ bakal dibalangkeun ka situ nu seuneuna ngagedur ku walirang.+ Ieu téh ngamaksudkeun maot nu kadua.”+ 9  Salah sahiji ti tujuh malaikat nu mawa tujuh mangkok, nu pinuh ku tujuh musibat pamungkas,+ datang jeung ngomong ka kuring, ”Ka dieu, kuring rék nunjukkeun pangantén awéwé, calon pamajikan Anak Domba.”+ 10  Ku jalan kawasa suci, kuring dibawa ku manéhna ka gunung nu gedé jeung kacida luhurna. Manéhna némbongkeun Yérusalém, kota suci nu turun ti sorga, nyaéta ti Allah.+ 11  Kamulyaan éta kota téh saperti kamulyaan Allah.+ Éta kota gugurilapan siga batu nu mahal pisan, siga batu yaspis nu méncrang lir kristal hérang.+ 12  Éta kota boga témbok nu gedé jeung luhur pisan. Gerbangna aya 12, unggal gerbangna dijaga ku hiji malaikat. Dina unggal gerbangna ditulisan salah sahiji ngaran ti 12 kaom Israél. 13  Di beulah wétan aya tilu gerbang, di beulah kalér aya tilu gerbang, di beulah kidul aya tilu gerbang, jeung di beulah kulon aya tilu gerbang.+ 14  Témbok éta kota ngadeg dina 12 batu pondasi. Dina masing-masing batu ditulisan salah sahiji ngaran ti 12 rasul+ Anak Domba. 15  Malaikat nu ngomong ka kuring téh mawa hiji tongkat emas paranti ngukur éta kota, gerbang-gerbangna, jeung témbokna.+ 16  Éta kota téh bangunna pasagi, panjang jeung lébarna sarua. Manéhna ngukur kota maké éta tongkat, ukuranana téh kira-kira 2.220 kilométer.* Panjangna, lébarna, jeung luhurna sarua. 17  Manéhna gé ngukur témbokna, ukuranana téh kira-kira 64 méter.* Ukuran nu dipaké ku éta malaikat sarua jeung ukuran nu dipaké ku manusa. 18  Témbokna dijieun tina batu yaspis,+ ari kotana tina emas murni, hérang ngagenclang kawas kaca. 19  Pondasi témbok éta kota dijieun tina rupa-rupa batu nu mahal: nu kahiji batu yaspis, kadua sapir, katilu kalsédon, kaopat jamrut, 20  kalima sardonik, kagenep sardis, katujuh krisolit, kadalapan béril, kasalapan topas, kasapuluh krisopras, kasabelas lazuardi, jeung kadua belas kucubung. 21  Dua belas gerbangna téh 12 mutiara. Unggal gerbangna dijieun tina hiji mutiara. Jalan raya éta kota tina emas murni, hérang ngagenclang kawas kaca. 22  Di dinya, kuring teu ningali aya bait, lantaran baitna téh Allah Yéhuwa* Nu Mahakawasa+ jeung Anak Domba. 23  Éta kota teu perlu dicaangan ku panonpoé atawa bulan, lantaran kamulyaan Allah jadi caangna,+ sarta Anak Domba jadi lampuna.+ 24  Éta kota bakal nyaangan jalan nu diliwatan ku bangsa-bangsa.+ Raja-raja di bumi bakal mawa kamulyaan keur éta kota. 25  Gerbang-gerbangna moal bakal ditutup, da di dinya mah ngan aya beurang, euweuh peuting.+ 26  Kamulyaan jeung kahormatan bangsa-bangsa bakal dibawa asup ka dinya.+ 27  Sagala nu najis, kitu deui saha waé nu ngalampahkeun hal-hal nu pikaijideun jeung sok nipu, teu meunang asup.+ Nu meunang asup téh ngan nu ngaranna ditulis dina gulungan kahirupan milik Anak Domba.+

Catetan Tambihan

Atawa ”jeung satia”.
Atawa ”A jeung Z”. Alfa jeung Oméga téh aksara nu mimiti jeung nu ahir dina abjad Yunani.
As. ”ngawaris”.
Atawa ”spiritisme”. Tingali Daptar Istilah.
As. ”12.000 stadium”. Tingali Lamp. B14.
As. ”144 hasta”. Tingali Lamp. B14.
Tingali Lamp. A5.