Nu Ditulis ku Matius 20:1-34

  • Kuli-kuli kebon anggur nu buruhna sarua (1-16)

  • Isa méré nyaho deui bakal dipaéhan (17-19)

  • Ménta kadudukan dina Pamaréntahan sorga (20-28)

    • Isa jadi tebusan keur loba jalma (28)

  • Dua lalaki lolong dicageurkeun (29-34)

20  ”Pamaréntahan sorga téh saupama juragan kebon anggur nu indit isuk-isuk néangan kuli keur digawé di kebonna.+ 2  Sanggeus satuju yén buruhna téh sapoé sadinar,* éta kuli-kuli dititah gawé di kebon. 3  Manéhna indit deui kira-kira jam salapan,* tuluy ningali aya nu ngalanggur di pasar. 4  Manéhna ngomong ka jalma-jalma éta, ’Geus, digawé di kebon anggur urang wéh, engké dibéré buruh nu pantes.’ 5  Jadi maranéhna indit. Tuluy, éta juragan indit deui néangan kuli kira-kira jam 12 beurang* jeung jam 3 soré.* 6  Ahirna, kira-kira jam 5 soré,* manéhna indit tuluy panggih jeung jalma-jalma nu ngajaranteng. Ceuk manéhna, ’Ku naon ngalanggur jeung ngajaranteng di dieu sapoé jeput?’ 7  Ceuk maranéhna, ’Da teu aya nu nawaran didamel.’ Manéhna ngomong, ’Jung atuh digarawé di kebon anggur urang.’ 8  ”Waktu téréh poék, juragan kebon anggur ngomong ka mandorna, ’Geroan kuli-kuli téh terus bayar buruhna,+ mimitian ti nu pangpandeurina nepi ka nu pangheulana.’ 9  Tuluy, daratang kuli-kuli nu asup jam lima soré. Maranéhna masing-masing narima sadinar. 10  Jadi waktu nu pangheulana digawé daratang, disangkana mah rék dibéré leuwih, ari pék téh sarua dibayar sadinar. 11  Bari nampa buruhna, maranéhna kukulutus ka juraganana, 12  ’Nu digawé pangpandeurina pan ngan digawé sajam, maenya buruhna sarua jeung urang nu digawé sapoé jeput bari papanasan!’ 13  Tapi dununganana ngomong ka nu saurang, ’Dulur, urang mah teu boga salah ka anjeun, apanan anjeun geus satuju rék dibayar sadinar.+ 14  Geus, cokot wéh buruh anjeun, jung geura balik. Nu pangpandeurina dibayar sarua jeung anjeun téh da kahayang urang. 15  Duit urang rék dikukumahakeun ogé, éta mah hak urang, pan? Atawa, manéh sirik* pédah urang bageur?’*+ 16  Ku kituna, nu pandeuri bakal jadi nu ti heula, nu ti heula bakal jadi nu pandeuri.”+ 17  Waktu di jalan rék ka Yérusalém, Isa ngajak 12 muridna misah ti jalma réa tuluy ngomong,+ 18  ”Daréngékeun, ayeuna urang rék ka Yérusalém. Di ditu, Anak manusa bakal diserahkeun ka imam-imam kapala jeung ahli-ahli Torét, tuluy bakal dihukum pati ku maranéhna.+ 19  Anak manusa bakal disérénkeun ka jalma-jalma ti bangsa séjén tuluy dipoyok, dipecutan, jeung dipaéhan dina tihang.+ Tapi dina poé katilu, manéhna bakal dihirupkeun deui.”+ 20  Geus kitu, pamajikan Zébédéus+ datang bareng jeung dua putrana tuluy sujud. Manéhna boga paménta.+ 21  Isa nanya, ”Badé nyuhunkeun naon?” Manéhna ngajawab, ”Engké dina Pamaréntahan anjeun, abdi ménta budak abdi diuk gigireun anjeun, hiji di kénca hiji deui di katuhu.”+ 22  Isa ngajawab, ”Maranéh duaan teu ngarti naon nu dipénta. Maranéh sanggup kitu nginum naon nu rék diinum ku urang?”+ Dijawab ku maranéhna, ”Sanggup.” 23  Anjeunna ngomong, ”Maranéh mémang bakal nginum naon nu rék diinum ku urang,+ tapi sual diuk di katuhu atawa kéncaeun urang mah lain urang nu nangtukeun. Éta geus disiapkeun keur jalma-jalma nu ditangtukeun ku Bapa urang.”+ 24  Basa hal éta kadéngé ku nu sapuluh deui, maranéhna keuheul ka dua adi lanceuk éta.+ 25  Jadi, Isa ngumpulkeun maranéhna jeung ngomong kieu, ”Maranéh nyaho pan pangawasa bangsa-bangsa mah maréntah rahayatna, sarta para pajabat ngawasaan maranéhna.+ 26  Tapi maranéh mah ulah kitu.+ Saha waé nu hayang jadi nu pangpunjulna kudu daék ngaladénan batur,+ 27  sarta saha waé nu hayang jadi nu kahiji kudu daék ngalalayanan batur.+ 28  Anak manusa ogé datang téh lain rék diladénan tapi rék ngaladénan+ jeung ngorbankeun hirupna jadi tebusan keur loba jalma.”+ 29  Basa maranéhna kaluar ti Yérikho, loba jalma nuturkeun anjeunna. 30  Ari pék téh aya dua lalaki lolong nu diuk di sisi jalan nyahoeun Isa keur ngaliwat. Jadi maranéhna gogorowokan, ”Juragan, Putra Daud, sing karunya ka abdi duaan!”+ 31  Ku jalma-jalma dicarékan sina jempé. Tapi, maranéhna kalah ka gogorowokan beuki tarik, ”Juragan, Putra Daud, sing karunya ka abdi duaan!” 32  Reg Isa eureun, ngageroan maranéhna, jeung ngomong, ”Hoyong naon aranjeun téh?” 33  Ceuk maranéhna, ”Hoyong tiasa ningal, Juragan.” 34  Isa karunyaeun terus nyabak panon maranéhna.+ Harita kénéh, maranéhna bisa ningali tuluy naluturkeun Isa.

Catetan Tambihan

^ Tingali Lamp. B14.
^ As. ”jam nu katilu [sanggeus meleték panonpoé]”.
^ As. ”jam nu kagenep [sanggeus meleték panonpoé]”.
^ As. ”jam nu kasalapan [sanggeus meleték panonpoé]”.
^ As. ”jam nu ka-11 [sanggeus meleték panonpoé]”.
^ As. ”panon manéh jahat”.
^ Atawa ”béréhan”.