Nu Ditulis ku Matius 14:1-36

  • Yahya Jurubaptis dipenggel sirahna (1-12)

  • Isa méré dahar 5.000 lalaki (13-21)

  • Isa leumpang dina cai (22-33)

  • Nyageurkeun jalma-jalma di Génésarét (34-36)

14  Harita, Hérodés pangawasa daérah Galiléa ngadéngé laporan ngeunaan Isa,+ 2  tuluy ngomong ka palayan-palayanna, ”Moal salah, manéhna téh Yahya Jurubaptis téa. Manéhna geus hirup deui, matakna bisa nyieun mujijat-mujijat kawas kitu.”+ 3  Saméméhna, Yahya ku Hérodés* ditéwak, diranté, jeung dipanjarakeun lantaran perkara Hérodias, nu tadina pamajikan Filipus, lanceukna Hérodés.+ 4  Yahya sering negor manéhna, ”Éta awéwé teu meunang dikawin.”+ 5  Najan hayang maéhan, Hérodés teu wanieun lantaran Yahya dianggap nabi ku jalma réa.+ 6  Tapi dina perayaan ulang taun Hérodés,+ anak awéwéna Hérodias ngigel di hareupeun tamu-tamu. Hérodés atoheun pisan+ 7  nepi ka ngucap sumpah rék méré naon waé nu dipénta ku manéhna. 8  Tuluy lantaran dititah ku indungna, anakna ngomong, ”Abdi nyuhunkeun sirahna Yahya Jurubaptis dina baki.”+ 9  Hérodés teu resepeun, tapi da lantaran geus sumpah di hareupeun para tamu, éta paménta dicumponan. 10  Jadi, manéhna nitah jalma pikeun menggel sirah Yahya nu aya di panjara. 11  Sirahna diteundeun dina baki, dibikeun ka éta anak awéwé, tuluy ku manéhna dibikeun ka indungna. 12  Ka dieunakeun, murid-murid Yahya nyokot mayitna tuluy dikuburkeun. Geus kitu, maranéhna ngabéjaan Isa. 13  Ngadéngé kitu, Isa naék parahu indit ka tempat nu sepi rék nyorangan, tapi kanyahoan ku jalma réa. Maranéhna leumpang ti kotana masing-masing rék nyusul Isa.+ 14  Waktu turun tina parahu, Isa ningali jalma réa geus karumpul. Anjeunna karunyaeun,+ jadi kabéh nu gering dicalageurkeun.+ 15  Waktu geus soré, murid-muridna nyampeurkeun jeung ngomong ka anjeunna, ”Ieu tempat téh jauh ti mamana, jaba geus soré deuih. Jalma-jalma téh sina bubar baé, sina meuli dahareun sorangan ka kampung-kampung.”+ 16  Tapi, Isa ngajawab, ”Ulah disina indit. Maranéh wéh nu méré dahar.” 17  Ceuk maranéhna, ”Urang teu boga nanaon, ngan boga lima roti jeung dua lauk.” 18  Dijawab ku Isa, ”Sok ka dieukeun.” 19  Geus kitu, anjeunna nitah jalma réa dariuk dina jukut. Tuluy, anjeunna nyokot lima roti jeung dua lauk éta, tanggah ka langit, jeung ngucap sukur.+ Rotina disemplékan, dibikeun ka murid-muridna. Geus kitu, ku murid-muridna dibagi-bagikeun ka jalma réa. 20  Kabéh dalahar nepi ka wareg. Tuluy sésana dikumpulkeun, aya 12 karanjang pinuh.+ 21  Nu dalahar téh aya 5.000 lalaki, can kaasup awéwé jeung barudak.+ 22  Geus kitu, anjeunna langsung nitah murid-muridna indit ti heula ka peuntas naék parahu. Ari anjeunna mah rék ngabubarkeun jalma réa.+ 23  Sanggeus ngabubarkeun jalma réa, anjeunna naék ka gunung sorangan rék ngadoa.+ Di dinya, anjeunna nyorangan nepi ka peuting. 24  Ari parahuna murid-murid geus aya di tengah situ, ratusan méter* ti darat. Parahuna kaumbang-ambing ku ombak sabab anginna ngagelebug. 25  Subuh-subuh,* anjeunna nyampeurkeun murid-muridna, leumpang dina cai. 26  Waktu murid-muridna ningali aya nu keur leumpang dina cai, maranéhna rareuwaseun, tuluy ngomong, ”Éta naon siga aya nu datang!”* Maranéhna tingjarerit sarieuneun. 27  Isa langsung ngomong ka maranéhna, ”Tenang, ulah sieun! Ieu urang.”+ 28  Dijawab ku Pétrus, ”Juragan, lamun mémang bener éta Juragan, titah abdi ka dinya, leumpang dina cai.” 29  Ceuk Isa, ”Sok ka dieu!” Jadi, Pétrus turun tina parahu, leumpang dina cai, nyampeurkeun Isa. 30  Tapi barang ningali angin ribut, Pétrus sieuneun. Manéhna méh tilelep, terus ngagorowok, ”Tulungan, Juragan!” 31  Isa langsung nyodorkeun leungeunna nyekel Pétrus bari ngomong, ”Naha manéh bet kurang percaya jeung asa-asa?”+ 32  Sanggeus maranéhna naék kana parahu, jep anginna jempé. 33  Murid-murid nu aya dina parahu sujud ka anjeunna tuluy ngomong, ”Juragan téh bener-bener Putra Allah.” 34  Maranéhna nepi ka peuntas, tuluy balabuh di Génésarét.+ 35  Urang dinya nu wawuheun ka Isa ngabéjaan jalma-jalma di sakuliah daérah éta. Jadi, maranéhna marawaan kabéh nu gering. 36  Maranéhna ménta diidinan nyabak tungtung baju luarna.+ Kabéh nu nyabak jadi calageur.

Catetan Tambihan

^ Nyaéta Hérodés Antipas. Tingali Daptar Istilah.
^ As. ”loba stadium”. 1 stadium = 185 m.
^ As. ”Dina giliran jaga nu kaopat”. Kira-kira jam 3 nepi ka jam 6 isuk.
^ Atawa ”Aya titingalian!”