Surat nu Kahiji keur Timotius 2:1-15

  • Doa demi sagala rupa jalma (1-7)

    • Hiji Allah, hiji perantara (5)

    • Tebusan nu sabanding keur kabéh jalma (6)

  • Pituduh keur para lalaki jeung awéwé (8-15)

2  Nu mimiti, Bapa ngajurung supaya sagala paménta, doa, jeung ucapan sukur ditepikeun ka Allah demi sagala rupa jalma, 2  raja-raja, jeung kabéh pangawasa,*+ supaya hirup urang ayem tengtrem bari ngabdi ka Allah sarta enya-enya dina ngalampahkeun sagala hal.+ 3  Éta téh hadé jeung dipikaresep ku Allah, Jurusalamet urang,+ 4  nu hayang sagala rupa jalma disalametkeun+ jeung boga pangarti nu bener ngeunaan bebeneran. 5  Aya hiji Allah+ jeung hiji perantara+ antara Allah jeung manusa,+ hiji jalma, nyaéta Isa Al-Masih,+ 6  nu ngorbankeun diri jadi tebusan nu sabanding keur kabéh jalma.*+ Jalma-jalma bakal nguarkeun éta perkara dina waktu nu geus ditetepkeun. 7  Bapa dilantik jadi pawarta jeung rasul+ téh pikeun nguarkeun éta perkara.+ Ku kituna, Bapa bisa ngajar bangsa-bangsa+ séjén ngeunaan iman jeung bebeneran. Omongan Bapa téh bener, teu bohong. 8  Jadi, Bapa hayang supaya di unggal tempat téh lalaki-lalaki nu satia terus ngadoa, nadahkeun leungeun,+ miceun kaambek,+ jeung henteu paréa-réa omong.+ 9  Kitu ogé awéwé-awéwé, dangdan téh kudu maké pakéan nu pantes,* kudu saderhana, jeung kudu boga pikiran nu séhat.* Buuk ulah dimodél nu anéh-anéh, ulah maké pakéan nu mahal pisan, sarta ulah reunceum ku emas atawa mutiara,+ 10  tapi kudu ngadangdanan diri ku tingkah laku anu hadé, sakumaha layakna awéwé nu ngaku ngabdi ka Allah.+ 11  Waktu diajar, awéwé téh kudu jempé* jeung bener-bener tunduk.+ 12  Bapa teu ngidinan awéwé ngajar atawa ngawasaan lalaki. Awéwé téh kudu tetep jempé.*+ 13  Éta lantaran nu diciptakeun mimiti téh Adam, kakara Hawa.+ 14  Salian ti éta, Adam mah teu katipu. Nu bener-bener katipu+ nepi ka nyieun dosa téh éta awéwé. 15  Sanajan kitu, aya mangpaatna lamun awéwé ngalahirkeun budak,+ lantaran éta bisa ngajaga manéhna tina lampah goréng. Tapi, manéhna kudu tetep boga iman, kanyaah, kasucian, jeung pikiran nu séhat.*+

Catetan Tambihan

^ Atawa ”kabéh nu kadudukanana leuwih luhur”.
^ Atawa ”keur sagala rupa jalma”.
^ Atawa ”sopan”.
^ Atawa ”kudu bisa nimbang-nimbang”.
^ Atawa ”tenang”.
^ Atawa ”tenang”.
^ Atawa ”jeung bisa nimbang-nimbang”.