Nu Ditulis ku Matius 26:1-75
-
Imam-imam nyieun siasat rék maéhan Isa (1-5)
-
Minyak seungit dikucurkeun ka Isa (6-13)
-
Paskah panungtungan; Isa dihianatan (14-25)
-
Jamuan Wengi Isa Al-Masih dimimitian (26-30)
-
Pétrus diramalkeun bakal ngaku teu wawuh ka Isa (31-35)
-
Isa ngadoa di Gétsemani (36-46)
-
Isa ditéwak (47-56)
-
Isa diadilan ku Sanhédrin (57-68)
-
Pétrus ngaku teu wawuh ka Isa (69-75)
26 Sanggeus ngucapkeun ieu kabéh, Isa ngomong ka murid-muridna,
2 ”Maranéh nyaho pan dua poé deui bakal aya Paskah.+ Tah dina poé éta, Anak manusa bakal diserahkeun ka musuh pikeun dipaéhan dina tihang.”+
3 Tuluy, imam-imam kapala jeung para kokolot éta bangsa karumpul di buruan imahna imam agung nu ngaranna Kayafas.+
4 Maranéhna badami nyieun siasat licik+ pikeun néwak jeung maéhan Isa.
5 Tapi ceuk maranéhna, ”Ulah waktu perayaan, bisi aya karusuhan.”
6 Basa Isa keur di Bétani, di imahna Simon nu barétona boga panyakit kusta,+
7 aya awéwé nu nyampeurkeun Isa bari mawa minyak seungit nu mahal dina botol marmer. Manéhna ngucurkeun éta minyak kana sirahna Isa nu keur dahar.
8 Ningali kitu, murid-muridna arambek jeung ngomong, ”Ku naon bet dihambur-hambur kitu?
9 Mun dijual pan hargana mahal, duitna bisa disidekahkeun ka nu mariskin.”
10 Isa nyaho nu diomongkeun ku maranéhna, jadi anjeunna ngomong, ”Ku naon maranéh bet ngomongkeun éta awéwé siga kitu? Manéhna téh keur nyieun kahadéan ka urang.
11 Nu mariskin mah aya waé di antara maranéh,+ ari urang mah moal salilana babarengan jeung maranéh.+
12 Waktu ngucurkeun minyak seungit kana awak urang, manéhna téh keur nyiapkeun pamakaman urang engké.+
13 Sing percaya, di mana waé warta hadé diuarkeun di sakuliah dunya, naon nu dilampahkeun ku ieu awéwé ogé bakal dicaritakeun supaya manéhna teu dipopohokeun.”+
14 Geus kitu, salah saurang ti 12 rasul, nu ngaranna Yudas Iskariot,+ indit manggihan imam-imam kapala+
15 jeung ngomong, ”Lamun urang bisa nyerahkeun manéhna, urang rék dibéré naon?”+ Maranéhna jangji rék méré 30 duit pérak.+
16 Ti harita, manéhna néangan waktu nu cocog pikeun nyerahkeun Isa.
17 Dina poé kahiji Perayaan Roti nu Teu Diragian,+ murid-murid nanya ka Isa, ”Di mana urang kudu nyiapkeun jamuan Paskah?”+
18 Ceuk anjeunna, ”Pék indit ka kota, panggihan hiji jalma terus béjakeun kieu, ’Ceuk Guru, ”Waktuna urang maot geus deukeut. Urang rék ngarayakeun Paskah di bumi anjeun bareng jeung murid-murid.”’”
19 Jadi, murid-muridna nuturkeun pituduh Isa jeung nyiapkeun Paskah.
20 Sanggeus rada peuting,+ Isa jeung 12 muridna diuk ngurilingan méja.+
21 Bari dahar, anjeunna ngomong, ”Sing percaya, salah saurang ti maranéh bakal ngahianat ka urang.”+
22 Ku sedih-sedihna, saurang-saurang ngomong kieu ka Isa, ”Juragan, lain urang, pan?”
23 Anjeunna ngajawab, ”Nu bakal ngahianat ka urang téh jalma nu bareng jeung urang nganclomkeun roti kana ieu mangkok.+
24 Mémang, Anak manusa bakal maot, sakumaha nu geus ditulis ngeunaan manéhna. Tapi, cilaka+ jalma nu ngahianat ka Anak manusa!+ Leuwih hadé lamun éta jalma teu lahir ka dunya.”+
