Nu Ditulis ku Lukas 8:1-56
-
Awéwé-awéwé nu maturan Isa (1-3)
-
Ibarat ngeunaan patani nu nebar binih (4-8)
-
Alesan Isa maké ibarat (9, 10)
-
Ibarat ngeunaan patani nu nebar binih dijelaskeun (11-15)
-
Lampu moal dituruban (16-18)
-
Indung jeung dulur-dulurna Isa (19-21)
-
Isa ngeureunkeun angin ribut (22-25)
-
Isa nitah roh-roh jahat nyurup ka babi-babi (26-39)
-
Budak awéwéna Yairus; hiji awéwé nyabak tungtung baju luar Isa (40-56)
8 Teu lila ti harita, Isa ngideran kota-kota jeung kampung-kampung pikeun nguarkeun warta hadé ngeunaan Pamaréntahan Allah.+ Nu marilu téh 12 rasul
2 jeung awéwé-awéwé nu dicalageurkeun tina panyakitna sarta nu kasurupan ku roh jahat, nyaéta Maryam nu disebut Magdaléna, nu tadina kasurupan ku tujuh roh jahat,
3 Yohana+ pamajikanana pangawas istana Hérodés nu ngaranna Khuza, Susana, jeung loba awéwé séjén. Maranéhna téh ngagunakeun harta bandana pikeun ngalalayanan Isa jeung para rasul.+
4 Basa jalma-jalma ngumpul bareng jeung rombongan Isa nu milu ngideran kota-kota, Isa ngajar maranéhna maké ieu ibarat:+
5 ”Aya patani keur nebarkeun binih. Waktu keur nebar, aya binih nu ragrag di sisi jalan, katarincakan ku jalma-jalma, jeung diparacokan ku manuk nepi ka béak.+
6 Aya ogé nu ragrag dina batu. Sanggeus jadi, binihna garing lantaran teu meunang cai.+
7 Binih séjénna ragrag di antara rungkun cucuk, bareng jadina jeung rungkun cucuk, tuluy kagencét ku éta rungkun cucuk.+
8 Tapi nu séjénna ragrag kana taneuh nu subur. Binihna jadi, tuluy baruahan nepi ka 100 kalieun.”+ Sanggeus nyaritakeun éta, anjeunna ngomong ku sora nu tarik, ”Saha waé nu baroga ceuli, sok déngékeun bener-bener.”+
9 Tapi, murid-murid nanya ka Isa naon hartina éta ibarat.+
10 Ceuk anjeunna, ”Maranéh téh geus dibéré kurnia pikeun ngarti rasiah suci ngeunaan Pamaréntahan Allah, ari nu séjén mah ngan ngadéngé ibaratna wungkul.+ Jadi sanajan ningali, maranéhna teu ngarti, sanajan ngadéngé, maranéhna teu paham.+
11 Ieu hartina ibarat téh: Binih téh nyaéta warta ti Allah.+
12 Taneuh di sisi jalan tempat ragragna binih téh nyaéta jalma-jalma nu daék ngadéngékeun. Tapi, jol Iblis datang nyokot warta nu aya dina haté maranéhna supaya maranéhna teu percaya jeung teu disalametkeun.+
13 Batu tempat ragragna binih téh nyaéta jalma-jalma nu bungah ngadéngé jeung narima éta warta, tapi wartana teu akaran. Maranéhna percaya, tapi ngan sakeudeung. Waktu aya cocoba, maranéhna teu percaya deui.+
14 Rungkun cucuk tempat ragragna binih téh nyaéta jalma-jalma nu ngadéngékeun, tapi disimpangkeun ku kahariwang, kabeungharan,+ jeung kasenangan hirup.+ Éta warta jadi kagencét jeung teu ngahasilkeun buah nu asak.+
15 Ari taneuh nu subur tempat ragragna binih téh nyaéta jalma-jalma nu ngadéngé éta warta ku haté nu jujur jeung hadé.+ Wartana nyerep, tuluy maranéhna ngahasilkeun buah bari tabah nyanghareupan masalah.+
16 ”Euweuh jalma nu nyeungeut lampu tuluy dituruban ku wadah atawa diteundeun di kolong kasur. Diteundeunna téh nya di tempat nu luhur, ngarah nu asup ka rohangan bisa kacaangan.+
17 Naon waé nu disumputkeun bakal katémbong, jeung naon waé nu ditutup rapet bakal kabuka jeung kanyahoan.+
18 Ku kituna, déngékeun bener-bener, sabab saha waé nu geus boga bakal ditambahan,+ tapi saha waé nu teu boga, malah hal-hal nu disangka milikna gé bakal dicokot.”+
