Nu Ditulis ku Matius 4:1-25
4 Tuluy, Isa ditungtun ku kawasa suci ka tanah gurun. Di ditu, anjeunna digoda+ ku Iblis.+
2 Sanggeus puasa 40 poé 40 peuting, anjeunna lapar.
3 Jol Iblis datang ngagoda+ Isa, ”Lamun bener anjeun putra Allah, coba éta batu-batu jadikeun roti.”
4 Tapi anjeunna ngajawab, ”Aya ayat nu nyebutkeun, ’Manusa hirup téh lain ku dahareun* wungkul, tapi ku unggal kekecapan ti Yéhuwa.’”*+
5 Tuluy, Iblis mawa Isa ka puncak bait+ nu aya di kota suci.+
6 Manéhna ngomong, ”Lamun bener anjeun putra Allah, sok ngajleng. Pan aya ayat nu nyebutkeun, ’Anjeunna bakal maréntahkeun malaikat-malaikat-Na,’ sarta, ’Para malaikat-Na bakal ngangkat anjeun ku leungeun maranéhna, supaya suku anjeun teu tigasruk kana batu.’”+
7 Isa ngajawab, ”Aya ogé ayat nu nyebutkeun, ’Ulah nguji Yéhuwa* Allah manéh.’”+
8 Sanggeusna, Isa dibawa ka gunung anu luhur pisan. Di dinya, Iblis némbongkeun sakabéh karajaan di dunya jeung sagala kamulyaanana.+
9 Terus ceuk Iblis, ”Ieu kabéh rék dibikeun ka anjeun, asal anjeun daék sujud jeung nyembah ka kuring sakali waé.”
10 Terus Isa ngajawab, ”Nyingkah manéh, Sétan! Sabab aya ayat nu nyebutkeun, ’Manéh kudu nyembah ka Yéhuwa* Allah manéh.+ Ngan ka Anjeunna manéh kudu ngabdi.’”+
11 Léos si Iblis nyingkah,+ tuluy para malaikat daratang ngalalayanan Isa.+
12 Basa Isa ngadéngé Yahya ditéwak,+ anjeunna indit ka Galiléa.+
13 Tuluy sanggeus ninggalkeun Nazarét, anjeunna nepi ka Kapernaum,+ deukeut situ di daérah Zébulon jeung Naftali, tuluy mondok di ditu.
14 Ku kituna, naon nu disebutkeun ku jalan Nabi Yésaya laksana, nyaéta,
15 ”Éh tanah Zébulon jeung tanah Naftali, nu aya di sapanjang jalan ka laut, di peuntaseun Walungan Yordan, Galiléa nu dicicingan ku bangsa-bangsa séjén!
16 Jalma-jalma nu aya di nu poék bakal ningali cahaya gumilang. Jalma-jalma nu kapoékan ku ajal bakal kasorot ku cahaya.”+
17 Ti saprak harita, Isa méré nyaho jalma-jalma, ”Geura tarobat lantaran Pamaréntahan sorga geus téréh datang.”+
18 Waktu mapay basisir Situ Galiléa, Isa panggih jeung adi lanceuk, nyaéta Simon, nu disebut Pétrus,+ jeung Andréas adina. Maranéhna keur ngajaring lauk, da pagawéanana téh nalayan.+
19 Ceuk Isa, ”Hayu milu jeung urang. Ku urang rék diajarkeun ngala jalma.”+
20 Harita kénéh jaringna diculkeun, tuluy maranéhna milu jeung Isa.+
21 Ti dinya, Isa indit tuluy panggih jeung anak-anakna Zébédéus, nyaéta Yakobus jeung Yahya.+ Maranéhna keur ngoméan jaring dina parahu bareng jeung bapana, tuluy ku Isa digeroan.+
22 Seug harita kénéh maranéhna marilu. Bapana ditinggalkeun dina parahu.
23 Geus kitu, Isa ngideran sakuliah Galiléa.+ Anjeunna ngajar di tempat-tempat ibadah+ sarta nguarkeun warta hadé ngeunaan Pamaréntahan Allah. Anjeunna gé nyageurkeun jalma-jalma gering nu panyakitna rupa-rupa.+
24 Béja ngeunaan Isa nyebar ka sakuliah Siria. Ku kituna, loba jalma murubul marawa nu garering, nu kasiksa ku rupa-rupa kasakit,+ nu kasurupan,+ nu ayan,+ jeung nu lumpuh. Kabéhanana dicageurkeun ku Isa.
25 Éta sababna, loba jalma datang nuturkeun anjeunna. Aya nu ti Galiléa, Dékapolis,* Yérusalém, Yudéa, jeung ti peuntaseun Walungan Yordan.

