Nu Ditulis ku Lukas 11:1-54
11 Sakali waktu, Isa ngadoa di hiji tempat. Sanggeus bérés, salah sahiji muridna ngomong kieu, ”Juragan, ajarkeun ka abdi sadaya carana ngadoa, siga Yahya ngajar ka murid-muridna.”
2 Jadi ceuk Isa ka maranéhna, ”Ngadoa téh kieu, ’Bapa, mugia nami Bapa disucikeun.*+ Mugia Pamaréntahan Bapa énggal ngawasa.+
3 Abdi nyuhunkeun dipasihan tuangeun* nu dibutuhkeun unggal poé.+
4 Hampura dosa abdi,+ abdi gé geus ngahampura saha waé nu boga dosa* ka abdi.+ Tulungan abdi supaya teu nyerah ku* gogoda.’”+
5 Geus kitu anjeunna ngomong, ”Upamana salah sahiji ti maranéh datang ka imah babaturan tengah peuting tuluy ngomong, ’Dulur, nginjeum roti tilu siki mah.
6 Ieu aya babaturan datang ti nu jauh, tapi urang teu boga nanaon keur nyuguhan.’
7 Baturna ngajawab ti jero imah, ’Tong ngaganggu lah. Pantona geus dikoncian, jaba barudak gé geus sararé bareng jeung urang. Teu bisa rék hudangna gé, jadi urang teu bisa barangbéré ka manéh.’
8 Urang ngabéjaan, sanajan manéhna téh babaturan, manéhna embung hudang jeung barangbéré. Tapi lamun manéh keukeuh ménta,+ nya manéhna bakal hudang jeung méré naon nu diperlukeun ku manéh.
9 Jadi urang ngabéjaan, tong eureun ménta,+ tangtu dibéré. Tong eureun néangan, pasti kapanggih. Tong eureun ngetrok, pasti pantona dibuka.+
10 Sabab saha waé anu ménta bakal dibéré,+ saha waé anu néangan bakal manggih, jeung saha waé anu ngetrok bakal dipangmukakeun.
11 Cik, aya kitu bapa nu téga méré oray ka budakna lamun budakna ménta lauk?+
12 Atawa mun budakna ménta endog, piraku dibéré kalajengking!
13 Jadi, lamun maranéh nu boga dosa waé gé nyaho carana méré nu hadé ka budak, komo deui Bapa di sorga! Anjeunna pasti méré kawasa suci ka jalma nu ménta.”+
14 Hiji waktu, Isa ngusir roh jahat ti hiji jalma nu nyababkeun éta jalma pireu.+ Sanggeus roh jahatna kaluar, éta jalma jadi bisa ngomong. Ningali kitu, jalma-jalma tarajubeun.+
15 Tapi aya nu ngomong kieu, ”Si éta mah bisa ngusir roh-roh jahat téh da dibantuan ku Béélzébul,* pangawasa roh-roh jahat.”+
16 Aya ogé nu ngadoja Isa ku cara ménta tanda+ ti sorga.
17 Ku lantaran nyaho nu dipikirkeun ku maranéhna,+ Isa ngomong, ”Unggal karajaan anu papecah bakal ancur. Unggal rumah tangga anu papecah ogé bakal paburantak.
18 Nya kitu deui, lamun Sétan merangan dirina sorangan, kumaha karajaanana bisa terus ngadeg? Ceuk maranéh, urang ngusir roh-roh jahat téh dibantuan ku Béélzébul.
19 Lamun urang ngusir roh-roh jahat ku bantuan Béélzébul, murid-murid maranéh ngusir roh-roh jahat téh dibantuan ku saha? Mun kitu mah murid-murid maranéh nunjukkeun yén omongan maranéh téh salah.