19 Indung jeung dulur-dulurna+ Isa daratang, tapi teu bisa nyampeurkeun, da kahalangan ku jalma réa.+
20 Jadi, aya nu ngabéjaan anjeunna, ”Itu aya ibu sareng dulur-dulur nuju ngarantosan di luar, haroyongeun tepang.”
21 Isa ngomong ka maranéhna, ”Indung jeung dulur-dulur urang téh jalma-jalma ieu, nu ngadéngékeun firman Allah jeung ngalampahkeunana.”+
22 Hiji poé, Isa jeung murid-muridna naék kana parahu, tuluy anjeunna ngomong, ”Hayu urang meuntas ka beulah ditu.” Jadi, maranéhna balayar.+
23 Basa keur balayar, anjeunna saré. Ari pék téh aya angin ribut ngamuk di éta situ, jadi parahu téh kaeusian cai nepi ka téréh tilelep.+
24 Murid-murid nyampeurkeun jeung ngahudangkeun anjeunna, tuluy ngagorowok, ”Guru, Guru, urang téréh paéh!” Tuluy anjeunna hudang, nyentak angin jeung cai nu ngamuk. Rep angin ribut téh eureun, kaayaanana jadi tenang.+
25 Tuluy anjeunna ngomong, ”Naha bet teu baroga iman?” Maranéhna sarieuneun jeung arolohokeun sarta pada ngomong kieu, ”Saha sabenerna anjeunna téh, nepi ka angin jeung cai gé nurut kana paréntahna?”+
26 Geus kitu, maranéhna balabuh ka daérah urang Gérasa,+ nu aya di peuntaseun Galiléa.
27 Waktu turun ka darat, anjeunna didatangan ku jalma nu kasurupan, nu asalna ti kota deukeut dinya. Geus lila éta jalma teu maké papakéan sarta cicingna téh lain di imah, tapi di antara makam-makam.+
28 Barang ningali Isa, manéhna ngajerit tuluy sujud hareupeun Isa. Geus kitu manéhna ngagorowok, ”Rék naon anjeun ka dieu, Isa, Putra ti Allah Nu Maha Agung? Urang ménta, urang ulah disiksa.”+
29 (Sabab Isa nitah éta roh jahat kaluar ti éta jalma. Éta roh geus sering nyurup ka*+ manéhna. Manéhna sering dijaga ku jalma-jalma bari jeung suku sarta leungeunna diranté, tapi éta dipegat-pegatkeun. Manéhna gé osok dibawa ku éta roh jahat ka tempat-tempat nu sepi.)
30 Terus ku Isa ditanya, ”Saha ngaran manéh?” Dijawabna, ”Légiun,”* sabab roh jahat nu nyurup ka manéhna téh aya loba.
31 Éta roh-roh jahat terus méménta ka Isa supaya teu digebruskeun kana lombang nu kacida jerona.*+
32 Harita, aya loba pisan babi+ nu keur nyaratu di gunung. Jadi, éta roh-roh jahat méménta supaya diidinan nyurup ka babi-babi. Ku Isa diidinan.+
33 Éta roh-roh jahat kalaluar, seug nyarurup ka babi-babi. Geus kitu, babi-babina ngabalecir ka sisi gawir, ngarajleng ka situ, kabéh tingkerelep.
34 Ningali éta kajadian, para pangangonna kalabur sarta ngalaporkeun hal éta ka kota jeung ka daérah sakurilingna.
35 Jalma-jalma kalaluar hayang ningali éta kajadian. Waktu maranéhna manggihan Isa, jalma nu tadina kasurupan téa geus dibaju, geus waras, jeung keur diuk di deukeut suku Isa. Ningali kitu, maranéhna jadi sarieuneun.
