Nu Ditulis ku Matius 17:1-27
17 Genep poé ti harita, Isa ngajak Pétrus sarta Yakobus jeung dulurna, nyaéta Yahya, ka gunung nu luhur, ngan opatan baé.+
2 Tuluy, tiluanana ningali rupa Isa barobah. Beungeutna caang kawas panonpoé, baju luarna bodas nyacas.+
3 Bréh katempo ku maranéhna aya Musa jeung Élia keur ngobrol jeung anjeunna.
4 Tuluy Pétrus ngomong ka Isa, ”Juragan, urang resep pisan bisa aya di dieu. Mun daék, ku urang dipangmasangkeun tilu kémah, keur Juragan, Musa, jeung Élia.”
5 Pétrus keur ngomong kénéh, bray aya méga* ngagebray turun mayungan maranéhna, tuluy aya sora tina méga, ”Tah ieu Putra Kuring téh. Kuring nyaah jeung resep ka manéhna.+ Sing nurut ka manéhna.”+
6 Bakating ku sieun ngadéngé éta sora, murid-muridna sarujud.
7 Isa nyampeurkeun tuluy nyabak maranéhna. Ceuk anjeunna, ”Cengkat, ulah sieun.”
8 Barang tanggah, nu ditingali téh ngan Isa wungkul.
9 Basa maranéhna turun gunung, Isa nitah, ”Nu ditingali ku maranéh ulah waka dibéjakeun ka sasaha nepi ka Anak manusa dihirupkeun deui.”+
10 Tapi, murid-murid naranya kieu ka anjeunna, ”Ku naon para ahli Torét ngomong Élia kudu datang ti heula?”+
11 Anjeunna ngajawab, ”Élia mémang bakal datang jeung nyiapkeun sagalana.+
12 Urang ngabéjaan, sabenerna Élia geus datang, tapi jalma-jalma teu nyarahoeun, kalah ka sakarep-karep ka manéhna.+ Anak manusa gé bakal dikitukeun ku jalma-jalma.”+
13 Murid-murid ngarti nu dimaksud téh Yahya Jurubaptis.
14 Sanggeus maranéhna bareng deui jeung jalma réa,+ datang hiji jalma sideku di hareupeun Isa tuluy ngomong,
15 ”Juragan, sing karunya ka budak lalaki abdi. Manéhna boga panyakit ayan,* sok tikusruk kana seuneu jeung sok tigejebur kana cai.+
16 Ku abdi tos dibawa ka murid-murid, tapi aranjeunna teu bisa nyageurkeun.”
17 Isa ngajawab, ”Jalma-jalma jahat nu teu boga iman,+ rék nepi ka iraha urang kudu babarengan jeung maranéh? Rék nepi ka iraha urang kudu sabar ka maranéh? Bawa ka dieu budakna.”
18 Roh jahatna dibentak ku Isa, seug roh jahat téh kaluar. Éta budak cageur harita kénéh.+
19 Waktu keur euweuh sasaha, murid-murid ngadeukeutan Isa tuluy nanya, ”Ku naon urang-urang mah teu bisa ngusir éta roh?”
20 Anjeunna ngajawab, ”Sabab iman maranéh leutik. Sing percaya, lamun maranéh boga iman sagedé siki sasawi,* maranéh bisa nitah ka ieu gunung, ’Pindah ka ditu,’ éta gunung bakal pindah. Euweuh nu mustahil keur maranéh.”+
21 * ——
22 Basa keur ngumpul di Galiléa, Isa ngomong ka murid-muridna, ”Anak manusa bakal dihianatan tuluy diserahkeun ka leungeun musuh.+
23 Manéhna bakal dipaéhan tuluy dina poé katilu bakal dihirupkeun deui.”+ Murid-muridna sarediheun pisan.
24 Sanggeus maranéhna nepi ka Kapernaum, Pétrus disampeurkeun ku tukang narik pajeg bait* tuluy ditanya, ”Ari guru anjeun sok mayar pajeg tara?”+
25 Dijawab, ”Osok.” Tapi, basa asup ka imah, Isa langsung ngomong ka manéhna, ”Simon, ari ceuk manéh kumaha? Raja-raja di dunya meunang bayaran atawa pajeg* ti saha? Ti barudakna atawa ti batur?”
26 Basa dijawab, ”Ti batur,” Isa ngomong deui, ”Jadi, sabenerna mah barudakna teu kudu mayar pajeg.
27 Tapi ngarah teu piributeun,+ sok nguseup ka situ, cokot lauk nu mimiti kaala ku manéh, engké dina sungutna aya duit pérak.* Pék cokot duitna keur mayar pajeg jang urang duaan.”

