Nu Ditulis ku Matius 16:1-28

  • Ménta tanda (1-4)

  • Ragi urang Farisi jeung Saduki (5-12)

  • Konci Pamaréntahan sorga (13-20)

    • Sidang jamaah diwangun dina batu (18)

  • Isa méré nyaho yén anjeunna bakal dipaéhan (21-23)

  • Murid Isa nu sajati (24-28)

16  Jol urang Farisi jeung Saduki nyampeurkeun Isa rék ngadoja anjeunna. Maranéhna ménta tanda ti sorga ka Isa.+ 2  Anjeunna ngajawab, ”Lamun pasosoré langitna warna beureum, aranjeun ngomong, ’Ah ieu mah moal hujan,’ 3  atawa lamun isuk-isuk ningali langit beureum tapi ceudeum, aranjeun ngomong, ’Ieu mah rék hujan.’ Tah, aranjeun bisa napsirkeun rupa langit, tapi teu bisa napsirkeun tanda-tanda jaman ayeuna. 4  Jalma-jalma jaman ayeuna nu jahat jeung teu satia* terus ménta tanda, tapi maranéhna moal dibéré tanda+ salian ti tanda Yunus.”+ Tuluy, Isa indit ninggalkeun maranéhna. 5  Waktu keur meuntas situ, murid-muridna pohoeun mawa roti.+ 6  Isa ngomong ka maranéhna, ”Sing ati-ati jeung waspada kana ragi urang Farisi jeung Saduki.”+ 7  Ceuk murid-murid ka pada baturna, ”Meureun anjeunna ngomong kitu téh pédah urang teu mawa roti.” 8  Isa nyahoeun tuluy ngomong, ”Naha bet ngaributkeun teu mawa roti? Ku naon maranéh téh kurang iman? 9  Maranéh can paham kénéh waé? Maenya teu inget lima roti bisa méré dahar 5.000 lalaki? Inget teu maranéh ngumpulkeun sésana sabaraha karanjang?+ 10  Atawa, tujuh roti bisa méré dahar 4.000 lalaki. Maranéh ngumpulkeun sésana sabaraha tolombong?+ 11  Ku naon maranéh teu ngarti urang téh lain keur ngomongkeun roti tapi keur ngomongkeun yén maranéh kudu ati-ati ku ragi urang Farisi jeung Saduki?”+ 12  Kakara maranéhna ngarti, kudu ati-ati téh lain kana ragina roti, tapi kana pangajaran urang Farisi jeung Saduki. 13  Basa nepi ka daérah Kaisaréa Filipi, Isa nanya ka murid-muridna, ”Ari ceuk batur, Anak manusa téh saha?”+ 14  Maranéhna ngajawab, ”Aya nu nyebutkeun Yahya Jurubaptis,+ aya nu nyebutkeun Élia,+ aya ogé nu nyebutkeun Yérémia atawa salah sahiji nabi.” 15  Anjeunna nanya deui, ”Ari ceuk maranéh, urang téh saha?” 16  Simon Pétrus ngajawab, ”Al-Masih,+ Putrana Allah nu hirup.”+ 17  Ceuk Isa ka manéhna, ”Bagja manéh, Simon anak Yunus, sabab manéh nyaho hal éta téh lain ti manusa tapi ti Bapa urang nu di sorga.+ 18  Urang gé ngabéjaan: Manéh téh Pétrus.+ Dina ieu batu+ urang bakal ngawangun sidang jamaah nu moal kaéléhkeun ku kawasa maot.* 19  Manéh ku urang bakal dibéré konci Pamaréntahan sorga. Naon waé nu dibeungkeut ku manéh di bumi, éta geus dibeungkeut di sorga. Naon waé nu dileupaskeun ku manéh di bumi, éta geus dileupaskeun di sorga.” 20  Saterusna, murid-muridna dilarang nyarita ka sasaha yén anjeunna téh Al-Masih.+ 21  Ti saprak harita, Isa mulai ngajelaskeun ka murid-muridna yén anjeunna kudu ka Yérusalém jeung dikaniaya ku para kokolot, imam-imam kapala, jeung ahli Torét, tuluy dipaéhan, tapi dina poé katilu bakal dihirupkeun deui.+ 22  Ngadéngé kitu, Pétrus narik Isa ka sisi tuluy negor, ”Ulah ngomong kitu atuh. Éta moal kaalaman ku Juragan.”+ 23  Isa malik tuluy ngomong ka Pétrus, ”Nyingkah ka tukang, Sétan! Manéh jadi hahalang keur urang. Pikiran manéh téh pikiran manusa, lain pikiran Allah.”+ 24  Tuluy, Isa ngomong ka murid-muridna, ”Saha waé nu hayang nuturkeun urang, teu meunang nuturkeun kahayangna sorangan, tapi kudu manggul tihang siksaan* siga urang sarta terus nuturkeun urang.+ 25  Sabab saha waé nu hayang nyalametkeun nyawana bakal kaleungitan nyawana, tapi saha waé nu kaleungitan nyawana demi urang bakal meunangkeun nyawana.+ 26  Sok, naon untungna lamun hiji jalma boga sagala hal di ieu dunya tapi kaleungitan nyawana?+ Naon nu rék dibikeun keur gaganti nyawana?+ 27  Sabab Anak manusa bakal datang dina kamulyaan Bapana bareng jeung malaikat-malaikatna. Anjeunna bakal ngabales unggal jalma satimpal jeung kalakuanana.+ 28  Sing percaya, sababaraha di antara maranéh nu aya di dieu moal bakal maot saacan ningali Anak manusa datang dina Pamaréntahanana.”+

Catetan Tambihan

^ As. ”tukang jinah”.
^ As. ”gerbang Hadés”. Tingali ”Hadés” dina Daptar Istilah.