Nu Ditulis ku Matius 10:1-42

  • Ngaran 12 rasul (1-4)

  • Pituduh keur ngawawar (5-15)

  • Murid-murid bakal dikaniaya (16-25)

  • Kudu sieun ka Allah, lain ka manusa (26-31)

  • Lain mawa karukunan, tapi pedang (32-39)

  • Narima murid-murid Isa (40-42)

10  Jadi, Isa ngumpulkeun 12 muridna jeung méré kawasa pikeun ngusir roh-roh jahat+ jeung pikeun nyageurkeun rupa-rupa kasakit. 2  Ngaran 12 rasul téh nyaéta:+ Simon, nu disebut Pétrus,+ jeung Andréas+ adina, Yakobus jeung Yahya,+ anak-anak Zébédéus, 3  Filipus jeung Bartoloméus,+ Tomas+ jeung Matius+ si tukang narik pajeg, Yakobus anak Alféus, Tadéus, 4  Simon urang Kanani,* jeung Yudas Iskariot nu ka dieunakeun ngahianat ka Isa.+ 5  Dua belas rasul éta diutus ku Isa bari dibéré pituduh,+ ”Ulah asup ka daérahna bangsa-bangsa séjén, ka kota-kota Samaria+ gé ulah. 6  Nu kudu terus didatangan mah jalma-jalma ti bangsa Israél nu siga domba-domba nyasar.+ 7  Geura arindit tuluy wartakeun, ’Pamaréntahan sorga geus deukeut.’+ 8  Cageurkeun nu gering,+ hirupkeun deui nu maot, cageurkeun nu kusta, jeung usir roh-roh jahat. Maranéh narima ieu teu dipénta bayaran, jadi maranéh gé ulah ménta bayaran. 9  Ulah mamawa emas, pérak, atawa tambaga dina kantong duit maranéh.+ 10  Ulah ogé mawa kantong dahareun keur di jalan, baju salin, sendal keur ganti, atawa iteuk sérep,+ lantaran jalma nu digawé mah geus sakuduna diburuhan.*+ 11  ”Di kota atawa kampung mana waé, téangan jalma nu daék narima maranéh. Pék cicing di dinya nepi ka waktuna indit deui.+ 12  Waktu asup ka hiji imah, ucapkeun salam.* 13  Lamun nu boga imah daék narima, maranéhna bakal narima berkah,*+ tapi lamun teu daék, berkahna balik deui ka maranéh. 14  Lamun di hiji imah atawa hiji kota euweuh nu daék narima maranéh atawa embung ngadéngékeun maranéh, pék indit ti dinya, kebutkeun kekebul tina suku maranéh.+ 15  Sing percaya, dina Poé Pangadilan, hukuman keur éta kota bakal leuwih beurat tibatan hukuman keur Sodom jeung Gomora.+ 16  ”Sing inget! Maranéh téh kawas domba nu diutus ka tengah-tengah ajag. Jadi, sing waspada kawas oray, sing polos kawas japati.+ 17  Sing ati-ati ka saha waé, sabab bakal aya nu mawa maranéh ka pangadilan+ jeung mecutan maranéh+ di tempat-tempat ibadahna.+ 18  Lantaran nuturkeun urang, maranéh bakal dibawa ka hareupeun gubernur-gubernur jeung raja-raja+ supaya bisa ngajelaskeun kapercayaan maranéh ka maranéhna jeung ka bangsa-bangsa.+ 19  Tapi, waktu dibawa ka hareupeun maranéhna, ulah hariwang rék ngomong naon atawa kumaha ngomongna. Harita kénéh, maranéh bakal nyaho kudu ngomong naon,+ 20  sabab nu ngomong téh lain maranéh sorangan, tapi maranéh bakal dibantu ku kawasa suci ti Bapa.+ 21  Terus, jalma bakal masrahkeun dulurna sina dipaéhan, kitu ogé bapa ka budakna. Budak bakal ngalawan ka kolot jeung masrahkeun kolotna sina dipaéhan.+ 22  Lantaran nuturkeun urang, maranéh bakal dipikangéwa.+ Tapi, nu tabah* nepi ka ahir bakal disalametkeun.+ 23  Lamun maranéh dikaniaya di hiji kota, pék pindah ka kota séjén.