Nu Ditulis ku Lukas 6:1-49
-
Isa téh ”Dununganana poé Sabat” (1-5)
-
Lalaki nu leungeunna mungkered dicageurkeun (6-11)
-
Dua belas rasul (12-16)
-
Isa ngajar jeung nyageurkeun (17-19)
-
Kabagjaan jeung cilaka (20-26)
-
Nyaah ka musuh (27-36)
-
Tong sok ngahakiman (37-42)
-
Kaciri tina buahna (43-45)
-
Imah nu weweg; imah nu euweuh pondasina (46-49)
6 Sakali waktu, dina poé Sabat, Isa ngaliwatan lahan gandum. Murid-muridna maretik gandum, tuluy gandumna+ digesek ku dampal leungeun, seug didahar.+
2 Waktu katempo ku sababaraha urang Farisi, maranéhna ngomong, ”Ku naon maranéh ngalanggar aturan poé Sabat?”+
3 Isa ngajawab, ”Aranjeun teu pernah maca naon nu dilampahkeun ku Daud jeung baladna waktu maranéhna lapar?+
4 Manéhna asup ka bumina Allah tuluy narima roti nu dibaktikeun. Éta roti didahar jeung dibikeun ka balad-baladna, padahal éta téh teu meunang didahar salian ku para imam, pan?”+
5 Geus kitu, anjeunna ngomong deui, ”Anak manusa téh Dununganana poé Sabat.”+
6 Dina poé Sabat+ séjénna, Isa datang ka tempat ibadah tuluy ngajar. Di dinya, aya lalaki nu leungeun katuhuna lumpuh jeung mungkered sabeulah.+
7 Ahli-ahli Torét jeung urang Farisi ngawas-ngawas Isa, hayang nyaho anjeunna bakal nyageurkeun éta lalaki dina poé Sabat atawa henteu, supaya maranéhna bisa nuduh anjeunna.
8 Tapi lantaran nyaho naon nu dipikirkeun+ ku maranéhna, anjeunna ngomong ka nu leungeunna lumpuh éta, ”Ka dieu, nangtung di tengah.” Éta lalaki cengkat, jung nangtung di dinya.
9 Geus kitu Isa nanya ka maranéhna, ”Mana nu meunang dipigawé dina poé Sabat: nulungan atawa nyilakakeun, nyalametkeun nyawa atawa maéhan?”+
10 Isa neuteup maranéhna kabéh tuluy ngomong ka éta lalaki, ”Cing asongkeun leungeun anjeun.” Tuluy leungeunna diasongkeun, harita kénéh leungeunna cageur.
11 Tapi, ahli-ahli Torét jeung urang Farisi kacida arambekeunana, tuluy maranéhna badami rék nyilakakeun Isa.
12 Hiji poé, anjeunna naék ka gunung rék ngadoa ka Allah,+ ngadoana téh sapeuting jeput.+
13 Beurangna, anjeunna ngageroan murid-muridna tuluy milih 12 lalaki ti antara maranéhna, nu ku anjeunna disebut rasul-rasul, nyaéta:+
14 Simon, nu ku Isa dingaranan Pétrus, Andréas adina, Yakobus, Yahya, Filipus,+ Bartoloméus,
15 Matius, Tomas,+ Yakobus anak Alféus, Simon nu disebut ”jalma nu sumanget”,
16 Yudas anak Yakobus, jeung Yudas Iskariot, nu engkéna ngahianat Isa.
17 Geus kitu, Isa turun bareng jeung maranéhna tuluy nangtung di tempat nu rata. Di dinya geus aya loba murid. Harita, jalma réa gé daratang ti sakuliah Yudéa jeung Yérusalém sarta ti daérah basisir Tirus jeung Sidon. Maranéhna hayang ngadéngékeun anjeunna sarta hayang dicageurkeun tina panyakitna.
18 Malah, jalma-jalma nu diganggu ku roh jahat ogé dicalageurkeun.
19 Waktu jalma-jalma nyabak Isa, aya kawasa nu kaluar ti anjeunna,+ seug maranéhna calalageur tina panyakitna. Ku sabab éta, kabéh jalma jadi hayang nyabak Isa.
20 Isa neuteup murid-muridna tuluy ngomong,
”Bagja maranéh nu miskin, sabab Pamaréntahan Allah téh eukeur maranéh.+
21 ”Bagja maranéh nu ayeuna keur lapar, sabab maranéh bakal diseubeuhkeun.+
”Bagja maranéh nu ayeuna keur ceurik, sabab maranéh bakal seuri.+
22 ”Bagja maranéh lamun dipikangéwa,+ dijauhan,+ dipoyokan ku batur, jeung ngaran maranéh digogoréng demi Anak manusa,
23 sabab baheula karuhun maranéhna gé ngalampahkeun nu sarua ka para nabi. Dina poé éta, sing atoh. Pék ajrug-ajrugan ku lantaran gumbira, sabab ganjaran maranéh gedé di sorga.+
24 ”Tapi cilaka maranéh nu beunghar,+ sabab ngan éta kasenangan nu ditarima ku maranéh.+
25 ”Cilaka maranéh nu ayeuna seubeuh, sabab maranéh bakal kalaparan.
