Nu Ditulis ku Matius 13:1-58
-
IBARAT NGEUNAAN PAMARÉNTAHAN (1-52)
-
Nu nebar binih (1-9)
-
Alesan Isa maké ibarat (10-17)
-
Ibarat ngeunaan nu nebar binih dijelaskeun (18-23)
-
Gandum jeung eurih (24-30)
-
Siki sasawi jeung ragi (31-33)
-
Isa ngajar maké ibarat téh geus diramalkeun (34, 35)
-
Ibarat gandum jeung eurih dijelaskeun (36-43)
-
Harta nu kakubur jeung mutiara nu alus (44-46)
-
Jaring gedé (47-50)
-
Sisimpenan anyar jeung heubeul (51, 52)
-
-
Isa ditolak di daérah asalna (53-58)
13 Poé éta, Isa indit ti imah tuluy diuk di sisi situ.
2 Burudul jalma-jalma nyalampeurkeun Isa, jadi anjeunna naék kana parahu tuluy diuk di dinya. Ari jalma-jalma mah narangtung di basisir.+
3 Geus kitu, anjeunna ngajar loba hal maké ibarat.+ Ceuk anjeunna, ”Aya patani nu keur nebarkeun binih.+
4 Waktu keur nebar, aya binih nu ragrag di sisi jalan. Tuluy manuk daratang, maracokan éta binih nepi ka béak.+
5 Aya ogé nu ragragna dina taneuh nu batuan. Lantaran taneuhna ngan saeutik, binihna gancang jadi.+
6 Tapi barang kasebrot ku panonpoé, éta binih jadi garing lantaran teu akaran.
7 Binih séjénna ragrag di antara rungkun cucuk, tuluy kagencét ku rungkun cucuk nu ngagedéan.+
8 Tapi, aya ogé anu ragrag kana taneuh nu subur. Jadina alus jeung baruahan, aya nu 100 kalieun, 60 kalieun, jeung 30 kalieun.+
9 Saha waé nu baroga ceuli, sok déngékeun bener-bener.”+
10 Jol murid-muridna daratang jeung nanya, ”Ku naon ngajar maranéhna maké ibarat?”+
11 Isa ngajawab, ”Maranéh geus dibéré kurnia pikeun ngarti rasiah suci+ ngeunaan Pamaréntahan sorga, tapi maranéhna mah henteu dibéré.
12 Saha waé nu geus boga bakal ditambahan nepi ka manéhna boga loba pisan, tapi saha waé nu teu boga, nu dipibogana gé bakal dicokot.+
13 Éta sababna urang ngajar maké ibarat. Maranéhna téh ongkoh ningali tapi teu merhatikeun, ongkoh ngadéngé tapi teu ngarti. Maranéhna gé teu paham naon hartina.+
14 Ku kituna, ramalan Yésaya laksana ka maranéhna, nyaéta, ’Maranéh mémang ngadéngé tapi teu paham, maranéh mémang ningali tapi teu ngarti.+
15 Pikiran ieu jalma-jalma téh geus marintul. Maranéhna ngadéngé tapi teu nurut, panonna dipeureum-peureumkeun. Ku kituna, maranéhna teu bisa nempo ku panonna, teu bisa ngadéngé ku ceulina, teu bisa ngarti ku haténa, sarta maranéhna moal balik deui pikeun dicageurkeun ku Kuring.’+
16 ”Tapi, bagja maranéh mah. Panon narénjo, ceuli ngadaréngé.+
17 Sing percaya, loba nabi jeung jalma bener kacida hayangna ningali naon nu ditingali ku maranéh+ sarta ngadéngé naon nu didéngé ku maranéh, tapi teu bisa.
18 ”Ayeuna, déngékeun naon hartina ibarat ngeunaan patani nu nebar binih.+
19 Taneuh di sisi jalan tempat ragragna binih+ téh nyaéta jalma nu ngadéngé warta ngeunaan Pamaréntahan Allah tapi teu ngartieun, terus si jahat*+ datang jeung ngarampas naon nu geus ditebar dina haténa.
