Nu Ditulis ku Matius 24:1-51

  • TANDA KAHADIRAN AL-MASIH (1-51)

    • Perang, kalaparan, lini (7)

    • Warta hadé bakal diuarkeun (14)

    • Kasangsaraan nu kacida hébatna (21, 22)

    • Tanda Anak manusa (30)

    • Tangkal ara (32-34)

    • Siga jaman Nuh (37-39)

    • Kudu terus waspada (42-44)

    • Palayan nu satia jeung palayan nu jahat (45-51)

24  Basa Isa ninggalkeun bait, murid-muridna nuduhkeun wangunan-wangunan bait. 2  Tapi anjeunna ngomong kieu, ”Maranéh tajub ningali ieu kabéh? Sing percaya, ieu kabéh bakal dirugrugkeun, moal aya hiji-hiji acan batu nu nyusun di luhureun batu séjén.”+ 3  Basa anjeunna keur diuk di Gunung Zaitun, murid-muridna nyalampeurkeun waktu keur euweuh sasaha, tuluy nanya kieu, ”Béjaan urang-urang, iraha éta kabéh bakal kajadian? Naon tandana kahadiran*+ Guru jeung tandana panungtungan ieu jaman?”*+ 4  Isa ngajawab, ”Kadé, maranéh ulah beunang kabobodo,+ 5  sabab loba nu bakal datang maké ngaran urang, seug ngaku-ngaku, ’Urang Al-Masih téh,’ sarta loba nu bakal kasasabkeun.+ 6  Maranéh bakal ngadéngé dur-derna perang jeung béja-béja ngeunaan perang. Maranéh teu kudu sieun, sabab ieu kabéh kudu kajadian, tapi ieu téh lain ahirna.+ 7  ”Sabab bangsa-bangsa bakal silih perangan, karajaan-karajaan ogé silih perangan,+ sarta bakal aya kalaparan+ jeung lini di mana-mana.+ 8  Tapi, ieu kabéh téh kakara awal tina kasusah.* 9  ”Tuluy jalma-jalma bakal nyangsarakeun+ jeung maéhan maranéh.+ Maranéh gé bakal dipikangéwa ku kabéh bangsa lantaran nuturkeun urang.+ 10  Loba ogé nu bakal ngajauh ti Allah, silih hianat, jeung silih pikangéwa. 11  Loba nabi palsu muncul jeung loba nu kasasabkeun.+ 12  Lantaran kajahatan beuki loba, jadi loba nu leungit kanyaah. 13  Tapi, nu tabah* nepi ka ahir bakal disalametkeun.+ 14  Salian ti éta, warta hadé ngeunaan Pamaréntahan Allah bakal diuarkeun ka sakuliah dunya supaya kadéngé ku kabéh bangsa,+ geus kitu kakara ahir éta datang. 15  ”Ku kituna, waktu maranéh ningali hal pikaijideun nu nyababkeun kabinasaan, sakumaha nu disebutkeun ku Nabi Daniél, aya di tempat suci+ (supaya bisa paham, nu maca kudu mikirkeun bener-bener), 16  saha waé nu aya di Yudéa kudu kabur ka pagunungan.+ 17  Nu aya di hateup* imah, ulah turun pikeun nyokotan barang-barang di jero imah. 18  Nu aya di kebon, ulah balik heula nyokot baju luar. 19  Cilaka awéwé nu keur ngandung jeung nu keur nyusuan orokna dina mangsa éta! 20  Pék terus ngadoa supaya waktu kabur téh lain keur usum tiris atawa keur poé Sabat, 21  sabab dina mangsa éta bakal aya kasangsaraan nu kacida hébatna+ nu can pernah kajadian ti mimiti ayana dunya nepi ka ayeuna, jeung moal bakal kajadian deui.+ 22  Malah lamun éta mangsa teu disinggetkeun, moal aya nu salamet. Tapi demi jalma-jalma nu geus dipilih, mangsa éta bakal disinggetkeun.+ 23  ”Salian ti éta, lamun aya nu ngomong ka maranéh, ’Tah, Al-Masih aya di dieu!’+ atawa ’Tuh, Al-Masih aya di ditu!’ ulah percaya.+ 24  Sabab bakal muncul loba Al-Masih jeung nabi palsu.+ Maranéhna bakal nyieun loba mujijat* nu luar biasa supaya bisa nyasabkeun+ jalma-jalma nu geus dipilih ku Allah. 25  Inget! Maranéh ku urang geus dibéjaan. 26  Jadi mun aya nu ngomong, ’Tuh, anjeunna aya di tanah gurun,’ ulah ka ditu, atawa ’Tuh, anjeunna aya di kamar rasiah,’ ulah percaya.