36 Nu nyaraksian gé nyaritakeun ka maranéhna kumaha éta jalma nu kasurupan dicageurkeun.
37 Geus kitu, jalma réa ti daérah urang Gérasa ménta Isa indit ti dinya, lantaran maranéhna kasieunan pisan. Jadi, Isa naék parahu ninggalkeun éta tempat.
38 Jalma nu tadina kasurupan roh jahat téa teterusan ménta supaya bisa milu jeung Isa, tapi ku Isa teu diidinan. Ceuk Isa,+
39 ”Geura balik wéh. Béjaan ka kabéh jalma ngeunaan sagala tindakan Allah ka manéh.” Bral manéhna indit jeung nguar-nguarkeun ka sakuliah kota ngeunaan sagala nu dilampahkeun ku Isa ka manéhna.
40 Waktu Isa balik deui ka daérah Galiléa, jalma-jalma barungaheun pisan lantaran anjeunna geus diarep-arep.+
41 Jol datang hiji lalaki nu ngaranna Yairus, kapala tempat ibadah. Bruk manéhna sujud hareupeun Isa sarta méménta anjeunna datang ka imahna,+
42 lantaran budakna nu awéwé, nu umurna kira-kira 12 taun, téréh maot. Éta téh budak hiji-hijina.
Waktu Isa indit ka ditu, jalma réa téh pasesedek nuturkeun anjeunna.
43 Di dinya, aya awéwé nu geus 12 taun ngagetih,+ sarta euweuh nu bisa ngubaran manéhna.+
44 Manéhna ngadeukeutan Isa ti tukang tuluy nyabak tungtung baju luar Isa,+ set ngagetihna eureun.
45 Ceuk Isa, ”Saha nu nyabak urang?” Tapi euweuh nu ngaku. Jadi Pétrus ngomong, ”Pan Guru keur dirubung ku jalma réa nu pasesedek.”+
46 Tapi ceuk Isa, ”Aya nu nyabak, sabab karasa aya kawasa+ nu kaluar ti urang.”
47 Ngarasa geus kanyahoan, éta awéwé nyampeurkeun Isa bari ngadégdég tuluy sideku hareupeunana. Manéhna nerangkeun hareupeun kabéh jalma ku naon manéhna nyabak Isa jeung kumaha manéhna langsung cageur.
48 Najan kitu, Isa ngomong, ”Anaking, Enéng cageur téh lantaran boga iman. Jung indit, ulah hariwang.”+
49 Waktu Isa keur ngomong kénéh, datang hiji utusan ti imahna Yairus ngomong kieu, ”Budak téh geus maot. Geus, teu kudu ngarérépot Guru deui.”+
50 Ngadéngé kitu, Isa ngomong ka Yairus, ”Ulah hariwang. Percaya wéh, budak téh bakal disalametkeun.”+
51 Basa Isa nepi ka imahna Yairus, nu diidinan asup ku Isa téh ngan Pétrus, Yahya, Yakobus, jeung indung bapana éta budak.
52 Tapi, kabéh nu aya di dinya téh keur careurik jeung neunggeulan dada sorangan bakating ku sedih. Jadi ceuk Isa, ”Ulah ceurik deui.+ Budak téh lain maot, tapi keur saré.”+
53 Jalma-jalma ngadon nyaleungseurikeun anjeunna lantaran nyaho éta budak téh geus maot.
54 Tapi, Isa nyekel leungeun éta budak tuluy ngomong, ”Néng, geura hudang!”+
55 Geus kitu budak téh hirup+ deui, seug manéhna hudang.+ Terus, anjeunna nitah éta budak dibéré dahar.
56 Atuh puguh indung bapana bungah pisan. Tapi, maranéhna ku Isa dilarang nyarita ka sasaha.+
Catetan Tambihan
^ Atawa bisa jadi ”geus lila ngawasaan”.
^ Tingali Daptar Istilah.
^ Tingali Daptar Istilah.