20 Taneuh nu batuan tempat ragragna binih téh nyaéta jalma nu ngadéngé éta warta jeung langsung bungah narimana.+
21 Tapi lantaran wartana teu akaran dina haténa, percayana ngan saheulaanan. Waktu aya kasangsaraan atawa panganiayaan lantaran éta warta, manéhna langsung teu percaya deui.
22 Rungkun cucuk tempat ragragna binih téh nyaéta jalma nu ngadéngé éta warta, tapi wartana kagencét jeung teu buahan.+ Éta téh lantaran manéhna hariwang kana hirupna di ieu dunya*+ jeung katipu ku kabeungharan.
23 Tapi, taneuh nu subur tempat ragragna binih téh nyaéta jalma nu ngadéngé éta warta jeung paham kana hartina. Manéhna ngahasilkeun loba buah, aya nu 100 kalieun, 60 kalieun, nu séjénna 30 kalieun.”+
24 Anjeunna nyaritakeun deui ibarat séjén, ”Pamaréntahan sorga téh saupama jalma nu nebarkeun binih gandum* di lahanna.
25 Waktu jalma-jalma keur sararé, musuhna datang ngawurkeun binih eurih di lahanna tuluy indit.
26 Basa gandumna jaradi jeung ranggeuyan, eurihna ogé milu jaradi.
27 Ku kituna, pagawéna daratang ngabéjaan dununganana, ’Juragan, nu dipelak di lahan téh binih gandum,* pan? Ku naon atuh bet loba eurihna?’
28 Manéhna ngajawab, ’Pagawéan musuh ieu mah.’+ Pagawé-pagawéna nanya, ’Eurihna badé dicabutan moal?’
29 Jawabna, ’Ulah, bisi gandumna milu kacabut.
30 Antepkeun wéh sina jaradi bareng nepi ka usum* panén. Engké, urang rék nitah ka nu ngala, ”Kumpulkeun heula eurihna, beungkeutan, tuluy duruk. Gandumna gé kumpulkeun, terus asupkeun ka lumbung.”’”+
31 Anjeunna nyaritakeun deui ibarat séjén, ”Pamaréntahan sorga téh saupama siki sasawi* nu dipelak ku hiji jalma di kebonna.+
32 Sanajan sikina téh siki nu pangleutikna, tapi ari geus jadi mah éta bisa ngagedéan, jauh leuwih gedé tibatan sayur-sayuran séjénna, nepi ka siga tangkal. Manuk gé daratang jeung nyayang dina dahan-dahanna.”
33 Anjeunna nyaritakeun ibarat séjén, ”Pamaréntahan sorga téh saupama ragi, nu ku ibu-ibu biasana dicampur jeung tipung kira-kira 20 liter* ngarah éta adonan beukah.”+
34 Ieu kabéh diajarkeun ku Isa ka jalma réa maké ibarat. Malah anjeunna moal ngajar mun teu maké ibarat.+
35 Ku kituna, kekecapan nabi téh laksana, nyaéta, ”Biwir abdi bakal ngucapkeun ibarat, sarta bakal nyaritakeun hal-hal nu dirasiahkeun ti mimiti ayana dunya.”*+
36 Sanggeus jalma réa dibubarkeun, Isa asup ka imah. Murid-muridna daratang tuluy ngomong, ”Tiasa pangnerangkeun naon hartina ibarat eurih di lahan téh?”
37 Anjeunna ngajawab, ”Jalma nu nebarkeun binih gandum* téh Anak manusa,
38 lahanna téh dunya.+ Ari binih gandum nyaéta jalma-jalma nu jadi bagian tina Pamaréntahan Allah, tapi eurih mah jalma-jalma nu nuturkeun si jahat.*+
39 Musuh nu nebarkeun eurih téh nyaéta si Iblis. Usum panén ngagambarkeun panungtungan jaman* ieu, ari nu ngalana nyaéta para malaikat.