20 Tapi lamun urang ngusir roh-roh jahat ku bantuan kawasa* Allah,+ éta nandakeun yén Pamaréntahan Allah geus aya, ngan maranéh teu sadar.+
21 Upama hiji imah dijaga ku jalma nu kuat sarta boga senjata lengkep, harta bandana tangtu aman.
22 Tapi lamun aya jalma nu leuwih kuat nyerang jeung ngéléhkeun manéhna, kabéh senjata andelanana tangtu dirampas. Harta bandana gé dicokot jeung dibagi-bagikeun.
23 Saha waé nu teu mihak ka urang, éta hartina ngalawan ka urang. Saha waé nu teu ngumpulkeun bareng jeung urang, éta hartina manéhna ngaburencaykeun jalma-jalma.+
24 ”Aya roh jahat kaluar ti hiji jalma. Manéhna ngaliwatan gurun-gurun kukulayaban néangan pamatuhan, tapi teu manggih. Jadi manéhna ngomong, ’Aing rék balik deui ah ka imah aing nu baheula.’+
25 Barang nepi ka dinya, ari pék téh imahna geus dibersihan jeung dihias.
26 Seug manéhna indit heula, balikna mawa batur tujuhan, roh-roh nu leuwih jahat ti manéhna. Sup maranéhna asup tuluy matuh di dinya. Ahirna, kaayaan éta jalma jadi leuwih parah tibatan saacanna.”
27 Anjeunna keur nyarita kénéh, ujug-ujug hiji awéwé ti antara jalma réa ngomong tarik, ”Bagja indung nu ngandung jeung nyusuan anjeun!”+
28 Tapi ceuk anjeunna, ”Lain. Nu bagja mah jalma nu ngadéngékeun firman Allah, tuluy dijalankeun!”+
29 Waktu leuwih loba jalma daratang, anjeunna ngomong, ”Jalma-jalma jaman ayeuna téh jahat. Maranéhna terus ménta tanda, tapi moal dibéré tanda nanaon salian ti tanda Yunus.+
30 Sakumaha Yunus+ jadi tanda keur urang Niniwé, Anak manusa gé bakal jadi tanda keur jalma-jalma jaman ayeuna.
31 Dina Poé Pangadilan, ratu nagri Syéba*+ jeung jalma-jalma jaman ayeuna bakal dihirupkeun deui. Éta jalma-jalma bakal kabukti salah, lantaran éta ratu ngabélaan datang ti nu jauh hayang ngadéngékeun kekecapan Sulaéman nu bijaksana. Sabenerna, di dieu téh aya jalma nu leuwih penting tibatan Sulaéman.+
32 Dina Poé Pangadilan, urang Niniwé jeung jalma-jalma jaman ayeuna bakal dihirupkeun deui. Éta jalma-jalma bakal kabukti salah, lantaran urang Niniwé mah tarobat basa ngadéngé warta ti Yunus.+ Sabenerna, di dieu téh aya jalma nu leuwih penting tibatan Yunus.
33 Moal aya jalma nu nyeungeut lampu tuluy disumputkeun atawa dituruban ku karanjang. Diteundeunna téh nya di tempat nu luhur,+ ngarah nu asup ka rohangan bisa kacaangan.
34 Panon téh lampuna awak. Lamun panon manéh ngan ningali nu haradé,* sakujur awak gé cahayaan. Tapi lamun panon manéh sirikan,* awak manéh gé poék.+