+ Sing percaya, saacan kota-kota di Israél kaider kabéh, Anak manusa geus kaburu datang. 24  ”Murid moal ngaleuwihan guruna, kitu ogé palayan moal bisa ngaleuwihan dununganana.+ 25  Geus cukup lamun murid jadi sarua jeung guruna, atawa palayan jadi sarua jeung dununganana.+ Lamun nu boga imah disebut Béélzébul,*+ nya pasti saeusi rumah tanggana ogé disebut kitu. 26  Jadi, ulah sieun ka maranéhna, sabab naon nu ditutup-tutupan bakal dibolékérkeun jeung naon nu dirasiahkeun bakal kanyahoan.+ 27  Naon nu dicaritakeun ku urang di nu poék, caritakeun di nu caang. Naon nu diharéwoskeun ka maranéh, uar-uarkeun luhureun imah.+ 28  Ulah sieun ka nu bisa maéhan awak tapi teu bisa maéhan jiwa.*+ Kudu sieun mah ka nu bisa ngamusnakeun awak jeung jiwa di Géhéna.*+ 29  Dua manuk piit dijualna ngan sakencring,* pan? Tapi, euweuh hiji-hiji acan nu ragrag kana taneuh nu teu kanyahoan ku Bapa maranéh.+ 30  Malahan, Bapa maranéh nyaho jumlah buuk dina sirah maranéh. 31  Jadi ulah sieun, maranéh téh leuwih hargaan tibatan loba manuk piit.+ 32  ”Saha waé nu ngaku percaya ka urang hareupeun jalma-jalma+ bakal diaku ku urang hareupeun Bapa nu di sorga.+ 33  Tapi, saha waé nu ngaku teu percaya ka urang hareupeun jalma-jalma moal diaku ku urang hareupeun Bapa nu di sorga.+ 34  Ulah nyangka urang datang ka dunya téh rék mawa karukunan. Urang datang lain mawa karukunan, tapi pedang.+ 35  Urang datang rék nyababkeun kulawarga papecah, anak lalaki ngalawan ka bapana, anak awéwé ngalawan ka indungna, jeung minantu awéwé ngalawan ka mitoha awéwéna.+ 36  Sabenerna, nu bakal jadi musuh téh nya kulawargana sorangan. 37  Saha waé nu leuwih nyaah ka indung bapana tibatan ka urang teu pantes jadi murid urang. Saha waé nu leuwih nyaah ka budakna nu lalaki atawa nu awéwé tibatan ka urang teu pantes jadi murid urang.+ 38  Saha waé nu teu daék manggul tihang siksaan* jeung embung nuturkeun urang teu pantes jadi murid urang.+ 39  Saha waé nu ngabélaan nyawana* bakal kaleungitan nyawana, tapi saha waé nu kaleungitan nyawana* demi urang bakal meunangkeun nyawana.+ 40  ”Saha waé nu narima maranéh, narima urang ogé, jeung saha waé nu narima urang, narima ogé Anjeunna nu ngutus urang.+ 41  Saha waé nu narima hiji jalma lantaran éta jalma téh nabi bakal meunang ganjaran sakumaha nabi.+ Saha waé nu narima hiji jalma lantaran éta jalma téh jalma bener bakal meunang ganjaran sakumaha jalma bener. 42  Nu pasti mah saha waé nu nyuguhan citiis sagelas ka salah sahiji jalma biasa ieu, lantaran manéhna téh murid urang, bakal meunang ganjaran.”+

Catetan Tambihan

^ Atawa ”jalma nu sumanget”.
^ As. ”narima dahareun”.
^ Salam nu umum keur urang Yahudi téh, ”Mugia anjeun narima katengtreman”.
^ Atawa ”katengtreman”.
^ Atawa ”satia”.
^ Sesebutan keur Sétan, pangawasa roh-roh jahat.
^ Atawa ”kahirupan”. Maksudna, harepan pikeun hirup deui.
^ As. ”hiji asarion”. Tingali Lamp. B14.
^ Atawa ”jiwana”. Tingali Daptar Istilah.
^ Atawa ”jiwana”. Tingali Daptar Istilah.