+ 27  Sabab siga kilat nu muncul di wétan jeung ngaburinyay nepi ka kulon, nya kitu ogé kahadiran* Anak manusa engké.+ 28  Di mana aya bangké, nya di dinya ngumpulna manuk heulang.+ 29  ”Teu lila sanggeus mangsa kasangsaraan éta, panonpoé bakal poék,+ bulan moal cahayaan, béntang-béntang bakal ragragan ti langit, jeung kawasa-kawasa di langit bakal oyag.+ 30  Geus kitu, tanda Anak manusa bakal katempo di langit. Sakabéh suku bangsa bakal ngagebugan dirina sorangan tanda sedih.+ Maranéhna gé bakal nempo Anak manusa+ datang dina méga* di langit ku kakawasaan jeung kamulyaan nu hébat.+ 31  Bakal aya sora tarompét nu tarik, tuluy manéhna bakal ngutus para malaikatna ka opat arah angin pikeun ngumpulkeun jalma-jalma nu geus dipilih, ti tungtung langit ieu nepi ka tungtung langit itu.+ 32  ”Pék diajar tina ibarat ngeunaan tangkal ara: Lamun dahan-dahan anyarna ngahéjoan jeung daunan, éta tandana geus téréh usum panas.+ 33  Kitu ogé, lamun maranéh ningali éta kabéh, éta tandana Anak manusa geus aya di lawang panto.+ 34  Sing percaya, jalma-jalma dina jaman ieu* moal musna nepi ka ieu kabéh kajadian. 35  Langit jeung bumi bakal euweuh, tapi kekecapan urang bakal aya salilana.+ 36  ”Ngeunaan poé jeung jamna euweuh nu nyaho,+ para malaikat di sorga jeung Putra gé teu nyaho, ngan Bapa nu terang.+ 37  Kahadiran* Anak manusa+ téh kaayaanana bakal sarua siga jaman Nuh.+ 38  Saacan Caah Gedé, jalma-jalma dahar jeung nginum, lalaki kawin sarta awéwé dikawinkeun, kitu baé nepi ka poéna Nuh asup kana kapal.*+ 39  Maranéhna teu arengeuheun nepi ka Caah Gedé datang jeung ngabasmi maranéhna kabéh.+ Nya kitu ogé kaayaanana engké dina kahadiran Anak manusa. 40  Harita, ti dua lalaki nu keur aya di kebon, saurang bakal dibawa, saurang deui bakal ditinggalkeun. 41  Ti dua awéwé nu keur ngagiling gandum, saurang bakal dibawa, saurang deui bakal ditinggalkeun.+ 42  Jadi, maranéh kudu terus waspada, sabab maranéh teu nyaho iraha Juragan maranéh bakal datang.+ 43  ”Pikirkeun ieu: Lamun nu boga imah nyaho jam sabaraha* bangsat bakal datang,+ manéhna bakal terus waspada ngarah imahna teu dibobol.+ 44  Ku sabab éta, maranéh gé kudu siap,+ sabab Anak manusa bakal datang dina waktu nu teu kasangka-sangka. 45  ”Saha sabenerna palayan nu satia jeung bijaksana nu diangkat ku dununganana pikeun ngurus palayan-palayan imahna, pikeun méré dahar pas dina waktuna?+ 46  Bagja éta palayan lamun waktu dununganana datang, katempo keur ngajalankeun tugasna!+ 47  Sing percaya, dununganana tangtu ngangkat manéhna pikeun ngurus sakabéh harta bandana. 48  ”Tapi saupama palayan nu jahat mikir, ’Dunungan urang mah moal waka datang,’+ 49  terus manéhna neunggeulan palayan-palayan séjén sarta dahar nginum bareng jeung tukang mabok, 50  ari pék téh jol dununganana datang dina poé nu teu kasangka-sangka sarta dina jam nu teu kanyahoan ku manéhna,+ 51  éta palayan bakal dihukum sabeurat-beuratna jeung dibalangkeun ka tempatna jalma-jalma munapék. Di dinya, manéhna bakal ceurik bari huntuna tingkereket.+

Catetan Tambihan

^ Atawa ”sistim”. Tingali Daptar Istilah.
^ Siga kanyeri nu dirasakeun ku awéwé nu rék ngajuru.
^ Atawa ”satia”.
^ Harita, kalolobaan imah téh hateupna rata, siga loténg nu sok dipaké keur rupa-rupa kagiatan.
^ As. ”tanda”.
^ Atawa ”awan”.
^ Atawa ”génerasi ieu”.
^ Atawa ”bahtera”, nyaéta kapal gedé nu bangunna kotak siga peti.
^ Atawa ”dina giliran jaga nu mana”.