35 Ati-ati, bisi naon nu dianggap caang dina diri manéh téh sabenerna poék, lain caang.
36 Lamun sakujur awak cahayaan, euweuh nu poék, éta bakal sarua caangna jeung lampu nu nyaangan manéh.”
37 Sanggeus ngomong kitu, aya hiji urang Farisi nu ngondang Isa dahar. Jadi Isa datang ka imahna, diuk, tuluy dahar.
38 Éta urang Farisi héraneun ningali anjeunna teu ngumbah heula leungeun* saacan dahar.+
39 Tapi Juragan ngomong ka manéhna, ”Éh aranjeun, urang Farisi, mangkok jeung piring ku aranjeun dibersihan luarna, ari aranjeun sorangan, jerona pinuh ku kasarakahan jeung kajahatan.+
40 Aranjeun teu asup akal! Nu nyieun bagian luar, nyieun bagian jerona ogé, pan?
41 Jadi mun méré sidekah, kudu iklas ti jero haté, ngarah diri aranjeun bener-bener bersih.
42 Cilaka aranjeun, urang Farisi, sabab aranjeun méré sapersapuluh mint, inggu,* jeung rempah-rempah*+ séjénna, tapi aranjeun teu ngajalankeun kaadilan jeung teu nyaah ka Allah! Mémang méré perpuluhan téh wajib, tapi hal-hal séjénna gé teu meunang dilalaworakeun.+
43 Cilaka aranjeun, urang Farisi, sabab di tempat ibadah, aranjeun resep diuk panghareupna* sarta resep lamun jalma-jalma di pasar pada ngucapkeun salam bari ngahormat!+
44 Cilaka aranjeun, sabab aranjeun kawas kuburan nu teu ditandaan, jadi jalma-jalma nu ngaliwat ka dinya teu nyahoeun+ maranéhna geus nincak kuburan!”
45 Ngadéngé kitu, hiji guru Torét ngomong ka Isa, ”Guru, urang gé milu kahina ku omongan Guru.”
46 Ceuk Isa, ”Cilaka ogé aranjeun, guru-guru Torét, sabab aranjeun méré beban nu beurat keur jalma-jalma, tapi aranjeun sorangan teu daék noél-noél acan éta beban!+
47 ”Cilaka aranjeun, sabab aranjeun ngawangun makam para nabi, padahal nu maéhanana téh karuhun aranjeun!+
48 Aranjeun pasti nyaho naon nu dilampahkeun ku karuhun aranjeun, malah satuju deuih. Karuhun aranjeun nu maéhan para nabi,+ sarta aranjeun nu ngawangun makamna.
49 Éta sababna Allah nu bijaksana ngucap kieu, ’Kuring bakal ngutus nabi-nabi jeung rasul-rasul, tapi sababaraha bakal dipaéhan jeung dikaniaya ku maranéhna.
50 Ku kituna, jalma-jalma jaman ayeuna kudu tanggung jawab kana getih para nabi nu dikucurkeun ti mimiti ayana dunya,*+
51 nyaéta ti getihna Habél+ nepi ka getihna Zakharia, nu dipaéhan di antara mézbah jeung bait.’+ Urang ngabéjaan deui, nu kudu tanggung jawab téh nya jalma-jalma jaman ayeuna.
52 ”Cilaka aranjeun, guru-guru Torét, sabab konci pikeun muka panto kanyaho* dicokot ku aranjeun. Aranjeun embung asup, tapi batur nu rék asup ngadon dihalang-halang!”+
53 Ku sabab kitu, waktu indit ti dinya, Isa dirubung ku para ahli Torét jeung urang Farisi bari dicehcer ku loba pananya.
54 Maranéhna ngadagoan, sugan Isa salah ngomong. Ku kituna, maranéhna bisa nuduh anjeunna.+
Catetan Tambihan
^ Atawa ”dihormat; dihargaan”.
^ As. ”roti”.
^ As. ”hutang”.
^ As. ”Abdi sadaya ulah dibawa kana”.
^ Sesebutan keur Sétan.
^ As. ”ramo”.
^ As. ”ratu ti béh kidul”.
^ Atawa ”panon manéh cékas”. As. ”panon manéh saderhana”.
^ Maksudna, ningali loba hal. As. ”jahat”.
^ Maksudna, ngajalankeun tata cara ngumbah leungeun.
^ Pepelakan nu dipaké keur ubar jeung bungbu.
^ Atawa ”sayuran”.
^ Atawa ”di tempat nu kahormat”.
^ Atawa ”pangaweruh”.