40 Jadi, sakumaha eurih dikumpulkeun tuluy diduruk, nya kitu ogé nu bakal kajadian dina panungtungan jaman* ieu.+
41 Anak manusa bakal ngutus para malaikatna. Jalma-jalma nu ngalantarankeun batur labuh kana dosa jeung jalma-jalma nu kalakuanana jahat bakal disingkirkeun ti Pamaréntahanana.
42 Tuluy, maranéhna dibalangkeun kana pameuleuman.+ Di dinya, maranéhna bakal careurik bari huntuna tingkereket.
43 Harita, jalma-jalma bener bakal cahayaan kawas panonpoé+ di Pamaréntahan Bapa maranéhna. Saha waé nu baroga ceuli, sok déngékeun bener-bener.
44 ”Pamaréntahan sorga téh saupama harta nu kakubur di hiji lahan, kapanggih ku hiji jalma, tuluy disumputkeun deui. Bakating ku bungah, manéhna ngajual sagala pangabogana jeung meuli éta lahan.+
45 ”Pamaréntahan sorga ogé saupama tukang nyiar mutiara nu alus.
46 Waktu manggih hiji mutiara nu luar biasa alusna, manéhna indit ngajual kabéh pangabogana tuluy meuli éta mutiara.+
47 ”Pamaréntahan sorga ogé saupama jaring gedé nu dipasang di situ, rupa-rupa lauk kajaring.
48 Sanggeus pinuh, jaringna ditarik ku para nalayan ka darat, tuluy maranéhna diuk milihan. Lauk nu alus+ diwadahan, lauk nu teu bisa didahar+ dipiceun.
49 Tah, kitu ogé nu bakal kajadian dina panungtungan jaman* ieu. Para malaikat bakal diutus pikeun misah-misahkeun jalma jahat ti jalma bener,
50 tuluy nu jarahat dibalangkeun kana pameuleuman. Di dinya, maranéhna bakal careurik bari huntuna tingkereket.”
51 Isa nanya, ”Maranéh paham teu kana hal-hal ieu?” Murid-muridna ngajawab, ”Paham.”
52 Tuluy anjeunna ngomong, ”Mun kitu, unggal guru nu geus diajar ngeunaan Pamaréntahan sorga téh saupama nu boga imah nu ngaluarkeun sisimpenanana, boh nu anyar boh nu heubeul.”
53 Sanggeus bérés nyaritakeun ibarat-ibarat éta, Isa indit.
54 Basa nepi ka daérah asalna,+ anjeunna ngajar di tempat ibadah. Jalma-jalma haréraneun jeung ngaromong kieu, ”Manéhna téh diajar ku saha bisa bijaksana kitu? Dibéré kawasa ku saha nepi ka bisa nyieun mujijat?+
55 Si éta téh anak tukang kai téa, lain?+ Indungna téh Maryam, pan? Adi-adina téh Yakobus, Yusuf, Simon, jeung Yudas, pan?+
56 Adi-adina nu awéwé ogé aya di dieu, pan? Jadi, diajar ku saha manéhna bisa siga kitu?”+
57 Éta sababna maranéhna teu daék percaya ka Isa.+ Tapi ceuk Isa, ”Nabi mah di mana-mana gé dihormat. Tapi, di lemburna jeung di kulawargana sorangan mah tara dianggap.”+
58 Ku kituna, anjeunna teu nyieun loba mujijat di dinya lantaran urang dinya teu baroga iman.
Catetan Tambihan
^ Maksudna, Sétan.
^ Atawa ”sistim”. Tingali Daptar Istilah.
^ As. ”binih nu alus”.
^ As. ”binih nu alus”.
^ Atawa ”usim”.
^ Siki nu leutik pisan nu aya di Paléstina. Jangkung tangkalna bisa nepi ka 4 m leuwih sarta aya dahan-dahanna.
^ Atawa bisa jadi ngamaksudkeun ti saprak turunan Adam jeung Hawa dilahirkeun.
^ As. ”binih nu alus”.
^ Maksudna, Sétan.
^ Atawa ”sistim”. Tingali Daptar Istilah.
^ Atawa ”sistim”. Tingali Daptar Istilah.
^ Atawa ”sistim”. Tingali Daptar Istilah.

