Nu Ditulis ku Lukas 22:1-71

  • Imam-imam nyieun siasat pikeun maéhan Isa (1-6)

  • Nyiapkeun Paskah nu panungtungan (7-13)

  • Dimimitianana Jamuan Wengi Isa Al-Masih (14-20)

  • ’Nu rék ngahianat téh saméja jeung urang’ (21-23)

  • Ngaributkeun saha nu pangpunjulna (24-27)

  • Isa nyieun perjangjian ngeunaan hiji karajaan (28-30)

  • Pétrus diramalkeun bakal ngaku teu wawuh (31-34)

  • Pentingna persiapan; dua pedang (35-38)

  • Isa ngadoa di Gunung Zaitun (39-46)

  • Isa ditéwak (47-53)

  • Pétrus ngaku teu wawuh ka Isa (54-62)

  • Isa dipoyokan (63-65)

  • Isa diadilan ku Sanhédrin (66-71)

22  Perayaan Roti nu Teu Diragian, nu disebut Paskah,+ geus deukeut.+ 2  Para imam kapala jeung ahli Torét hayang maéhan Isa, tapi maranéhna néangan waktu nu cocog+ sabab sieun ku jalma-jalma.+ 3  Tuluy Sétan mangaruhan haté Yudas Iskariot, salah saurang ti 12 rasul téa.+ 4  Bral Yudas indit manggihan imam-imam kapala jeung kapala tukang jaga bait, rék ngabadamikeun kumaha carana nyerahkeun* Isa.+ 5  Maranéhna atoheun pisan jeung nyanggupan méré duit pérak.+ 6  Yudas satuju, seug néangan waktu nu cocog pikeun nyerahkeun Isa, waktu keur euweuh jalma réa. 7  Ayeuna téh poéna Perayaan Roti nu Teu Diragian. Ieu téh waktuna kurban Paskah dipeuncit.+ 8  Jadi, Isa nitah kieu ka Pétrus jeung Yahya, ”Jung indit, siapkeun jamuan Paskah keur urang kabéh.”+ 9  Maranéhna nanya, ”Di mana kudu nyiapkeunana?” 10  Ceuk Isa, ”Waktu asup ka kota, hiji lalaki nu mawa kendi cai bakal manggihan maranéh. Tuturkeun nepi ka manéhna asup ka imah.+ 11  Tuluy béjakeun ka nu boga imahna, ’Saur Guru, ”Di mana rohangan nu bisa dipaké keur dahar jamuan Paskah bareng jeung murid-murid urang?”’ 12  Manéhna bakal nuduhkeun hiji rohangan lega di loténg, kabéhanana geus diatur. Sok siapkeun di dinya.” 13  Bral maranéhna indit, kabéh nu diucapkeun ku Isa téh bener kajadian. Geus kitu, maranéhna nyiapkeun Paskah. 14  Dina waktuna, Isa jeung para rasul diuk ngurilingan méja.+ 15  Terus anjeunna ngomong, ”Urang hayang pisan dahar jamuan Paskah bareng jeung maranéh saméméh urang sangsara, 16  sabab urang ngabéjaan, urang moal ngadahar jamuan Paskah deui nepi ka kabéhanana laksana dina Pamaréntahan Allah.” 17  Anjeunna nyokot gelas nu disodorkeun, seug ngucap sukur tuluy ngomong, ”Yeuh tampanan, sok iderkeun. Masing-masing pék nginum tina ieu gelas, 18  sabab urang ngabéjaan, ti semet ayeuna urang moal nginum cianggur deui nepi ka Pamaréntahan Allah datang.” 19  Geus kitu Isa nyokot roti+ sarta ngucap sukur, tuluy rotina disemplékan jeung dibikeun ka maranéhna. Ceuk anjeunna, ”Ieu ngalambangkeun awak urang+ nu bakal dipasrahkeun demi maranéh.+ Terus lampahkeun ieu pikeun némbongkeun yén maranéh téh inget ka urang.”+ 20  Bérés dahar, anjeunna ngalampahkeun nu sarua kana gelas cianggur, pok ngomong, ”Ieu gelas ngalambangkeun perjangjian anyar+ nu disahkeun ku getih urang,+ nu bakal dikucurkeun demi maranéh.+ 21  ”Tapi di dieu, saméja jeung urang, aya jalma nu rék ngahianat ka urang.