Nu Ditulis ku Matius 27:1-66

  • Isa diserahkeun ka Pilatus (1, 2)

  • Yudas gantung diri (3-10)

  • Isa di hareupeun Pilatus (11-26)

  • Diléléwé ku jalma réa (27-31)

  • Dipaku dina tihang di Golgota (32-44)

  • Isa maot (45-56)

  • Isa dimakamkeun (57-61)

  • Makamna dijaga (62-66)

27  Sanggeus bray panonpoé, kabéh imam kapala jeung kokolot éta bangsa badami nyusun rencana pikeun maéhan Isa.+ 2  Isa leungeunna ditalian tuluy dibawa pikeun diserahkeun ka Gubernur Pilatus.+ 3  Yudas, nu ngahianat ka Isa, nyaho Isa meunang hukuman pati. Manéhna kaduhung tuluy mulangkeun 30 duit pérak ka imam-imam kapala jeung para kokolot.+ 4  Ceuk manéhna, ”Urang geus dosa, ngahianat ka jalma nu teu salah.” Maranéhna ngajawab, ”Éta mah urusan manéh, lain urusan urang!” 5  Jadi, duit pérakna dialungkeun ka jero bait ku manéhna, tuluy manéhna indit sarta gantung diri.+ 6  Tapi éta duit pérak dipulungan ku imam-imam kapala. Ceuk maranéhna, ”Duit ieu teu meunang ditunda di tempat panyimpenan harta di bait, sabab ieu téh duit getih.” 7  Sanggeus barempug, éta duit dibeulikeun tanahna tukang nyieun gagarabah jang dijadikeun kuburan urang asing. 8  Éta sababna nepi ka kiwari, éta tanah disebut Tanah Getih.+ 9  Ku kituna, naon nu ditepikeun ku Nabi Yérémia jadi kanyataan, ”Maranéhna nyokot 30 duit pérak. Éta téh harga nu ditetepkeun ku sababaraha putra Israél keur éta jalma. 10  Ku maranéhna duitna dibeulikeun tanahna tukang nyieun gagarabah, sakumaha nu diparéntahkeun ku Yéhuwa* ka urang.”+ 11  Waktu Isa nangtung di hareupeun gubernur, anjeunna ditanya ku gubernur, ”Bener manéh téh Raja Urang Yahudi?” Ceuk Isa, ”Bener, sakumaha omongan Bapa.”+ 12  Tapi, basa dituduh ku imam-imam kapala jeung para kokolot mah anjeunna teu ngajawab.+ 13  Pilatus ngomong, ”Teu kadéngé tuduhan ka manéh téh sakitu lobana?” 14  Tapi anjeunna teu ngajawab saeutik-eutik acan. Jadi, gubernur héraneun pisan. 15  Unggal Perayaan Paskah, biasana gubernur ngabébaskeun hiji tahanan, saha waé nu dipénta ku rahayat.+ 16  Harita, aya tahanan nu kasohor jahat pisan, ngaranna Barabas. 17  Jadi, waktu jalma réa karumpul, Pilatus nanya, ”Maranéh hayang urang ngabébaskeun saha, Barabas atawa Isa nu disebut Al-Masih?” 18  Pilatus nyaho Isa diserahkeun téh lantaran maranéhna sirik ka Isa. 19  Salian ti éta, basa Pilatus diuk di korsi pangadilan, aya pesen ti pamajikanana, kieu, ”Kadé, ulah pipilueun kana urusan jalma bener éta, sabab tadi peuting urang mani kasiksa ngimpi manéhna.” 20  Tapi, imam-imam kapala jeung para kokolot ngayakinkeun jalma réa sangkan ménta Barabas+ dibébaskeun, tapi Isa dihukum pati.+ 21  Ku kituna, gubernur nanya, ”Ti antara dua jalma ieu, maranéh hayang urang ngabébaskeun saha?” Jawabna, ”Barabas.” 22  Pilatus nanya ka maranéhna, ”Jadi, Isa nu disebut Al-Masih kudu dikumahakeun?” Ceuk kabéhanana, ”Paéhan dina tihang!”+ 23  Manéhna nanya, ”Ku naon? Manéhna salah naon?” Jalma réa kalah ka gogorowokan beuki tarik, ”Paéhan dina tihang!”+ 24  Ngarasa upayana euweuh hasil jeung ningali kaayaan beuki panas, Pilatus nyokot cai jeung ngumbah leungeun hareupeun jalma réa, tuluy ngomong, ”Urang teu tanggung jawab kana getih ieu jalma, maranéh nu kudu nanggung.” 25  Ngadéngé kitu, kabéh jalma ngajawab, ”Keun getih manéhna jadi tanggungan urang jeung anak-anak urang.”+ 26  Tuluy Barabas dibébaskeun, tapi Pilatus nitah supaya Isa dipecutan+ jeung dihukum pati dina tihang.+ 27  Tuluy para prajurit gubernur mawa Isa ka imahna gubernur. Kabéh prajurit dikumpulkeun sina ngurubungan Isa.+ 28  Baju Isa dilaanan, diganti ku jubah beureum,+ 29  tuluy maranéhna nyieun mamakutaan nu dianyam tina cucuk jeung diterapkeun kana sirahna. Ari leungeun katuhuna disina nyepeng kai sapotong. Maranéhna sideku di hareupeun Isa bari ngaléléwé, ”Salam, Raja Urang Yahudi!” 30  Anjeunna diciduhan,+ kaina direbut tuluy dibabukkeun kana sirahna. 31  Tungtungna sanggeus diléléwé, jubahna dilaanan, diganti deui ku baju luarna. Geus kitu, anjeunna dibawa rék dipakukeun kana tihang.