Nu Ditulis ku Lukas 13:1-35

  • Nu embung tobat bakal binasa (1-5)

  • Ibarat ngeunaan tangkal ara nu teu buahan (6-9)

  • Awéwé nu bongkok dicageurkeun dina poé Sabat (10-17)

  • Ibarat ngeunaan siki sasawi jeung ragi (18-21)

  • Kudu bajoang asup liwat panto nu sempit (22-30)

  • Hérodés, ”jalma licik” (31-33)

  • Isa nyeungceurikan Yérusalém (34, 35)

13  Harita, aya sababaraha jalma di dinya nu ngalaporkeun ka Isa yén Pilatus maéhan sababaraha urang Galiléa nu keur méré kurban. 2  Isa ngajawab, ”Disangka maranéh, urang Galiléa nu diparaéhan téh dosana leuwih gedé tibatan urang Galiléa séjénna, kitu? 3  Henteu, lain kitu. Maranéh gé bakal binasa siga maranéhna lamun embung tobat.+ 4  Atawa disangka maranéh, 18 jalma nu maot katinggang munara nu rugrug di Siloam téh dosana leuwih gedé tibatan kabéh urang Yérusalém séjénna, kitu? 5  Henteu, lain kitu. Maranéh gé bakal binasa siga maranéhna lamun embung tobat.” 6  Tuluy anjeunna nyaritakeun ieu ibarat, ”Aya jalma nu boga hiji tangkal ara di kebon anggurna. Barang ditempo, geuningan teu buahan.+ 7  Éta jalma ngomong ka tukang kebonna, ’Geus tilu taun urang néangan buahna, tapi euweuhan waé. Geus tuar wéh lah, tibatan ngaheurinan lahan!’ 8  Tukang kebonna ngajawab, ’Juragan, keun heula sataun deui mah. Ku abdi rék digali sakurilingna, terus dibéré pupuk. 9  Lamun engké buahan, nya alus. Lamun teu buahan, nya urang tuar wéh.’”+ 10  Dina hiji poé Sabat, Isa ngajar di salah sahiji tempat ibadah. 11  Di dinya, aya awéwé nu geus 18 taun gering lantaran diganggu ku roh jahat. Awakna téh bongkok pisan, teu bisa ajeg saeutik-eutik acan. 12  Barang nempo manéhna, Isa ngomong, ”Nyai geus dibébaskeun tina panyakit Nyai.”+ 13  Isa numpangkeun leungeun ka manéhna, harita kénéh manéhna ajeg tuluy muji sukur ka Allah. 14  Tapi, kapala tempat ibadah téh jadi ambek lantaran Isa nyageurkeun dina poé Sabat, pok ngomong ka jalma réa, ”Aya genep poé keur digawé téh.+ Mun hayang dicageurkeun mah datangna dina poé-poé éta, ulah poé Sabat.”+ 15  Ditémbalan ku Juragan, ”Jalma munapék!+ Pan dina poé Sabat gé maranéh sok ngaleupaskeun cangcangan sapi atawa kaldé, tuluy digiring kaluar kandang sina ngarinum.+ 16  Ari ieu, awéwé turunan Ibrahim, geus dicangcang ku Sétan salila 18 taun. Piraku teu meunang dibébaskeun pédah ieu téh poé Sabat?” 17  Dijawab kitu, nu ngamusuh ka Isa aréraeun sorangan. Ari jalma réa mah pada aratoheun ningali hal-hal luar biasa nu dilampahkeun ku Isa.+ 18  Isa neruskeun, ”Pamaréntahan Allah téh siga naon? Bisa diupamakeun jeung naon? 19  Éta téh saupama siki sasawi* nu dipelak ku hiji jalma di kebonna. Lamun geus jadi, éta bisa ngagedéan siga tangkal, dahan-dahanna gé nepi ka bisa dipaké nyayang ku manuk.”+ 20  Anjeunna nanya deui, ”Pamaréntahan Allah téh bisa diupamakeun jeung naon? 21  Éta téh saupama ragi, nu ku ibu-ibu biasana dicampur jeung tipung kira-kira 20 liter* ngarah éta adonan beukah.”+ 22  Waktu indit ka Yérusalém, Isa nyimpang ka kota-kota jeung kampung-kampung bari ngajar jalma-jalma. 23  Pok aya lalaki nu nanya kieu ka anjeunna, ”Juragan, ari nu disalametkeun téh ngan saeutik, kitu?” Isa ngomong ka jalma-jalma, 24  ”Maranéh kudu bajoang sakuat tanaga ngarah bisa asup liwat panto nu sempit,+ sabab urang ngabéjaan, loba nu harayangeun asup tapi teu sanggup. 25  Tah, lamun nu boga imah geus ngoncian panto, maranéh bakal nangtung di luar sarta keketrok bari ngomong kieu, ’Juragan, pangmukakeun panto.’+ Tapi bakal dijawab, ’Urang mah teu wawuh ka maranéh.’ 26  Tuluy maranéh bakal ngomong, ’Urang pan dahar nginum bareng jeung Juragan. Juragan ogé ngajar di jalan-jalan gedé di kota urang.’+ 27  Tapi manéhna bakal ngajawab, ’Urang teu wawuh ka maranéh! Geura nyaringkah, jalma-jalma jahat!’ 28  Engké maranéh bakal careurik bari jeung tingkereket huntu waktu ningali Ibrahim, Ishak, Yakub, jeung sakabéh nabi aya dina Pamaréntahan Allah, ari maranéh mah dijongklokkeun ka luar.+ 29  Salian ti éta, jalma-jalma bakal datang ti wétan jeung kulon sarta ti kalér jeung kidul. Maranéhna bakal diuk jeung dahar bareng dina Pamaréntahan Allah. 30  Ku kituna, jalma-jalma nu tadina pandeuri bakal jadi ti heula, ari nu ti heula bakal jadi pandeuri.”+ 31  Harita kénéh, aya sababaraha urang Farisi datang jeung ngomong kieu ka Isa, ”Geura indit ti dieu, lantaran manéh rék dipaéhan ku Hérodés.” 32  Tuluy ceuk anjeunna, ”Jung indit, béjakeun ka éta jalma licik,* ’Poé ieu jeung isukan urang rék ngusiran roh-roh jahat jeung nyageurkeun nu garering. Dina poé nu katilu, éta bakal bérés.’ 33  Najan kitu poé ieu, isukan, jeung pagéto, urang kudu neruskeun perjalanan, sabab teu mungkin nabi dipaéhan di luar Yérusalém.+ 34  Éh urang Yérusalém, nu maéhan para nabi jeung malédogan jalma-jalma nu diutus ka maranéh,+ geus sering urang hayang ngumpulkeun maranéh siga indung hayam ngumpulkeun anak-anakna handapeun jangjang! Tapi maranéh embung.+ 35  Bait* maranéh bakal ditinggalkeun.+ Urang ngabéjaan, maranéh moal panggih deui jeung urang nepi ka maranéh ngomong, ’Mugia jalma nu datang mawa nami Yéhuwa* diberkahan!’”+

Catetan Tambihan

Tingali cth. dina Mat 13:31.
As. ”jeung tipung 3 takeran séa”. Tingali Lamp. B14.
As. ”éta rubah”.
As. ”Imah”.
Tingali Lamp. A5.