+ 22  Mémang Anak manusa bakal maot, sakumaha nu geus ditetepkeun.+ Sanajan kitu, cilaka jalma nu ngahianat ka manéhna!”+ 23  Murid-murid jadi récok, silih tanya saha sabenerna nu bakal kitu téh.+ 24  Maranéhna gé paraséa ngaributkeun saha nu pangpunjulna.+ 25  Isa ngomong, ”Maranéh nyaho pan raja bangsa-bangsa téh maréntah rahayatna, sarta nu ngawasaan jalma-jalma téh disebut Dermawan.*+ 26  Tapi, maranéh mah ulah kitu.+ Lamun hayang jadi nu pangpunjulna, kudu daék jadi nu pangorana.+ Lamun hayang mingpin, kudu daék ngaladénan. 27  Saha nu leuwih punjul, nu dahar atawa nu ngaladénan? Nu dahar, pan? Tapi nu ngaladénan maranéh téh urang.+ 28  ”Najan kitu, maranéh téh terus maturan urang+ waktu urang nyanghareupan cocoba.+ 29  Urang rék nyieun perjangjian jeung maranéh pikeun maréntah dina hiji pamaréntahan, sakumaha Bapa urang gé geus nyieun perjangjian jeung urang.+ 30  Jadi, maranéh bisa dahar nginum saméja jeung urang dina Pamaréntahan urang.+ Maranéh gé bakal diuk dina tahta,+ ngahakiman 12 kaom Israél.+ 31  ”Simon, Simon, tuh! Sétan geus ménta sangkan bisa napi maranéh kabéh kawas gandum dipisahkeun tina kulitna.+ 32  Tapi, urang geus bener-bener ngadoa sangkan iman manéh teu luntur.+ Engké sanggeus manéh tobat, kuatkeun dulur-dulur manéh.”+ 33  Dijawab ku Pétrus, ”Juragan, rék dipanjara atawa paéh bareng jeung Juragan gé, urang mah siap.”+ 34  Tapi ceuk Isa, ”Pétrus, urang ngabéjaan, poé ieu saacan hayam jago kongkorongok, manéh bakal tilu kali ngaku teu wawuh ka urang.”+ 35  Isa gé ngomong ka maranéhna, ”Waktu urang nitah maranéh ngawawar bari teu mawa kantong duit, kantong dahareun, jeung sendal,+ maranéh teu kakurangan nanaon, pan?” Ceuk maranéhna, ”Henteu.” 36  Tuluy ceuk anjeunna, ”Tapi ayeuna mah saha-saha nu boga kantong duit, sok bawa, kitu ogé jeung kantong dahareun. Nu teu boga pedang, jual baju luarna, hasilna beulikeun pedang. 37  Urang ngabéjaan yén ayat nu nyebutkeun ’Manéhna dianggap jalma jahat’ téh ngeunaan urang.+ Tah, éta ayat téh keur laksana ka diri urang.”+ 38  Tuluy maranéhna ngomong, ”Juragan, ieu aya pedang dua.” Dijawabna, ”Éta geus cukup.” 39  Geus kitu, Isa indit ka Gunung Zaitun sakumaha kabiasaanana, dituturkeun ku murid-muridna.+ 40  Sanggeus nepi, Isa ngomong ka maranéhna, ”Pék terus ngadoa, supaya maranéh teu kagoda.”+ 41  Terus anjeunna ngajauh saeutik,* bruk sideku jeung ngadoa kieu, 42  ”Bapa, mun Bapa kersa mah abdi ulah disina nginum tina ieu gelas.* Tapi keun kahayang Bapa nu laksana, lain kahayang abdi.”+ 43  Tuluy hiji malaikat ti sorga datang, seug nguatkeun anjeunna.+ 44  Tapi bakating ku ngarasa susah haté pisan, anjeunna ngadoa leuwih husu deui.+ Késangna nepi ka kawas getih nu nyakclakan kana taneuh. 45  Bérés ngadoa, anjeunna nyampeurkeun murid-muridna. Ari pék téh keur sararé, carapéeun bakating ku sedih-sedihna.+ 46  Ceuk Isa, ”Naha bet sararé? Geura harudang, pék terus ngadoa supaya teu kagoda.”