+ 32  Basa keur di jalan ka luar kota, maranéhna panggih jeung urang Kiréné nu ngaranna Simon. Manéhna dipaksa sina manggul tihang siksaan* Isa.+ 33  Barang maranéhna nepi ka tempat nu disebut Golgota, nu hartina Tempat Tangkorék,+ 34  Isa dibéré nginum cianggur nu dicampur hamperu,*+ tapi sanggeus diasaan, anjeunna embungeun. 35  Sanggeus anjeunna dipaku dina tihang, para prajurit ngabagi-bagikeun baju luarna ku cara diundi.+ 36  Maranéhna terus dariuk ngajaga. 37  Maranéhna ogé masang tulisan luhureun sirahna nu eusina téh tuduhan, nyaéta, ”Ieu Isa, Raja Urang Yahudi”.+ 38  Salian ti éta, aya dua rampog nu dipaku gigireunana, hiji di kénca hiji di katuhu.+ 39  Nu laliwat gogodeg+ jeung ngahina,+ 40  ”Manéh nu cenah bisa ngaruntuhkeun bait jeung ngawangunna deui dina tilu poé,+ sok salametkeun diri sorangan! Lamun manéh bener Putra Allah, turun tina tihang siksaan!”*+ 41  Kitu ogé, para imam kapala, ahli Torét, jeung kokolot milu ngahina anjeunna,+ 42  ”Batur disalametkeun, ari nyalametkeun dirina sorangan teu bisa! Pan manéhna téh Raja Israél,+ mun bisaeun turun tina tihang siksaan,* kakara urang percaya. 43  Manéhna pan percaya ka Allah, lamun Allah resep ka manéhna, sugan wéh disalametkeun+ da manéhna ngaku, ’Urang téh Putra Allah.’”+ 44  Malah rampog nu dipaku gigireun Isa ogé pipilueun ngahina.+ 45  Kira-kira jam 12 beurang,* reup baé éta daérah jadi poék nepi ka jam 3 soré.*+ 46  Kira-kira jam 3 soré, Isa ngagero tarik, ”Éli, Éli, lama sabakhtani?” nu hartina, ”Allah abdi, Allah abdi, ku naon bet ninggalkeun abdi?”+ 47  Ngadéngé kitu, sababaraha jalma nu narangtung di dinya ngomong, ”Manéhna ngageroan Élia.”+ 48  Geuwat salah saurang ti maranéhna nyokot sepon* jeung dianclomkeun kana cianggur haseum, tuluy digagangan jeung disodorkeun ka Isa sina diinum.+ 49  Tapi nu séjénna ngomong, ”Keun antepkeun! Cik urang tingali, Élia bakal datang nyalametkeun manéhna teu.” 50  Isa ngagorowok deui ku sora nu tarik, geus kitu les maot.+ 51  Tuluy, hordéng bait+ soéh jadi dua,+ ti luhur nepi ka handap.+ Bumi oyag ku lini, batu-batu karang bareulah. 52  Makam-makam mararuka, jasad jalma-jalma suci* nu geus maot kaalungkeun ka luar 53  sarta katingali ku loba jalma. (Sanggeus Isa dihirupkeun deui, jalma-jalma ti daérah makam indit ka kota suci.) 54  Tapi, basa perwira jeung jalma-jalma nu ngajaga Isa nyaksian lini jeung kabéh kajadian ieu, maranéhna jadi kacida sarieuneunana jeung ngomong kieu, ”Bener, ieu jalma téh Putra Allah.”+ 55  Di dinya ogé aya loba awéwé nu ningali ti kajauhan, nu milu sarta ngalaladénan Isa ti Galiléa kénéh.+ 56  Di antarana aya Maryam Magdaléna, Maryam indungna Yakobus jeung Yosés, sarta indung ti anak-anakna Zébédéus.+ 57  Waktu geus soré, datang hiji jalma beunghar ti Arimatéa, ngaranna Yusuf, nu geus jadi muridna Isa.+ 58  Manéhna ngadep ka Pilatus ménta jasadna Isa.+ Tuluy Pilatus maréntahkeun supaya éta dibikeun ka Yusuf.+ 59  Yusuf nyokot jasadna, dibulen ku linén lemes nu bersih,+ 60  tuluy digolérkeun dina makam anyar+ milik manéhna nu dibobok dina gunung cadas. Sanggeus ngagulingkeun batu gedé pikeun nutupan lawang makam, manéhna indit. 61  Tapi, Maryam Magdaléna jeung Maryam nu hiji deui caricing di dinya, diuk hareupeun makam.+ 62  Ieu kabéh kajadianana dina poé Persiapan Sabat.+ Isukna, imam-imam kapala jeung urang Farisi babarengan ngadatangan Pilatus. 63  Maranéhna ngomong, ”Pa, abdi sadaya inget, basa hirup kénéh éta tukang tipu pernah ngomong yén manéhna bakal hirup deui sanggeus tilu poé.+ 64  Jadi, paréntahkeun supaya makamna dijaga nepi ka poé nu katilu, bisi murid-muridna datang jeung nyokot jasadna+ tuluy ngomong ka jalma-jalma, ’Anjeunna geus dihirupkeun deui!’ Mun kitu, carita bohong nu ieu bakal leuwih parah tibatan nu saacanna.” 65  Pilatus ngomong, ”Pék bawa sababaraha prajurit sina ngajaga makamna sing aman.” 66  Maranéhna indit, tuluy makam Isa téh diamankeun, batu tutup lawangna diségel. Di dinya gé ditempatkeun tukang jaga.

Catetan Tambihan

Tingali Lamp. A5.
Cairan pait.
As. ”jam nu kagenep [sanggeus meleték panonpoé]”.
As. ”jam nu kasalapan [sanggeus meleték panonpoé]”.
Sajinis kembang karang laut.