25 Yudas, nu rék ngahianat ka anjeunna, ngomong, ”Rabi,* lain urang, pan?” Isa ngajawab, ”Manéh nyaho jawabanana.”
26 Bari dahar bareng, Isa nyokot roti. Sanggeus ngadoa, rotina disemplékan+ tuluy dibikeun ka murid-muridna. Ceuk anjeunna, ”Sok didahar. Ieu ngalambangkeun awak urang.”+
27 Terus anjeunna nyokot cianggur sagelas, ngucap sukur, tuluy mikeun éta ka murid-murid bari ngomong, ”Ieu, inum ku kabéhan.+
28 Ieu ngalambangkeun getih urang, nyaéta ’getih+ pikeun ngukuhkeun perjangjian’+ nu bakal dikucurkeun pikeun ngahampura dosa loba jalma.+
29 Urang ngabéjaan, urang moal nginum cianggur deui nepi ka urang nginum cianggur anyar bareng jeung maranéh dina Pamaréntahan Bapa urang.”+
30 Ahirna, sanggeus ngawihkeun pupujian,* maranéhna indit ka Gunung Zaitun.+
31 Geus kitu, Isa ngomong ka maranéhna, ”Peuting ieu, iman maranéh kabéh bakal goncang lantaran naon nu bakal kaalaman ku urang, sabab aya ayat nu nyebutkeun, ’Kuring bakal nyerang éta pangangon, domba-dombana bakal paburencay.’+
32 Tapi sanggeus urang dihirupkeun deui, urang bakal miheulaan maranéh ka Galiléa.”+
33 Ngadéngé kitu, Pétrus ngomong, ”Sanajan kabéh goncang iman lantaran naon nu kaalaman ku Guru, urang mah moal!”+
34 Isa ngajawab manéhna, ”Sing percaya, peuting ieu saacan hayam jago kongkorongok, manéh bakal tilu kali ngaku teu wawuh ka urang.”+
35 Ceuk Pétrus, ”Sanajan kudu paéh bareng jeung Guru gé, urang moal ngaku teu wawuh ka Guru.”+ Murid nu séjén gé ngaromong kitu.
36 Geus kitu, Isa jeung murid-muridna datang ka taman nu disebut Gétsemani.+ Isa ngomong ka maranéhna, ”Sok dariuk dagoan di dieu, urang rék ngadoa ka ditu.”+
37 Anjeunna ngajak Pétrus jeung dua putrana Zébédéus. Haténa sedih jeung guligah pisan.+
38 Tuluy anjeunna ngomong, ”Urang téh mani nalangsa pisan, asa rék paéh. Dagoan di dieu nya, baturan urang, ulah saré.”+
39 Isa maju saeutik, bruk sujud jeung ngadoa,+ ”Bapa, upami tiasa mah abdi ulah sina nginum tina gelas ieu.*+ Najan kitu, ulah kahayang abdi nu laksana, tapi kahoyong Bapa.”+
40 Anjeunna nyampeurkeun murid-muridna, kasampak maranéhna téh keur sararé. Jadi anjeunna ngomong ka Pétrus, ”Maranéh teu sanggup kitu teu saré barang sajam?+
41 Maranéh kudu waspada+ bari terus ngadoa,+ supaya maranéh teu kagoda.+ Mémang haté mah sumanget, tapi awak lemah.”+
42 Anjeunna indit deui, seug ngadoa kadua kalina, ”Bapa, upami mémang abdi kedah nginum tina gelas ieu, sawios kahoyong Bapa nu laksana.”+
43 Isa nyampeurkeun deui murid-muridna. Maranéhna sararé kénéh waé da tarunduheun pisan.
44 Jadi, anjeunna indit deui, seug ngadoa katilu kalina, ngadoakeun deui hal nu sarua.
45 Tuluy anjeunna balik deui ka murid-muridna sarta ngomong, ”Dina kaayaan siga kieu maranéh ngadon sararé jeung istirahat! Ayeuna, geus waktuna Anak manusa diserahkeun ka jalma-jalma dosa.
46 Cengkat, hayu indit. Tuh, nu rék ngahianat ka urang geus deukeut.”
47 Waktu Isa keur ngomong kénéh, torojol Yudas, salah saurang ti 12 rasul, datang bareng jeung gorombolan titahan imam-imam kapala sarta para kokolot éta bangsa. Maranéhna marawa pedang jeung pepentung.+