”Cilaka maranéh nu ayeuna seuseurian, sabab maranéh bakal sedih jeung ceurik.+
26 ”Cilaka maranéh lamun dipuji-puji ku kabéh jalma,+ sabab éta nu dilampahkeun ku karuhun maranéhna ka nabi-nabi palsu.
27 ”Tapi urang ngabéjaan kieu ka maranéh nu ngadéngékeun: Terus pikanyaah musuh-musuh maranéh, sing bageur ka nu ngéwa ka maranéh,+
28 berkahan nu nyumpahan, jeung doakeun nu ngahina ka maranéh.+
29 Lamun aya nu nampiling pipi maranéh sabeulah, bikeun ogé pipi nu sabeulah deui. Lamun aya nu ngarebut baju luar maranéh, keun baé manéhna sina ngarebut baju séjén nu keur dipaké ku maranéh.+
30 Lamun aya nu barangpénta,+ béré. Lamun aya nu nyokot barang maranéh, ulah ménta dipulangkeun.
31 ”Salian ti éta, naon nu dipiharep ku maranéh ti batur, lampahkeun éta ogé ka batur.+
32 ”Lamun maranéh ngan nyaah ka nu mikanyaah ka maranéh, naon nu bisa dipuji ti maranéh? Jalma dosa gé mikanyaah ka jalma nu nyaah ka maranéhna.+
33 Lamun maranéh ngan bageur ka nu bageur ka maranéh, naon nu bisa dipuji ti maranéh? Jalma dosa gé kitu.
34 Salian ti éta, lamun maranéh méré nginjeum* ka jalma nu dirasa bakal mulangkeun, naon nu bisa dipuji ti maranéh?+ Jalma dosa gé méré nginjeum ka jalma dosa téh lantaran hayang kabéh nu diinjeumkeunana dipulangkeun.
35 Sabalikna, kudu terus mikanyaah ka musuh maranéh, sing bageur, jeung kudu daék méré nginjeum, ulah ngarep-ngarep dipulangkeun.+ Lamun éta dilampahkeun, maranéh bakal meunang ganjaran nu gedé sarta bakal jadi putra-putra ti Nu Maha Agung, sabab Anjeunna gé bageur ka jalma nu jahat jeung ka nu tara mulang tarima.+
36 Kudu terus welas asih sakumaha Bapa maranéh ogé welas asih.+
37 ”Salian ti éta, tong sok ngahakiman batur, maranéh gé moal dihakiman.+ Tong sok nyalahkeun batur, maranéh gé moal disalahkeun. Kudu terus ngahampura,* maranéh gé bakal dihampura.*+
38 Kudu resep barangbéré, maranéh gé bakal dibéré.+ Batur bakal ngaborolokeun ka kantong jubah maranéh hiji takeran pinuh, nu didedetkeun, dioyag-oyag, jeung muncung. Takeran nu dipaké ku maranéh keur ngukur batur téh bakal dipaké ogé keur ngukur maranéh.”
39 Geus kitu, anjeunna nyaritakeun ieu ibarat, ”Bisa teu nu lolong nungtun nu lolong? Nya moal bisa atuh, tangtu duanana bakal tigebrus kana lombang.+
40 Murid moal ngaleuwihan guruna, tapi jalma nu diajarna nepi ka bérés bakal siga guruna.
41 Jadi, ku naon manéh nilik-nilik jarami dina panon dulur, ari balok dina panon sorangan teu katempo?+
42 Pantes teu manéh ngomong kieu ka dulur, ’Cik ka dieu, urang cokot éta jarami tina panon manéh,’ ari manéh teu ningali aya balok dina panon sorangan. Éh, jalma munapék! Piceun heula balok dina panon manéh kakara manéh bisa ningali jelas jarami nu rék dicokot nu aya dina panon dulur manéh.
43 ”Tangkal nu alus, buahna moal goréng, nya kitu deui tangkal nu goréng, buahna moal alus.+
44 Tina buahna, urang bisa nyaho éta tangkal naon.+ Contona, moal aya jalma nu ngala buah ara atawa metik anggur tina rungkun cucuk.
45 Jalma nu hadé tangtu omonganana gé hadé, lantaran haténa pinuh ku hal-hal hadé. Jalma nu jahat tangtu omonganana gé jahat, lantaran haténa pinuh ku hal-hal jahat. Omongan anu mudal tina biwir téh asalna ti jero haté.+
46 ”Jadi, jang naon maranéh nyebut urang, ’Juragan! Juragan!’ tapi teu nurut kana omongan urang?+
47 Urang ngabéjaan yén unggal jalma nu ngadatangan urang, ngadéngékeun omongan urang, jeung ngalampahkeunana téh siga kieu:+
48 Manéhna téh siga jalma nu ngawangun imah. Manéhna ngagali taneuh nepi ka jero, terus masang pondasi dina cadas. Jadi waktu banjir datang tuluy cai walungan narajang éta imah, imahna teu oyag-oyag acan, sabab wangunanana weweg.+
49 Sabalikna, saha waé nu ngadéngékeun tapi teu ngalampahkeun nanaon+ téh siga jalma nu ngawangun imah dina taneuh tapi euweuh pondasina. Waktu cai walungan narajang, brug imahna runtuh, rugrug amburadul.”

