Nu Ditulis ku Lukas 9:1-62

  • Dua belas rasul dibéré pituduh pikeun ngawawar (1-6)

  • Hérodés bingungeun ngeunaan Isa (7-9)

  • Isa méré dahar 5.000 lalaki (10-17)

  • Pétrus nyaho yén Isa téh Al-Masih (18-20)

  • Isa méré nyaho yén anjeunna bakal dipaéhan (21, 22)

  • Murid Isa nu sajati (23-27)

  • Rupa Isa barobah (28-36)

  • Nyageurkeun budak nu kasurupan roh jahat (37-43a)

  • Isa méré nyaho deui yén anjeunna bakal dipaéhan (43b-45)

  • Murid-murid ngaributkeun saha nu pangpunjulna (46-48)

  • Nu teu ngalawan urang, aya di pihak urang (49, 50)

  • Kampung di Samaria nolak Isa (51-56)

  • Carana jadi murid Isa (57-62)

9  Isa ngumpulkeun 12 rasul sarta méré kawasa pikeun ngusir kabéh roh jahat+ jeung nyageurkeun panyakit.+ 2  Anjeunna ngutus maranéhna pikeun ngawawarkeun Pamaréntahan Allah sarta pikeun nyageurkeun nu gering. 3  Ceuk Isa, ”Teu kudu mawa nanaon keur di jalan. Ulah mawa iteuk, kantong dahareun, dahareun, duit,* atawa baju salin.*+ 4  Lamun indit ka hiji daérah, pék cicing di salah sahiji imah nepi ka maranéh indit deui ti éta daérah.+ 5  Lamun di hiji kota euweuh nu daék narima maranéh, pék indit ti dinya jeung kebutkeun kekebul tina suku maranéh, tanda urang dinya geus diélingan.”+ 6  Bral maranéhna arindit mapay ka kampung-kampung di éta daérah pikeun nguarkeun warta hadé jeung nyageurkeun nu gering.+ 7  Harita, Hérodés* pangawasa daérah Galiléa ngadéngé sakabéh kajadian éta. Manéhna kacida bingungeunana lantaran ceuk jalma-jalma, Yahya téh geus hirup deui.+ 8  Tapi aya nu ngomong éta téh Élia, nu séjénna ngomong éta téh salah sahiji nabi jaman baheula nu hirup deui.+ 9  Ceuk Hérodés, ”Pan Yahya téh ku aing geus dipenggel sirahna.+ Jadi, éta jalma téh saha? Sagala béjana geus kadéngé ku aing.” Manéhna panasaran hayang panggih jeung Isa.+ 10  Para rasul baralik tuluy nyaritakeun sagala hal nu geus dipigawé.+ Terus, Isa indit ka kota Bétsaida, ari nu diajak téh ngan maranéhna wungkul.+ 11  Tapi, jalma réa nyarahoeun jeung naluturkeun anjeunna. Isa soméah narima maranéhna tuluy ngajar maranéhna ngeunaan Pamaréntahan Allah sarta nyageurkeun nu garering.+ 12  Harita téh geus soré. Jadi 12 rasul nyampeurkeun Isa, terus ngomong, ”Jalma-jalma téh sina bubar baé, sina néangan pamondokan sarta meuli dahareun ka kampung-kampung, sabab ieu tempat téh jauh ti mamana.”+ 13  Tapi ceuk Isa, ”Maranéh wéh nu méré dahar.”+ Murid-muridna ngomong, ”Urang teu boga nanaon, ngan aya lima roti jeung dua lauk, kajaba lamun urang indit meuli dahareun keur kabéh jalma ieu.” 14  Harita téh aya kira-kira 5.000 lalaki. Isa ngomong ka murid-murid, ”Maranéhna sina dariuk sakelompok-sakelompok, sakelompokna kira-kira 50 urang.” 15  Murid-muridna nurut jeung nitah kabéh jalma dariuk. 16  Geus kitu Isa nyokot lima roti jeung dua lauk éta, tanggah ka langit, jeung ngucap sukur. Rotina disemplékan, tuluy roti jeung laukna dibikeun ka murid-muridna supaya dibagi-bagikeun ka jalma réa. 17  Kabéh dalahar nepi ka wareg. Ari sésana dikumpulkeun, aya 12 karanjang.+ 18  Teu lila ti harita, waktu Isa keur ngadoa sorangan, murid-muridna daratang. Ku Isa ditanya, ”Ari ceuk jalma réa, urang téh saha?”