48 Nu rék ngahianat ka Isa geus méré tanda ka maranéhna, ”Saha nu dicium ku urang, éta jalmana. Téwak manéhna.”
49 Manéhna langsung nyampeurkeun Isa bari ngomong, ”Salam, Rabi!” tuluy Isa dicium.
50 Tapi ceuk Isa, ”Rék naon manéh ka dieu?”+ Tuluy, éta gorombolan maju néwak Isa.
51 Ari pék téh salah saurang nu bareng jeung Isa nyabut pedangna tuluy nyabet palayan imam agung, beunang ceulina nepi ka sapat.+
52 Geus kitu, Isa ngomong ka manéhna, ”Sarungkeun deui pedangna,+ sabab saha waé nu maké pedang, paéhna ku pedang ogé.+
53 Disangka manéh urang teu bisa ménta ka Bapa urang supaya ngutus leuwih ti 12 pasukan* malaikat ayeuna kénéh?+
54 Tapi mun kitu mah kumaha kekecapan Kitab Suci bisa laksana, nu nyebutkeun kajadianana mémang kudu kieu?”
55 Terus, Isa ngomong ka éta gorombolan, ”Urang téh rampog kitu, maké mamawa pedang jeung pepentung sagala keur néwak urang? Unggal poé gé urang sok diuk jeung ngajar di bait,+ tapi ku maranéh teu ditéwak.+
56 Sanajan kitu, ieu kabéh laksana supaya tulisan* para nabi jadi kanyataan.”+ Geus kitu, kabéh murid kalabur ninggalkeun anjeunna.+
57 Nu naréwak Isa mawa anjeunna ka Imam Agung Kayafas.+ Di dinya, geus karumpul para ahli Torét jeung para kokolot.+
58 Ari Pétrus nuturkeun ti kajauhan nepi ka buruan imahna imam agung. Sanggeus asup, manéhna diuk bareng jeung para palayan imah, hayang nyaho naon nu bakal kajadian.+
59 Para imam kapala jeung kabéh anggota Sanhédrin néangan jalma-jalma nu bakal méré katerangan palsu ngeunaan Isa supaya anjeunna bisa dihukum pati,+
60 tapi teu hasil sanajan saksi palsu mah loba.+ Terus, maju dua jalma
61 nu ngomong kieu, ”Ceuk jalma ieu, ’Urang bisa ngaruntuhkeun bait Allah jeung ngawangunna deui dina tilu poé.’”+
62 Imam agung nangtung tuluy ngomong ka Isa, ”Manéh teu daék ngabantah? Teu kadéngé kitu tuduhan maranéhna?”+
63 Tapi Isa cicing waé.+ Jadi imam agung ngomong ka anjeunna, ”Sok sumpah demi Allah nu hirup, ngomong sing bener, enya manéh téh Al-Masih, Putra Allah?”+
64 Isa ngajawab, ”Bener, sakumaha omongan anjeun. Tapi abdi ngabéjaan, ti ayeuna aranjeun bakal nempo Anak manusa+ diuk katuhueun Nu Kawasa*+ jeung datang dina méga-méga* di langit.”+
65 Béréwék imam agung nyoéhkeun baju luarna. Manéhna ngomong, ”Jalma ieu ngahina Allah! Keur naon aya saksi-saksi deui? Geus kadéngé pan manéhna ngahina Allah?
66 Kumaha ceuk maranéh?” Maranéhna ngajawab, ”Kudu dipaéhan!”+
67 Tuluy beungeut Isa diciduhan+ bari ditonjokan.+ Aya ogé nu nampiling anjeunna+
68 bari ngomong, ”Hé, Al-Masih, lamun manéh nabi, saha yeuh nu neunggeul manéh?”
69 Ari Pétrus keur diuk di luar, di buruan. Aya palayan awéwé nu nyampeurkeun tuluy ngomong ka manéhna, ”Anjeun téh babaturanana Isa urang Galiléa téa, pan?”+
70 Tapi manéhna mungkir di hareupeun kabéh jalma, ceuk manéhna, ”Ngomong naon sih manéh téh?”
71 Waktu Pétrus kaluar ka gerbang, awéwé séjén nyaho ka manéhna tuluy ngomong ka jalma-jalma di dinya, ”Éta jalma téh babaturanana Isa urang Nazarét.”+
72 Manéhna mungkir deui bari sumpah, ”Wawuh gé henteu!”
73 Teu lila, jalma-jalma nu narangtung di ditu nyampeurkeun Pétrus jeung ngomong, ”Moal salah deui, anjeun téh salah saurang ti maranéhna, kaciri tina logat anjeun.”
74 Terus, manéhna ngajawab, ”Urang teu wawuh ka manéhna!” Manéhna ngajawab kitu téh bari sumpah jeung ngomong daék dikutuk lamun ngabohong. Harita kénéh, kadéngé sora hayam jago kongkorongok.
75 Ras Pétrus ingeteun kana omongan Isa, ”Saacan hayam jago kongkorongok, manéh bakal tilu kali ngaku teu wawuh ka urang.”+ Léos manéhna kaluar, segruk ceurik, nalangsa kabina-bina.