+ 47  Isa keur ngomong kénéh, torojol datang gorombolan nu dipingpin ku Yudas, salah saurang ti 12 rasul. Yudas nyampeurkeun tuluy nyium Isa.+ 48  Tapi ceuk Isa, ”Yudas, manéh nyium kieu téh rék ngahianat ka Anak manusa?” 49  Waktu ningali éta kajadian, murid-murid di deukeutna ngaromong kieu, ”Kumaha Juragan, urang lawan baé ku pedang?” 50  Malah nu saurang mah nyabet palayan imam agung, beunang ceuli katuhuna nepi ka sapat.+ 51  Tapi Isa ngomong, ”Geus, cukup!” Éta palayan téh ku Isa dicabak ceulina, seug dicageurkeun. 52  Terus Isa ngomong ka para imam kapala, kapala tukang jaga bait, jeung kokolot nu daratang rék néwak anjeunna, ”Urang téh rampog kitu, maké mamawa pedang jeung pepentung sagala?+ 53  Salila ieu urang teu ditéwak,+ padahal unggal poé urang aya di antara maranéh di bait.+ Tapi, ayeuna téh mémang waktuna ngalaksanakeun kahayang maranéh sarta waktuna poék ngawasa.”+ 54  Isa ditéwak jeung dibawa+ ka imahna imam agung. Ari Pétrus nuturkeun ti kajauhan.+ 55  Di tengah-tengah buruan, aya nu keur diuk ngariung bari dudurukan, Pétrus gé milu diuk di dinya.+ 56  Tapi, aya hiji palayan awéwé nu ningali Pétrus keur diuk deukeut durukan. Sanggeus disidik-sidik, manéhna ngomong, ”Ieu jalma gé babaturanana.” 57  Tapi Pétrus mungkir, ”Wawuh gé henteu.” 58  Teu lila, aya deui nu nempo manéhna, pok ngomong kieu, ”Manéh gé muridna Isa.” Tapi ceuk Pétrus, ”Lain!”+ 59  Kira-kira sajam sanggeusna, hiji lalaki keukeuh pisan ngomong kieu, ”Moal salah deui, ieu jalma téh babaturanana, da manéhna téh urang Galiléa!” 60  Tapi ceuk Pétrus, ”Ngomong naon sih manéh téh?” Manéhna keur ngomong kénéh, kadéngé sora hayam jago kongkorongok. 61  Harita ogé, Juragan ngalieuk neuteup Pétrus. Ras Pétrus ingeteun kana omongan Juragan, ”Poé ieu saacan hayam jago kongkorongok, manéh bakal tilu kali ngaku teu wawuh ka urang.”+ 62  Léos manéhna kaluar, segruk ceurik, nalangsa kabina-bina. 63  Isa dipoyokan+ jeung diteunggeulan+ ku nu ngajaraga. 64  Maranéhna nutupan raray Isa bari teterusan nanya, ”Lamun manéh nabi, saha yeuh nu neunggeul manéh?” 65  Aya rupa-rupa deui panghina nu diomongkeun ka anjeunna téh. 66  Sanggeus bray caang, para kokolot éta bangsa, nyaéta imam-imam kapala jeung ahli-ahli Torét, karumpul.+ Maranéhna mawa Isa ka rohangan Sanhédrin tuluy ngomong, 67  ”Jawab, enya manéh téh Al-Masih?”+ Tapi ceuk Isa, ”Kajeun abdi ngaku gé, aranjeun moal percaya. 68  Jeung deui, lamun abdi nanya gé, aranjeun moal ngajawab. 69  Tapi ti semet ayeuna, Anak manusa+ bakal diuk katuhueun Allah nu boga kawasa.”+ 70  Ngadéngé kitu, maranéhna kabéh nanya, ”Jadi, bener manéh téh Putra Allah?” Dijawabna, ”Bener, sakumaha omongan aranjeun.” 71  Ceuk maranéhna, ”Jang naon aya saksi deui? Urang geus ngadéngé langsung ti manéhna sorangan.”+

Catetan Tambihan

Atawa ”ngahianat ka”.
Gelaran kahormatan keur jalma nu resep nulungan batur.
Atawa ”kira-kira sapamalédog batu”.
Gelas di dieu téh ngagambarkeun kahayang Allah, nyaéta ngidinan Isa maot lantaran dituduh ngahina ka Allah.