+ 19  Maranéhna ngajawab, ”Aya nu nyebutkeun Yahya Jurubaptis, aya nu nyebutkeun Élia, tapi aya ogé nu nyebutkeun salah sahiji nabi jaman baheula nu hirup deui.”+ 20  Anjeunna nanya deui, ”Ari ceuk maranéh, urang téh saha?” Pétrus ngajawab, ”Al-Masih nu diutus ku Allah.”+ 21  Isa ngomat-ngomat maranéhna sangkan teu nyaritakeun ieu ka sasaha.+ 22  Anjeunna gé ngomong, ”Anak manusa kudu ngalaman loba kasangsaraan sarta ditolak ku para kokolot, imam-imam kapala, jeung ahli Torét, tuluy dipaéhan.+ Tapi dina poé katilu, manéhna bakal dihirupkeun deui.”+ 23  Geus kitu, anjeunna ngomong ka kabéh nu aya di dinya, ”Saha waé nu hayang nuturkeun urang, teu meunang nuturkeun kahayangna sorangan,+ tapi kudu manggul tihang siksaan* siga urang unggal poé jeung terus nuturkeun urang.+ 24  Saha waé nu hayang nyalametkeun nyawana bakal kaleungitan nyawana, tapi saha waé nu kaleungitan nyawana demi urang bakal hirup deui.+ 25  Sok, naon untungna lamun hiji jalma boga sagalana di dunya tapi hirupna ruksak atawa nyawana leungit?+ 26  Saha waé nu éra jadi murid urang jeung éra lantaran percaya kana kekecapan urang, Anak manusa gé bakal éra narima manéhna waktu Anak manusa datang dina kamulyaanana, kamulyaan Bapana, jeung kamulyaan malaikat-malaikat suci.+ 27  Sing percaya, sababaraha di antara maranéh nu aya di dieu moal bakal maot saacan ningali Pamaréntahan Allah.”+ 28  Kira-kira dalapan poé ti saprak ngomong kitu, anjeunna ngajak Pétrus, Yahya, jeung Yakobus naék ka gunung pikeun ngadoa.+ 29  Tengah-tengah ngadoa, raray Isa barobah, bray papakéanana jadi bodas gugurilapan. 30  Bréh katempo dua lalaki keur ngobrol jeung anjeunna, nyaéta Musa jeung Élia. 31  Duanana gé cahayaan. Nu keur diobrolkeun téh nyaéta ngeunaan Isa nu bakal ninggalkeun dunya, nu bakal laksana di Yérusalém.+ 32  Harita, Pétrus jeung nu duaan deui téh kasaréan. Tapi barang geus hudang, maranéhna ningali Isa cahayaan+ sarta aya dua lalaki nu keur bareng jeung anjeunna. 33  Waktu éta dua lalaki rék ninggalkeun Isa, Pétrus ngomong ka Isa, ”Guru, urang resep pisan bisa aya di dieu. Ku urang dipangmasangkeun tilu kémah nya, keur Guru, keur Musa, jeung keur Élia.” Manéhna ngomong kitu téh bari teu ngarti naon nu diomongkeunana. 34  Waktu Pétrus keur ngomong kénéh, bray méga* mayungan jeung turun ngaliputan maranéhna. Maranéhna jadi sarieuneun. 35  Tuluy aya sora+ tina méga ngucap kieu, ”Tah ieu Putra Kuring téh, nu geus dipilih ku Kuring.+ Sing nurut ka manéhna.”+ 36  Waktu éta sora kadéngé, nu katempo téh ngan Isa wungkul. Keur sababaraha waktu, maranéhna tetep jempé, teu nyaritakeun ka sasaha sagala nu ditingali ku maranéhna.+ 37  Isukna, waktu turun ti gunung, jalma réa nyalampeurkeun Isa.+ 38  Ti antara jalma réa, aya hiji lalaki nu ngagorowok, ”Guru, tulungan, pangningalikeun anak abdi nu ngan hiji-hijina.+ 39  Budak téh kasurupan ku roh jahat, jadi osok ujug-ujug jejeritan, kejang-kejang, jeung sungutna ngabudah. Manéhna téh mani kasiksa, rohna hésé ingkah. 40  Abdi geus ménta tulung ka murid-murid anjeun pikeun ngusir éta roh jahat, tapi teu barisaeun.” 