Nu Ditulis ku Matius 19:1-30
19 Sanggeus nyaritakeun hal-hal éta, Isa indit ti Galiléa ka wates daérah Yudéa di peuntaseun Walungan Yordan.+
2 Jalma réa gé naluturkeun anjeunna, tuluy nu garering dicalageurkeun di dinya.
3 Jol sababaraha urang Farisi datang rék ngadoja anjeunna, nanya kieu, ”Meunang teu lalaki nyerahkeun pamajikanana teu sual naon alesanna?”+
4 Anjeunna ngajawab, ”Pernah maca teu basa mimiti nyiptakeun lalaki jeung awéwé,+
5 Allah ngucap, ’Éta sababna lalaki bakal ninggalkeun indung bapana tuluy ngahiji jeung pamajikanana, seug duanana jadi satunggal’?*+
6 Jadi maranéhna lain dua deui, tapi satunggal. Ku kituna, naon nu geus dihijikeun* ku Allah teu meunang dipisahkeun ku manusa.”+
7 Ceuk maranéhna, ”Ku naon atuh Musa bet nyieun aturan yén lalaki kudu méré surat talak ka pamajikanana nu rék diserahkeun?”+
8 Anjeunna ngajawab, ”Musa ngidinan aranjeun nyerahkeun pamajikan téh lantaran aranjeun heuras beuheung,+ da mimitina mah teu siga kitu.+
9 Urang ngabéjaan, saha waé nu nyerahkeun pamajikanana, tapi lain ku lantaran lampah cabul,* tuluy kawin deui, manéhna téh jinah.”+
10 Ceuk murid-muridna, ”Mun hubungan antara salaki pamajikan téh siga kitu, mending teu kawin atuh.”
11 Anjeunna ngajawab, ”Teu kabéh bisa hirup siga kitu, nu bisa mah ngan nu boga éta kurnia.+
12 Aya jalma nu teu bisa kawin ti barang lahir, aya ogé jalma nu teu bisa kawin lantaran dijieun kitu ku manusa, tapi aya jalma nu mutuskeun teu kawin supaya bisa ngabakti kana Pamaréntahan sorga. Jalma nu bisa hirup siga kitu, pék lampahkeun kitu.”+
13 Tuluy, aya nu marawa barudak leutik ka Isa pikeun diberkahan sarta didoakeun, tapi dicarékan ku murid-muridna.+
14 Ceuk Isa, ”Antepkeun barudak téh sina daratang ka urang, ulah dihalang-halang, sabab Pamaréntahan sorga téh keur jalma nu siga maranéhna.”+
15 Barudak téh ku Isa diberkahan, tuluy anjeunna indit.
16 Torojol aya jalma datang ka anjeunna tuluy ngomong kieu, ”Guru, kahadéan naon nu kedah dilakonan ku abdi sangkan tiasa hirup langgeng?”+
17 Ku Isa dijawab, ”Ku naon nanyakeun kahadéan ka urang? Ngan hiji nu hadé mah.+ Tapi lamun anjeun hayang hirup langgeng, terus lampahkeun paréntah-paréntah Allah.”+
18 Manéhna nanya, ”Nu mana?” Isa ngajawab, ”Ulah maéhan,+ ulah jinah,+ ulah maok,+ ulah jadi saksi palsu,+
19 kudu hormat ka indung bapa,+ jeung kudu nyaah ka sasama siga ka diri sorangan.”+
20 Lalaki ngora éta ngomong kieu ka Isa, ”Éta sadaya tos dijalankeun, naon deui nu kurang?”
21 Isa ngajawab, ”Lamun hayang sampurna, sok jual kabéh pangaboga anjeun, bikeun hasilna ka nu miskin. Ku kituna, anjeun bakal boga harta di sorga.+ Geus kitu, hayu jadi murid urang.”+
22 Waktu ngadéngé kitu, manéhna indit bari jeung sedih lantaran harta bandana loba pisan.+
23 Tuluy Isa ngomong ka murid-muridna, ”Sing percaya, jalma beunghar téh hésé asup kana Pamaréntahan sorga.+
24 Sakali deui urang ngabéjaan, leuwih gampang onta moncor kana liang jarum tibatan jalma beunghar asup kana Pamaréntahan Allah.”+
25 Waktu ngadéngé kitu, murid-muridna reuwas pisan, tuluy ngomong, ”Mun kitu mah saha nu bisa salamet atuh?”+
26 Bari neuteup murid-muridna, Isa ngomong, ”Keur manusa mah éta mustahil, tapi keur Allah mah euweuh nu mustahil.”+
27 Terus Pétrus ngomong, ”Urang kabéh geus ninggalkeun sagalana supaya bisa nuturkeun Guru, naon atuh nu bakal ditarima ku urang?”+
28 Isa ngajawab, ”Sing percaya, Allah bakal ngarobah sagalana jadi anyar waktu Anak manusa diuk dina tahta nu mulya. Engké maranéh nu geus nuturkeun urang bakal diuk dina 12 tahta, ngahakiman 12 kaom Israél.+
29 Saha waé nu geus ninggalkeun imah, atawa dulur lalaki, atawa dulur awéwé, atawa bapa, atawa indung, atawa budak, atawa tanah lantaran jadi murid urang bakal diganti 100 kalieun jeung narima hirup langgeng.+
30 ”Tapi, loba nu tadina ti heula jadi pandeuri, nu tadina pandeuri jadi ti heula.+
Catetan Tambihan
^ As. ”sadaging”.
^ As. ”dihijikeun maké kai tanggungan”. Tingali ”Kai tanggungan” dina Daptar Istilah.
^ Yunani: porneia. Tingali Daptar Istilah.

