Nu Ditulis ku Matius 11:1-30

  • Yahya Jurubaptis dipuji (1-15)

  • Isa ngutuk jalma-jalma nu teu paduli (16-24)

  • Isa muji Bapana nu resep ka jalma saderhana (25-27)

  • Kai tanggungan Isa ngeunaheun (28-30)

11  Sanggeus Isa bérés méré pituduh ka 12 muridna, anjeunna indit ka kota-kota deukeut dinya pikeun ngajar jeung ngawawar.+ 2  Yahya nu keur di panjara+ ngadéngé sagala nu dilampahkeun ku Al-Masih. Anjeunna nitah murid-muridna+ 3  nanya kieu ka Isa, ”Leres anjeun téh Pribadi nu dijangjikeun téa, atanapi abdi sadaya kedah ngantosan nu lian?”+ 4  Isa ngajawab, ”Béjakeun ka Yahya naon nu didéngé jeung nu ditingali ku maranéh:+ 5  Nu lolong jadi bisa ningali,+ nu lumpuh jadi bisa leumpang, nu kusta+ jadi cageur, nu torék jadi bisa ngadéngé, nu maot dihirupkeun deui, jeung nu miskin ngadéngé warta hadé.+ 6  Bagja jalma nu teu cangcaya ka urang.”+ 7  Sanggeus maranéhna baralik, Isa ngomong ngeunaan Yahya ka jalma réa, ”Maranéh indit ka tanah gurun téh rék nempo naon?+ Jujukutan jangkung nu luak-léok katebak ku angin?+ 8  Mun lain, rék nempo naon? Jalma nu maké baju méwah?* Jalma nu kawas kitu mah ayana di istana raja-raja. 9  Jadi, maranéh indit téh rék nempo naon? Nabi? Éta bener. Ceuk urang mah manéhna leuwih luhur tibatan nabi.+ 10  Manéhna nu dimaksud dina tulisan ieu: ’Kuring ngirim utusan miheulaan manéh, nu nyiapkeun jalan keur manéh!’+ 11  Sing percaya, di antara jalma nu pernah dijurukeun ku awéwé, euweuh nu leuwih luhur tibatan Yahya Jurubaptis. Tapi, nu pangleutikna dina Pamaréntahan sorga leuwih punjul tibatan manéhna.+ 12  Ti mimiti Yahya Jurubaptis ngalalayanan nepi ka ayeuna, jalma-jalma sakuat tanaga ngupayakeun asup kana Pamaréntahan sorga. Jalma nu teu nyerah bakal asup ka dinya.+ 13  Nepi ka jamanna Yahya, kabéh Kitab Para Nabi jeung Torét geus ngaramalkeun naon nu bakal kajadian.+ 14  Maranéh rék percaya rék henteu, Yahya téh ’Élia* nu bakal datang’ téa.+ 15  Saha waé nu baroga ceuli, sok déngékeun bener-bener. 16  ”Ari jalma-jalma jaman kiwari bisa diupamakeun kawas saha?+ Kawas barudak nu dariuk di pasar jeung ngomong ka babaturanana, 17  ’Urang niup suling, tapi maranéh henteu ngigel. Urang ngawihkeun lagu sedih, tapi maranéh henteu milu sedih.’* 18  Kitu ogé, Yahya datang, teu dahar jeung teu nginum cianggur, tapi ceuk jalma-jalma, ’Manéhna kasurupan roh jahat.’ 19  Anak manusa osok dahar osok nginum cianggur,+ tapi ceuk jalma-jalma, ’Tuh tempo, jalma rewog, tukang nginum cianggur. Babaturanana gé tukang narik pajeg jeung jalma-jalma dosa.’+ Sanajan kitu, kabijaksanaan hiji jalma katémbong* tina lalampahanana.”*+ 20  Aya kota-kota nu teu daraék tobat, padahal Isa nyieun mujijat panglobana di dinya. Jadi, éta kota-kota ku anjeunna dicawad, 21  ”Cilaka manéh, Khorazin! Cilaka manéh, Bétsaida! Lamun mujijat-mujijat nu ditémbongkeun ka maranéh ditémbongkeun di Tirus jeung Sidon, jalma-jalma di dinya geus ti baréto kénéh maraké kaén goni jeung ngawuran awakna ku lebu tanda tarobat.+ 22  Urang ngabéjaan, dina Poé Pangadilan, hukuman keur maranéh bakal leuwih beurat tibatan hukuman keur Tirus jeung Sidon.+ 23  Kitu deui manéh, Kapernaum,+ samaruk manéh rék dibawa ka sorga, kitu? Moal, manéh rék ditotogkeun ka Kuburan,*+ sabab lamun mujijat-mujijat nu ditémbongkeun ka manéh ditémbongkeun di Sodom, éta kota masih kénéh aya nepi ka ayeuna. 24  Urang ngabéjaan, dina Poé Pangadilan, hukuman keur manéh bakal leuwih beurat tibatan hukuman keur Sodom.”+ 25  Harita Isa ngomong kieu, ”Bapa, Pangawasa langit sareng bumi, abdi muji Bapa payuneun seueur jalmi, lantaran Bapa nyumputkeun ieu sadaya ti nu palinter sareng bijaksana, tapi ngungkabkeunana ka nu saderhana, nu saperti budak leutik.+ 26  Éta nu dipikahoyong ku Bapa.” 27  Tuluy anjeunna ngomong kieu, ”Sagala hal ku Bapa geus disérénkeun ka urang.+ Euweuh nu bener-bener kenal ka Putra salian ti Bapa.+ Euweuh nu bener-bener kenal ka Bapa salian ti Putra. Euweuh nu bisa bener-bener kenal ka Bapa lamun teu dibéré nyaho ku Putra.+ 28  Hiap ka dieu kabéh nu keur lalungsé jeung loba beban hirup, ku urang bakal dikuatkeun. 29  Pék paké kai tanggungan* ti urang jeung diajar ti urang, sabab urang téh lemah lembut jeung rendah haté.+ Maranéh bakal ngarasa dikuatkeun. 30  Sabab kai tanggungan ti urang mah ngeunaheun, bebanna gé hampang.”

Catetan Tambihan

^ Atawa ”kaén lemes”.
^ Atawa ”Ilyas”.
^ Atawa ”henteu neunggeulan awak bakating ku sedih”.
^ Atawa ”kabukti bener”.
^ Atawa ”hasilna”.
^ Atawa ”Hadés”. Tingali Daptar Istilah.