41  Ngadéngé kitu, Isa ngomong, ”Jalma-jalma jahat nu teu boga iman,+ rék nepi ka iraha urang kudu babarengan sarta sabar ka maranéh? Sok, bawa budak téh ka dieu.”+ 42  Tapi waktu éta budak nyampeurkeun, gedebug manéhna dibeubeutkeun ku roh jahat kana taneuh, seug manéhna kejang-kejang parah. Tapi roh jahatna ku Isa dibentak. Geus kitu, budak téh dicageurkeun jeung diserahkeun ka bapana. 43  Kabéh nu aya di dinya tarajubeun kana kakawasaan Allah nu luar biasa. Waktu maranéhna masih kénéh tarajubeun kana kabéh nu dilampahkeun ku Isa, Isa ngomong kieu ka murid-murid, 44  ”Déngékeun bener-bener jeung inget ieu omongan urang: Anak manusa bakal dihianatan, diserahkeun ka leungeun musuh.”+ 45  Tapi maranéhna teu ngartieun naon maksudna, sabab hartina masih kénéh dirasiahkeun, bari jeung maranéhna gé teu wani nanya. 46  Geus kitu, murid-murid paraséa ngaributkeun saha nu pangpunjulna.+ 47  Lantaran nyaho naon nu dipikirkeun ku maranéhna, Isa mawa hiji budak leutik disina nangtung gigireunana. 48  Tuluy, anjeunna ngomong ka maranéhna, ”Saha waé nu narima ieu budak leutik demi urang,* éta téh sarua jeung narima urang. Saha waé nu narima urang, éta téh sarua jeung narima Pribadi nu ngutus urang.+ Jalma nu ngarendahkeun dirina di antara maranéh téh jalma nu pangpunjulna.”+ 49  Yahya ngomong, ”Guru, urang ningali aya nu ngusir roh jahat maké ngaran Guru, tapi ku urang dilarang lantaran manéhna téh lain ti antara urang.”+ 50  Isa ngajawab, ”Tong diulah-ulah, sabab saha waé nu teu ngalawan maranéh, aya di pihak maranéh.” 51  Sanggeus téréh waktuna diangkat ka sorga,+ tékad Isa pikeun indit ka Yérusalém téh geus teu bisa dihalang-halang. 52  Jadi, anjeunna ngirim sababaraha utusan miheulaan anjeunna. Bral maranéhna indit tuluy asup ka hiji kampung urang Samaria pikeun nyiapkeun kadatangan Isa. 53  Tapi, urang dinya embungeun narima Isa+ sabab nyarahoeun anjeunna geus boga tékad rék indit ka Yérusalém. 54  Nyahoeun kitu, dua muridna, nyaéta Yakobus jeung Yahya,+ ngomong kieu, ”Lamun Juragan daék, titah urang nurunkeun seuneu ti langit sina ngabasmi urang dinya.”+ 55  Tapi, Isa malik tuluy negor maranéhna. 56  Jadi, maranéhna indit ka kampung séjén. 57  Waktu keur di jalan, aya nu ngomong kieu ka Isa, ”Juragan ka mana baé gé, abdi badé ngiring.” 58  Tapi ku Isa dijawab, ”Rubah baroga liang, manuk baroga sayang, tapi Anak manusa mah teu boga tempat keur saré-saré acan.”+ 59  Tuluy Isa ngomong ka nu séjén, ”Hayu jadi murid urang.” Tapi éta jalma ngajawab, ”Juragan, abdi ménta idin badé nguburkeun heula pun bapa.”+ 60  Ku Isa dijawab, ”Keun baé nu maot+ mah sina nguburkeun nu maot, tapi manéh mah uarkeun Pamaréntahan Allah ka mana-mana.”+ 61  Nu séjénna ngomong kieu, ”Abdi hayang jadi murid Juragan, tapi abdi ménta idin heula rék pamitan ka kulawarga.” 62  Ceuk Isa, ”Jalma nu keur ngawuluku* bari luak-lieuk ka tukang+ mah teu cocog asup kana Pamaréntahan Allah.”+

Catetan Tambihan

As. ”pérak”.
As. ”maké baju dua rangkep”.
Maksudna, Hérodés Antipas. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”awan”.
Atawa ”ngaran urang”.
Ngaguar taneuh.