Nu Ditulis ku Matius 23:1-39
23 Geus kitu, Isa ngomong ka jalma réa jeung ka murid-muridna,
2 ”Para ahli Torét jeung urang Farisi ngarasa boga wewenang nu sarua siga Musa.
3 Ku sabab éta, sagala nu diparéntahkeun ku maranéhna pék lampahkeun. Tapi kalakuanana ulah diconto, sabab maranéhna mah ngomong bari teu dilampahkeun.+
4 Maranéhna nyiapkeun beban nu beurat sina dipanggul ku jalma-jalma,+ tapi maranéhna sorangan teu daék noél-noél acan éta beban.+
5 Sagala nu dilampahkeun ku maranéhna téh ngan saukur ngarah kaciri ku batur.+ Contona kotak-kotak nu eusina ayat digedéan jeung dijadikeun jimat,+ rumbé-rumbé pakéanana gé dipanjang-panjangkeun.+
6 Di hajatan, resepna téh diuk di tempat keur jalma-jalma penting, di tempat ibadah gé diuk panghareupna.*+
7 Maranéhna resep lamun jalma-jalma di pasar pada ngucapkeun salam bari ngahormat sarta resep lamun disebut Rabi.*
8 Tapi maranéh mah ulah disebut Rabi, sabab Guru maranéh ngan hiji,+ sarta maranéh kabéh téh dulur.
9 Salian ti éta, ulah nyebut Bapa ka saha waé nu aya di dunya, sabab Bapa maranéh mah ngan hiji+ nu aya di sorga.
10 Maranéh ogé ulah disebut pamingpin sabab Pamingpin maranéh mah ngan hiji, nyaéta Al-Masih.
11 Sabalikna, nu pangpunjulna di antara maranéh kudu daék ngaladénan batur.+
12 Saha waé nu munjulkeun diri bakal direndahkeun,+ tapi saha waé nu ngarendahkeun diri bakal dipunjulkeun.+
13 ”Cilaka aranjeun, ahli Torét jeung urang Farisi nu marunapék! Aranjeun nutupan panto asup kana Pamaréntahan sorga. Aranjeun sorangan teu asup, malah ngahalang-halang batur nu rék asup.+
14 * ——
15 ”Cilaka aranjeun, ahli Torét jeung urang Farisi nu marunapék!+ Aranjeun meuntasan laut jeung daratan rék ngayakinkeun hiji jalma asup ka agama Yahudi. Tapi ari geus asup, ku aranjeun dijieun layak asup ka Géhéna* tuluy dijadikeun dua kali leuwih jahat ti aranjeun.
16 ”Cilaka aranjeun, para pamingpin lolong+ nu ngomong, ’Lamun aya nu sumpah demi bait, éta teu sah. Tapi lamun aya nu sumpah demi emas nu aya di bait, manéhna kabeungkeut ku éta sumpah.’+
17 Jalma barodo jeung lolong! Mana nu leuwih penting, emas atawa bait nu ngalantarankeun éta emas jadi suci?
18 Salian ti éta, aranjeun ngomong, ’Lamun aya nu sumpah demi mézbah, éta teu sah. Tapi lamun aya nu sumpah demi kurban di luhureun mézbah, manéhna kabeungkeut ku éta sumpah.’
19 Jalma lalolong! Mana nu leuwih penting, kurban atawa mézbah nu ngalantarankeun kurban éta jadi suci?
20 Jadi, saha waé nu sumpah demi mézbah, sumpahna téh nya demi mézbah nya demi kurban nu aya di luhureunana ogé.
21 Saha waé nu sumpah demi bait, sumpahna téh nya demi bait nya demi Allah nu aya di dinya.+
22 Saha waé nu sumpah demi sorga, sumpahna téh nya demi tahta Allah nya demi Pribadi nu diuk di dinya.
23 ”Cilaka aranjeun, ahli Torét jeung urang Farisi nu marunapék! Aranjeun méré sapersapuluh mint, adas, jeung jinten bodas,+ tapi aranjeun teu ngajalankeun hal-hal nu leuwih penting dina Torét, nyaéta kaadilan,+ welas asih,+ jeung kasatiaan. Mémang méré perpuluhan téh penting, tapi hal-hal séjénna gé teu meunang dilalaworakeun.+
24 Pamingpin lolong,+ reungit+ nu asup kana inuman ku aranjeun dipiceun, ari onta+ diteureuy buleud-buleud!
25 ”Cilaka aranjeun, ahli Torét jeung urang Farisi nu marunapék! Mangkok jeung piring dibersihan luarna,+ tapi jerona pinuh ku kasarakahan*+ jeung napsu nu teu bisa ditahan.+
26 Urang Farisi nu lalolong, mangkok jeung piring téh bersihan heula jerona, jadi luarna gé milu bersih.
27 ”Cilaka aranjeun, ahli Torét jeung urang Farisi nu marunapék!+ Aranjeun téh siga kuburan nu dicét bodas,+ ti luar mah kaciri alus, tapi eusina pinuh ku tulang-taléng jelema jeung sagala hal nu najis.
28 Kitu ogé, ti luar mah aranjeun téh kaciri jalma bener, tapi aslina mah aranjeun téh marunapék jeung kacida jarahatna.+
29 ”Cilaka aranjeun, ahli Torét jeung urang Farisi nu marunapék!+ Aranjeun ngawangun kuburan nabi-nabi jeung ngahias makam jalma-jalma bener,+
30 terus ngomong, ’Mun urang hirup dina jaman karuhun-karuhun urang mah, urang moal milu maéhan nabi-nabi.’
31 Jadi, aranjeun sorangan ngaku yén aranjeun téh turunan tukang maéhan nabi-nabi.+
32 Ayeuna mah anggeuskeun naon nu geus dimimitian ku karuhun aranjeun.
33 ”Éh oray, turunan oray matih,+ rék bisa kabur kumaha aranjeun tina hukuman Géhéna?*+
34 Éta sababna abdi ngutus nabi-nabi,+ jalma-jalma bijaksana, jeung guru-guru ka aranjeun.+ Tapi, ku aranjeun aya nu dipaéhan+ jeung dihukum pati dina tihang. Nu séjénna dipecutan+ di tempat-tempat ibadah jeung dikaniaya+ di unggal kota.
35 Jadi, aranjeun kudu tanggung jawab kana getih kabéh jalma bener nu dipaéhan di bumi, ti mimiti getihna Habél jalma bener+ nepi ka getihna Zakharia anak Barakhia nu ku aranjeun dipaéhan di antara tempat suci jeung mézbah.+
36 Sing percaya, kabéh hukumanana bakal datang ka jalma-jalma dina jaman ayeuna.
37 ”Yérusalém, Yérusalém, nu maéhan para nabi jeung nu malédogan jalma-jalma nu diutus ka maranéh,+ geus sering urang hayang ngumpulkeun anak-anak maranéh siga indung hayam ngumpulkeun anak-anakna handapeun jangjang! Tapi maranéh embung.+
38 Jadi, bait maranéh bakal ditinggalkeun.*+
39 Urang ngabéjaan, maranéh moal panggih deui jeung urang nepi ka maranéh ngomong, ’Mugia jalma nu datang mawa nami Yéhuwa* diberkahan!’”+
Catetan Tambihan
^ Atawa ”di tempat nu kahormat”.
^ Atawa ”Guru”.
^ Tingali Daptar Istilah.
^ Atawa ”hasil jarahan”.
^ Tingali Daptar Istilah.
^ Atawa bisa jadi ”ditinggalkeun teu kaurus”.

